PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • g21 No. 2 kaca 7-9
  • Naon Pangaruh Téknologi ka Barudak Anjeun?

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Naon Pangaruh Téknologi ka Barudak Anjeun?
  • Éling!—2021
  • Subjudul
  • Bahan nu Sarupa
  • NA ANJEUN APAL?
  • NAON NU BISA DILAKUKEUN?
  • Barudak jeung HP—Bagian 1: Budak Abdi Geus Cukup Umur Kitu keur Boga HP?
    Bantuan keur Kulawarga
  • Barudak jeung Média Sosial—Bagian I: Budak Abdi Geus Siap Kitu Maké Média Sosial?
    Bantuan keur Kulawarga
  • Ku Naon Barudak Perlu Maca—Bagian 2: Mending tina Layar atawa Kertas?
    Bantuan keur Kulawarga
Éling!—2021
g21 No. 2 kaca 7-9
Barudak nu umurna béda-béda leuwih resep ulin gadget tibatan cocooan atawa olahraga.

Naon Pangaruh Téknologi Ka Barudak Anjeun?

Barudak ayeuna mah pinter pisan ngagunakeun gadget, saperti HP, tablét, atawa komputer. Sabalikna kalolobaan kolot teu pati lancar ngagunakeun alat-alat éta.

Mun diperhatikeun, loba budak ngora nu sok ngagunakeun gadget téh biasana sok . . .

  • kacanduan gadget.

  • di-bully atawa nga-bully batur di Internét.

  • ningali pornografi, ngahaja atawa teu dihaja.

NA ANJEUN APAL?

Saurang budak lalaki nyepeng HP bari nutup panto lalaunan waktu indungna indit.

KACANDUAN GADGET

Kabéh hal nu aya di Internét, misalna game online, bisa nyieun kacanduan. Ceuk buku Reclaiming Conversation, ”Aplikasi dina HP urang téh dirancang supaya urang embung leupas tina HP.” Ku naon? Beuki lila urang maké hiji aplikasi, beuki gedé untung keur pausahaan nu nyadiakeun éta aplikasi.

PÉK PIKIRKEUN: Na budak Anjeun teu bisa leupas ti gadget-na? Kumaha Anjeun bisa ngabantu maranéhna bijaksana ngagunakeun waktu?—ÉFÉSUS 5:15, 16.

NGA-BULLY DI INTERNÉT

Di Internét, jalma-jalma biasana sok leuwih kasar, blak-blakan, jeung teu paduli kana parasaan batur. Sikep siga kieu nyababkeun loba jalma sok nga-bully.

Sababaraha jalma hayang populér di Internét. Jadi, maranéhna sok sangeunahna di Internét supaya diperhatikeun jeung ditingali ku batur. Aya jalma nu nyeri haté lamun teu diondang ka hiji acara. Manéhna nganggap, jalma nu teu ngondangna téh jahat.

PÉK PIKIRKEUN: Na budak Anjeun sok kasar ka batur di Internét? (Éfésus 4:31) Na budak Anjeun gampang nyeri haté lamun teu diajakan ku babaturanana?

PORNOGRAFI

Di Internét, gampang pisan keur ningali pornorgafi, éta aya di mana-mana. Sanajan aya program nu bisa ngablokir gambar jeung vidéo porno, tapi angger wé sok aya gambar atawa vidéo porno nu bisa muncul.

Aya ogé jalma nu sok ngirim gambar atawa vidéo porno dirina sorangan, atawa narima gambar atawa vidéo porno batur. Éta téh disebut sexting. Sexting bisa dianggap ngalanggar hukum. Di sababaraha nagri, ngirim jeung narima gambar atawa vidéo porno budak di bawah umur bisa kaasup kasus nyebarkeun pornografi anak.

PÉK PIKIRKEUN: Kumaha carana ngabantu budak Anjeun supaya teu kagoda pikeun ningali atawa ngirim gambar porno di Internét?—ÉFÉSUS 5:3, 4.

NAON NU BISA DILAKUKEUN?

LATIH BUDAK ANJEUN

Sanajan budak Anjeun pinter make gadget, manéhna tetep butuh bingbingan. Ceuk buku Indistractable, kolot nu méré gadget ka budakna padahal budakna can bijaksana dina maké gadget, ”sarua teu tanggung jawabna siga ngantep budak asup ka kolam, padahal budakna can apal carana ngojay”.

PRINSIP KITAB SUCI: ”Budak teh papatahan kumaha kuduna hirup, sangkan ingeteun saumur-umur.”​—SILOKA 22:6.

Pilih saran nu rék Anjeun lakukeun, atawa tuliskeun naon nu rék Anjeun lakukeun.

  • Bahas jeung budak carana supaya sopan jeung teu kasar di Internét

  • Bantu budak waktu ngarasa dijauhan ku babaturanana

  • Upaya sabisa-bisana pikeun ngajauhkeun budak tina hal-hal goréng di Internét

  • Rutin mariksa HP budak

  • Tangtukeun sabaraha lila budak meunang maké HP dina sapoé

  • Jieun aturan pikeun teu maén HP waktu jamna saré

  • Jieun aturan pikeun teu maén HP waktu dahar bareng jeung kulawarga

PIKEUN DIPIKIRKEUN KU KOLOT

  • Na urang sok ngantep budak sina anteng maén gadget supaya urang teu perlu répot ngurus manéhna?

  • Na budak urang bener-bener butuh aksés Internét? Mun butuh, keur naon?

  • Na urang sanggup meulikeun budak HP nu bisa muka Internét?

  • Na budak urang geus bisa ngadalikeun dirina sorangan?

  • Tina tindakanana, na budak urang téh geus jadi jalma nu tanggung jawab?

  • Naon waé aturan nu kudu dijieun ku urang?

  • Kumaha urang bisa ngabantu budak supaya teu méakkeun loba waktu maén HP?

    PRINSIP KITAB SUCI: ”Jalma déwasa . . . sering ngagunakeun pikiranana, jadi manéhna kalatih pikeun ngabédakeun nu bener jeung nu salah.”​—IBRANI 5:14.

Laureta jeung David.

”Ku naon budak Anjeun ménta HP? Kumaha kabiasaan manéhna waktu ngagunakeun HP Anjeun? Situs Internét naon nu sok dibuka? Sok maén game nu siga kumaha? Sabaraha lila manéhna sok maén HP? Saacan méré HP, tingali heula na budak Anjeun geus déwasa jeung bisa ngadalikeun dirina.”​—LAURETA, JEUNG SALAKINA, DAVID

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun