1 Samuél
17 Hiji waktu, urang Filistin+ ngumpulkeun pasukanna rék perang, ngumpulna téh di Sokoh,+ daérah milik Yéhuda. Maranéhna masang kémah di Éfés-damim,+ di antara Sokoh jeung Azéka.+ 2 Saul jeung urang Israél ngumpul sarta masang kémah di Lebak Élah.+ Maranéhna nyieun barisan tempur pikeun ngalawan urang Filistin. 3 Urang Filistin narangtung di gunung beulah ditu, ari urang Israél di gunung beulah dieu. Di tengah-tengah maranéhna aya lebak.
4 Kurunyung jagoanana urang Filistin kaluar ti pakémahan maranéhna. Ngaranna téh Goliat,+ asalna ti Gat,+ jeung jangkungna ampir tilu méter.* 5 Manéhna maké hélem tambaga jeung baju perang nu sisit-sisitna patumpuk. Éta baju perang tambaga+ téh beuratna kira-kira 57 kilogram.* 6 Sukuna maké tutup tambaga, jeung aya tumbak+ tambaga dina tonggongna. 7 Manéhna gé nyekel tumbak nu leuwih gedé nu gagangna sagedé kai dina alat tinun.+ Tungtung tumbakna tina beusi nu beuratna kira-kira 7 kilogram.* Aya tukang mawa taméng nu leumpang hareupeunana. 8 Goliat nangtung jeung ngagorowok ka barisan tempur Israél,+ ”Jang naon maranéh nyieun barisan tempur? Yeuh, aing jagoanana urang Filistin, ari maranéh mah ngan saukur palayanna Saul, pan? Sok pilih saurang sina tarung jeung aing. 9 Mun manéhna bisa ngalawan jeung maéhan aing, urang kabéh bakal jadi palayan maranéh. Tapi mun aing nu meunang jeung maéhan manéhna, maranéh nu jadi palayan urang.” 10 Urang Filistin éta ngomong deui, ”Poé ieu aing nangtang* barisan tempur Israél.+ Titah saurang sina maju ngalawan aing!”
11 Ngadéngé omongan urang Filistin éta, Saul jeung sakabéh urang Israél kacida sieuneunana.
12 Daud téh anak Isai urang Éfrata+ ti Bétléhém+ di Yéhuda. Isai+ boga dalapan anak lalaki+ sarta geus kolot waktu Saul maréntah. 13 Tilu anak lalaki Isai nu panggedéna milu perang jeung Saul.+ Nu cikal téh Éliab,+ nu kadua Abinadab,+ jeung nu katilu Syamah.+ 14 Daud téh nu bungsu.+ Tilu lanceukna nu panggedéna milu jeung Saul.
15 Salila ngalalayanan Saul, Daud osok balik ka imahna pikeun ngangon domba-domba+ bapana di Bétléhém. 16 Geus 40 poé, unggal isuk jeung unggal soré, urang Filistin éta datang pikeun nangtang urang Israél.
17 Hiji poé, Isai ngomong ka Daud anakna, ”Jung geura bawa sisikian nu disangray sakantong* jeung sapuluh roti ieu ka lanceuk-lanceuk manéh di pakémahan. 18 Bawa ogé kiju* sapuluh keur kapala sarébu prajurit. Pék tanyakeun kumaha kaayaan lanceuk-lanceuk manéh, tuluy bawa bukti yén maranéhna saréhat.” 19 Harita, lanceuk-lanceukna, Saul, jeung sakabéh prajurit Israél séjénna aya di Lebak Élah+ keur ngalawan urang Filistin.+
20 Jadi, Daud hudang isuk-isuk tuluy nitipkeun domba-dombana ka nu séjén. Bral manéhna indit mawa bebekelan sakumaha paréntah Isai. Barang Daud nepi ka pakémahan, para prajurit keur aya di médan perang bari ngagorowokkeun jerit perang. 21 Barisan tempur urang Israél pahareup-hareup jeung barisan tempur urang Filistin. 22 Daud langsung nitipkeun babawaanana ka nu ngajaga barang-barang. Berebet manéhna lumpat ka médan perang. Sanggeus nepi, manéhna tatanya ngeunaan kaayaan lanceuk-lanceukna.+
23 Waktu Daud keur ngomong jeung jalma-jalma, kaluar Goliat,+ jagoanana urang Filistin ti Gat téa. Manéhna maju ti barisan tempur urang Filistin jeung nangtang urang Israél deui siga saacanna.+ Éta kadéngéeun ku Daud. 24 Waktu para prajurit Israél ningali éta jalma, kabéhanana kalabur kasieunan.+ 25 Para prajurit Israél ngomong kieu, ”Itu tingali jalma nu maju nangtang* Israél!+ Raja bakal méré loba harta ka saha waé nu bisa maéhan éta jalma, malah rék dikawinkeun jeung anak awéwéna sorangan,+ sarta kulawargana bakal dibébaskeun tina pajeg jeung kawajiban séjén di Israél.”
26 Daud nanya ka para prajurit nu narangtung di deukeut manéhna, ”Jalma nu bisa maéhan urang Filistin éta jeung nyingkirkeun kahinaan ti Israél bakal meunang hadiah naon? Mémangna saha urang Filistin nu teu disunatan éta, wawanianan nangtang* barisan tempur Allah nu hirup?”+ 27 Maranéhna méré nyaho hal-hal nu tadi dijangjikeun, kieu cenah, ”Ieu hadiah keur jalma nu bisa maéhan manéhna.” 28 Barang Éliab,+ lanceuk nu pangkolotna, ngadéngé Daud ngomong jeung para prajurit, manéhna ambek ka Daud tuluy ngomong, ”Rék naon manéh ka dieu? Ari domba nu ngan saeutik di tanah gurun téh diurus ku saha?+ Urang nyaho manéh téh lancang jeung boga niat goréng. Manéh mah ka dieu téh ngadon lalajo perang.” 29 Daud ngajawab, ”Abdi salah naon? Abdi pan ngan saukur nanya!” 30 Ti dinya, manéhna ninggalkeun lanceukna tuluy tatanya nu sarua ka nu séjén,+ ari jawabanana mah angger siga tadi.+
31 Aya nu ngadéngé omongan Daud, tuluy éta dilaporkeun ka Saul, jadi Daud dibawa ka Saul. 32 Ceuk Daud ka Saul, ”Ulah aya nu sieun ka éta jalma. Hamba Raja ieu nu bakal maju ngalawan urang Filistin éta.”+ 33 Ceuk Saul, ”Manéh moal sanggup ngalawan urang Filistin éta, da manéh téh budak kénéh,+ ari manéhna mah geus jadi prajurit* ti ngongora.” 34 Tapi ceuk Daud, ”Nun Raja, abdi téh tukang ngangon domba pun bapa. Upami aya singa+ atanapi biruang nu ngagusur domba, 35 ku abdi diudag, dipaéhan, tuluy dombana dileupaskeun tina sungutna. Waktu abdi rék dirontok, éta sato ku abdi dikerewek buluna,* diteunggeul, tuluy dipaéhan. 36 Hamba Raja ieu geus maéhan singa jeung biruang. Nya kitu ogé urang Filistin nu teu disunatan éta bakal paéh siga éta sato, lantaran manéhna geus nangtang* barisan tempur Allah nu hirup.”+ 37 Terus Daud ngomong deui, ”Yéhuwa tos nyalametkeun abdi tina cakar singa sareng biruang. Anjeunna gé bakal nyalametkeun abdi ti urang Filistin éta.”+ Ngadéngé kitu Saul ngomong ka Daud, ”Heug atuh jung, mugia Yéhuwa nyarengan manéh.”
38 Saul mikeun pakarang perangna sina dipaké ku Daud. Manéhna gé mikeun hélem tambaga jeung baju perang. 39 Geus kitu Daud nalian pedangna, prak ngajaran ngaléngkah tapi teu bisa, da manéhna teu biasa maké pakarang siga kitu. Ceuk Daud ka Saul, ”Abdi teu tiasa ngaléngkah nganggo nu kieu mah, teu biasa,” tuluy ku Daud dilaanan. 40 Terus Daud nyokot iteukna, mulung lima batu lemes ti susukan,* tuluy diasupkeun kana kantong. Geus kitu, manéhna indit nyampeurkeun urang Filistin éta bari ngajingjing bandring.+
41 Urang Filistin éta gé beuki deukeut nyampeurkeun Daud, ari tukang mawa taméngna leumpang hareupeunana. 42 Barang ningali Daud, urang Filistin éta moyokan manéhna lantaran manéhna téh ngan saukur budak ngora nu kasép.+ 43 Urang Filistin éta ngomong ka Daud, ”Samarukna aing téh anjing,+ manéh datang ngalawan aing ngan maké tongkat?” Tuluy urang Filistin éta nyumpahan Daud sina dikutuk ku allah-allahna. 44 Ceuk urang Filistin éta ka Daud, ”Ka dieu siah manéh. Daging manéh ku aing rék diparabkeun ka manuk jeung sato leuweung.”
45 Daud némbalan, ”Manéh ngalawan urang mawa pedang jeung dua tumbak,+ ari urang mah ngalawan manéh mawa nami Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga,+ Allahna barisan tempur Israél nu ditangtang* ku manéh.+ 46 Poé ieu kénéh, Yéhuwa bakal nyerahkeun manéh ka urang.+ Manéh ku urang bakal dipaéhan jeung diteukteuk sirahna. Poé ieu, mayit-mayitna pasukan Filistin rék diparabkeun ka manuk jeung sato leuweung. Jalma-jalma di sakuliah bumi bakal nyaho yén di Israél téh aya Allah nu sajati.+ 47 Sakabéh nu kumpul di dieu* bakal nyaho yén Yéhuwa nyalametkeun urang kabéh téh lain ku pedang atawa tumbak.+ Yéhuwa nu méré kaunggulan dina perang.+ Maranéh bakal diserahkeun ka urang kabéh.”+
48 Ti dinya, urang Filistin éta maju nyampeurkeun Daud. Beretek Daud gé lumpat rék ngalawan manéhna. 49 Daud ngodok kantongna, nyokot batu hiji, seleber dibandringkeun. Beletak batuna nanceb kana tarang urang Filistin éta. Manéhna ngajungkel, beungeutna nyuksruk kana taneuh.+ 50 Daud ngéléhkeun urang Filistin éta ku bandring jeung hiji batu. Urang Filistin éta dipaéhan ku Daud, sanajan Daud teu mawa pedang.+ 51 Daud terus lumpat jeung nangtung di deukeut manéhna. Pedang urang Filistin éta ku Daud dicabut tina sarangkana,+ tuluy dipaké menggel sirah éta jalma pikeun mastikeun manéhna bener-bener paéh. Barang ningali jagoanana paéh, urang Filistin kalabur.+
52 Ningali kitu, ger pasukan Israél jeung Yéhuda sarurak tuluy ngudag urang Filistin ti éta lebak+ nepi ka gerbang Ékron.+ Urang Filistin nu diparaéhan téh tinggolépak di sapanjang jalan ti Syaaraim+ nepi ka Gat jeung Ékron. 53 Sanggeus ngaberik urang Filistin, urang Israél baralik tuluy ngajarah pakémahan maranéhna.
54 Geus kitu Daud nyokot sirah urang Filistin éta, tuluy dibawa ka Yérusalém, ari senjatana urang Filistin éta mah disimpen di kémahna.+
55 Waktu Saul ningali Daud indit rék ngalawan urang Filistin éta, manéhna nanya ka Abnér+ panglima tentarana, ”Anak saha éta téh,+ Abnér?” Abnér ngajawab, ”Abdi sumpah demi hirup Raja, abdi teu terang!” 56 Ceuk raja, ”Jig tatanya, éta budak ngora téh anak saha.” 57 Waktu Daud balik sanggeus maéhan urang Filistin éta, ku Abnér manéhna langsung dibawa ngadep ka Saul. Daud masih kénéh ngajingjing sirahna urang Filistin éta.+ 58 Ku Saul ditanya, ”Ari manéh téh anak saha, Jang?” Dijawab ku Daud, ”Anak Isai,+ hamba Raja ti Bétléhém.”+