Nu Ditulis ku Lukas
19 Tuluy Isa asup ka Yérikho sarta leumpang ngaliwatan éta kota. 2 Di dinya, aya kapala tukang narik pajeg, ngaranna téh Zakhéus. Manéhna téh jalma beunghar. 3 Manéhna hayang ningali Isa tapi teu bisa, da awakna pendék, jadi kahalangan ku jalma réa. 4 Nu matak manéhna lumpat miheulaan jalma réa, térékél naék kana tangkal,* hayangeun ningali Isa nu bakal ngaliwat ka dinya. 5 Barang nepi ka dinya, Isa tanggah, pok ngomong ka manéhna, ”Zakhéus, gancang turun. Poé ieu urang rék nganjang ka imah manéh.” 6 Zakhéus turun tuturubun jeung bungah narima Isa di imahna. 7 Ningali kitu, jalma-jalma haharéwosan, ”Manéhna téh nganjang ka imahna jalma dosa.”+ 8 Zakhéus nangtung, pokna ka Juragan, ”Juragan, satengah harta abdi rék dibikeun ka nu miskin, jeung duit meunang meres* rék dipulangkeun opat kali lipet.”+ 9 Jadi Isa ngomong kieu, ”Poé ieu, manéh sakulawarga geus dibéré kasalametan ku Allah, sabab manéh téh turunan Ibrahim kénéh. 10 Anak manusa datang téh rék néangan jeung nyalametkeun jalma-jalma nu sasab.”+
11 Waktu jalma-jalma keur ngadéngékeun kénéh, Isa nyaritakeun ibarat séjén. Éta téh lantaran anjeunna téréh nepi ka Yérusalém, sarta jalma-jalma nyangka Pamaréntahan Allah bakal langsung ngawujud sanggeus anjeunna nepi.+ 12 Kieu ceuk anjeunna, ”Aya bangsawan nu indit ka nagri nu jauh,+ rék diangkat jadi raja, geus kitu manéhna bakal balik deui. 13 Méméh indit, manéhna ngumpulkeun sapuluh palayanna jeung méré sapuluh mina* ka maranéhna bari ngomong, ’Golangkeun ieu nepi ka urang balik deui.’+ 14 Tapi, jalma-jalma sabangsana ngéwaeun ka manéhna. Seug sakelompok utusan dikirim sina ngomong kieu ka manéhna, ’Urang kabéh embung manéh jadi raja urang.’
15 ”Tapi éta bangsawan tetep dijadikeun raja, geus kitu manéhna balik. Manéhna ngumpulkeun palayan-palayan nu geus dibéré duit,* hayang nyaho hasil tina ngagolangkeun duit téa.+ 16 Palayan nu kahiji datang, pok ngomong, ’Juragan, tina hiji mina, abdi meunang bati sapuluh mina.’+ 17 Ceuk manéhna ka éta palayan, ’Alus, manéh téh palayan nu hadé! Manéh geus kabukti satia dina urusan leutik, ku kituna manéh bakal dibéré kawasa nyekel sapuluh kota.’+ 18 Nu kadua ngomong kieu, ’Juragan, tina hiji mina, abdi meunang bati lima mina.’+ 19 Manéhna ngomong ka nu ieu, ’Manéh gé dipercayakeun nyekel lima kota.’ 20 Tapi nu saurang deui datang, pok ngomong, ’Juragan, ieu mina Juragan, ku abdi disimpen dina kaén. 21 Abdi sieun, da Juragan mah barangasan. Juragan sok nyokot naon nu dikumpulkeun ku batur sarta ngala naon nu dipelak ku batur.’+ 22 Dununganana ngajawab, ’Dasar palayan jahat! Manéh ku urang rék dihukum nurutkeun omongan manéh sorangan. Geuning manéh nyaho urang téh barangasan, osok nyokot naon nu dikumpulkeun ku batur sarta ngala naon nu dipelak ku batur.+ 23 Ku naon atuh duit* téh teu disimpen di bank? Jadi waktu urang datang, urang bisa nyokot duitna sakaligus bungana.’
24 ”Terus, dununganana ngomong ka nu narangtung di dinya, ’Cokot éta mina ti manéhna, bikeun ka nu boga sapuluh mina.’+ 25 Ceuk maranéhna, ’Juragan, pan manéhna geus boga sapuluh mina!’ 26 Dijawab kieu, ’Urang ngabéjaan, saha waé nu geus boga bakal ditambahan. Sabalikna, saha waé nu teu boga, nu dipibogana gé bakal dicokot.+ 27 Ayeuna, bawa ka dieu musuh-musuh urang nu embung urang jadi raja, paraéhan hareupeun urang!’”
28 Sanggeus nyaritakeun éta kabéh, Isa neruskeun perjalanan ka Yérusalém. 29 Waktu geus deukeut ka Bétfagé jeung Bétani nu aya di Gunung Zaitun,+ Isa ngutus dua muridna.+ 30 Ceuk anjeunna, ”Pék indit ka kampung hareup. Sanggeus asup, maranéh bakal ningali anak kaldé nu keur dicangcang, nu can pernah ditumpakan ku sasaha. Leupaskeun talina tuluy bawa ka dieu. 31 Lamun aya nu nanya, ’Ku naon bet dileupaskeun?’ béjakeun wéh kieu, ’Dipénta ku Juragan.’” 32 Nu diutus téa indit, enya baé manggih anak kaldé, percis sakumaha ucapan Isa.+ 33 Waktu éta kaldé dileupaskeun, nu bogana nanya, ”Ku naon anak kaldé téh bet dileupaskeun?” 34 Ceuk maranéhna, ”Dipénta ku Juragan.” 35 Anak kaldé téh dibawa ka Isa, terus tonggongna ditilaman ku baju luar maranéhna, clak ku Isa ditumpakan.+
36 Waktu anjeunna ngaliwat, jalma-jalma ngalamparkeun baju luarna di jalan.+ 37 Sanggeus deukeut pupudunan Gunung Zaitun, kabéh muridna pada galumbira jeung maruji ka Allah ku sora tarik, sabab maranéhna geus nyaksian mujijat-mujijat. 38 Ceuk maranéhna, ”Mugia Raja nu datang mawa nami Yéhuwa* diberkahan! Sorga sing tengtrem, jeung mugia dimulyakeun Allah nu aya di sorga!”+ 39 Tapi, sababaraha urang Farisi nu aya di antara jalma réa ngomong ka anjeunna, ”Guru, béjaan atuh murid-murid Guru téh sina jempé.”+ 40 Ku Isa ditémbalan, ”Urang ngabéjaan, lamun maranéhna jempé, ieu batu-batu nu bakal sarurak.”
41 Sanggeus téréh nepi ka Yérusalém, Isa neuteup ka éta kota bari ceurik.+ 42 Ceuk anjeunna, ”Coba mun manéh ngarti kana naon nu bisa nengtremkeun manéh. Hanjakalna, éta kabéh ku manéh ayeuna henteu katénjo.+ 43 Bakal datang mangsana musuh-musuh manéh nyieun pager tina kai-kai nu diseukeutan di sakuriling manéh. Manéh bakal dikepung jeung diserang ti unggal juru.+ 44 Manéh jeung rahayat manéh bakal diancurkeun, rata jeung taneuh.+ Moal aya hiji-hiji acan batu nu nyusun di luhureun batu séjén,+ sabab waktu Allah ngahakiman* manéh, manéh teu sadar.”
45 Sup Isa asup ka bait tuluy ngusiran nu daragang.+ 46 Ceuk anjeunna, ”Aya ayat nu nyebutkeun, ’Imah Kuring bakal disebut imah doa,’+ tapi ku maranéh kalah ka dijadikeun sayang bégal.”+
47 Unggal poé, anjeunna ngajar di bait. Ku para imam kapala, ahli Torét, jeung pamingpin urang Yahudi, Isa diarah rék dipaéhan,+ 48 tapi teu manggih jalanna, sabab anjeunna diriung terus ku jalma-jalma nu keur ngadéngékeun anjeunna.+