PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • g20 No. 2 kaca 12-13
  • Na Kasangsaraan téh Geus Ditakdirkeun?

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Na Kasangsaraan téh Geus Ditakdirkeun?
  • Éling!—2020
  • Subjudul
  • Bahan nu Sarupa
  • Urang Kudu Nyaho Jawabanna
  • Pikeun Dipikirkeun
  • Ceuk Kitab Suci
  • Daptar Eusi
    Éling!—2020
  • Ku Naon Aya Loba Kajahatan jeung Kasangsaraan?
    Hirup Bagja Salilana!—Buku nu Ngabantu Urang Ngarti kana Alkitab
  • Naon Sababna Aya Loba Kasangsaraan?
    Naon nu Diajarkeun Kitab Suci?
  • Ku Naon Jalma Bageur Sangsara?
    Éling!—2020
Éling!—2020
g20 No. 2 kaca 12-13
Hiji kulawarga keur camping di gunung. Maranéhna popotoan di hareupeun gunung.

4. Na Kasangsaraan Téh Geus Ditakdirkeun?

Urang Kudu Nyaho Jawabanna

Sabab jawabanna mangaruhan cara pandang urang kana kahirupan.

Pikeun Dipikirkeun

Pan Gusti téh nyiptakeun dunya nu éndah, maenya Gusti ogé nu nyababkeun urang sangsara?

Loba jalma ngomong, urang téh sangsara lantaran Gusti teu nyaah ka urang. Malahan mah kasangsaraan dijadikeun bukti yén Gusti teu aya. Maranéhna yakin, kasangsaraan téh bukti (1) Gusti teu sanggup ngeureunkeunana, (2) Gusti teu paduli, atawa (3) Gusti teu aya.

Na mémang kitu?

TÉANGAN LEUWIH LOBA

Tongton vidéo Kumaha Urang Bisa Yakin yén Eusi Alkitab téh Bener? dina jw.org/su.

Ceuk Kitab Suci

Manusa teu diciptakeun pikeun hirup sangsara.

Gusti hayang urang hirup bagja.

”Sing senang-senang, salian ti usaha sakuat-kuat. Urang dahar nginum bae kabeh, beubeunangan usaha teh pake senang-senang, da kapan eta teh rahmat ti Allah.”​—PANDITA 3:12, 13.

Gusti méré sagala nu dibutuhkeun ka pasangan manusa nu mimiti supaya maranéhna bagja.

Gusti teu hayang maranéhna atawa turunanana sangsara.

”Timbalan [Gusti], ’Masing loba anak, turunan maraneh sing nepi ka minuhan ieu bumi sarta murba ka eta.’” —KAJADIAN 1:28.

Pasangan manusa nu mimiti kalah ka teu taat ka Gusti.

Balukarna, hirup maranéhna jadi sangsara pisan. Kabéh turunanana gé milu sangsara.

”Dosa asup ka dunya ku lantaran jelema saurang. Eta dosa mawa maot. Balukarna, maot teh sumebar sarta tumerap ka sakumna manusa, sabab sakabeh manusa geus keuna ku dosa.”​—RUM 5:12.a

Ti mimiti diciptakeun gé, manusa teu bisa hirup tanpa bingbingan Gusti.

Manusa teu diciptakeun pikeun mingpin manusa séjén. Éta téh mustahil, sarua mustahilna jiga manusa hirup di jero cai.

”Malahan, keur nangtukeun léngkahna sorangan gé manusa mah teu kawasa.”​—YERMIA 10:23, Terjemahan Dunia Baru.

Gusti teu hayang urang sangsara.

Kahayang Gusti mah, urang sabisa-bisa teu keuna masalah.

”Coba mun maraneh narurut kana timbalan-timbalan Kami, tan wande meunang nugraha jeung berkah, anu ngocor lir walungan anu tara saat!”​—YESAYA 48:18.

a Ceuk Kitab Suci, ”dosa” téh teu ngan saukur ngamaksudkeun kalakuan nu salah, tapi ogé hiji kaayaan nu diwariskeun ka kabéh manusa.

Na kasangsaraan geus ditakdirkeun?

Henteu. Ti mimiti gé, Gusti embung manusa sangsara. Hanjakalna, pasangan manusa nu mimiti teu taat ka Gusti, jadi wé manusa sangsara. Tapi, lain hartina kasangsaraan téh teu aya ahirna.

Na kasangsaraan téh bakal leungit?

Tingali pananya 5.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun