PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • g20 No. 2 kaca 10-11
  • Ku Naon Jalma Bageur Sangsara?

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Ku Naon Jalma Bageur Sangsara?
  • Éling!—2020
  • Subjudul
  • Bahan nu Sarupa
  • Urang Kudu Nyaho Jawabanna
  • Pikeun Dipikirkeun
  • Ceuk Kitab Suci
  • Na Kasangsaraan téh Geus Ditakdirkeun?
    Éling!—2020
  • Daptar Eusi
    Éling!—2020
  • Ku Naon Aya Loba Kajahatan jeung Kasangsaraan?
    Hirup Bagja Salilana!—Buku nu Ngabantu Urang Ngarti kana Alkitab
  • Naon Sababna Aya Loba Kasangsaraan?
    Naon nu Diajarkeun Kitab Suci?
Éling!—2020
g20 No. 2 kaca 10-11
Kolot ningalikeun budakna nu keur dirawat di rumah sakit lantaran leungeunna diamputasi.

3. Ku Naon Jalma Bageur Sangsara?

Urang Kudu Nyaho Jawabanna

Urang pasti teu resep ningali jalma bageur sangsara. Aya nu mikir, mun sarua sangsara mah, jang naon atuh jadi jalma bageur?

Pikeun Dipikirkeun

Aya nu nganggap jalma téh sangsara lantaran geus takdir. Ceuk maranéhna, kasangsaraan téh hukuman ti Gusti keur jalma-jalma nu jahat. Tapi aya ogé nu mikir, éta téh ujian iman keur nu balageur. Maranéhna nganggap ”dunya téh tempat pikeun nguji manusa”. Beuki nyaah Gusti ka saurang jalma, beuki loba ujianna. Tapi . . .

  • Mun kabéh geus ditakdirkeun, jang naon urang ngajaga kaséhatan jeung teu ngalakukeun hal-hal goréng?

  • Pan Gusti téh bageur jeung welas asih, naha bet téga nguji jalma-jalma ku kasangsaraan?

    TÉANGAN LEUWIH LOBA

    Tongton vidéo Ku Naon Aya Loba Kasangsaraan? dina jw.org/su.

Ceuk Kitab Suci

Kasangsaraan téh lain hukuman ti Gusti.

Justru lolobana mah datangna sok teu kasangka-sangka, misalna lantaran urang aya di tempat jeung waktu nu salah.

”Nu tarik lumpatna can tangtu meunang balap, nu kuat can tangtu unggul tarung, nu bijaksana can tangtu boga dahareun, nu pinter can tangtu beunghar, sarta nu loba kanyahona can tangtu suksés, da kabéh gé kapangaruhan ku waktu jeung kajadian nu teu kasangka-sangka.”​—PANDITA 9:​11, Terjemahan Dunia Baru.

Urang sangsara lantaran ngawaris dosa.

Ceuk jalma-jalma, ”dosa” téh kalakuan goréng nu dilakukeun ku saurang jalma. Tapi ceuk Kitab Suci, dosa gé bisa ngamaksudkeun hiji kaayaan nu diwariskeun ka kabéh manusa, boh ka nu bageur boh ka nu jahat.

”Ti awit dilahirkeun oge abdi teh parantos doraka, dosa ti lebet kandungan keneh.”​—JABUR 51:⁠7.

Dosa téh ngaruksak kahirupan manusa.

Éta teu ngan saukur ngaruksak hubungan urang jeung Gusti Nu Nyipta, tapi ogé ngaruksak hubungan urang jeung ciptaan Gusti nu séjénna. Dosa nyababkeun urang jeung kabéh jalma jadi sangsara pisan.

”Kuring hayang migawe anu hade, ari anu timbul dina hate ngan anu goreng.”​—RUM 7:⁠21.

”Saalam dunya humarurung ku kanyeri.”​—RUM 8:⁠22.

Ku naon jalma bageur sangsara?

Manusa téh sangsara lolobana lantaran dosa nu diwariskeun ka kabéh jalma, boh ka nu bageur boh ka nu jahat. Tah, dosa éta nu nyieun awak jeung pikiran kabéh jalma jadi ruksak. Loba jalma gé jadi hayang nyilakakeun batur.

Na éta téh kahayang Gusti? Na kasangsaraan téh geus ditakdirkeun?

Tingali pananya 4.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun