PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • 1 Samuél 2
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama 1 Samuél

      • Doa Hana (1-11)

      • Dosa-dosa dua anak lalaki Éli (12-26)

      • Hukuman Yéhuwa keur kulawarga Éli (27-36)

1 Samuél 2:1

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”Yéhuwa ngangkat tanduk”. Tingali ”Tanduk” dina Daptar Istilah.

1 Samuél 2:4

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”titajong”.

1 Samuél 2:6

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”bisa ngahirupkeun”.

  • *

    Atawa ”Syéol”. Tingali Daptar Istilah.

1 Samuél 2:8

Catetan Handap

  • *

    Atawa bisa jadi ”pamiceunan runtah”.

1 Samuél 2:10

Catetan Handap

  • *

    Atawa bisa jadi ”Jalma nu nangtang Yéhuwa bakal kasieunan”.

  • *

    Atawa ”ngangkat tanduk”. Tingali ”Tanduk” dina Daptar Istilah.

1 Samuél 2:18

Catetan Handap

  • *

    As. ”dibeungkeut ku”.

1 Samuél 2:25

Catetan Handap

  • *

    Atawa bisa jadi ”Allah bakal jadi perantara keur manéhna”.

1 Samuél 2:27

Catetan Handap

  • *

    As. ”diperbudak di imahna Firaun”.

1 Samuél 2:28

Catetan Handap

  • *

    Atawa bisa jadi ”nyieun korban nu haseupna ngebul”.

  • *

    As. ”putra-putra Israél”.

1 Samuél 2:29

Catetan Handap

  • *

    As. ”najong”.

1 Samuél 2:31

Catetan Handap

  • *

    As. ”leungeun”.

1 Samuél 2:35

Catetan Handap

  • *

    As. ”Kuring bakal ngabangun imah nu langgeng keur manéhna”.

  • *

    As. ”leumpang”.

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
  • 14
  • 15
  • 16
  • 17
  • 18
  • 19
  • 20
  • 21
  • 22
  • 23
  • 24
  • 25
  • 26
  • 27
  • 28
  • 29
  • 30
  • 31
  • 32
  • 33
  • 34
  • 35
  • 36
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
1 Samuél 2:1-36

1 Samuél

2 Tuluy Hana ngadoa,

”Haté abdi bungah ku lantaran Yéhuwa.

Yéhuwa masihan kakuatan ka* abdi.

Abdi wani ngajawab musuh-musuh abdi,

Sabab abdi bungah ku kasalametan ti Gusti.

 2 Teu aya nu suci saperti Yéhuwa,

Teu aya deui salian ti Gusti,

Jeung teu aya deui gunung batu nu kuat saperti Allah urang.

 3 Mun ngomong téh ulah sombong.

Ulah nepi ka ucapan nu sombong kaluar tina biwir maranéh,

Sabab Yéhuwa téh Allah nu nyaho sagalana,

Sarta adil waktu mariksa kalakuan manusa.

 4 Busur panah jalma-jalma nu perkasa alancur,

Tapi jalma nu lemah* dibéré kakuatan.

 5 Nu baréto seubeuh, ayeuna kudu digawé ngarah boga roti,

Tapi nu lapar moal lapar deui.

Nu mandul geus ngalahirkeun tujuh budak,

Tapi nu boga loba budak lalaki, ayeuna moal bakal boga deui.

 6 Yéhuwa bisa maéhan jeung bisa ngajaga kahirupan.*

Anjeunna bisa nurunkeun jalma ka Kuburan* jeung bisa ngahirupkeun deui.

 7 Yéhuwa nu ngamiskinkeun jeung ngabeungharkeun.

Anjeunna nu ngarendahkeun jeung ngaluhurkeun.

 8 Anjeunna ngangkat jalma rendahan tina kekebul.

Anjeunna ngajait jalma miskin tina tumpukan lebu,*

Sina diuk bareng jeung para bangsawan,

Sina boga kadudukan nu luhur.

Yéhuwa nu nempatkeun pilar-pilar bumi,

Jeung nempatkeun bumi di luhureunana.

 9 Anjeunna ngajaga léngkah hamba-Na nu satia,

Tapi nu jahat mah binasa di tempat nu poék,

Sabab jalma mah moal unggul ku kakuatanana sorangan.

10 Yéhuwa bakal ngancurkeun jalma nu ngalawan Anjeunna.*

Anjeunna bakal ngagulugur ka maranéhna ti langit.

Yéhuwa bakal ngahakiman nepi ka tungtung bumi,

Méré kawasa ka raja pilihana-Na,

Jeung méré kakuatan ka* jalma nu dilantik ku Anjeunna.”

11 Geus kitu, Élkana balik ka imahna di Rama, tapi budakna mah cicing jeung Imam Éli sarta ngalalayanan Yéhuwa.

12 Anak-anak lalaki Éli téh jalma bejad nu teu ngahormat Yéhuwa. 13 Lainna nyokot jatah korban keur para imam ti rahayat, maranéhna kalah ka kieu: Unggal aya nu nyanggakeun korban, palayan imam datang bari mawa garpu gedé waktu daging dikulub kénéh. 14 Garpuna dicocogkeun kana wadah, atawa panci, atawa pariuk, atawa wadah séjénna. Naon waé nu kacokot ku garpu, éta jadi milik imam. Kitu nu dilakukeun ku maranéhna ka sakabéh urang Israél nu daratang ka Syilo. 15 Malahan saacan gajih korban dibeuleum, palayan imam biasana datang tuluy ngomong kieu, ”Ka dieukeun dagingna supaya bisa dibeuleum ku imam. Manéhna embungeun narima daging nu geus dikulub, hayang atahna.” 16 Lamun jalma nu nyanggakeun korban ngomong, ”Sok beuleum heula wéh gajihna, sanggeusna kakara cokot nu dipikahayang,” biasana palayan imam némbalan kieu, ”Embung, ka dieukeun ayeuna! Lamun teu dibikeun, nya rék dirampas.” 17 Jadi dosa palayan-palayan éta kacida gedéna ka Yéhuwa, sabab maranéhna teu ngahargaan korban keur Yéhuwa.

18 Ari Samuél, manéhna ngalalayanan di hareupeun Yéhuwa sarta maké* éfod linén, sanajan budak kénéh. 19 Unggal taun, indungna gé sok mangnyieunkeun rompi panjang leutik keur manéhna. Dianteurkeunana téh waktu indung bapana datang pikeun nyanggakeun korban taunan. 20 Éli ngaberkahan Élkana jeung pamajikanana, kieu cenah, ”Mugia Yéhuwa méré budak deui ti pamajikan anjeun ieu keur gaganti budak nu geus diinjeumkeun ka Yéhuwa.” Sanggeus kitu, maranéhna baralik. 21 Yéhuwa inget ka Hana, jadi manéhna ngandung jeung boga budak deui, tilu lalaki dua awéwé. Ari Samuél beuki gedé jeung terus ngalalayanan di hareupeun Yéhuwa.

22 Éli geus kolot pisan. Manéhna ngadéngé sagala lalampahan anak-anak lalakina ka kabéh urang Israél. Manéhna gé nyaho anak-anakna téh sok saré jeung awéwé-awéwé nu ngalalayanan di lawang kémah tepangan. 23 Biasana Éli sok ngomong kieu ka anak-anakna, ”Ku naon maranéh téh bet teterusan kitu? Bapa ngadéngé kabéh jalma ngomongkeun nu goréng ngeunaan maranéh. 24 Ulah kitu atuh, anaking. Omongan nu nyebar di antara umat Yéhuwa téh meni goréng. 25 Lamun jalma nyieun dosa ka jalma mah aya nu bisa mangméntakeun ka Yéhuwa supaya nulungan manéhna.* Tapi lamun dosana ka Yéhuwa, saha nu rék mangdoakeun?” Sanajan kitu, bapana teu didéngé, lantaran Yéhuwa geus mutuskeun rék maéhan maranéhna. 26 Ari Samuél mah beuki gedé jeung dipikaresep boh ku Yéhuwa boh ku jalma.

27 Saurang hamba Allah datang tuluy ngomong kieu ka Éli, ”Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, ’Lainna Kuring geus jelas méré nyaho ngeunaan diri Kuring ka kulawarga karuhun manéh basa maranéhna diperbudak ku Firaun* di Mesir? 28 Ti antara sakabéh kaom Israél, karuhun manéh nu dipilih pikeun jadi imam Kuring, nyanggakeun korban dina mézbah, nyanggakeun dupa,* jeung maké éfod pikeun ngalalayanan Kuring. Sakabéh korban nu dibeuleum ti urang Israél* gé ku Kuring dibikeun ka kulawarga karuhun manéh. 29 Ku naon maranéh bet nyapirakeun* korban jeung hal-hal nu disanggakeun keur Kuring nu diparéntahkeun ku Kuring di imah Kuring? Ku naon manéh bet leuwih hormat ka anak-anak manéh tibatan ka Kuring? Maranéh kalah ka jadi lintuh lantaran ngadahar bagian nu pangalusna ti unggal korban nu dibikeun ku umat Kuring Israél.

30 ”’Éta sababna Yéhuwa Allah Israél ngomong kieu, ”Baréto mémang Kuring ngomong yén kulawarga manéh jeung kulawarga karuhun manéh bakal terus ngalalayanan di hareupeun Kuring.” Tapi ayeuna Yéhuwa ngomong kieu, ”Éta moal dilaksanakeun ku Kuring lantaran Kuring ngahormat saha waé nu ngahormat ka Kuring, tapi ngahina saha waé nu ngahina ka Kuring.” 31 Bakal datang mangsana, Kuring ngaleungitkeun kakuatan* manéh jeung kakuatan kulawarga karuhun manéh, supaya euweuh nu umurna panjang di kulawarga manéh. 32 Waktu urang Israél ngarasakeun kahadéan Kuring, manéh mah bakal ningali saingan manéh aya di imah Kuring. Di kulawarga manéh moal aya nu umurna panjang. 33 Turunan manéh, nu masih kénéh ngalalayanan di mézbah Kuring, bakal ngalantarankeun panon manéh teu awas jeung ngalantarankeun manéh sedih pisan, ari kalolobaan ti kulawarga manéh bakal paéh ku pedang. 34 Supaya manéh nyaho yén omongan Kuring téh bener, Kuring rék méré tanda ieu: Dua anak manéh, Hofni jeung Pinéhas, bakal maot dina poé nu sarua. 35 Geus kitu, Kuring rék ngangkat saurang imam nu satia, nu tindakanana bakal sajalan jeung kahayang haté Kuring. Kuring bakal ngajadikeun turunanana terus ngalalayanan salaku imam,* sarta manéhna bakal terus ngalalayanan* di hareupeun jalma nu dilantik ku Kuring. 36 Kulawarga manéh nu nyésa bakal datang jeung sujud ka manéhna pikeun ménta bayaran jeung roti, sarta ngomong kieu, ”Tulungan atuh, pasihan abdi tugas jadi imam, ngarah abdi bisa ngadahar sapotong roti.”’”

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kawijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun