Ibrani
6 Ku kituna, sanggeus bérés diajar pangajaran dasar ngeunaan Al-Masih, hayu urang terus upayakeun sangkan jadi jalma déwasa.* Ulah teterusan diajar hal-hal dasar deui, saperti tobat tina laku lampah nu euweuh gunana jeung iman ka Allah, 2 pangajaran ngeunaan baptisan jeung numpangkeun leungeun, sarta dihirupkeunana deui nu maot jeung hukuman langgeng. 3 Éta nu bakal diupayakeun ku urang mun mémang dikersakeun ku Allah.
4 Jalma-jalma nu geus dicaangan, nu geus ngarasakeun kurnia ti sorga, nu geus narima kawasa suci, 5 jeung nu geus ngarasakeun hadéna firman Allah sarta berkah-berkah dina jaman* nu bakal datang, 6 tapi ayeuna nolak pangajaran nu bener, mustahil diajak tobat deui, lantaran maranéhna téh siga makukeun deui Putra Allah dina tihang jeung ngéra-ngéra manéhna di hareupeun jalma réa. 7 Taneuh nu sering dihujanan téh diberkahan ku Allah lantaran caina bisa diserep ku taneuh jeung ngahasilkeun pepelakan nu aya mangpaatna keur nu melakna. 8 Tapi lamun hasilna téh rungkun cucuk jeung jujukutan, taneuh éta euweuh gunana, moal lila deui bakal dikutuk jeung ahirna bakal diduruk.
9 Dulur-dulur nu dipikanyaah, sanajan urang-urang ngomongna siga kieu, urang-urang yakin aranjeun leuwih hadé tibatan maranéhna, jeung aranjeun gé ngalakukeun hal-hal nu bisa nyalametkeun aranjeun. 10 Allah téh adil jeung moal mopohokeun pagawéan aranjeun sarta kanyaah nu ditémbongkeun ku aranjeun ka ngaran-Na. Aranjeun némbongkeunana ku cara ngalalayanan jeung terus ngalalayanan jalma-jalma suci. 11 Tapi, urang-urang hayang aranjeun masing-masing terus getol siga nu enggeus-enggeus, supaya aranjeun terus yakin kana harepan éta nepi ka panungtungan. 12 Ku kituna, aranjeun moal jadi males, tapi bakal nyonto jalma-jalma nu narima jangji-jangji éta lantaran boga iman jeung sabar.
13 Waktu jangji ka Ibrahim, Allah sumpah demi diri-Na, lantaran euweuh nu leuwih luhur tibatan Anjeunna. 14 Kieu sumpah-Na téh, ”Kuring pasti ngaberkahan manéh, jeung Kuring pasti méré manéh turunan nu kacida lobana.” 15 Jadi, sanggeus sabar ngadagoan, Ibrahim narima jangji éta. 16 Waktu saurang jalma sumpah demi ngaran pribadi nu leuwih luhur, sumpah éta ngaréngsékeun pacékcokan, sabab sumpahna téh jadi jaminan yén ucapanana bener. 17 Kitu ogé, waktu Allah hayang ngayakinkeun para ahli waris jangji éta yén tujuana-Na téh moal barobah, jangji éta dikukuhkeun ku sumpah. 18 Jangji jeung sumpah Allah téh moal barobah lantaran Anjeunna moal mungkin bohong. Ku kituna, urang nu nyalindung ka Allah bisa dikuatkeun pikeun nyekel pageuh harepan nu aya di hareupeun urang. 19 Harepan ieu téh ibarat jangkar keur kahirupan* urang, nu kuat jeung bisa diandelkeun. Harepan éta mawa urang asup ka tukangeun hordén nu misahkeun rohangan bait. 20 Isa asup ka dinya miheulaan urang pikeun muka jeung nyiapkeun jalan keur urang. Manéhna téh geus jadi imam agung nu langgeng cara Mélkhizédék.