Hakim-Hakim
19 Keur jaman Israél can boga raja, aya hiji urang Léwi nu cicing di tempat nu mencil di daérah pagunungan Éfraim. Manéhna nyokot selir urang Bétléhém di Yéhuda pikeun dijadikeun pamajikanana. 2 Tapi selirna téh teu satia jeung ninggalkeun manéhna, tuluy indit ka imah bapana di Bétléhém di Yéhuda. Awéwé éta cicing di dinya salila opat bulan. 3 Terus salakina nyusulan rék ngolo manéhna sina balik. Salakina indit dibaturan ku palayan lalakina bari mawa dua kaldé. Barang manéhna nepi, ku awéwé éta dibawa asup ka imah bapana. Bapa awéwé éta atoheun panggih jeung manéhna. 4 Mitohana, bapa awéwé ngora éta, keukeuh nitah manéhna mondok tilu poé. Jadi maranéhna dahar, nginum, tuluy manéhna mondok di dinya.
5 Dina poé nu kaopat, maranéhna hudang isuk-isuk rék indit. Tapi bapa awéwé ngora éta ngomong ka minantuna, ”Sok dahar heula méh kuat di perjalanan, ari geus kitu mah sok wéh indit.” 6 Jadi maranéhna diuk jeung dahar nginum babarengan. Geus kitu, bapa awéwé ngora éta ngomong ka minantuna, ”Mondok deui wéh atuh nya jeung senang-senang.”* 7 Pas lalaki éta rék indit, mitohana teterusan ngolo supaya manéhna mondok deui, jadi manéhna nurut.
8 Dina poé nu kalima, manéhna hudang isuk-isuk rék indit. Tapi bapa awéwé ngora éta ngomong, ”Sok dahar heula méh kuat di perjalanan.” Jadi maranéhna duaan jongjon wéh dahar nepi ka soré. 9 Tuluy, lalaki éta cengkat rék indit bareng jeung selirna sarta palayanna. Tapi mitohana, bapa awéwé ngora éta, ngomong kieu, ”Ayeuna geus soré, sakeudeung deui gé poék. Mondok wéh di dieu senang-senang. Isukan maranéh bisa hudang isuk-isuk jeung balik ka imah.”* 10 Tapi lalaki éta teu daékeun mondok deui. Jadi manéhna indit bareng jeung selir sarta palayanna bari mawa dua kaldé. Maranéhna indit nepi ka Yébus, nyaéta Yérusalém.
11 Harita téh geus téréh peuting basa maranéhna geus deukeut ka Yébus. Jadi palayan éta ngomong ka dununganana, ”Kumaha lamun urang eureun heula jeung mondok di kota urang Yébus ieu?” 12 Tapi dununganana ngajawab, ”Ulah eureun di kotana urang asing nu lain urang Israél. Urang teruskeun wéh nepi ka Gibéah.” 13 Terus dununganana ngomong deui, ”Hayu urang indit ka Gibéah atawa Rama. Urang mondok di salah sahiji tempat éta.” 14 Jadi maranéhna neruskeun perjalanan. Pas maranéhna rék nepi Gibéah, daérahna urang Bényamin, panonpoé geus téréh surup.
15 Jadi maranéhna eureun pikeun mondok di Gibéah. Maranéhna asup tuluy diuk di lapangan kota, tapi euweuh nu ngajak maranéhna mondok di imahna. 16 Ahirna waktu geus peuting, aya lalaki nu geus kolot balik digawé ti kebon. Manéhna téh asalna ti daérah pagunungan Éfraim jeung keur cicing di Gibéah. Ari penduduk kota éta mah urang Bényamin. 17 Barang ningali aya jalma di lapangan kota, lalaki nu geus kolot éta nanya, ”Akang téh rék ka mana? Asal ti mana?” 18 Dijawab, ”Abdi sadaya ti Bétléhém di Yéhuda rék balik ka tempat nu mencil di daérah pagunungan Éfraim, tempat asal abdi. Abdi tas ti Bétléhém di Yéhuda, jeung ayeuna rék ka imah Yéhuwa,* tapi euweuh saurang-urang acan nu ngajak mondok. 19 Sabenerna, abdi sadaya teu kakurangan nanaon, da boga cukup jarami jeung parab kaldé. Roti jeung cianggur gé aya keur abdi, awéwé ieu, jeung palayan abdi. 20 Tapi ceuk lalaki nu geus kolot éta, ”Hayu atuh ka bumi Bapa,* ulah meuting di lapangan kota. Engké sagala kaperluan aranjeun disadiakeun ku Bapa.” 21 Jadi maranéhna dibawa ka imahna jeung kaldé-kaldéna diparaban. Geus kitu maranéhna ngumbah suku, tuluy dahar jeung nginum.
22 Maranéhna keur galumbira waktu jalma-jalma bejad di kota éta ngepung imah éta jeung ngagedoran panto. Jalma-jalma éta tinggorowok ka lalaki kolot nu boga imah, ”Bawa kaluar lalaki nu nganjang ka imah manéh, rék disaréan ku urang.” 23 Ngadéngé kitu, nu boga imah kaluar jeung ngomong ka maranéhna, ”Ulah kitu dulur-dulur. Lalaki éta téh tamu di imah kuring. Ulah jahat kitu atuh, nu kitu téh mawa aéb. 24 Di dieu, aya anak parawan kuring jeung selir lalaki éta. Ku kuring maranéhna rék dibawa kaluar. Pék rék dikukumaha* gé kumaha karep maranéh, tapi ulah ngalakukeun nu siga kitu ka lalaki éta. Éta téh mawa aéb.”
25 Jalma-jalma éta embung ngadéngékeun. Jadi urang Léwi éta nyekel selirna tuluy dibawa kaluar ka maranéhna. Ku maranéhna awéwé éta disiksa jeung diperkosa sapeupeuting nepi ka isuk. Pas panonpoé medal, kakara manéhna dititah indit. 26 Isuk-isuk pisan, awéwé éta nepi ka imah tempat dununganana mondok. Bruk manéhna ngarumpuyuk di hareupeun panto, jeung ngagolér di dinya nepi ka bray panonpoé. 27 Dununganana hudang isuk-isuk. Ari pas muka panto rék kaluar neruskeun perjalanan, manéhna nempo awéwé éta, nyaéta selirna, ngagolér di dinya, bari leungeunna ngagolépak di hareupeun panto. 28 Jadi ceuk manéhna ka awéwé éta, ”Hudang, hayu urang indit.” Tapi euweuh jawaban. Ku manéhna awéwé éta ditaékkeun kana kaldé tuluy dibawa balik.
29 Pas nepi di imah, manéhna nyokot péso, tuluy mayit selirna dipotongan jadi 12 potong. Geus kitu unggal potonganana dikirimkeun ka unggal daérah Israél. 30 Ari ceuk nu narempona téh, ”Urang can pernah ningali kajadian siga kieu, ti saprak urang Israél kaluar ti Mesir nepi ka kiwari. Sok pikirkeun bener-bener,* badamikeun, ngarah urang nyaho kudu kumaha.”