PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • gf pal. 14 kaca 22-23
  • Sobat-Sobat Allah Nyingkahan Kagoréngan

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Sobat-Sobat Allah Nyingkahan Kagoréngan
  • Sadérék Tiasa Janten Sobat Allah!
  • Bahan nu Sarupa
  • Kumaha Urang Bisa Nyenangkeun Gusti?
    Dangukeun Gusti Sangkan Hirup Langgeng
  • Bagian 13
    Dangukeun Gusti
  • Kumaha Pandangan Alkitab ngeunaan Ambek?
    Pananya nu Dijawab Alkitab
  • Tolak Agama Palsu!
    Sadérék Tiasa Janten Sobat Allah!
Tingali Ogé
Sadérék Tiasa Janten Sobat Allah!
gf pal. 14 kaca 22-23

PALAJARAN 14

Sobat-sobat Allah Nyingkahan Kagoréngan

Sétan ngagoda manusa sangkan ngalampahkeun kagoréngan. Saha waé nu hayang jadi sobat Allah kudu mikangéwa naon anu dipikangéwa ku Yéhuwa. (Jabur 97:10) Aya sababaraha kagoréngan anu kudu disingkahan ku sobat-sobat Allah:

Yéhuwa ngéwa kana laku lampah cabul, mabok-mabokan, ngagugurkeun kandungan, pulang-paling, ngabohong, ngumbar amarah, sarta judi

Dosa-Dosa Birahi. ”Ulah ngaranyed [jinah].” (Budalan 20:14) Ngumbar napsu birahi saméméh nikah ogé salah.​—1 Korinta 6:18.

Mabok. ”Pamabokan . . . moal meunang asup ka Karajaan Allah.”​—1 Korinta 6:10, Sunda Formal.

Maéhan, Ngagugurkeun Kandungan. ”Ulah maehan.”​—Budalan 20:13.

Pulang-paling. ”Ulah maling.”​—Budalan 20:15.

Ngabohong. Yéhuwa mikangéwa ”sungut nu bohong”.​—Siloka 6:16-19.

Katelengesan sarta Ngumbar Amarah. ”Ulah sirik ka nu telenges, jeung ulah hayang nurutan.” (Siloka 3:31) ”Napsu badan [kaasup] . . . ngumbar amarah.”​—Galata 5:19, 20.

Judi. ”Ulah campur jeung jelema anu . . . hawek.”​—1 Korinta 5:11.

Mikangéwa Jalma nu Béda Sélér Bangsa. ”Ka musuh ge kudu nyaah, ka nu neungteuinganan kudu ngadoakeun.”​—Mateus 5:43, 44.

Allah masihan terang hal-hal ieu téh pikeun mangpaat urang. Henteu gampang nyingkahan kalakuan-kalakuan anu goréng. Tapi, ku ayana pitulung ti Yéhuwa sarta Saksi-Saksi-Na, Sadérék tiasa nyingkahan kalakuan-kalakuan anu henteu nyenangkeun Allah.​—Yesaya 48:17; Jabur 55:23; Ibrani 10:24, 25.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun