PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • g20 No. 2 kaca 14-15
  • Na Kasangsaraan téh Bakal Leungit?

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Na Kasangsaraan téh Bakal Leungit?
  • Éling!—2020
  • Subjudul
  • Bahan nu Sarupa
  • Urang Kudu Nyaho Jawabanna
  • Pikeun Dipikirkeun
  • Ceuk Kitab Suci
  • Naha Kasangsaraan téh Bakal Aya Ahirna?
    Naha Kasangsaraan téh Bakal Aya Ahirna?
  • Na Kasangsaraan téh Geus Ditakdirkeun?
    Éling!—2020
  • Daptar Eusi
    Éling!—2020
  • Bagian 10
    Dangukeun Gusti
Éling!—2020
g20 No. 2 kaca 14-15
Hiji kulawarga keur piknik. Maranéhna heureuy jeung seuseurian.

5. Na Kasangsaraan téh Bakal Leungit?

Urang Kudu Nyaho Jawabanna

Sabab mun aya bukti kasangsaraan bakal leungit, pan urang jadi boga harepan. Cara pandang urang ngeunaan kahirupan jadi leuwih positif. Urang gé bisa akrab jeung Gusti.

Pikeun Dipikirkeun

Loba jalma hayang nyingkirkeun kasangsaraan, tapi kadang teu sanggupeun. Misalna:

Élmu kadokteran geus maju, tapi . . .

  • Angger wé panyakit jantung téh nu panglobana nyababkeun jalma maot.

  • Panyakit kangker maéhan jutaan jalma unggal taunna.

  • Dina buku Frontiers in Immunology, Dr. David Bloom nyebutkeun, sanajan geus loba obat-obatan nu anyar, angger wé loba panyakit teu bisa dicageurkeun ku para dokter. Panyakit-panyakit nu tadina geus teu aya gé, ayeuna aya deui. Malah, muncul ogé loba panyakit anyar.

Sababaraha nagri téh beunghar, tapi . . .

  • Jutaan budak leutik maot unggal taun, lolobana cicing di tempat nu miskin.

  • Miliaran jalma hirup di lingkungan nu teu bersih.

  • Ratusan juta jalma teu bisa meunangkeun cai bersih.

Beuki loba nu ngarti kana hak asasi manusa, tapi . . .

  • Di loba nagri masih loba perdagangan manusa. Sanajan kitu, jalma-jalma nu ngalakukeun kajahatan éta teu dihukum lantaran ”pamaréntah teu apaleun atawa teu bisa ngahukum maranéhna”, ceuk laporan ti Perserikatan Bangsa-Bangsa.

    TÉANGAN LEUWIH LOBA

    Tongton vidéo Naon Pamaréntahan Gusti téh? dina jw.org/su.

Ceuk Kitab Suci

Gusti nyaah ka urang.

Gusti perhatian ka nu sangsara jeung sedih.

”[Gusti] henteu nyapirakeun anu miskin, henteu nyapirakeun kasangsaraanana, henteu ngalieus ti maranehna, kersaeun ngadangu panyambatna.”​—JABUR 22:25.

”Sagala kasusah unjukkeun ka Mantenna, sabab Mantenna anu ngurus aranjeun.”​—1 PETRUS 5:7.

Urang moal salilana sangsara.

Kitab Suci jangji yén kahayang Gusti keur manusa pasti laksana.

”Allah . . . bakal nyusutan cipanon maranehna. Paeh, kasedih, piceurikeun, kanyeri, moal aya-aya deui.”​—WAHYU 21:3, 4.

Gusti bakal nyingkirkeun sagala hal nu nyababkeun manusa sangsara.

Éta bakal diwujudkeun ku Karajaan-Na. Ceuk Kitab Suci, Karajaan ieu téh pamaréntahan nu nyaanan.

”Allah anu jumeneng di sawarga ngadegkeun hiji karajaan anu moal aya tungtungna, moal aya nu tiasa ngelehkeun, . . . lajeng ngadeg salalanggengna.”​—DANIEL 2:44.

Na Kasangsaraan téh Bakal Leungit?

Enya, tapi lain manusa nu ngaleungitkeunana. Pamaréntahan manusa mah ngan bisa ngurangan kasangsaraan. Tapi, Gusti bisa nyingkirkeun sagala hal nu nyababkeun urang sangsara. Éta bakal diwujudkeun ku Karajaan-Na.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun