PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • g20 No. 2 kaca 8-9
  • Na Urang Sangsara téh Gara-Gara Salah Sorangan?

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Na Urang Sangsara téh Gara-Gara Salah Sorangan?
  • Éling!—2020
  • Subjudul
  • Bahan nu Sarupa
  • Urang Kudu Nyaho Jawabanna
  • Pikeun Dipikirkeun
  • Ceuk Kitab Suci
  • Daptar Eusi
    Éling!—2020
  • Na Kasangsaraan téh Geus Ditakdirkeun?
    Éling!—2020
  • Na Urang Sangsara téh Gara-Gara Gusti?
    Éling!—2020
  • Na Kasangsaraan téh Bakal Leungit?
    Éling!—2020
Tingali Ogé
Éling!—2020
g20 No. 2 kaca 8-9
Saurang lalaki keur diuk bari nyekel udud jeung botol bir nu geus kabuka.

2. Na Urang Sangsara téh Gara-gara Salah Sorangan?

Urang Kudu Nyaho Jawabanna

Sabab lamun bener éta téh salah urang sorangan, kuduna mah urang bisa ngurangan kasangsaraan.

Pikeun Dipikirkeun

Sajauh mana manusa nyababkeun kasangsaraan?

  • Gambar peureup nu ngalambangkeun kakerasan.

    Kakerasan.

    Ceuk Organisasi Kesehatan Dunia (WHO), kira-kira 1 ti 4 jalma déwasa pernah disiksa basa keur leutikna. Terus, 1 ti 3 awéwé pernah disiksa atawa dilécéhkeun sacara séksual, malah aya ogé nu ngalaman duanana.

  • Gambar batu nisan nu ngalambangkeun kuburan.

    Ditinggal Maot.

    Dumasar Statistik Kesehatan Dunia 2018 ti WHO, ”Dina taun 2016, aya kira-kira 477.000 jalma nu dipaéhan di sakuliah dunya.” Ieu téh can kaasup kira-kira 180.000 jalma nu paéh dina perang jeung karusuhan-karusuhan dina taun éta.

  • Gambar detak jantung nu ngalambangkeun masalah kaséhatan.

    Masalah Kaséhatan.

    Dina salah sahiji artikel di majalah National Geographic, Fran Smith nulis, ”Leuwih ti samiliar jalma ngudud. Bako téh bisa nyababkeun lima panyakit nu panglobana maéhan manusa, nyaéta panyakit jantung, stroke, inféksi saluran pernapasan, panyakit paru-paru nu parah, jeung kangker paru-paru.”

  • Gambar timbangan nu beurat sabeulah nu ngalambangkeun kateuadilan di masarakat.

    Kateuadilan dina Masarakat.

    Ceuk psikolog Jay Watts, jalma-jalma beuki strés lantaran miskin, diusir ti tempat asalna, dibéda-bédakeun status sosialna, suku bangsana, jeung jinis kelaminna, sarta loba ogé nu silih saingan.

    TÉANGAN LEUWIH LOBA

    Tongton vidéo Ku Naon Gusti Nyiptakeun Bumi? dina jw.org/su.

Ceuk Kitab Suci

Lalaki nu tadi dicaritakeun ayeuna ngagolér di rumah sakit. Pamajikanana teu kuateun ngadéngé dokter méré nyaho masalah kaséhatan salakina nu parah.

Loba kasangsaraan téh disababkeun ku manusa.

Loba nu hirupna susah lantaran pamaréntah nyusahkeun rahayatna.

”Aya sawatara jelema anu nyarangking kawasa, ari nu sejenna sangsara ku lantaran kakawasaan maranehna.”​—PANDITA 8:9.

Kasangsaraan bisa dikurangan.

Lamun nuturkeun naséhat Kitab Suci, urang bakal leuwih séhat sarta akur jeung batur.

”Hate sugema matak hurip kana diri, sirik dengki mah ibarat panyakit matak paeh.”​—SILOKA 14:30.

”Ulah nyerian hate, ulah ngunek-ngunek, ulah ngumbar amarah. Ulah sentak sengor, ulah aya rasa kangewa atawa anu sabangsa jeung eta.”​—EPESUS 4:31.

Na urang sangsara téh gara-gara salah sorangan?

Ceuk Kitab Suci, ”Naon anu ku urang dipelakan, eta nu kaala hasilna.” (Galata 6:7) Bisa jadi urang sangsara lantaran urangna sorangan. Matakna ceuk para dokter, urang kudu ngadahar dahareun nu séhat, olahraga, sarta ngajauhan hal-hal nu ngaruksak awak, misalna ngudud. Tapi, lain hartina kabéh kasangsaraan téh gara-gara manusa. Loba ogé jalma bageur nu jadi korban kacilakaan, musibat, atawa kajadian goréng séjénna.

Ku naon jalma bageur sangsara?

Tingali pananya 3.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun