PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • gf pal. 11 kaca 18-19
  • Tolak Agama Palsu!

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Tolak Agama Palsu!
  • Sadérék Tiasa Janten Sobat Allah!
  • Bahan nu Sarupa
  • Agama Palsu Ngajauhkeun Jalma-Jalma ti Allah
    Hirup Bagja Salilana!—Buku nu Ngabantu Urang Ngarti kana Alkitab
  • Bakal Kumaha Agama-Agama Engkéna?
    Kabar Gumbira ti Gusti!
  • Cara Manggihan Agama Nu Bener
    Sadérék Tiasa Janten Sobat Allah!
Sadérék Tiasa Janten Sobat Allah!
gf pal. 11 kaca 18-19

PALAJARAN 11

Tolak Agama Palsu!

Sétan sarta roh-roh jahat teu resep upami Sadérék ngawula ka Allah. Lamun bisa mah, maranéhna hayang nyasabkeun kabéh jalma ti Allah. Kumaha cara maranéhna ngupayakeunana? Salah sahiji cara nyaéta ku jalan agama palsu. (2 Korinta 11:13-15) Agama nu disebut palsu téh agama anu henteu ngajarkeun bebeneran tina Alkitab. Agama palsu ibarat duit palsu, katingalina asli, tapi euweuh hargana. Agama palsu tiasa ngadatangkeun seueur kasesah ka Sadérék.

Pasangan nu keur ngadoa di garéja

Agama palsu moal bisa nyenangkeun Yéhuwa, Allah bebeneran. Sawaktu Yésus hirup di bumi, aya golongan agama nu hayang maéhan anjeunna. Ceuk pamikir maranéhna mah ibadah téh geus bener. Maranéhna ngaromong kieu, ”Rama kaula taya deui lian ti Allah.” Naha Yésus satuju? Henteu! Anjeunna ngawaler, ”Saenyana maraneh teh anak Iblis.” (Yohanes 8:41, 44) Kiwari, ceuk pamikir loba jalma, maranéhna téh nyembah ka Allah, tapi saenyana ngawula ka Sétan sarta roh-roh jahat!​—1 Korinta 10:20.

Kawas tangkal goréng nu buahanana goréng, agama palsu ngahasilkeun jalma-jalma nu milampah hal-hal anu goréng. Ieu dunya pinuh ku masalah lantaran hal-hal goréng nu dilampahkeun ku jalma-jalma. Aya nu laku lampahna dursila, resep paséa, osok maling, nganiaya, maéhan batur, sarta merkosa. Loba jalma nu ngalampahkeunana barogaeun agama, tapi agamana henteu bisa ngajurung maranéhna ngalampahkeun anu hadé. Maranéhna moal bisa jadi sobat Allah lamun maranéhna henteu tobat tina laku lampah anu goréng.​—Mateus 7:17, 18.

Agama palsu ngajar jalma-jalma pikeun ngadoa ka brahala. Allah ngalarang urang ngadoa ka brahala. Ieu asup akal. Naha Sadérék resep upami aya jalmi anu henteu pernah nyarios ka Sadérék, tapi nyariosna mung ka potrét Sadérék? Naha éta jalmi tiasa janten sobat Sadérék nu sajati? Moal bisa. Yéhuwa miharep sangkan jalmi-jalmi ngadoa ka Mantenna, sanés ka arca atanapi gambar nu teu nyawaan.​—Budalan 20:4, 5.

Tentara nu keur nyepeng sanjata

Agama palsu ngajarkeun yén teu salah lamun maéhan jalma dina perang. Yésus nyarioskeun yén sobat-sobat Allah miboga asih di antara maranéhna. Urang moal maéhan jalma-jalma nu dipikanyaah ku urang. (Yohanes 13:35) Malahan, maéhan jalma jahat ogé salah. Sawaktu Yésus rék ditéwak ku musuh-musuhna, anjeunna teu ngidinan murid-muridna tarung pikeun ngabéla anjeunna.​—Mateus 26:51, 52.

Agama palsu ngajarkeun yén jalma jahat bakal kasiksa dina seuneu naraka. Namung, Alkitab ngajarkeun yén dosa ngabalukarkeun maot. (Rum 6:23) Yéhuwa téh Allah nu sipat asih. Naha Allah nu welas asih téga nyiksaan jalma salalawasna? Tangtu henteu! Di Pirdus, ngan bakal aya hiji agama, agama nu kamanah ku Yéhuwa. (Wahyu 15:4) Kabéh agama nu dumasar kana kabohongan Sétan bakal musna.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun