PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • 1 Samuél 29
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama 1 Samuél

      • Urang Filistin teu percaya ka Daud (1-11)

1 Samuél 29:1

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +1Sam 28:1
  • +Yos 19:17, 18; 1Sam 29:11

1 Samuél 29:2

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +1Sam 28:2

1 Samuél 29:3

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +1Sam 27:7, 12

1 Samuél 29:4

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +1Bab 12:19
  • +1Sam 14:21

1 Samuél 29:5

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +1Sam 18:7; 21:11

1 Samuél 29:6

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +1Sam 21:10; 27:2
  • +1Sam 28:2
  • +1Sam 27:11, 12
  • +1Sam 29:3, 9

1 Samuél 29:9

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +1Sam 27:12

1 Samuél 29:11

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Yos 19:17, 18; 1Sam 29:1

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.

Kabéh Ayat

1 Sam. 29:11Sam 28:1
1 Sam. 29:1Yos 19:17, 18; 1Sam 29:11
1 Sam. 29:21Sam 28:2
1 Sam. 29:31Sam 27:7, 12
1 Sam. 29:41Bab 12:19
1 Sam. 29:41Sam 14:21
1 Sam. 29:51Sam 18:7; 21:11
1 Sam. 29:61Sam 21:10; 27:2
1 Sam. 29:61Sam 28:2
1 Sam. 29:61Sam 27:11, 12
1 Sam. 29:61Sam 29:3, 9
1 Sam. 29:91Sam 27:12
1 Sam. 29:11Yos 19:17, 18; 1Sam 29:1
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
1 Samuél 29:1-11

1 Samuél

29 Urang Filistin+ ngumpulkeun sakabéh pasukanna di Afék, ari urang Israél masang kémah di deukeut sumber cai di Yizréél.+ 2 Para pangawasa urang Filistin maju bareng jeung pasukanna. Unggal pasukan téh prajuritna aya nu 100, aya nu 1.000. Ari Daud jeung pasukanna maju tukangeun Akhis.+ 3 Tapi, para pamingpin urang Filistin ngomong kieu, ”Nanaonan urang Ibrani téh dibarawaan ka dieu?” Akhis ngajawab maranéhna, ”Manéhna téh Daud, palayanna Saul raja Israél, nu geus milu jeung urang sataun leuwih.+ Ti saprak manéhna mihak ka urang nepi ka poé ieu, manéhna teu pernah nyieun salah nanaon.” 4 Tapi, para pamingpin urang Filistin arambekeun ka Akhis. Ceuk maranéhna, ”Titah balik wéh ka ditu,+ ka tempat nu geus dibikeun ku manéh. Tong dibawa milu perang, bisi manéhna engké malik nyerang ka urang.+ Supaya manéhna diaku deui ku rajana, manéhna kudu maéhan pasukan urang, pan? Mémangna aya cara nu leuwih alus deui? 5 Daud nu ieu pan nu dipuji-puji ku jalma-jalma bari nyanyi jeung ngigel,

’Saul maéhan rébuan,

Daud maéhan puluhan rébu’?”+

6 Jadi Akhis+ nyalukan Daud tuluy ngomong kieu ka manéhna, ”Demi Yéhuwa nu hirup, manéh téh jalma bener. Urang resep mun manéh bisa maju perang bareng jeung pasukan urang,+ da ti saprak manéh datang ka urang nepi ka poé ieu, manéh teu pernah nyieun salah nanaon.+ Tapi, para pangawasa séjén teu percayaeun ka manéh.+ 7 Sok ayeuna mah balik wéh, ulah nyiar-nyiar pikakeuheuleun para pangawasa urang Filistin.” 8 Tapi Daud némbalan, ”Ku naon? Naon salah abdi? Ti saprak abdi datang ka Juragan nepi ka poé ieu, abdi teu nyieun salah nanaon, pan? Ku naon abdi teu meunang milu merangan musuh-musuh Gusti Raja?” 9 Akhis némbalan Daud, ”Enya, ceuk urang gé manéh téh jalma bageur siga malaikat Allah.+ Tapi ceuk para pamingpin urang Filistin, manéh teu meunang milu perang jeung urang. 10 Geus, isukan manéh jeung pasukan nu bareng jeung manéh hudang isuk-isuk. Barang bray isuk, sok baralik.”

11 Jadi, Daud jeung pasukanna hudang isuk-isuk tuluy balik ka tanahna urang Filistin. Ari urang Filistin terus ngajugjug ka Yizréél.+

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kabijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun