Ayub
37 ”Jajantung abdi dag-dig-dug
Kawas rék coplok.
2 Déngékeun bener-bener sora Anjeunna nu ngagulugur,
Sora Anjeunna nu kawas sora guludug.
3 Éta kadéngé di sakolong langit.
Anjeunna ngirimkeun kilatna+ ka tungtung-tungtung bumi.
4 Geus kitu kadéngé sora ngaguruh.
Sora Anjeunna tarik kawas guludug.+
Waktu Anjeunna ngomong, kilat tingjorélat.
5 Sora Anjeunna nu ngagulugur+ téh matak tajub.
Anjeunna ngalampahkeun hal-hal nu teu kahontal ku akal urang.+
6 Anjeunna maréntahkeun salju sina turun ka bumi.+
Anjeunna maréntahkeun hujan sina ngagebrét.+
7 Allah ngeureunkeun sakabéh pagawéan manusa
Supaya maranéhna nyaho kana dadamelan Anjeunna.
8 Sato-sato liar arasup ka tempatna
Jeung teu kalaluar tina liangna.
11 Méga* jadi beurat lantaran pinuh ku cai.
Ku Anjeunna, kilat disina patingburinyay+ dina méga-méga.
12 Méga ngalayang ka tempat nu dituduhkeun ku Anjeunna.
Maranéhna ngalaksanakeun sagala paréntah Anjeunna+ di sakuliah bumi.*
13 Méga dipaké ku Anjeunna pikeun ngahukum,+ pikeun ngabaseuhan taneuh,
Atawa pikeun némbongkeun asih satia.+
14 Ayub, bandungan,
Perhatikeun jeung pikirkeun bener-bener padamelan Allah nu luar biasa.+
15 Mémangna anjeun terang kumaha Allah ngatur* méga-méga
Sarta nyababkeun kilat tingburinyay ti méga?
16 Anjeun ngarti kitu kumaha méga bisa ngalayang?+
Éta kabéh téh padamelan nu luar biasa ti Allah nu terang sagalana.+
17 Anjeun terang teu ku naon baju anjeun jadi panas
Waktu bumi jempé lantaran katebak angin ti kidul?+
18 Allah mentangkeun langit,+ ngajadikeunana kuat kawas eunteung logam.
Bisa kitu anjeun migawé nu sarua?
19 Cik béjaan, abdi sadaya kudu ngomong naon ka Anjeunna?
Abdi sadaya teu bisa ngajawab lantaran teu nyaho nanaon.
20 Mémangna Allah kudu dibéjaan heula lamun abdi rék ngomong ka Anjeunna?
Atawa aya kitu omongan nu sakitu pentingna nepi ka kudu didangukeun ku Anjeunna?+
21 Waktu mendung, jalma teu bisa ningali cahaya.*
Tapi waktu méga disapu ku angin, tuluy langit lénglang bersih,
Kakara cahaya katingali.
22 Di beulah kalér, bray katingali cahaya kawas emas.
Kamulyaan Allah+ téh matak tajub.
23 Mustahil urang bisa paham kana kahébatan Nu Mahakawasa.+
Kakawasaan Anjeunna téh luar biasa.+