1 Samuél
5 Sanggeus ngarebut peti perjangjian Allah nu bener, urang Filistin mawa éta peti ti Ébenézér ka Asdod. 2 Ku urang Filistin peti perjangjian Allah nu bener dibawa asup ka kuil Dagon, diteundeunna di gigireun patung Dagon. 3 Isukna, waktu urang Asdod hudang isuk-isuk, katingali patung Dagon téh geus nyuksruk kana taneuh di hareupeun peti perjangjian Yéhuwa. Seug patung Dagon téh ditangtungkeun deui dina tempatna. 4 Isukanana deui, waktu maranéhna hudang isuk-isuk, katingali patung Dagon téh geus nyuksruk deui kana taneuh di hareupeun peti perjangjian Yéhuwa. Sirah jeung dua dampal leungeun Dagon geus parotong jeung ngagolér di lawang panto. Nu weuteuh kénéh téh ngan bagian awakna nu siga lauk.* 5 Éta sababna nepi ka ayeuna, imam-imam Dagon jeung sakabéh nu asup ka kuil Dagon moal nincak bagian éta di lawang panto kuil Dagon di Asdod, nyaéta tempat urut patung Dagon ngagolér.
6 Yéhuwa ngahukum urang Asdod. Urang Asdod jeung daérah sakurilingna diserang ku panyakit ambéyen. 7 Sanggeus ngarti masalahna, urang Asdod ngomong kieu, ”Peti perjangjian Allah Israél téh ulah terus diteundeun di dieu lah, lantaran urang jeung Dagon déwa urang kalah ka dihukum ku Anjeunna.” 8 Jadi, maranéhna ngirim pesen pikeun ngumpulkeun sakabéh pangawasa urang Filistin tuluy nanya kieu, ”Kudu dikumahakeun peti perjangjian Allah Israél téh?” Maranéhna ngajawab, ”Pindahkeun wéh ka Gat.” Jadi, peti éta dipindahkeun ka dinya.
9 Sanggeus peti éta dipindahkeun ka dinya, Yéhuwa ngahukum kota éta nepi ka pendudukna jadi géhgér. Kabéh jalma di kota éta, ti budak leutik nepi ka nu geus kolot, beunang ku panyakit ambéyen. 10 Ku kituna, peti perjangjian Allah nu bener dipindahkeun ka Ékron. Tapi barang peti éta nepi, penduduk Ékron tinggorowok, ”Peti perjangjian Allah Israél téh ngadon dibawa ka dieu ngarah urang paraéh!” 11 Jadi, maranéhna ngirim pesen pikeun ngumpulkeun sakabéh pangawasa urang Filistin tuluy ngomong kieu, ”Bawa indit peti perjangjian Allah Israél ieu. Pulangkeun wéh ka tempat asalna ngarah urang kabéh teu dipaéhan.” Sakuliah kota jadi sieun dipaéhan, sabab Allah nu bener geus ngahukum maranéhna. 12 Jalma-jalma nu teu paéh, keuna ku panyakit ambéyen. Sakabéh penduduk kota éta tingjarerit ménta tulung, sakitu tarikna nepi kadéngé ka langit.