Keur Titus
3 Terus ingetan dulur-dulur pikeun tunduk jeung taat ka pamaréntah sarta pangawasa,+ siap ngalampahkeun sagala nu hadé, 2 ulah ngagogoréng batur, jeung ulah nyiar pipaséaeun. Sabalikna, maranéhna kudu daék ngéléhan+ jeung bener-bener lemah lembut ka kabéh jalma.+ 3 Tadina urang kabéh gé teu boga pangarti, teu taat, disasabkeun, diperbudak ku rupa-rupa kahayang jeung kasenangan, terus ngalampahkeun nu goréng, sirikan, pikaijideun, sarta silih pikangéwa.
4 Tapi, Allah Jurusalamet urang téh bageur+ jeung nyaah ka umat manusa, 5 lain lantaran urang geus ngalampahkeun nu bener,+ tapi lantaran Anjeunna welas asih.+ Anjeunna nyalametkeun urang ku cara ngabersihkeun urang supaya urang hirup,+ sarta ku cara ngagunakeun kawasa suci-Na supaya urang dianyarkeun.+ 6 Anjeunna ngalimpahkeun éta kawasa ka urang ku jalan Isa Al-Masih Jurusalamet urang,+ 7 supaya sanggeus urang disebut jalma bener ku lantaran welas asih Allah nu taya bandingna,*+ urang jadi ahli waris+ nu boga harepan hirup langgeng.+
8 Ieu kekecapan bisa dipercaya, ku kituna kuring hayang anjeun terus nandeskeun hal-hal ieu, supaya jalma-jalma nu percaya ka Allah bisa terus mikirkeun carana ngalampahkeun kahadéan. Hal-hal ieu téh alus jeung aya mangpaatna keur manusa.
9 Ulah pipilueun ngaributkeun hal-hal nu euweuh gunana jeung silsilah, atawa cékcok jeung paséa ngeunaan Torét, sabab éta kabéh téh euweuh mangpaatna jeung percumah.+ 10 Lamun aya nu nyebarkeun pangajaran séjén+ tuluy geus dibéré naséhat* dua kali tapi teu ngagugu,+ jauhan manéhna,+ 11 lantaran jalma nu siga kitu téh geus nyimpang tina jalan nu bener, geus nyieun dosa, jeung kabukti salah ku kalakuanana sorangan.
12 Waktu kuring ngutus Artémas atawa Tikhikus+ datang ka anjeun, usahakeun supaya anjeun datang ka kuring di Nikopolis, lantaran kuring geus mutuskeun rék cicing di dinya salila usum* tiris. 13 Urus sagala kaperluan Zénas, nu paham pisan kana Torét, ogé kaperluanana Apolos, supaya maranéhna teu kakurangan nanaon di perjalanan.+ 14 Dulur-dulur urang kudu diajar pikeun terus ngalampahkeun kahadéan, supaya bisa nulungan lamun aya nu bener-bener butuh bantuan.+ Ku kituna, maranéhna bisa terus ngahasilkeun kahadéan.+
15 Kabéh nu aya di dieu ngirim salam ka anjeun. Pangnepikeun ogé salam kuring ka dulur-dulur saiman nu nyaah ka abdi sadaya.
Mugia welas asih Allah nu taya bandingna nyarengan aranjeun kabéh.