Hakim-Hakim
18 Harita di Israél can aya raja. Kaom Dan néangan tanah warisan keur dicicingan, lantaran nepi ka harita maranéhna can boga tanah warisan di antara kaom-kaom Israél.
2 Urang Dan ngutus lima urang ti kulawarga maranéhna kénéh, nyaéta jalma-jalma nu bisa diandelkeun ti Zora jeung Éstaol. Maranéhna jadi mata-mata pikeun mariksa jeung ngideran tanah éta. Urang Dan ngomong ka maranéhna, ”Jung indit, ideran tanah éta.” Waktu nepi di daérah pagunungan Éfraim, maranéhna mondok di imahna Mikha. 3 Di deukeut imahna Mikha, maranéhna apal kana sora* lalaki ngora ti kaom Léwi éta. Jadi ku maranéhna disampeurkeun jeung ditanya, ”Saha nu mawa manéh ka dieu? Keur naon aya di dieu? Ku naon bet cicing di dieu?” 4 Manéhna méré nyaho naon nu dilakukeun ku Mikha ka manéhna, kieu cenah, ”Abdi dibayar supaya jadi imam keur manéhna.” 5 Tuluy ceuk maranéhna, ”Cik pangnanyakeun ka Allah, perjalanan urang téh bakal hasil atawa moal?” 6 Imam éta ngajawab, ”Jung indit, ulah hariwang. Yéhuwa bakal nyarengan aranjeun salila perjalanan.”
7 Jadi, lima urang éta indit jeung nepi di Lais. Maranéhna ningali jalma-jalma di dinya téh siga urang Sidon, teu gumantung ka sasaha. Hirupna tenang jeung euweuh kahariwang. Di nagri éta euweuh pangawasa nu nindes atawa ngaganggu maranéhna. Urang dinya gé jauh ti urang Sidon sarta teu boga urusan jeung sasaha.
8 Waktu lima urang éta balik ka dulur-dulurna di Zora jeung Éstaol, dulur-dulurna nanya, ”Kumaha di ditu téh?” 9 Dijawab, ”Nagrina téh alus pisan. Hayu urang serang, teu kudu asa-asa. Gancang urang indit jeung rebut nagri éta. 10 Di dinya, maranéh bakal ningali jalma-jalmana téh euweuh kahariwang, nagrina lega, jeung teu kakurangan naon-naon. Allah geus nyerahkeun nagri éta ka maranéh.”
11 Tuluy 600 urang ti kaom Dan indit ti Zora jeung Éstaol. Maranéhna mawa senjata jeung siap perang. 12 Maranéhna masang kémah di deukeut Kiriat-yéarim di Yéhuda. Ku kituna tempat éta, nu aya di kuloneun Kiriat-yéarim, disebut Mahané-dan* nepi ka ayeuna. 13 Ti dinya maranéhna indit ka daérah pagunungan Éfraim, tuluy nepi di imahna Mikha.
14 Lima urang anu harita jadi mata-mata ka Lais téa ngomong kieu ka dulur-dulurna, ”Nyaho teu, di imah-imah ieu téh aya éfod, patung-patung berhala,* patung ukiran, jeung patung logam?* Sok pikirkeun rék dikumahakeun ku maranéh.” 15 Jadi maranéhna nyimpang ka dinya, terus datang ka imahna urang Léwi téa, di deukeut imahna Mikha. Seug maranéhna nanyakeun kumaha kaayaan manéhna. 16 Ari 600 urang Dan, nu mawa senjata jeung siap perang, narangtung di gerbang. 17 Lima mata-mata éta asup pikeun nyokot patung ukiran, éfod, patung-patung berhala,* jeung patung logam.* Ari imam éta nangtung di gerbang bareng jeung 600 urang nu mawa senjata jeung siap perang. 18 Maranéhna asup ka imahna Mikha, nyokotan patung ukiran, éfod, patung-patung berhala,* jeung patung logam.* Imam éta nanyakeun, ”Nanaonan aranjeun téh?” 19 Ku maranéhna ditémbalan, ”Geus cicing, tong loba omong. Mending milu jeung urang, jadi panaséhat* sarta imam keur urang. Sok leuwih alus mana, jadi imam keur hiji kulawarga atawa jadi imam keur hiji kaom di Israél nu kulawargana loba?” 20 Imam éta atoheun. Manéhna nyokot éfod, patung-patung berhala,* jeung patung ukiran, tuluy milu jeung maranéhna.
21 Geus kitu, maranéhna neruskeun deui perjalanan. Ari barudakna, ingon-ingon, jeung barang-barang maranéhna nu aralus ditempatkeun di hareup. 22 Sanggeus maranéhna rada jauh ti imah Mikha, tatangga-tatanggana Mikha babarengan nyusul urang Dan, 23 tuluy ngageroan maranéhna. Urang Dan ngalieuk jeung nanya ka Mikha, ”Aya naon? Ku naon manéh mawa balad sakitu lobana?” 24 Mikha némbalan, ”Maranéh geus nyokot déwa-déwa jieunan kuring, jaba imamna gé milu dibawa, nepi ka kuring teu boga nanaon deui. Maké nanya deui, ’Aya naon?’” 25 Urang Dan némbalan, ”Ulah sesentak kitu, kajaba lamun manéh hayang diserang ku jalma-jalma nu ngamuk. Engké manéh jeung kulawarga manéh bakal dipaéhan.” 26 Geus kitu, urang Dan neruskeun deui perjalanan. Ari Mikha mah balik ka imahna, da sadar maranéhna téh lain lawaneun.
27 Sanggeus mawa imam jeung déwa-déwa jieunan Mikha, maranéhna terus ka Lais, nu jalma-jalmana hirup tenang jeung euweuh kahariwang. Urang Dan maéhan maranéhna ku pedang jeung ngaduruk kotana. 28 Euweuh nu nyalametkeun kota éta lantaran jauh ti Sidon, pendudukna tara boga urusan jeung sasaha, sarta tempatna téh di lebak di daérah Bét-réhob. Geus kitu, urang Dan ngabangun deui kota éta tuluy matuh di dinya. 29 Kota Lais ku maranéhna diganti ngaranna jadi Dan. Éta téh ngaran karuhun maranéhna, nyaéta Dan anak Israél. 30 Geus kitu, urang Dan nempatkeun patung ukiran téa di dinya. Ari Yonatan turunan Gérsyom anak Musa, sarta turunanana, jadi imam keur kaom Dan nepi ka mangsana penduduk nagri éta ditawan ku musuh. 31 Patung ukiran jieunan Mikha nu ditempatkeun ku maranéhna téh tetep aya di dinya salila imah Allah nu bener aya di Syilo.