Rut
3 Ceuk Naomi, mitohana, ”Enéng, Ema téh kudu mangnéangankeun salaki* keur Enéng, supaya Enéng hirup tenang. 2 Enéng téh pan digawé bareng jeung pagawé awéwéna Boaz. Tah, Boaz téh baraya urang. Kieu, peuting ieu manéhna bakal aya di tempat ngirik, rék misahkeun barli tina cangkangna. 3 Ayeuna mah geura mandi, paké minyak seungit jeung baju nu alus. Geus kitu, sok indit ka tempat ngirik. Ulah kanyahoan ku manéhna nepi ka manéhna bérés dahar jeung nginum. 4 Terus, cirian tempat manéhna saré. Engké ku Enéng sampeurkeun jeung singkabkeun simbut dina sukuna. Enéng gé ngagolér wéh di dinya. Manéhna bakal méré nyaho Enéng kudu kumaha.”
5 Ceuk Rut, ”Enya Ma, omongan Ema ku abdi bakal diturut.” 6 Tuluy, manéhna indit ka tempat ngirik jeung ngalakukeun sagala nu dititah ku mitohana. 7 Ari Boaz dahar, nginum, jeung senang haténa, terus rep baé saré, nyarandé kana tumpukan sisikian. Geus kitu, Rut lalaunan nyampeurkeun jeung nyingkabkeun simbut dina sukuna Boaz, tuluy ngagolér di dinya. 8 Tengah peuting, Boaz katirisan tuluy manéhna hudang. Ari pék téh aya awéwé keur ngagolér di deukeut sukuna. 9 Manéhna nanya, ”Saha ieu?” Dijawabna, ”Abdi téh Rut, palayan Juragan. Tangtayungan abdi, Juragan,* da Juragan nu boga hak pikeun nebus.” 10 Ngadéngé kitu, Boaz némbalan, ”Mugia Nyai diberkahan ku Yéhuwa. Kanyaah nu ditémbongkeun ku Nyai ayeuna téh leuwih gedé tibatan nu saacanna. Buktina Nyai teu milih lalaki ngora, boh nu beunghar boh nu miskin. 11 Ulah hariwang, Nyai. Sagala nu dipénta ku Nyai, ku Bapa rék dilaksanakeun, da sakabéh jalma di kota apal Nyai téh awéwé nu bageur pisan. 12 Mémang Bapa téh boga hak pikeun nebus, tapi aya nu boga hak leuwih gedé, lantaran manéhna téh baraya nu leuwih deukeut. 13 Keun, ayeuna mah di dieu wéh heula. Isukan isuk-isuk, lamun manéhna daék nebus Nyai, nya mangga waé. Tapi lamun manéhna teu daékeun, Bapa nu bakal nebus Nyai. Bapa sumpah demi Yéhuwa nu hirup. Sok ayeuna mah saré heula nepi ka isuk.”
14 Jadi, Rut saré di deukeut sukuna nepi ka isuk, tuluy manéhna hudang saacan caang ngarah teu kanyahoan ku batur. Ceuk Boaz, ”Ulah aya nu nyaho saurang awéwé datang ka tempat ngirik.” 15 Manéhna gé ngomong kieu, ”Sok jubah Enéng béngbréngkeun.” Rut ngabéngbréngkeun jubahna, ku Boaz éta dieusian genep takeran* barli. Éta dibikeun ka Rut, tuluy Boaz indit ka kota.
16 Rut balik tuluy ditanya ku mitohana, ”Kumaha, Néng?” Manéhna nyaritakeun sagala nu dilakukeun ku Boaz ka manéhna. 17 Rut gé ngomong kieu, ”Manéhna méré genep takeran barli tuluy ngomong kieu ka abdi, ’Ulah léngoh* balik ka mitoha téh.’” 18 Ngadéngé kitu, Naomi ngomong, ”Geus tungguan di dieu wéh, Néng. Cikan jadina kumaha. Manéhna pasti moal tenang lamun masalahna can bérés poé ieu.”