Rut
2 Naomi boga baraya ti pihak salakina nu beunghar pisan, ngaranna téh Boaz. Boaz téh kulawargana Élimélékh.
2 Rut urang Moab téa ngomong ka Naomi, ”Ma, abdi rék indit ka tegalan nya, rék mulungan sésa-sésa panén di tukangeun jalma-jalma nu bageur ka abdi.” Naomi némbalan, ”Nya sok, Néng.” 3 Tuluy Rut indit ka kebon, mulungan di tukangeun jalma-jalma nu keur manén. Ari pék téh manéhna mulungan di kebonna Boaz, kulawargana Élimélékh téa. 4 Teu lila, Boaz datang ti Bétléhém jeung ngomong ka jalma-jalma nu keur manén, ”Mugia kabéhanana disarengan ku Yéhuwa nya.” Maranéhna némbalan, ”Mugia Bapa gé diberkahan ku Yéhuwa.”
5 Boaz nanya ka lalaki ngora nu ngawaskeun jalma-jalma nu keur manén, ”Awéwé ngora éta téh dulurna saha, nya?” 6 Tuluy lalaki ngora éta ngajawab, ”Manéhna téh urang Moab nu datang jeung Naomi ti nagri Moab. 7 Ceuk manéhna, ’Punten, meunang teu abdi mulungan sésa-sésa ranggeuyan barli* nu diteukteuk ku jalma nu keur manén?’ Ti isuk nepi ka ayeuna manéhna haben wéh digawé, paling gé reureuh sakeudeung, ngiuhan hungkul.”
8 Geus kitu, Boaz ngomong ka Rut, ”Nyi, Bapa rék ngabéjaan. Ulah mulungan di kebon séjén nya. Di dieu wéh bareng jeung pagawé awéwé Bapa. 9 Tuh tempo anu keur manén téh rék ka mana, tuluy tuturkeun ku Nyai. Bapa geus ngabéjaan pagawé lalaki sangkan ulah ngaganggu* Nyai. Engké mun haus, sok wéh nginum, tuh caina aya dina wadah. Éta geus dipangnyokotkeun ku pagawé lalaki.”
10 Ngadéngé kitu, Rut sujud tuluy ngomong, ”Bapa téh meni bageur-bageur teuing ka abdi. Ku naon Bapa téh bet merhatikeun abdi? Padahal abdi téh pan urang asing?” 11 Boaz némbalan manéhna, ”Loba nu ngomong ka Bapa, Nyai téh sakitu bélana ka mitoha, sangkilang Nyai geus ditinggal maot ku salaki. Nyai nepi ka ninggalkeun indung bapa jeung lembur Nyai tuluy indit ka hiji bangsa nu teu dipikanyaho ku Nyai saacanna. 12 Mugia sagala tindakan Nyai diberkahan ku Yéhuwa, jeung mugia Nyai dibéré ganjaran nu gedé* ku Yéhuwa, Allah Israél tempat* Nyai nyalindung.” 13 Ngadéngé kitu Rut ngomong, ”Nuhun pisan, Juragan téh meni bageur ka abdi. Juragan geus ngupahan jeung nengtremkeun haté abdi, padahal abdi téh lain pagawé Juragan.”
14 Pas waktuna dahar beurang, Boaz ngageroan Rut, ”Ka dieu Nyi, sok dahar heula. Ieu aya roti, sok anclomkeun kana cuka.” Jadi, Rut diuk di gigireun jalma-jalma nu manén. Boaz mikeun sisikian nu disangray, tuluy ku Rut éta didahar nepi ka seubeuh, tapi aya nu disésakeun ku manéhna. 15 Waktu Rut rék mulungan deui, Boaz ngabéjaan para pagawé lalakina, ”Keun manéhna sina mulungan. Mulungan tina ranggeuyan barli* nu geus diteukteuk gé baé. Kadé, ulah ngaganggu manéhna nya. 16 Ranggeuyan barli nu geus dibeungkeutan cabutan wéh ngarah bisa dipulungan ku manéhna. Omat, tong diulah-ulah nya.”
17 Rut terus mulungan di kebon nepi ka burit. Barang beubeunanganana dibabét-babétkeun, hasilna téh kira-kira 22 liter* barli. 18 Éta dibawa ku manéhna asup ka kota, jeung mitohana ningali babawaan manéhna. Rut ogé ngaluarkeun jeung mikeun dahareun nu disésakeun téa ka mitohana.
19 Mitohana nanya, ”Poé ieu Enéng téh gawé di mana? Mulungan di mana? Mugia nu bageur ka Enéng diberkahan.” Jadi, Rut nyarita ka mitohana manéhna gawé di mana, kieu cenah, ”Poé ieu abdi gawé di kebonna Boaz.” 20 Ngadéngé kitu, Naomi ngomong, ”Mugia manéhna diberkahan ku Yéhuwa, Allah nu terus nyaah* ka nu hirup jeung nu maot.” Naomi ngomong deui, ”Manéhna téh baraya kénéh, nu boga hak pikeun nebus urang.” 21 Tuluy Rut urang Moab téa ngomong, ”Manéhna gé ngomong kieu ka abdi, ’Terus wéh bareng jeung pagawé Bapa nepi ka bérés panén.’” 22 Ceuk Naomi ka Rut, minantuna, ”Nya leuwih alus kitu, Néng. Mending Enéng digawé bareng jeung pagawé awéwé manéhna, tibatan digawé di kebon séjén terus aya nu ngaganggu.”
23 Jadi, Rut terus digawé bareng jeung pagawé awéwéna Boaz, sarta mulungan nepi ka bérésna panén barli jeung panén gandum. Manéhna terus cicing bareng jeung mitohana.