PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • ds kaca 28-49
  • Bagian 2: Kahirupan Kristen

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Bagian 2: Kahirupan Kristen
  • ’Datangan Jalma-Jalma, Jaradikeun Murid, Baptis Maranéhna’
’Datangan Jalma-Jalma, Jaradikeun Murid, Baptis Maranéhna’
ds kaca 28-49

PANANYA-PANANYA KEUR PAWARTA NU HAYANG DIBAPTIS

Bagian 2: Kahirupan Kristen

Waktu diajar Alkitab, Sadérék jadi paham kana naon nu dipiharep Yéhuwa ti Sadérék sarta carana hirup luyu jeung prinsip-prinsip-Na nu luhur. Pikeun ngalakukeunana, bisa jadi Sadérék geus ngarobah kabiasaan jeung tingkah laku Sadérék. Lantaran boga tékad rék hirup luyu jeung prinsip-prinsip Yéhuwa nu luhur, Sadérék bisa ngawula sabagé pawarta.

Pananya-pananya dina bagian ieu ngabantu Sadérék bener-bener paham kana kahoyong Yéhuwa sarta apal naon nu kudu dilakukeun sangkan bisa jadi umat-Na. Bahasan ieu gé bakal ngingetkeun Sadérék yén ngalakukeun sagala hal téh kudu dibarengan ku haté sanubari nu bersih sarta demi kamulyaan Yéhuwa.​—2 Kor. 1:12; 1 Tim. 1:19; 1 Pet. 3:16, 21, SF.

Ayeuna, Sadérék pasti hayang tunduk kana pamaréntahan Yéhuwa jeung jadi bagian tina organisasi-Na. Pananya jeung ayat-ayat dina bagian ieu bisa ngabantu Sadérék paham pentingna tunduk kana aturan Yéhuwa di sidang, kulawarga, jeung pamaréntahan manusa. Sadérék bakal leuwih ngahargaan sasadiaan nu geus diatur ku Yéhuwa pikeun ngajar jeung ngabantu umat-Na ngaraket ka Mantenna. Sadérék gé bakal kajurung pikeun datang jeung aktif di pasamoan, luyu jeung kasanggupan Sadérék.

Salian ti éta, bagian ieu ngabahas pentingna rutin ngawawar pikeun ngabantu jalma-jalma wanoh ka Yéhuwa sarta apal kana tujuan Mantenna pikeun umat manusa. (Mat. 24:14; 28:19, 20) Ahirna, Sadérék jadi paham kana pentingna ngabaktikeun diri jeung dibaptis. Sadérék ogé yakin yén Yéhuwa bungah ningali upaya Sadérék pikeun ngahargaan asih kurnia-Na.

  1. Naon aturan Alkitab ngeunaan perkawinan? Naon hiji-hijina dasar Alkitab pikeun pepegatan?

    • ”Naha aranjeun can maca Kitab Suci anu nyebutkeun yen waktu Khalik mimiti ngadamel manusa, ngadamelna teh lalaki jeung awewe? Jeung Allah nimbalan, ’Ku hal eta lalaki bakal ninggalkeun indung bapana tuluy ngahiji jeung pamajikanana sarta duanana jadi satunggal.’ Ku sabab kitu duanana geus lain dua deui, tapi hiji. Ku lantaran kitu, anu geus dihijikeun ku Allah teu meunang dipisahkeun ku manusa. . . . Lalaki anu nyerahkeun pamajikan padahal pamajikanana henteu nyelewer, lamun kawin deui jeung awewe sejen, eta lalaki teh ngaranyed.”​—Mat. 19:4-6,9.

  2. Ku naon pasangan nu hirup bareng kudu nikah sacara resmi? Lamun geus nikah, naha Sadérék yakin perkawinan Sadérék geus disahkeun ku pamaréntah?

    • ”Jalma-jalma teh ingetan ku hidep yen kudu tunduk ka pamarentah, ka nu nyarekel kawasa nagara.”​—Tit. 3:1.

    • ”Ajenan perkawinan, laki rabi sing pada-pada satia. Anu nyelewer atawa jinah tangtu dihukum ku Allah.”​—Ibr. 13:4.

  3. Naon kawajiban Sadérék dina kulawarga?

    • ”Anaking! Turutkeun papatah nu jadi bapa, gugu pitutur nu jadi indung.”​—Sil. 1:8.

    • ”Salaki teh anu ngapalaan pamajikan, saperti Al Masih oge jadi Kapala jamaah. . . . Salaki kudu nyaah ka pamajikan, cara Al Masih nu bumela ka jamaah.”​—Epe. 5:23, 25, SF.

    • ”Aranjeun nu jaradi kolot, ka anak ulah sakarep-karep nepi ka anak jadi ambekeun. Sabalikna, gedekeun anak teh make pranata jeung pangajaran-pangajaran kakristenan.”​—Epe. 6:4.

    • ”Maraneh barudak, dina sagala rupa masing nurut ka kolot. Budak anu nurut ka kolot teh, ku Gusti dipikanyaah.”​—Kol. 3:20, SF.

    • ”Aranjeun, istri-istri, kudu ngesto ka salaki.”​—1 Pet. 3:1.

  4. Ku naon urang kudu ngahargaan kahirupan?

    • ”[Allah] anu maparin hirup sareng ambekan katut salian ti eta ka manusa. . . . Urang hirup, usik, jeung gumelar teh ku Mantenna.”​—Ras. 17:25, 28.

  5. Ku naon urang teu meunang maéhan jalma, kaasup jabang bayi?

    • ”Lamun aya anu garelut, heug nu neunggeulna téh kalepasan keuna ka wanita anu eukeur kakandungan nepi ka . . . aya nu maot, hukumanana nyaéta nyawa bayar nyawa.”​—Bud. 21:22, 23, NW.

    • ”Memeh abdi lahir ku Gusti parantos katingali. Poe-poe pikeun abdi parantos diserat dina kitab Gusti, samemeh eta poe-poe ngawitan.”​—Jab. 139:16.

    • ”Anu jadi kacua PANGERAN . . . leungeun nu maehan jalma teu salah.”​—Sil. 6:16-19.

  6. Naon paréntah Allah ngeunaan getih?

    • ”Kedah . . . pantrang neda getih, pantrang neda sato anu paeh bangkar.”​—Ras. 15:29.

  7. Ku naon urang kudu nyaah ka dulur-dulur saiman?

    • ”Maraneh ku Kami dibere hiji parentah anyar, nya eta: Masing silih pikanyaah. Sakumaha Kami mikanyaah ka maraneh, maraneh oge kudu silih pikanyaah sabatur-batur. Ku jalan silih pikanyaah jeung babaturan, bakal katara ka sarerea yen maraneh teh murid-murid Kami.”​—Yoh. 13:34, 35.

  8. Sangkan panyakitna teu népa, (a) Ku naon jalma nu boga panyakit parah sakuduna henteu meluk jeung nyium batur? (b) Ku naon manéhna sakuduna henteu kasinggung lamun teu diondang ka imah batur? (c) Ku naon jalma nu bisa jadi boga panyakit nu bisa népa, misalna lantaran baheulana maké narkoba atawa hirupna cabul, kudu daék cék getih saacan bobogohan? (d) Ku naon jalma nu boga panyakit nu bisa népa kudu ngabéjaan koordinator kokolot sidang saacan dibaptis?

    • ”Ka saha bae oge ulah boga hutang salian ti hutang kanyaah ka pada batur. . . . ’Maneh kudu nyaah ka batur saperti ka diri sorangan.’ Lamun aya rasa kanyaah ka batur, tangtu moal jahat ka batur.”​—Rum 13:8-10.

    • ”Hargaan kapentingan batur, ulah mentingkeun diri sorangan bae.”​—Pil. 2:4.

  9. Ku naon Yéhuwa miharep urang silih hampura?

    • ”Kudu daek silih eledan, lamun pareng pasendatan jeung batur kudu daek silih hampura. Ngahampura teh wajib, sakumaha Gusti oge ngahampura ka aranjeun.”​—Kol. 3:13.

  10. Naon nu kudu dilakukeun lamun aya dulur saiman nu mitnah atawa nipu Sadérék?

    • ”Dulur anu boga dosa ka maraneh kudu dipepelingan, tapi paduduaan bae. Mun daekeun narima salah, maneh untung bisa ngahiji deui jeung dulur. Tapi upama embungeun ngadenge pepeling maraneh, kudu mawa batur saurang atawa duaan, sabab ceuk Kitab Suci, ’Pikeun netelakeun yen anu dituding teh enya salah, kudu kasaksian ku duaan atawa tiluan.’ Lamun geus kitu neugtreug keneh, beberkeun perkarana ka sajamaah [”unjukkeun ka jamaah”, SF]. Upama ku sajamaah ge teu mental, anggap eta dulur teh deungeun-deungeun anu teu nganyahokeun ka Allah, atawa anggap bae tukang mulung pajeg.”​—Mat. 18:15-17.

  11. Kumaha pandangan Yéhuwa kana dosa-dosa ieu?

    • ▪ Lampah cabul

    • ▪ Maké patung jeung gambar dina ibadah

    • ▪ Homoséksualitas

    • ▪ Maok

    • ▪ Judi

    • ▪ Mabok

    • ”Poma, ulah sasar! Nu ngaranyed, nu nyembah brahala, nu jinah, nu sapatemon jeung pada lalaki, nu maling, nu kumed, pamabokan, nu mitenah, jeung tukang tipu, moal meunang asup ka Karajaan Allah.”​—1 Kor. 6:9, 10, SF.

  12. Naon tékad Sadérék ngeunaan lampah cabul, kaasup sagala rupa hubungan séks di luar nikah?

    • ”Pahing lacur!”​—1 Kor. 6:18.

  13. Ku naon urang teu meunang nyalahgunakeun bahan-bahan nu matak nyandu jeung mangaruhan pikiran?

    • ”Ngabaktikeun diri ka Mantenna, jadikeun kurban hirup-hirup; kumawula ka Mantenna bae supaya sukaeun manah-Na. Kudu kitu ibadah teh, kakara bener. Ulah miluan adat kabiasaan ieu dunya. Batin teh sina dianyarkeun ku Mantenna, supaya pikiran aranjeun barobah anyar sama sakali. Ari geus kitu mah tangtu bakal terang kana pangersa Allah, mana nu hade, nu sampurna, nu matak bisa nyukakeun manah-Na.”​—Rum 12:1, 2.

  14. Kagiatan naon waé nu aya patalina jeung roh-roh jahat nu dilarang ku Allah?

    • ”Ulah aya bangsa maraneh anu metangan atawa nujum, ngajampe, atawa neangan tanda-tanda galagat, atawa ngumaha ka arwah jelema anu geus paraeh.”​—Pam. 18:10, 11.

  15. Naon nu kudu geura dilakukeun ku jalma nu ngalakukeun dosa gedé tuluy hayang mulihkeun deui sosobatanana jeung Yéhuwa?

    • ”Abdi teh wakca, teu ngilungan deui dosa. Sadaya kalepatan diangken.”​—Jab. 32:5.

    • ”Kumaha lamun aya anu gering? Pangneangkeun kokolot jamaah sina mangnedakeun, sina mangurutkeun make minyak jetun, bari nyambat jenengan Gusti. Paneda anu saestu dibarengan ku percaya tan wande bisa nyageurkeun, anu gering teh ku Gusti dikersakeun cageur deui, jeung dosana dihampura.”​—Yak. 5:14,15.

  16. Naon nu kudu dilakukeun lamun Sadérék nyaho aya dulur saiman nu ngalakukeun dosa gedé?

    • ”Lamun aya jelema anu kalawan resmi dipenta panyaksina di pangadilan, tapi teu mere katerangan tina hal anu ku manehna geus katenjo atawa kadenge, . . . manehna kudu nanggung balukarna.”​—Ima. 5:1.

  17. Lamun aya pangumuman yén hiji jalma geus lain Saksi Yéhuwa, kumaha sakuduna sikep urang ka manéhna?

    • ”Ulah campur jeung jelema anu ngaku saiman tapi kalakuanana nirca, ingkar tina susila, atawa hawek, atawa nyembah ka arca, atawa tukang mitenah, atawa resep mabok, atawa bangsat. Diuk bareng dahar oge jeung jelema kitu mah ulah!”​—1 Kor. 5:11.

    • ”Upama engke [anjeun] kadatangan jelema anu mawa pangajaran sanes piwulang Kristus, ulah ditarima, ulah dibagea-bageakeun acan.”​—2 Yoh. 10.

  18. Ku naon Sadérék sakuduna ngan nyobat jeung jalma nu nyaah ka Yéhuwa?

    • ”Pek nyampur jeung nu pinter, tangtu pinter. Pek babaturan jeung nu garejul, tangtu ancur.”​—Sil. 13:20.

    • ”Aranjeun ulah kabobodo. Sabab, ’Pergaulan goreng ngaruksak sipat nu hade.’”​—1 Kor. 15:33.

  19. Ku naon Saksi Yéhuwa kudu nétral sacara pulitik?

    • ”Sakumaha Abdi [Yésus] sanes gaduhna dunya, maranehna oge sanes gaduhna dunya.”​—Yoh. 17:16.

  20. Ku naon Sadérék kudu taat ka pamaréntah?

    • ”Unggal jelema kudu nurut ka pamarentah, sabab henteu aya pamarentah anu teu karana widi Allah. Jadi pamarentah anu ayeuna eukeur oge geus kersaning Allah.”​—Rum 13:1.

  21. Lamun aya hukum manusa nu papalingpang jeung hukum Allah, Sadérék bakal kumaha?

    • ”Sim kuring sadaya ngaraos wajib tunduk ka Allah ti batan ka manusa.”​—Ras. 5:29.

  22. Waktu milih pagawéan, ayat-ayat naon nu bisa ngabantu Sadérék tetep misah ti dunya?

    • ”Bangsa-bangsa moal perang deui, moal sasadiaan perang deui.”​—Mika 4:3.

    • ”Aya deui sora ti sawarga, ngandika, ’He umat Kami, geura budal ti dinya [Babul Raya]! Ulah kabawa ku dosana, ulah kabawa ku hukumanana.’”​—Wahyu 18:4.

  23. Hiburan jeung rékréasi nu siga kumaha nu bakal dipilih atawa disingkahan ku Sadérék?

    • ”Ulah sirik ka nu telenges, jeung ulah hayang nurutan.”​—Sil. 3:31.

    • ”Musuhan kagorengan, genggem naon anu hade.”​—Rum 12:9.

    • ”Kudu malikiran teh nu hade, nu peryoga, nu bener, nu adil, nu mulus, nu manis, sarta nu kaajen.”​—Pil. 4:8.

  24. Ku naon Saksi Yéhuwa teu ibadah bareng jeung agama séjén?

    • ”Lamun aranjeun ngadahar susuguh pikeun roh jahat, teu meunang ngadahar Jamuan Gusti.”​—1 Kor. 10:21.

    • ”Allah ngandika, ’. . . Pisahkeun diri ti maranehna. Ulah ngayakeun naon-naon jeung sakur nu najis, tangtu maraneh ditarima ku Kami.’”​—2 Kor. 6:17.

  25. Lamun aya acara atawa perayaan, prinsip naon nu kudu dipikirkeun saacan mutuskeun rék miluan atawa henteu?

    • ”[Maranéhna] kalah ka pacorok jodo . . . sarta niru adat eta jalma-jalma anu teu nyaho ka Allah. Umat Allah teh ngabarakti ka brahala, ngalantarankeun maranehna cilaka.”​—Jab. 106:35, 36.

    • ”Nu paeh mah teu nyaho naon-naon.”​—Pan. 9:5.

    • ”Sakumaha Abdi sanes gaduhna dunya, maranehna oge sanes gaduhna dunya.”​—Yoh. 17:16.

    • ”Geus cukup bareto hirup aranjeun milampah anu sok dipilampah ku anu henteu palercaya ka Allah, kalakuan henteu pantes, ngumbar napsu, resep mabok, ngecak ngebur, ria-ria, jeung nyarembah ka brahala.”​—1 Pet. 4:3.

  26. Kumaha conto-conto dina Alkitab ngabantu Sadérék mutuskeun naha rék ngarayakeun ulang taun atawa henteu?

    • ”Tilu poe ti harita raja [Piraon] ngajamu mantri-mantri, sabab meneran poe weweton anjeunna. Mantri nu ngurus leueuteun jeung mantri nu ngurus katuangan disaur sina ka payuneun mantri-mantri sejenna. Satuluyna mantri nu ngurus leueuteun dijenengkeun deui. Ari mantri nu ngurus katuangan mah terus digantung.”​—Kaj. 40:20-22.

    • ”Dina pesta wewedalan Herodes, putra istri Herodias ngibing di payuneunana jeung tamu-tamu. Ku bawaning suka Herodes sasauran kieu ka eta murangkalih, ’Ama sumpah, sapamenta nyai tantu dikabul!’ Kalawan papatah ibuna, eta murangkalih teh kieu unjukanana, ’Nyuhunkeun sirah Yohanes Jurubaptis ayeuna keneh, bantun ka dieu dina baki.’ Yohanes diteukteuk mastakana di jero panjara.”​—Mat. 14:6-8, 10.

  27. Ku naon Sadérék hayang nuturkeun pituduh ti para kokolot sidang?

    • ”Ka nu jaradi pamingpin kudu narurut, jalankeun sagala aturanana. Aranjeunna teu kendat-kendat nalingakeun kasalametan jiwa aranjeun, tur sagala kawajibanana teh aya tanggung jawabna ka Allah. Tarurut, supaya ngajalankeun kawajibanana teh reujeung janglar hate, sabab ari jeung bari nguluwut mah tangtu moal bisaeun nulung ka aranjeun.”​—Ibr. 13:17.

  28. Ku naon penting sangkan Sadérék jeung kulawarga rutin maca jeung diajar Alkitab?

    • ”[Manéhna] resep nurut kana Hukum PANGERAN, bari diulik beurang peuting. Jelema anu kitu ibarat tangkal nu jadi di sisi walungan, dina usumna tangtu buahan, daunna ge moal aya alumna, sapanejana tangtu tinekanan.”​—Jab. 1:2, 3.

  29. Ku naon Sadérék resep datang jeung aktif di pasamoan?

    • ”Abdi bade nyanggemkeun padamelan Gusti ka rahayat, bade ngamulyakeun Gusti dina pasamoanana.”​—Jab. 22:23.

    • ”Sing silih titenan, silih ajak nyieun kahadean jeung nembongkeun kanyaah. Ulah bosen-bosen kumpulan, ulah cara anu lian. Sabalikna anggur sing silih gedekeun hate, sabab Poe pisumpingeunana Gusti geus beuki deukeut.”​—Ibr. 10:24, 25.

  30. Naon tugas nu pangpentingna nu diparéntahkeun ku Yésus ka urang?

    • ”Datangan jalma-jalma saalam dunya jaradikeun murid Kami, baptis [maranéhna] . . . Ajar ngalakonan sagala perkara anu ku Kami geus diparentahkeun ka maraneh.”​—Mat. 28:19, 20.

  31. Waktu méré sumbangan pikeun kagiatan Karajaan atawa ngabantu dulur-dulur saiman, kumaha sakuduna sikep urang?

    • ”Masing hormat ka PANGERAN ku ngabaktikeun sagala rupa hasil bumi lahan hidep anu panghadena.”​—Sil. 3:9.

    • ”Mere teh kudu cop jeung hate, ulah owel atawa asa dipaksa. Anu mere reujeung suka lilah tangtu diasih ku Allah.”​—2 Kor. 9:7.

  32. Kasusahan naon waé nu bisa jadi kaalaman ku urang Kristen?

    • ”Bagja jelema anu dikaniaya ku sabab ngalakonan pangersa Allah, Karajaan Sawarga teh eukeurna! Bagja maraneh lamun dihina-hina, diteungteuinganan, diomongkeun jeung digogoreng dumeh anut ka Kami. Lamun dikitu-kitu sing bagja, sing bungah, sabab geus aya piganjaraneunana anu gede di sawarga. Nabi-nabi anu hirup beh ditueun maraneh oge dikaniaya teh kitu.”​—Mat. 5:10-12.

  33. Ku naon dibaptis jadi Saksi Yéhuwa téh kahormatan nu istiméwa?

    • ”Abdi bungah tur gumbira ku lantaran Firman Gusti, ku sabab abdi nyandang nami Gusti, nun Yéhuwa.”​—Yer. 15:16, NW.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun