PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • g21 No. 2 kaca 4-6
  • Naon Pangaruh Téknologi ka Sosobatan Anjeun?

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Naon Pangaruh Téknologi ka Sosobatan Anjeun?
  • Éling!—2021
  • Subjudul
  • Bahan nu Sarupa
  • NA ANJEUN APAL?
  • NAON NU BISA DILAKUKEUN?
  • Barudak jeung Média Sosial—Bagian I: Budak Abdi Geus Siap Kitu Maké Média Sosial?
    Bantuan keur Kulawarga
  • Daftar Eusi
    Éling!—2021
  • Dina Majalah Ieu
    Éling!—2021
  • Sing Bijaksana Milih Babaturan
    Hirup Bagja Salilana!—Buku nu Ngabantu Urang Ngarti kana Alkitab
Tingali Ogé
Éling!—2021
g21 No. 2 kaca 4-6
Saurang jalma jeung babaturanana ti sababaraha benua ngobrol maké videocall.

Naon Pangaruh Téknologi Ka Sosobatan Anjeun?

Ku ayana SMS, e-mail, video call, jeung média sosial, jalma-jalma jadi leuwih gampang keur komunikasi sanajan béda benua. Keur maranéhna, cara komunikasi saperti kieu téh nguntungkeun pisan.

Tapi, jalma-jalma nu leuwih sering make cara-cara siga kieu keur komunikasi bakal . . .

  • hésé paham parasaan babaturanana.

  • ngarasa teu boga babaturan.

  • égois.

NA ANJEUN APAL?

Saurang budak ngora keur ningalian média sosial tengah peuting. Manéhna ningali postingan nu geus ditingali 723.000 kali.

SIKEP SAPARASAAN

Supaya bisa nunjukkeun sikep saparasaan, Anjeun perlu nyadiakeun waktu jeung sabar ka batur. Éta téh hésé lamun Anjeun sok sibuk teuing maca, ngirim chat, sarta ningalian média sosial.

Lamun chat nu asup loba teuing, Anjeun bisa kawalahan ngabalesna. Chat ti babaturan nu keur butuh bantuan jadi teu kaperhartikeun, lantaran Anjeun hayang buru-buru ngabales kabéh chat.

PÉK PIKIRKEUN: Waktu keur chattingan jeung babaturan, kumaha Anjeun bisa nunjukkeun ”sikep saparasaan” ka manéhna? —1 PÉTRUS 3:8.

NGARASA SORANGAN

Ceuk para panaliti, loba jalma justru teu ngarasa bungah sanggeus ningalian média sosial. Para panaliti gé nyimpulkeun, sanggeus ningalian poto atawa vidéo batur, loba jalma kalah ka ngarasa ”geus miceunan waktuna”.

Malahan, lamun sok ningalian poto-poto alus nu batur, Anjeun bisa ngabanding-bandingkeun diri. Anjeun bisa ngarasa mun kahirupan batur téh ngeunah pisan, ari kahirupan urang mah kieu-kieu waé.

PÉK PIKIRKEUN: Waktu keur ningalian média sosial, kumaha carana supaya urang teu ngabanding-bandingkeun diri jeung batur?​—GALATIA 6:4.

ÉGOIS

Saurang guru nyebutkeun yén kalolobaan muridna téh mentingkeun dirina sorangan. Maranéhna ngan daék babaturan jeung jalma-jalma nu bisa nguntungkeun. Jalma siga kitu nganggap babaturanana siga aplikasi nu bisa dibuka jeung ditutup iraha waé.

PÉK PIKIRKEUN: Na urang nyieun postingan téh keur pasaing-saing jeung batur atawa keur mamérkeun diri sorangan? —GALATIA 5:26.

NAON NU BISA DILAKUKEUN?

PARIKSA KUMAHA ANJEUN NGAGUNAKEUN TÉKNOLOGI

Mun Anjeun bijaksana ngagunakeun téknologi, éta bisa ngajaga komunikasi Anjeun jeung babaturan, malah Anjeun bisa beuki akrab jeung manéhna.

PRINSIP KITAB SUCI: ”Jalma nu boga kanyaah téh . . . teu mentingkeun diri.”​—1 KORINTA 13:4, 5.

Pilih saran nu rék Anjeun lakukeun, atawa tuliskeun naon nu rék Anjeun lakukeun.

  • Leuwih sering ngobrol langsung jeung batur tibatan chattingan

  • Waktu keur ngobrol, HP-na disimpen atawa di-silent

  • Ngurangan waktu ningalian média sosial

  • Jadi jalma nu resep ngadéngékeun babaturan

  • Ngobrol jeung babaturan nu keur boga masalah

PEK PIKIRKEUN . . .

  • Na abdi boga sobat nu bener-bener dipikanyaah ku abdi jeung nyaah ogé ka abdi?

  • Sakumaha sering notifikasi, chat, atawa telepon ngaganggu waktu abdi keur ngobrol jeung batur?

  • Na poto jeung koméntar abdi di média sosial nyirikeun mun abdi téh resep mamérkeun diri sorangan?

  • Kumaha parasaan abdi sanggeus méakkeun waktu ningalian média sosial?

  • Kumaha sangkan cara abdi ngagunakeun téknologi henteu nyieun abdi hésé néangan sobat nu sajati?

    PRINSIP KITAB SUCI: ”Tong mikirkeun kapentingan diri sorangan baé, tapi pikirkeun ogé kapentingan batur.”​—FILIPI 2:4.

Emily.

”Lantaran butuh waktu jeung upaya, biasana sobat sajati téh ngan saeutik. Sosobatan mah lain masalah lobana. Sobat sajati merhatikeun kapentingan sobatna, lain kapentingan dirina sorangan.”​—EMILY

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun