PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • g21 No. 2 kaca 10-12
  • Naon Pangaruh Téknologi ka Perkawinan Anjeun?

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Naon Pangaruh Téknologi ka Perkawinan Anjeun?
  • Éling!—2021
  • Subjudul
  • Bahan nu Sarupa
  • NA ANJEUN APAL?
  • NAON NU BISA DILAKUKEUN?
  • Kumaha Cara nu Bijaksana dina Ngagunakeun Téknologi?
    Bantuan keur Kulawarga
  • Carana Teu Mamawa Urusan Pagawéan ka Imah
    Bantuan keur Kulawarga
  • Nyadiakeun Waktu keur Batur Hirup
    Bantuan keur Kulawarga
  • 3 Rasa Hormat
    Éling!—2018
Tingali Ogé
Éling!—2021
g21 No. 2 kaca 10-12
Saurang lalaki di bandara keur videocall jeung pamajikanana nu aya di imah.

Naon Pangaruh Téknologi Ka Perkawinan Anjeun?

Lamun dipakéna bener mah, téknologi bisa nguatkeun hubungan salaki pamajikan. Contona, maranéhna bisa tetep silih méré kabar sanajan keur teu babarengan.

Tapi lamun cara makéna salah, téknologi bisa mawa masalah ieu . . .

  • méakkeun waktu nu sakuduna dipaké keur babarengan.

  • mamawa pagawéan nu sakuduna teu digawékeun di imah.

  • jadi silih curiga, malahan mah teu satia.

NA ANJEUN APAL?

Salaki jeung pamajikan keur ningali HP tengah peuting padahal keur saré babarengan.

WAKTU BABARENGAN

Saurang salaki nu ngaranna Michael ngomong, ”Kadang waktu keur babarengan jeung pamajikan, urang téh sok dianggap euweuh. Manéhna sibuk maén HP-na. Mun ditanya, manéhna sok ngomong, ’Asa karék muka HP da.’” Saurang salaki nu ngaranna Jonathan nyebutkeun, kadang waktu keur babarengan gé, salaki pamajikan bisa ngarasa jauh, asa siga aya di tempat nu béda.

PÉK PIKIRKEUN: Sakumaha sering notifikasi, chat, atawa telepon ngaganggu waktu Anjeun keur babarengan jeung pasangan?—ÉFÉSUS 5:33.

PAGAWÉAN

Sababaraha jalma kudu siap narima telepon atawa ngajawab e-mail ti kantor iraha waé, sabab mémang pagawéanana nungtut siga kitu. Aya deui nu geus kabiasaan mamawa pagawéanana ka imah, padahal pagawéanana teu pati loba. Saurang salaki nu ngaranna Lee ngomong, ”Sok hésé teu ningali HP mun aya telepon atawa chat ti pagawéan, padahal urang geus nyadiakeun waktu keur pamajikan.” Saurang pamajikan nu ngaranna Joy ngomong, ”Abdi téh digawé di imah, kadang sok teu sadar mun kuduna geus bérés digawé. Rada hésé saimbang digawé téh.”

PÉK PIKIRKEUN: Na Anjeun bener-bener ngadéngékeun waktu pasangan anjeun keur nyarita? —LUKAS 8:18.

KASATIAAN

Loba jalma ngomong yén maranéhna sok paséa lantaran curiga ka nu dilakukeun ku pasanganna di média sosial. Malahan, aya nu cicing-cicing nyieun postingan di média sosial lantaran embung pasanganna apaleun.

Sababaraha jalma nganggap aya loba ranjau di média sosial, lantaran aya loba bahaya nu teu katingali keur nu geus nikah. Malahan mah, ku ayana média sosial jalma-jalma leuwih gampang pikeun ngalakukeun hal-hal cabul. Jadi teu héran, saurang pangacara nyebutkeun yén média sosial geus nyababkeun loba papegatan.

PÉK PIKIRKEUN: Na Anjeun sok susulumputan chattingan jeung lawan jenis nu lain batur hirup?​—SILOKA 4:23.

NAON NU BISA DILAKUKEUN?

PIHEULAKEUN NU LEUWIH PENTING

Jalma nu tara dahar pasti moal séhat. Kitu oge jeung jalma nu tara nyadiakeun waktu keur pasanganna, tangtu perkawinanana moal séhat.—Éfésus 5:28, 29.

PRINSIP KITAB SUCI: ’Pastikeun hal-hal nu leuwih penting.’​—FILIPI 1:10.

Pilih saran di handap, atawa tuliskeun naon nu rék Anjeun lakukeun supaya téknologi teu ngaganggu perkawinan Anjeun.

  • Dahar babarengan sahenteuna sakali sapoé

  • Tangtukeun iraha Anjeun duaan moal make gadget

  • Jadwalkeun waktu husus keur duduaan jeung pasangan

  • Mun rék saré, pareuman jeung simpen jauh-jauh gadget Anjeun ti tempat saré

  • Unggal poé, pareuman gadget salila 15 menit supaya Anjeun bisa ngobrol jeung pasangan bari teu kaganggu

  • Dina sapoé, tangtukeun waktu keur mareuman Internét

PIKEUN DIBAHAS KU SALAKI PAMAJIKAN

Sanggeus masing-masing mikirkeun pananya di handap, bahas jawabanana babarengan.

  • Kumaha carana ngagunakeun téknologi pikeun nguatkeun perkawinan Anjeun?

  • Ceuk Anjeun, dina kaayaan naon waé téknologi sok ngaganggu waktu Anjeun keur babarengan?

  • Dina ngagunakeun téknologi, naon nu rék Anjeun upayakeun?

  • Na Anjeun bisa ngupayakeun teu mamawa pagawéan ka imah? Na jawaban pasangan Anjeun sarua?

  • Kumaha supaya Anjeun teu nungtut teuing waktu jeung perhatian ti pasangan Anjeun?

    PRINSIP KITAB SUCI: ”Ulah hayang ngeunah sorangan, tapi pikirkeun kapentingan batur.”​—1 KORINTUS 10:24.

Jason jeung Alexandra.

”Abdi digawé di imah, jadi abdi eureun digawé dina waktu nu geus ditangtukeun. Sanggeus bérés digawé, abdi mareuman notifikasi e-mail supaya abdi bisa ngagunakeun HP keur hal-hal penting séjénna, siga ngecek jam, bari teu kaganggu ku pagawéan.”​—JASON JEUNG PAMAJIKANANA, ALEXANDRA.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun