-
Kajadian 12:1-3Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
-
-
12 Saur Yéhuwa ka Abram, ”Jung indit ti nagri manéh, tinggalkeun baraya jeung kulawarga bapa manéh. Kuring bakal nuduhkeun ka nagri mana manéh kudu indit.+ 2 Ku Kuring manéh bakal dijadikeun bangsa nu gedé, manéh bakal diberkahan, ngaran manéh bakal kamashur, sarta manéh bakal jadi berkah keur batur.+ 3 Kuring bakal ngaberkahan saha waé nu ngaberkahan manéh jeung bakal ngutuk saha waé nu ngutuk manéh.+ Ku jalan manéh, sakabéh kulawarga di bumi tangtu meunang berkah.”+
-
-
Kajadian 13:14, 15Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
-
-
14 Sanggeus Lut misah, Yéhuwa nyarios ka Abram, ”Di tempat manéh nangtung, cik tempoan sakuriling manéh, ka kalér, ka kidul, ka wétan, jeung ka kulon. 15 Sakuliah nagri nu ditempo ku manéh rék dibikeun ku Kuring jadi milik manéh jeung turunan manéh salalawasna.+
-
-
Kajadian 17:7Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
-
-
7 ”Kuring bakal ngalaksanakeun perjangjian antara Kuring jeung manéh+ sarta sakabéh turunan manéh. Éta perjangjian téh pikeun salilana. Kuring bakal jadi Allah manéh jeung Allah turunan manéh.
-
-
Kajadian 22:17, 18Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
-
-
17 Kuring pasti bakal ngaberkahan manéh, jeung bakal ngajadikeun turunan manéh sarua lobana siga béntang di langit sarta keusik di basisir.+ Turunan manéh bakal ngarebut kota-kota* musuhna.+ 18 Ku jalan turunan manéh,+ sakabéh bangsa di bumi bakal meunang berkah, lantaran manéh geus nurut kana omongan Kuring.’”+
-
-
Kajadian 24:7Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
-
-
7 Yéhuwa téh Allah nu ngawasaan sorga, nu mawa kuring ti kulawarga bapa kuring jeung ti nagri baraya kuring.+ Anjeunna tos nyarios sarta sumpah kieu ka kuring,+ ’Ku Kuring ieu tanah bakal dibikeun+ ka turunan manéh.’+ Jadi, Anjeunna bakal ngutus malaikat-Na pikeun nungtun manéh.+ Manéh pasti mawa awéwé ti ditu+ keur jadi pamajikan anak kuring.
-