PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • gf pal. 15 kaca 24-25
  • Sobat-Sobat Allah Ngalampahkeun Kahadéan

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Sobat-Sobat Allah Ngalampahkeun Kahadéan
  • Sadérék Tiasa Janten Sobat Allah!
  • Bahan nu Sarupa
  • Kulawarga Sadérék Bisa Bagja
    Naon nu Diajarkeun Kitab Suci?
  • Kumaha carana supaya kulawarga urang bisa bagja?
    Kumaha Carana Supaya Kulawarga Urang Bisa Bagja?
  • Kanyaah—Sipat nu Penting
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2017
  • Ku Naon Urang Kudu Ngajénan Wewenang?
    Carana Tetep Dipikaasih ku Allah
Tingali Ogé
Sadérék Tiasa Janten Sobat Allah!
gf pal. 15 kaca 24-25

PALAJARAN 15

Sobat-sobat Allah Ngalampahkeun Kahadéan

Upami Sadérék gaduh sobat anu dipikaresep sarta dipikahormat ku Sadérék, tangtu Sadérék bakal nyonto anjeunna. Alkitab nyebutkeun yén Yéhuwa téh bageur tur bener. (Jabur 25:8) Sangkan jadi sobat Allah, urang ogé kedah bageur tur bener. Alkitab nyebutkeun, ”Aranjeun . . . kudu nulad ka Mantenna. Hirup kudu dijiwaan ku kanyaah.” (Epesus 5:1, 2) Ieu sababaraha cara pikeun ngalampahkeunana:

Dua lalaki keur digawé babarengan di proyék pangwangunan

Resep mantuan batur. ”Sing getol migawe kahadean ka sing saha bae.”​—Galata 6:10.

Getol digawé. ”Anu geus biasa maling ulah maling deui, anggur singkil [sumanget] digawe nyiar napkah anu jujur.”​—Epesus 4:28.

Ngajaga kaberesihan jasmani ogé moral. ”Urang kudu miceun sagala rereged lahir batin, hirup kudu beresih jeung kudu ajrih ka Allah.”​—2 Korinta 7:1.

Hiji kulawarga anu rék dahar babarengan

Nyaah sarta hormat ka anggota kulawarga Sadérék. ”Aranjeun oge . . . kudu nyaah ka pamajikan saperti ka awak sorangan, unggal pamajikan kudu hormat ka salaki. Barudak! . . . kudu nurut ka kolot.”​—Epesus 5:33–6:1.

Némbongkeun asih ka batur. ”Hayu dulur-dulur urang silih pikaasih, sabab sipat asih teh asal ti Allah.”​—1 Yohanes 4:7.

Taat kana hukum pamaréntah. ”Unggal jelema kudu nurut ka pamarentah . . . Jadi, bayar sakur anu kudu dibayar ka pamarentah, boh pajeg lamun kudu mayar pajeg.”​—Rum 13:1, 7.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun