PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • gf pal. 12 kaca 20
  • Kumaha Kaayaan Nu Maot?

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Kumaha Kaayaan Nu Maot?
  • Sadérék Tiasa Janten Sobat Allah!
  • Bahan nu Sarupa
  • Kumaha Kaayaan Jalma nu Geus Maot?
    Hirup Bagja Salilana!—Buku nu Ngabantu Urang Ngarti kana Alkitab
  • Ngabéla Bebeneran ngeunaan Nu Maot
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2019
  • Naon Harepan pikeun Nu Geus Maot?
    Kabar Gumbira ti Gusti!
Sadérék Tiasa Janten Sobat Allah!
gf pal. 12 kaca 20

PALAJARAN 12

Kumaha Kaayaan Nu Maot?

Maot téh sabalikna tina hirup. Kaayaan nu maot téh siga jalma anu saré tibra. (Yohanes 11:11-14) Nu maot henteu bisa ngadéngé, nénjo, ngomong, atawa mikir. (Pandita 9:5, 10) Agama palsu ngajarkeun yén jalma nu maot pindah ka alam roh pikeun hirup ngahiji jeung karuhun-karuhunna. Ieu lain pangajaran Alkitab.

Yésus ngahirupkeun deui budak awéwé Yairus

Nu maot teu bisa nulungan, atawa nyilakakeun urang. Jalma-jalma geus biasa ngayakeun upacara sarta tradisi agama nu dipercaya bisa nyenangkeun nu maot, saperti jiarah ka makam atawa méré sasajén. Kabiasaan éta henteu dipikaresep ku Allah, lantaran dumasarna kana salah sahiji kabohongan Sétan. Nu maot ogé moal bisa disenangkeun, sabab maranéhna geus teu hirup. Urang henteu perelu sieun ka nu maot atanapi nyembah ka maranéhna. Mung Allah nu kedah disembah ku urang.​—Mateus 4:10.

Nu maot bakal hirup deui. Di bumi pirdus, Yéhuwa bakal ngagugahkeun deui nu maraot sangkan hirup deui. Ieu bakal kawujud dina mangsa pikahareupeun. (Yohanes 5:28, 29; Rasul 24:15) Allah tiasa ngagugahkeun deui nu maot, sakumaha Sadérék pasti tiasa ngagugahkeun deui jalmi nu kulem.​—Markus 5:22, 23, 41, 42.

Pamikiran yén urang teu tiasa maot mangrupakeun kabohongan nu disebarkeun ku Sétan si Iblis. Sétan sarta roh-roh jahat mangaruhan jalma-jalma sangkan boga pamikiran yén roh nu maot téh tetep hirup sarta ngabalukarkeun kasakit ogé masalah-masalah nu séjén. Sétan ngabohongan jalma-jalma, sakapeung liwat impian sarta téténjoan. Yéhuwa bakal ngahukum jalma-jalma nu ngumaha ka nu maot.​—Pamindo 18:10-12.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun