1 Samuél
30 Dina poé nu katilu, Daud jeung baladna nepi ka Ziklag.+ Ari pék téh urang Amalék+ geus nyerang jeung ngajarah daérah di kidul* jeung Ziklag. Maranéhna gé ngaduruk Ziklag. 2 Awéwé-awéwé jeung sakabéh jalma nu aya di dinya, ti nu leutik nepi ka nu gedé, kabéhanana dibawa,+ tapi euweuh nu dipaéhan. 3 Waktu Daud jeung baladna nepi, éta kota geus béak kaduruk. Anak pamajikan maranéhna gé euweuh, da geus dibawa jadi tawanan. 4 Jadi, Daud sabaladna ceurik tinggarauk nepi ka béak tanaga teu bisa ceurik deui. 5 Dua pamajikan Daud gé, nyaéta Ahinoam urang Yizréél jeung Abigail randana Nabal urang Karmél,+ dibawa ku maranéhna. 6 Sakabéh balad Daud kacida sedih jeung ambekna lantaran kaleungitan anak-anakna nu lalaki jeung awéwé. Maranéhna rék malédogan Daud ku batu. Jadi, Daud ngarasa susah pisan, tapi manéhna meunang kakuatan lantaran muntang ka Yéhuwa Allahna.+
7 Geus kitu, Daud ngomong ka Imam Abiatar+ anak Ahimélékh, ”Cik punten, pangmawakeun éfod ka dieu.”+ Jadi, éfod téh dibawa ku Abiatar ka Daud. 8 Daud ménta pituduh ka Yéhuwa,+ ”Gorombolan rampog téh kedah diudag atawa ulah? Upami diudag, bakal kasusul moal?” Allah ngajawab, ”Sok udag, tangtu kasusul. Sakabéh tawanan jeung harta bandana gé bakal karebut deui.”+
9 Daud langsung indit bareng jeung 600 baladna.+ Barang maranéhna nepi ka Wadi* Bésor, aya sababaraha baladna nu eureun di dinya. 10 Daud terus ngudag bareng jeung 400 baladna. Ari nu 200 deui mah ditinggalkeun di Wadi Bésor, lantaran geus teu kuateun meuntasan éta wadi.+
11 Di tengah jalan di luar kota, maranéhna manggihan hiji lalaki Mesir, seug dibawa ka Daud. Tuluy, manéhna dibéré dahar jeung nginum. 12 Salian ti éta, manéhna gé dibéré kuéh ara garing sakeureut jeung kuéh kismis dua siki. Sanggeus dahar, manéhna jagjag deui, da geus tilu poé tilu peuting manéhna teu dahar teu nginum. 13 Tuluy ku Daud ditanya, ”Ari manéh téh ti mana asalna? Saha dunungan manéh?” Ditémbalan, ”Abdi téh urang Mesir, palayanna urang Amalék. Abdi ditinggalkeun ku dunungan, pédah tilu poé ka tukang, abdi gering. 14 Abdi sadaya ngajarah beulah kidul* daérah urang Khéréti,+ daérah Yéhuda, jeung beulah kidul* Kaléb.+ Ziklag gé diduruk.” 15 Tuluy Daud nanya, ”Daék henteu manéh nganteur urang kabéh ka gorombolan rampog éta?” Dijawabna, ”Mangga, ku abdi dianteur ka éta gorombolan, tapi sumpah heula demi Allah, abdi moal dipaéhan sarta moal dipulangkeun deui ka dunungan abdi.”
16 Ti dinya, éta lalaki nganteur Daud ka gorombolan téa, nu harita keur mencar. Aya nu keur dahar, nginum, jeung pésta, lantaran jarahan ti nagri Filistin jeung Yéhuda téh kacida lobana. 17 Geus kitu, Daud maéhan maranéhna ti subuh nepi ka peuting. Euweuh nu salamet,+ kajaba 400 urang nu kabur tumpak onta. 18 Daud ngarebut deui sagala nu geus dicokot ku urang Amalék.+ Daud gé nyalametkeun dua pamajikanana. 19 Sagala milik maranéhna euweuh nu leungit, ti nu leutik nepi ka nu gedé. Barudak lalaki, barudak awéwé, jeung barang-barang nu dijarah,+ kabéh beunang deui ku Daud. 20 Daud gé nyokot sakabéh embé, domba, jeung sapina urang Amalék. Éta ingon-ingon digiring hareupeun ingon-ingonna Daud jeung baladna. Ceuk maranéhna, ”Ieu jarahanana Daud”.
21 Tuluy, Daud balik deui manggihan 200 baladna nu ditinggalkeun di deukeut Wadi Bésor+ lantaran teu kuateun milu jeung Daud. Maranéhna mapagkeun Daud sabaladna. Ku Daud maranéhna disampeurkeun jeung ditanya kumaha kaayaanana. 22 Tapi, di antara baladna Daud, aya jalma-jalma jahat jeung baragajulan nu ngomong kieu, ”Maranéhna pan teu milu jeung urang, keun ulah dibéré barang jarahan. Pulangkeun wéh anak pamajikanana, tuluy sina indit.” 23 Tapi ceuk Daud, ”Ulah kitu atuh, dulur-dulur. Ieu barang jarahan téh paméré ti Yéhuwa. Anjeunna geus ngalindungan urang jeung nyerahkeun gorombolan rampog éta ka urang.+ 24 Mémangna bakal aya nu satuju jeung maranéh? Jalma nu milu perang bakal meunang jatah nu sarua jeung jalma nu ngajaga barang.+ Kabéhanana bakal meunang jatah.”+ 25 Saterusna, hal éta ku Daud dijadikeun aturan jeung hukum di Israél nepi ka ayeuna.
26 Waktu balik ka Ziklag, Daud ngirim sabagian jarahan ka babaturanana, nyaéta para kokolot Yéhuda. Ceuk manéhna, ”Ieu hadiah* keur aranjeun, hasil ngajarah ti musuh-musuh Yéhuwa.” 27 Éta dikirimkeun ka jalma-jalma nu aya di Bétel,+ di Ramot beulah kidul,* di Yatir,+ 28 di Aroér, di Sifmot, di Éstémoa,+ 29 di Rakal, di kota-kota urang Yérahméél,+ di kota-kota urang Kéni,+ 30 di Horma,+ di Borasyan, di Atakh, 31 di Hébron,+ jeung di sakabéh tempat nu sering didatangan ku Daud jeung baladna.