Yosua
17 Sanggeus diundi, kaom Manasyé narima tanahna. Manasyé téh anak cikalna Yusuf. Ari Makhir, anak cikalna Manasyé jeung bapana Giléad, geus narima Giléad jeung Basyan, lantaran manéhna téh saurang prajurit. 2 Sanggeus diundi, kulawarga-kulawarga ti turunan Manasyé séjénna gé narima tanah, nyaéta keur anak-anak lalakina Abi-ézér, Hélék, Asriél, Syikhém, Héfér, jeung Syémida. Maranéhna téh kulawarga-kulawarga ti anak lalaki turunan Manasyé anak Yusuf. 3 Tapi Zéloféhad anak Héfér, anak Giléad, anak Makhir, anak Manasyé, teu boga anak lalaki, ngan anak awéwé hungkul. Ngaran anak-anak awéwéna téh Mahla, Noa, Hogla, Milka, jeung Tirza. 4 Jadi maranéhna ngadatangan Imam Éléazar, Yosua anak Nun, jeung para pamingpin. Maranéhna ngomong kieu, ”Yéhuwa geus maréntahkeun Musa sina mikeun tanah warisan ka urang siga ka dulur-dulur lalaki urang.” Jadi sakumaha paréntah Yéhuwa, maranéhna dibéré tanah warisan siga dulur-dulur lalaki bapana.
5 Salian ti Giléad jeung Basyan nu aya di beulah ditu* Walungan Yordan, aya ogé sapuluh bagian tanah nu ditarima ku kaom Manasyé. 6 Éta téh lantaran anak-anak awéwéna Manasyé gé narima tanah warisan siga anak-anak lalaki. Ari Giléad mah jadi milik turunan Manasyé séjénna.
7 Wates daérah kaom Manasyé téh ti Asyér nepi ka Mikhmétat di hareupeun Syikhém, terus ka kidul* ka daérah pendudukna Én-Tapua. 8 Tanah di sakurilingeun Tapua mah milik Manasyé, ari kota Tapua nu aya di wates daérah Manasyé mah milik turunan Éfraim. 9 Wates éta turun ka kidul ka Lebak* Kanah. Di daérah Manasyé aya kota-kota milik Éfraim. Wates daérah Manasyé téh aya di kaléreun lebak, tuluy bras ka laut. 10 Tanah nu beulah kidul téh milik Éfraim, ari nu beulah kalérna milik Manasyé, jeung laut jadi wates daérah Manasyé. Di beulah kalérna Manasyé* aya daérahna Asyér, jeung di beulah wétanna aya daérahna Isakhar.
11 Di daérah Isakhar jeung Asyér, Manasyé dibéré kota-kota kaasup pendudukna jeung kota-kota di sakurilingna, nyaéta Bét-syéan, Ibléam, Dor, Én-dor, Taanakh, jeung Mégido. Tilu daérah pasir* éta jadi milikna Manasyé.
12 Tapi, turunan Manasyé teu bisa ngusir urang Kanaan ti kota-kota éta. Urang Kanaan keukeuh cicing di dinya. 13 Sanggeus urang Israél beuki kuat, urang Kanaan dititah gawé paksa, tapi angger wéh henteu kabéh diusir.
14 Turunan Yusuf ngomong ka Yosua, ”Ku naon urang* ngan dibéré hiji bagian tanah?* Padahal urang téh lobaan, da geus diberkahan ku Yéhuwa nepi ka ayeuna.” 15 Yosua ngajawab, ”Ari mémang lobaan mah sok atuh indit, babadan leuweung nu aya di tanahna urang Périz jeung urang Réfaim supaya maranéh boga tempat, lantaran daérah pagunungan urang Éfraim téh leutik teuing jang maranéh.” 16 Tuluy turunan Yusuf ngomong, ”Daérah pagunungan mah moal mahi jang urang, jaba sakabéh urang Kanaan nu matuh di daérah lebak barogaeun karéta perang nu aya arit beusina,* nyaéta jalma-jalma di Bét-syéan jeung kota-kota di sakurilingna sarta jalma-jalma di Lebak Yizréél.” 17 Jadi Yosua ngomong ka turunan Yusuf, nyaéta ka Éfraim jeung Manasyé, ”Maranéh téh loba pisan jeung sakitu kuatna, jadi moal meunangkeun hiji bagian hungkul. 18 Daérah pagunungan gé bakal jadi milik maranéh. Sanajan éta téh leuweung, ku maranéh bisa dibabadan. Éta bakal jadi tungtung daérah maranéh. Maranéh bakal ngusir urang Kanaan, sanajan maranéhna téh kuat jeung boga karéta perang nu aya arit beusina.”*