Hakim-Hakim
14 Hiji poé, Simson indit ka Timnah. Di dinya, manéhna ningali saurang mojang Filistin. 2 Sanggeus balik, manéhna ngomong ka indung bapana, ”Abdi bogoh ka saurang mojang Filistin di Timnah. Panglamarkeun atuh, ku abdi badé ditikah.” 3 Ceuk indung bapana, ”Mémangna euweuh deui awéwé di antara baraya jeung bangsa urang, nepi ka manéh kudu néangan pamajikan ti antara urang Filistin nu teu disunat?” Tapi ceuk Simson ka bapana, ”Panglamarkeun wéh Pa, da manéhna nu paling cocog keur abdi.”* 4 Indung bapana teu nyaho yén putusan Simson téh dibingbing ku Yéhuwa, sabab Anjeunna keur néangan jalan pikeun merangan urang Filistin, nu harita keur ngawasaan Israél.
5 Jadi Simson indit bareng jeung indung bapana ka Timnah. Barang manéhna nepi di kebon anggur di Timnah, torojol aya singa* nu nyampeurkeun manéhna bari ngagaur. 6 Tuluy ku kawasa suci Yéhuwa, manéhna jadi bedas. Singa téh dibéréwékkeun jadi dua ku leungeunna, kawas ka anak embé baé. Tapi, manéhna teu bébéja ka indung bapana. 7 Ti dinya manéhna indit sarta ngobrol jeung mojang éta. Simson masih kénéh ngarasa mojang éta téh nu pangcocogna keur manéhna.
8 Sababaraha waktu ti harita, manéhna ka ditu deui rék mawa mojang éta keur ditikah. Di tengah perjalanan, manéhna nyimpang heula pikeun ningali bangké singa téa. Ari pék téh di jero bangké éta aya loba pisan nyiruan jeung madu. 9 Seug maduna dikeduk ku leungeunna, tuluy didahar bari leumpang. Waktu panggih jeung indung bapana, madu téh dibikeun sabagian sina didahar. Tapi manéhna teu méré nyaho indung bapana yén madu téh dicokot tina bangké singa.
10 Bapana Simson indit manggihan mojang éta. Di dinya, Simson ngayakeun hajatan, sakumaha kabiasaanana budak ngora harita. 11 Barang Simson datang, manéhna dibéré 30 pangiring lalaki. 12 Tuluy Simson ngomong ka maranéhna, ”Kuring boga tatarucingan. Lamun kateguh saméméh poé katujuh hajatan, maranéh ku kuring rék dibéré 30 baju linén jeung 30 setél baju séjénna. 13 Tapi lamun teu kateguh, maranéh nu kudu méré ka kuring 30 baju linén jeung 30 setél baju séjénna.” Ceuk maranéhna, ”Sok, naon tatarucinganana?” 14 Ceuk manéhna,
”Ti nu dahar, bijil kadaharan,
Ti nu kuat, bijil nu amis.”
Sanggeus tilu poé, tatarucingan éta can bisa kateguh. 15 Jadi dina poé nu kaopat, maranéhna ngomong ka pamajikan Simson, ”Cik salaki téh olo ku manéh supaya méré nyaho jawaban tatarucingan éta, tuluy béjakeun ka urang. Lamun henteu, manéh jeung saeusi imah bapa manéh rék diduruk ku urang. Maranéh ngondang urang téh ngarah urang dirampog nya?” 16 Seug pamajikanana Simson ngadatangan Simson bari ceurik. Ceuk manéhna, ”Akang mah teu nyaah ka Enéng, ngéwa ka Enéng téh. Akang méré tatarucingan ka jalma-jalma nu sabangsa jeung abdi, tapi teu méré nyaho jawabanana ka abdi.” Ngadéngé kitu Simson ngomong, ”Ari Enéng, ka indung bapa sorangan gé Akang teu méré nyaho, piraku kudu méré nyaho ka Enéng?” 17 Tapi pamajikanana hayoh wéh ceurik ka Simson salila tujuh poé hajatan éta. Ahirna dina poé nu katujuh, Simson méré nyaho jawabanana, da terus dipaksa ku pamajikanana. Tuluy ku pamajikanana, éta dibéjakeun ka jalma-jalma nu sabangsa jeung manéhna. 18 Jadi dina poé nu katujuh saacan panonpoé surup,* jalma-jalma di kota éta ngomong kieu ka Simson,
”Naon nu leuwih amis tibatan madu?
Naon nu leuwih kuat tibatan singa?”
Simson némbalan,
”Lamun maranéh teu dibantuan ku pamajikan kuring* mah,
Tatarucingan éta moal bisa kateguh ku maranéh.”
19 Ku kawasa suci Yéhuwa, Simson jadi bedas. Manéhna indit ka Askélon, tuluy maéhan 30 lalaki di dinya, baju-bajuna dicokotan, jeung dibikeun ka jalma-jalma nu ngajawab tatarucingan manéhna. Bari ambek, manéhna balik ka imah bapana.
20 Tuluy pamajikan Simson dibikeun ka salah saurang pangiring manéhna.