Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar Topik-Topik Utama Ayub AYUB TOPIK-TOPIK UTAMA 1 Ayub satia jeung beunghar (1-5) Sétan nganggap Ayub boga niat goréng (6-12) Harta Ayub béak, anak-anakna maot (13-19) Ayub teu nyalahkeun Allah (20-22) 2 Sétan masih nganggap Ayub boga niat goréng (1-5) Sétan diidinan narajang Ayub ku kanyeri (6-8) Ceuk pamajikan Ayub, ”Pék geura sumpahan Allah tuluy maot!” (9, 10) Tilu babaturan Ayub daratang (11-13) 3 Ayub nyumpahan poé manéhna dilahirkeun (1-26) Ayub héran ku naon manéhna sangsara (20, 21) 4 Omongan Élifaz nu mimiti (1-21) Ngahina kasatiaan Ayub (7, 8) Nyaritakeun titingalianana (12-17) ’Allah teu percaya ka hamba-hamba-Na’ (18) 5 Élifaz neruskeun omonganana (1-27) ’Allah ngajiret jalma bijaksana ku kapinteranana sorangan’ (13) ’Ayub kuduna teu nampik lamun dipapatahan ku Allah’ (17) 6 Jawaban Ayub (1-30) Manéhna ngarasa pantes kukulutus (2-6) Babaturanana teu bisa diandelkeun (15-18) ”Omongan nu jujur mah moal pikanyerieun!” (25) 7 Ayub neruskeun omonganana (1-21) Kahirupan manusa téh kawas kuli (1, 2) ”Ku naon abdi diarah ku Gusti?” (20) 8 Omongan Bildad nu mimiti (1-22) Bildad nuduh anak-anak lalaki Ayub nyieun dosa (4) ’Mun manéh hirup bersih, Allah bakal ngajaga manéh’ (6) Bildad nuduh Ayub mopohokeun Allah (13) 9 Jawaban Ayub (1-35) Manusa teu bisa ngalawan Allah (2-4) ’Allah ngadamel hal-hal nu teu kahontal ku akal’ (10) Euweuh nu bisa paadu omong jeung Allah (32) 10 Ayub neruskeun omonganana (1-22) ’Naon alesan Allah ngamusuhan abdi?’ (2) Allah dibandingkeun jeung Ayub (4-12) Ayub hayang rada ngarénghap (20) 11 Omongan Zofar nu mimiti (1-20) Ceuk Zofar, omongan Ayub téh ngan omong kosong (2, 3) Nitah Ayub eureun ngalampahkeun nu jahat (14) 12 Jawaban Ayub (1-25) ’Urang teu éléh ku maranéh’ (3) ”Urang diseungseurikeun” (4) ”Allah téh bijaksana” (13) Allah leuwih punjul tibatan para hakim jeung para raja (17, 18) 13 Ayub neruskeun omonganana (1-28) ’Leuheung kénéh urang nyarita ka Allah’ (3) ”Maranéh kabéh téh tabib nu euweuh gunana” (4) ”Urang yakin urang téh bener” (18) Tatanya ku naon manéhna dianggap musuh ku Allah (24) 14 Ayub neruskeun omonganana (1-22) Hirup manusa pondok jeung pinuh ku kasusah (1) Tangkal gé boga harepan (7) ”Cobi upami Gusti nyumputkeun abdi di Kuburan” (13) ”Upami manusa maot, tiasa kitu manéhna hirup deui?” (14) Allah sono kana karya panangan-Na (15) 15 Élifaz ngomong kadua kalina (1-35) Élifaz nuduh Ayub teu sieun ka Allah (4) Élifaz nuduh Ayub lancang (7-9) ’Allah teu percaya ka para malaikat-Na’ (15) Nu nandangan kasangsaraan mah jalma jahat (20-24) 16 Jawaban Ayub (1-22) ”Bororaah ngalilipur, maranéh kalah ka ngabeungbeurat urang!” (2) Ngarasa dirina dijadikeun bubulanan ku Allah (12) 17 Ayub neruskeun omonganana (1-16) ’Urang dikurilingan ku nu sok moyokan’ (2) ’Urang ku Allah dijadikeun bahan sindiran’ (6) ”Kuburan bakal jadi imah urang” (13) 18 Bildad ngomong kadua kalina (1-21) Ngagambarkeun hukuman keur jalma dosa (5-20) Bildad nuduh Ayub teu kenal ka Allah (21) 19 Jawaban Ayub (1-29) Ayub embung dicarékan ku ”babaturanana” (1-6) Ngarasa ditinggalkeun (13-19) ”Aya nu nebus urang” (25) 20 Zofar ngomong kadua kalina (1-29) Ngarasa dihina ku Ayub (2, 3) Zofar nuduh Ayub téh jahat (5) Zofar nuduh Ayub resep ngalampahkeun dosa (12, 13) 21 Jawaban Ayub (1-34) ’Ku naon nu jahat hirupna makmur?’ (7-13) Ngabolékérkeun niat jahat ”babaturanana” (27-34) 22 Élifaz ngomong katilu kalina (1-30) ”Mémangna manusa aya gunana keur Allah?” (2, 3) Nuduh Ayub sarakah jeung teu adil (6-9) ’Pék balik deui ka Allah, manéh bakal dipulihkeun’ (23) 23 Jawaban Ayub (1-17) Ayub rék mawa perkarana ka hareupeun Allah (1-7) Manéhna ngomong teu bisa manggihan Allah (8, 9) ’Urang terus nuturkeun jeung tara nyimpang tina jalan-Na’ (11) 24 Ayub neruskeun omonganana (1-25) ’Ku naon Allah teu netepkeun poé keur ngahakiman?’ (1) Ayub ngomong yén Allah haré-haré ningali kajahatan (12) Jalma-jalma nu dosa resep kana poék (13-17) 25 Bildad ngomong katilu kalina (1-6) ”Bisa kitu manusa dianggap bener ku Allah?” (4) Bildad ngomong yén kasatiaan téh euweuh gunana (5, 6) 26 Jawaban Ayub (1-14) ”Nu kitu nu disebut mantuan nu teu walakaya téh?” (1-4) ’Allah ngagantungkeun bumi di tempat nu suwung’ (7) ’Kakara saeutik tina sakitu lobana tindakan Allah’ (14) 27 Ayub boga tékad pikeun tetep satia (1-23) ”Moal mungkin urang teu satia ka Allah!” (5) Nu teu kenal ka Allah teu boga harepan (8) ’Naha atuh maranéh ngocoblak euweuh hartina?’ (12) Nu jahat moal meunang nanaon (13-23) 28 Ayub ngabandingkeun kabijaksanaan jeung barang-barang nu mahal hargana (1-28) Jalma-jalma ngagali tambang (1-11) Kabijaksanaan leuwih gedé nilaina tibatan mutiara (18) Mun hayang boga kabijaksanaan, kudu hormat ka Yéhuwa (28) 29 Ayub nginget-nginget kahirupanana nu bagja saacan nandangan kasusah (1-25) Dihormat di gerbang kota (7-10) Kahadéan nu pernah dilampahkeun (11-17) Kabéh jalma ngadéngékeun naséhatna (21-23) 30 Ayub ngagambarkeun kaayaanana nu barobah (1-31) Dipoyokan ku jalma-jalma nu euweuh gunana (1-15) Ngarasa teu ditulungan ku Allah (20, 21) ”Kulit jadi hideung” (30) 31 Ayub tetep satia (1-40) Ayub nyieun perjangjian jeung panonna (1) Ménta ditimbang ku Allah (6) Lain tukang jinah (9-12) Lain jalma nu cinta kana duit (24, 25) Lain jalma nu nyembah berhala (26-28) 32 Élihu nu ngora kénéh ngamimitian omonganana (1-22) Ambek ka Ayub jeung babaturanana (2, 3) Ngadagoan nu séjén bérés ngomong (6, 7) Nu geus kolot can tangtu bijaksana (9) Élihu kajurung pikeun ngomong (18-20) 33 Élihu negor Ayub nu ngarasa diri paling bener (1-33) Meunangkeun tebusan (24) Jagjag deui kawas keur ngora (25) 34 Élihu ngabéla kaadilan jeung tindakan Allah (1-37) Ayub ngomong manéhna teu dibéré kaadilan ku Allah (5) Allah nu bener teu pernah ngalampahkeun nu jahat (10) Ayub kurang pangarti (35) 35 Élihu ngabolékérkeun cara pikir Ayub nu salah (1-16) Ceuk Ayub, manéhna leuwih bener tibatan Allah (2) Allah sakitu luhurna, dosa moal aya pangaruhna keur Anjeunna (5, 6) Ayub kudu ngadagoan Allah (14) 36 Élihu muji kahébatan Allah (1-33) Nu nurut bakal makmur, nu teu kenal ka Allah bakal ditolak (11-13) ’Guru mana anu bisa nandingan Allah?’ (22) Ayub kudu ngamulyakeun Allah (24) ”Urang moal paham sakumaha hébatna kawasa Allah” (26) Hujan jeung kilat aya dina kakawasaan Allah (27-33) 37 Kakuatan alam némbongkeun kahébatan Allah (1-24) Allah bisa ngeureunkeun sakabéh pagawéan manusa (7) ’Mikirkeun padamelan Allah nu luar biasa’ (14) Mustahil manusa bisa paham kana kahébatan Allah (23) Ulah ngarasa diri pinter (24) 38 Yéhuwa ngajelaskeun manusa téh euweuh nanaonna (1-41) ’Manéh di mana waktu bumi diadegkeun?’ (4-6) Putra-putra Allah nyurakkeun pupujian (7) Pananya-pananya ngeunaan alam (8-32) ”Hukum nu aya di langit” (33) 39 Cara sasatoan diciptakeun némbongkeun yén manusa teu nyaho nanaon (1-30) Embé gunung jeung uncal (1-4) Kaldé liar (5-8) Sapi jalu liar (9-12) Manuk onta (13-18) Kuda (19-25) Manuk falkon jeung heulang (26-30) 40 Pananya-pananya séjén ti Yéhuwa (1-24) Ayub ngaku yén manéhna teu bisa ngomong nanaon deui (3-5) ”Manéh rék ngomong Kuring téh teu adil?” (8) Allah ngajelaskeun kakuatan Béhémot (15-24) 41 Allah ngajelaskeun kahébatan Léwiatan (1-34) 42 Ayub ngajawab Yéhuwa (1-6) Tilu babaturan Ayub dicarékan (7-9) Yéhuwa mulihkeun deui kaayaan Ayub (10-17) Anak-anak Ayub (13-15)