1 Samuél
6 Peti perjangjian Yéhuwa geus aya di daérah urang Filistin salila tujuh bulan. 2 Urang Filistin ngageroan para imam jeung tukang ramal tuluy nanya, ”Éta peti perjangjian Yéhuwa téh kudu dikumahakeun? Béré nyaho cara mulangkeunana.” 3 Jawabna, ”Lamun maranéh rék mulangkeun peti perjangjian Yéhuwa Allah Israél, kudu bari méré korban, nyaéta korban kasalahan. Ku cara kitu maranéh bisa cageur. Maranéh gé bakal nyaho ku naon Anjeunna terus ngahukum maranéh.” 4 Urang Filistin nanya, ”Korban kasalahan naon nu kudu dibikeun ku urang?” Jawabna, ”Kirimkeun lima bébénjolan ambéyen tina emas jeung lima beubeuritan tina emas, nurutkeun jumlah pangawasa urang Filistin, sabab maranéh jeung para pangawasa maranéh beunang ku musibat nu sarua. 5 Pék jieun patung bénjolan ambéyen jeung patung beurit nu geus ngaruksak ladang maranéh. Sing hormat ka Allah Israél. Sugan wéh Anjeunna teu ngahukum deui maranéh, déwa maranéh, jeung kebon maranéh. 6 Ku naon maranéh bet sarua bedegong siga urang Mesir jeung Firaun? Waktu Anjeunna ngahukum maranéhna, maranéhna kapaksa nitah urang Israél indit. 7 Sok ayeuna mah siapkeun hiji padati anyar jeung dua sapi nu geus anakan, nu can pernah narik beban. Pasangkeun sapi-sapi éta kana padati, ari anak-anakna mah jauhkeun ti indungna, asupkeun kana kandang. 8 Éta peti perjangjian Yéhuwa téh teundeun dina padati. Patung-patung emas nu rék dijadikeun korban kasalahan teundeun dina kotak di gigireunana. Tuluy sapi-sapina sina arindit 9 jeung perhatikeun ku maranéh: Lamun inditna ka Bét-syémés, ka daérahna sorangan, éta hartina Allah Israél nu ngadatangkeun musibat ieu. Tapi lamun henteu, éta hartina lain Anjeunna nu ngadatangkeun musibat. Éta mah kabeneran wéh.”
10 Ku maranéhna éta dilaksanakeun. Maranéhna nyokot dua sapi nu geus anakan tuluy dipasangkeun kana padati, ari anak-anakna mah diasupkeun kana kandang. 11 Geus kitu, peti perjangjian Yéhuwa diteundeun dina padati, bareng jeung kotak nu eusina beubeuritan tina emas jeung patung-patung bénjolan ambéyen. 12 Sapi-sapi éta indit ka jalan nu rék ka Bét-syémés, terus lempeng di hiji jalan raya, teu ka kénca teu ka katuhu, bari disarada emoh-emohan. Para pangawasa urang Filistin laleumpang nuturkeun ti tukang nepi ka wates Bét-syémés. 13 Harita, urang Bét-syémés téh keur manén gandum di lebak. Barang ningali peti perjangjian, maranéhna kacida aratoheunana. 14 Padati éta nepi di kebon Yosua urang Bét-syémés, reg eureun di deukeut hiji batu gedé. Kai padatina ku urang dinya dibeulahan, ari sapina dipareuncit dijadikeun korban beuleuman keur Yéhuwa.
15 Peti perjangjian Yéhuwa jeung kotak nu eusina patung-patung emas téh diturunkeun ku urang Léwi, tuluy diteundeun dina batu gedé éta. Poé éta, urang Bét-syémés nyanggakeun korban beuleuman jeung korban sato séjénna ka Yéhuwa.
16 Ningali kitu, lima pangawasa urang Filistin baralik ka Ékron poé éta kénéh. 17 Urang Filistin ngirim lima bébénjolan ambéyen tina emas pikeun jadi korban kasalahan keur Yéhuwa. Maranéhna ngirim pikeun kota-kota ieu: Hiji keur Asdod, hiji keur Gaza, hiji keur Askélon, hiji keur Gat, jeung hiji keur Ékron. 18 Jumlah beubeuritan emas sarua jeung jumlah sakabéh kota urang Filistin nu dikawasaan ku lima pangawasa, boh kota-kota nu dibénténgan boh désa-désa di pasisian.
Batu gedé di kebon Yosua urang Bét-syémés, urut neundeun peti perjangjian Yéhuwa, jadi saksi nepi ka ayeuna. 19 Tapi urang Bét-syémés diparaéhan ku Allah, lantaran maranéhna marelong ka peti perjangjian Yéhuwa. Anu paéh téh aya 50.070 urang.* Jalma-jalma kacida sedihna lantaran aya loba pisan nu dipaéhan ku Yéhuwa. 20 Ceuk urang Bét-syémés, ”Ari kieu mah, saha nu kuat datang ka hareupeun Yéhuwa, Allah nu suci? Bisa teu Anjeunna ngajauh ti urang jeung indit ka nu séjén?” 21 Tuluy maranéhna ngirim utusan ka penduduk Kiriat-yéarim mawa pesen kieu, ”Peti perjangjian Yéhuwa geus dipulangkeun ku urang Filistin. Sok ka darieu, geura bawa ku aranjeun.”