Nu Ditulis ku Markus
12 Tuluy Isa ngomong ka maranéhna maké ibarat, ”Aya lalaki boga kebon anggur.+ Sakurilingna dipageran, tuluy manéhna nyieun bak keur meres anggur sarta ngawangun munara jaga.+ Geus kitu, éta kebon diséwakeun sina digarap ku nu séjén, terus manéhna indit ka luar nagri.+ 2 Dina usum panén, manéhna nitah pagawéna nyokot sabagian hasil tina kebon anggurna. 3 Tapi ku nu nyaréwa, éta pagawé kalah ka ditéwak, digebugan, jeung dititah indit bari teu dibéré nanaon. 4 Manéhna ngutus pagawé séjén, nu ieu mah sirahna diteunggeul jaba dihina-hina.+ 5 Manéhna ngutus deui nu séjén, nu ieu mah dipaéhan. Sanggeus éta, loba deui nu dititah. Tapi, ku maranéhna aya nu diteunggeulan, aya ogé nu dipaéhan. 6 Kari saurang deui nu can diutus, anakna nu dipikanyaah.+ Ahirna, anakna dititah indit ka maranéhna. Ceuk pamikirna, ’Ka anak urang mah maranéhna tangtu bakal ngahormat.’ 7 Tapi, nu nyaréwa kebon ngaromong kieu, ’Tuh tempo, ahli warisna datang.+ Hayu urang paéhan ngarah warisanana jadi milik urang.’ 8 Ku kituna, anak nu boga kebon ditéwak, dipaéhan, jeung diséréd ka luareun kebon anggur.+ 9 Tah, naon nu bakal dilampahkeun ku nu boga kebon? Manéhna bakal ngontrog jeung maéhan nu nyaréwa, tuluy kebonna diséwakeun ka nu séjén.+ 10 Aranjeun pernah maca teu ieu ayat, ’Batu nu teu kapaké ku tukang wangunan geus jadi batu juru nu utama.+ 11 Éta téh asalna ti Yéhuwa.* Keur urang mah éta batu téh kacida éndahna’?”+
12 Ngadéngé kitu, karasaeun ku maranéhna nu dimaksud dina éta ibarat téh maranéhna. Jadi maranéhna hayang néwak Isa, tapi teu wani da sieun ku jalma réa, tungtungna mah léos ninggalkeun Isa.+
13 Geus kitu, maranéhna nitah sababaraha urang Farisi jeung anggota partéy Hérodés manggihan Isa supaya bisa néang-néang kasalahan tina omongan Isa.+ 14 Barang panggih, maranéhna nanya kieu, ”Guru, urang terang Guru téh jalma jujur, tara kapangaruhan ku omongan batur sarta tara mandang jalma ti luarna wungkul, tapi Guru mah ngajarkeun nu bener ngeunaan Allah. Meunang teu urang mayar pajeg* ka Kaisar? 15 Bayar ulah pajegna?” Lantaran nyaho maranéhna munapék, Isa ngomong kieu, ”Ku naon aranjeun bet ngadoja abdi? Cik ka dieukeun duit dinar.”* 16 Ku maranéhna dibikeun. Tuluy Isa nanya, ”Ieu gambar jeung ngaran saha?” Maranéhna ngajawab, ”Kaisar.” 17 Ceuk Isa, ”Bikeun ka Kaisar naon nu jadi hakna Kaisar,+ tapi bikeun ka Allah naon nu jadi hakna Allah.”+ Maranéhna tarajubeun ka Isa.
18 Geus kitu, datang urang Saduki nu teu percaya jalma nu maot bisa dihirupkeun deui.+ Maranéhna nanya,+ 19 ”Guru, Musa nulis lamun hiji lalaki maot, ninggalkeun pamajikanana tapi teu boga budak, lanceuk atawa adi lalakina kudu kawin jeung pamajikan manéhna ngarah bisa neruskeun turunanana.+ 20 Tah, aya tujuh lalaki adi lanceuk. Nu panggedéna kawin, tapi waktu maot manéhna teu boga budak. 21 Pamajikanana dikawin ku nu kadua, tapi manéhna maot jeung sarua teu boga budak. Kitu ogé jeung nu katilu. 22 Kitu wéh terus nepi ka nu katujuh. Kabéhanana maot, tapi teu boga budak. Tungtungna, éta awéwé ogé maot. 23 Waktu nu maraot dihirupkeun deui, éta awéwé jadi pamajikan saha? Pan tujuhanana pernah kawin jeung manéhna.” 24 Isa ngajawab maranéhna, ”Aranjeun salah, sabab teu paham kana Kitab Suci jeung kana kawasa Allah.+ 25 Waktu nu maot dihirupkeun deui, euweuh lalaki nu kawin atawa awéwé nu dikawinkeun, tapi maranéhna bakal jadi siga malaikat di sorga.+ 26 Pernah maca teu dina kitab Musa carita ngeunaan rungkun cucuk? Allah ngabéjaan ngeunaan dihirupkeunana nu maot basa ngomong kieu ka Musa, ’Kuring téh Allahna Ibrahim, Allahna Ishak, jeung Allahna Yakub.’+ 27 Anjeunna téh Allahna jalma hirup, lain Allahna jalma paéh. Aranjeun mah salah pisan.”+
28 Salah saurang ahli Torét nu datang jeung milu ngadéngékeun maranéhna paadu omong téh nyaho yén jawaban Isa keuna pisan. Manéhna nanya ka Isa, ”Ti sakabéh paréntah, mana nu pangpentingna?”+ 29 Isa ngajawab, ”Paréntah nu pangpentingna nyaéta, ’Hé Israél, déngékeun. Yéhuwa* téh Allah urang sadaya, Yéhuwa* téh ésa. 30 Maranéh kudu nyaah ka Yéhuwa* Allah maranéh ku sapinuhna haté, sagemblengna nyawa,* sakabéh pikiran, jeung sakuat tanaga.’+ 31 Nu kadua nyaéta, ’Maranéh kudu nyaah ka sasama siga ka diri sorangan.’+ Euweuh paréntah nu leuwih penting tibatan dua paréntah éta.” 32 Ahli Torét éta ngomong, ”Alus Guru, nu diomongkeun ku Guru téh sajalan jeung ieu bebeneran, ’Allah téh ésa, teu aya allah séjén salian ti Anjeunna.’+ 33 Salian ti éta, nyaah ka Anjeunna ku sapinuhna haté, sakabéh pikiran, jeung sakuat tanaga, sarta nyaah ka sasama siga ka diri sorangan téh jauh leuwih penting tibatan kurban beuleuman jeung kurban sasatoan.”+ 34 Ngadéngé jawaban manéhna nu bijaksana, Isa ngomong ka manéhna, ”Anjeun teu jauh tina Pamaréntahan Allah.” Ti dinya, euweuh deui nu wani nanya ka Isa.+
35 Tapi, waktu Isa keur ngajar di bait, manéhna ngomong kieu, ”Ku naon para ahli Torét nyebutkeun Al-Masih téh putrana Daud?+ 36 Padahal ku bingbingan kawasa suci,+ Daud ngomong kieu, ’Saur Yéhuwa* ka Juragan abdi, ”Diuk katuhueun Kuring nepi ka Kuring nalukkeun kabéh musuh manéh handapeun suku manéh.”’+ 37 Daud nyebut manéhna Juragan, jadi kumaha bisa Al-Masih téh putrana?”+
Jalma réa raresepeun ngadéngékeun anjeunna. 38 Anjeunna neruskeun ngajarna, ”Ati-ati ka ahli-ahli Torét nu karesepna téh leuleumpangan di pasar-pasar bari maké jubah panjang sarta resep lamun jalma-jalma di dinya pada ngucapkeun salam bari ngahormat.+ 39 Di tempat ibadah, maranéhna hayang diuk panghareupna.* Di hajatan gé, maranéhna hayang diuk di tempat keur jalma-jalma penting.+ 40 Maranéhna ngarampas pangaboga* randa-randa, doana gé pararanjang da hayang katempo ku batur. Nu siga kitu téh bakal narima hukuman nu leuwih beurat.”
41 Terus, Isa diuk nyanghareup kana kotak-kotak sumbangan.+ Anjeunna merhatikeun jalma-jalma ngasupkeun duit kana éta kotak, sarta loba jalma beunghar ngasupkeun loba duit.+ 42 Jol datang hiji randa miskin ngasupkeun dua duit kencring nu nilaina leutik pisan.*+ 43 Jadi, anjeunna ngageroan murid-murid tuluy ngomong, ”Tah, sabenerna nu diasupkeun ku randa miskin ieu leuwih loba tibatan duit nu diasupkeun kana kotak sumbangan ku kabéh jalma.+ 44 Sabab maranéhna mah nyumbang téh da boga duit leuwih, ari éta randa mah miskin, nu disumbangkeunana téh sakabéh duitna, sakabéh pangabogana keur nganapkahan dirina.”+