Surat nu Kadua keur Timotius
4 Di hareupeun Allah jeung Isa Al-Masih, nu bakal ngahakiman+ jalma hirup jeung jalma maot+ waktu anjeunna jeung Pamaréntahanana+ jadi nyata,+ Bapa méré paréntah kieu: 2 Uarkeun firman,+ ulah diengké-engké, boh kaayaan keur alus boh kaayaan keur goréng. Tegor nu salah,+ béré pépéling, jeung béré naséhat, tapi kudu sabar jeung maké cara* ngajar nu alus.+ 3 Bakal aya mangsana jalma-jalma embung ngadéngékeun pangajaran nu bener,*+ sabalikna kalah ka nuturkeun kahayang sorangan. Maranéhna bakal ngadatangkeun guru-guru nu omonganana ngeunah kana ceuli wungkul.+ 4 Maranéhna embung ngadéngékeun deui bebeneran, sabalikna kalah ka merhatikeun carita-carita bohong. 5 Ari hidep mah kudu tetep sadar dina sagala kaayaan, kudu tabah nyanghareupan kasusah,+ pék jalankeun tugas nguarkeun Injil,* jeung laksanakeun palayanan hidep sahadé-hadéna.+
6 Bapa téh geus siga cianggur nu dikucurkeun kana mézbah,+ sarta geus téréh waktuna Bapa dileupaskeun.+ 7 Bapa geus bajoang,+ geus lumpat nepi ka garis ahir,+ jeung geus ngajalankeun iman. 8 Ti semet ayeuna, Juragan, nu ngahakiman ku cara nu adil,+ geus nyiapkeun makuta keur Bapa.+ Éta makuta téh keur jalma-jalma nu bener. Dina poé éta, makutana bakal dibikeun ka Bapa pikeun jadi ganjaran,+ tapi lain keur Bapa wungkul, éta gé keur sakabéh jalma nu ngadago-dago waktuna Juragan jadi nyata.
9 Sabisa-bisa upayakeun datang ka dieu sagancang-gancangna, 10 da Démas+ geus ninggalkeun Bapa lantaran nyaah ka ieu dunya,* tuluy indit ka Tésalonika. Kréskés geus indit ka Galatia, ari Titus ka Dalmatia. 11 Ngan Lukas nu aya di dieu. Mun ka dieu, ajak Markus, lantaran manéhna bisa ngabantu Bapa dina palayanan. 12 Tikhikus+ ku Bapa geus diutus ka Éfésus. 13 Mun hidep ka dieu, pangmawakeun mantel nu ditunda di imahna Karpus di Troas. Sakalian bawa ogé gulungan-gulungan, utamana perkamén.*
14 Aléksander si tukang tambaga téh mani nyangsarakeun Bapa pisan. Yéhuwa* bakal ngabales manéhna satimpal jeung kalakuanana.+ 15 Hidep gé kudu ati-ati ka manéhna, lantaran manéhna téh bébéakan ngahalang-halang warta urang.
16 Basa Bapa ngabéla diri dina pamariksaan nu mimiti, euweuh nu datang ngabéla Bapa, kabéhanana naringgalkeun. Mugia maranéhna dihampura ku Allah. 17 Tapi, Bapa disarengan ku Juragan jeung dibéré kakuatan. Ku kituna ku jalan Bapa, pangwawaran bisa bener-bener laksana jeung kadéngé ku sakabéh bangsa.+ Bapa gé disalametkeun tina sungut singa.+ 18 Juragan bakal ngaleupaskeun Bapa tina sagala kajahatan sarta bakal nyalametkeun Bapa, tuluy mawa Bapa ka Pamaréntahanana di sorga.+ Mugia anjeunna dimulyakeun salalanggengna. Amin.
19 Titip salam ka Priska* jeung Akuila+ sarta ka rumah tanggana Onésiforus.+
20 Érastus+ tetep di Korintus, ari Trofimus+ mah ku Bapa ditinggalkeun di Milétus, sabab manéhna gering. 21 Sabisa-bisa upayakeun datang ka dieu saacan usum* tiris.
Aya salam keur hidep ti Éubulus, kitu ogé ti Pudéns, Linus, Klaudia, jeung sakabéh dulur.
22 Mugia Juragan nyarengan aranjeun nu sumanget, jeung mugia welas asihna nu taya bandingna* nyarengan aranjeun.