PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • g21 No. 2 kaca 13-15
  • Naon Pangaruh Téknologi ka Kabiasaan Diajar Anjeun?

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Naon Pangaruh Téknologi ka Kabiasaan Diajar Anjeun?
  • Éling!—2021
  • Subjudul
  • Bahan nu Sarupa
  • NA ANJEUN APAL?
  • NAON NU BISA DILAKUKEUN?
  • Na Alus mun Urang Bisa Ngagawékeun Sababaraha Hal Sakaligus?
    Pananya Budak Ngora
  • Kumaha Cara nu Bijaksana dina Ngagunakeun Téknologi?
    Bantuan keur Kulawarga
  • Kumaha Supaya Abdi Bisa Fokus?
    Pananya Budak Ngora
  • Dina Majalah Ieu
    Éling!—2021
Tingali Ogé
Éling!—2021
g21 No. 2 kaca 13-15
Saurang priya nongton vidéo carana masak.

Naon Pangaruh Téknologi Ka Kabiasaan Diajar Anjeun?

Di sakola, tempat gawé, atawa tempat séjénna, jalma-jalma terus diajar. Ku ayana téknologi, diajar téh jadi leuwih gampang. Ayeuna mah rék néangan informasi téh teu kudu ka mana-mana. Bari diuk di imah gé, urang geus bisa meunang informasi.

Tapi, loba jalma nu teterusan maké téknologi bisa ngarasa . . .

  • hésé konséntrasi waktu keur maca.

  • gampang kasimpangkeun.

  • gancang bosen waktu keur sorangan.

NA ANJEUN APAL?

Saurang budak ngora ngalakukeun sababaraha hal sakaligus. Manéhna chattingan dina HP-na bari video call jeung babaturanana, bari diajar maké komputer sarta buku.

WAKTU KEUR MACA

Jalma nu sering ngagunakeun gadget biasana sok teu sabar waktu maca hiji artikel atawa buku. Jadi, manéhna maca ngan saliwat sabab hayang buru-buru meunang intina.

Maca saliwat téh cocog lamun tujuan urang ngan keur néang jawaban hungkul. Tapi, cara ieu teu bisa dipaké lamun tujuan urang téh hayang bener-bener paham kana naon nu dibaca.

PÉK PIKIRKEUN: Sakumaha lila Anjeun bisa tahan maca hiji buku atawa artikel? Ku naon Anjeun bisa diajar leuwih loba lamun macana lalaunan?​—SILOKA 18:15.

KONSÉNTRASI

Loba nu nganggap, ku ayana téknologi maranéhna jadi bisa ngalakukeun loba hal sakaligus. Misalna, diajar bari chattingan jeung batur. Tapi lamun konsentrasi urang kabagi, hasilna moal alus. Komo deui lamun nu keur digawékeun téh butuh konséntrasi. Mémang diajar konséntrasi téh butuh upaya, tapi éta bisa méré mangpaat keur Anjeun.

Ceuk saurang budak ngora nu ngaranna Grace, ”Mun urang konséntrasi, urang moal loba teuing nyieun salah jeung moal pati stréss. Abdi diajar, hasilna bakal leuwih alus lamun konséntrasi ngalakukeun tugas hiji-hiji, tibatan sababaraha hal sakaligus.”

PÉK PIKIRKEUN: Na téknologi nyieun Anjeun leuwih hésé konséntrasi jeung gancang poho sanggeus maca?​—SILOKA 17:24.

WAKTU KEUR SORANGAN

Sababaraha jalma gancang bosen mun keur sorangan, jadi maranéhna sok maén gadget supaya teu bosen. Ceuk saurang awéwé nu ngaranna Olivia, ”Mun 15 menit teu ningali HP, tablet, atawa ngahurungkeun TV, abdi sok jadi bosen.”

Supaya bisa diajar, urang perlu nyadiakeun waktu keur sorangan pikeun mikirkeun hal-hal nu geus dibaca ku urang.

PÉK PIKIRKEUN: Waktu keur sorangan, na Anjeun bisa ngamangpaatkeun waktu éta keur mikir?​—1 TIMOTIUS 4:15.

NAON NU BISA DILAKUKEUN?

PARIKSA CARA ANJEUN NGAGUNAKEUN TÉKNOLOGI

Kumaha Anjeun bisa ngamangpaatkeun téknologi pikeun ngalatih kamampuh mikir Anjeun? Kumaha téknologi bisa ngaganggu konséntrasi jeung kamampuh diajar Anjeun?

PRINSIP KITAB SUCI: ”Cekel sing pageuh hikmah, jeung akal budi, ulah dilesotkeun.”​—SILOKA 3:21.

PÉK PIKIRKEUN . . .

  • Na abdi sok hésé konséntrasi waktu maca bacaan nu panjang dina gadget? Lamun enya, naon nu nyimpangkeun abdi?

  • Naon waé nu bisa dilakukeun supaya abdi teu babari kasimpangkeun?

Saran: Coba maca saparagrap heula sapoé. Mun geus biasa, kakara tambahan bahanna. Macana sing lalaunan bari aya soraan, supaya Anjeun bisa konséntrasi.

  • Naon nu bisa dilakukeun supaya abdi bisa boga waktu pikeun mikirkeun nu geus dibaca?

Saran: Sadiakeun waktu sapuluh menit sanggeus diajar pikeun nginget-nginget deui geus diajar naon waé.

  • Biasana, iraha abdi sok hayang ngalakukeun loba hal sakaligus?

  • Naon nu bisa abdi lakukeun supaya bisa konséntrasi ngalakukeun hiji hal?

Saran: Waktu rék diajar, jauhkeun barang-barang nu bisa nyimpangkeun perhatian, supaya Anjeun bisa konséntrasi diajar.

PRINSIP KITAB SUCI: ”Sing meunang hikmah. Sing meunang pangarti.”​—SILOKA 4:5.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun