PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • ds kaca 51-59
  • Bagian Ahir Pikeun Dibahas jeung Calon Baptis

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Bagian Ahir Pikeun Dibahas jeung Calon Baptis
  • ’Datangan Jalma-Jalma, Jaradikeun Murid, Baptis Maranéhna’
’Datangan Jalma-Jalma, Jaradikeun Murid, Baptis Maranéhna’
ds kaca 51-59

Bagian Ahir Pikeun Dibahas jeung Calon Baptis

Acara baptisan biasana diayakeun dina kongrés Saksi Yéhuwa. Dina ahir hutbah baptisan, nu hutbah bakal ngondang calon baptis pikeun ngadeg sarta ngajawab dua pananya ieu ku sora nu tarik:

1. Naha Sadérék geus tobat tina dosa-dosa Sadérék, ngabaktikeun diri ka Yéhuwa, jeung percaya yén Yéhuwa nyalametkeun urang ku jalan Yésus Kristus?

2. Naha Sadérék paham yén ku cara dibaptis, Sadérék bakal dikenal sabagé Saksi-Saksi Yéhuwa nu ngagabung jeung organisasi Yéhuwa?

Jawaban ti calon baptis ngabuktikeun di hareupeun jalma réa yén manéhna miboga iman kana korban tebusan Yésus jeung geus ngabaktikeun diri ka Yéhuwa. (Rum 10:9, 10) Saacanna, calon baptis kudu ngadoa jeung ngalenyepan dua pananya éta sangkan bisa méré jawaban nu luyu jeung tékadna.

Naha Sadérék geus ngabaktikeun diri ka Yéhuwa dina doa, jangji rék ibadah ngan ka Mantenna jeung ngutamakeun kahoyong-Na dina kahirupan Sadérék?

Naha Sadérék bener-bener yakin yén Sadérék hayang dibaptis dina kongrés nu bakal datang?

Siga kumaha pakéan nu pantes keur calon baptis téh? (1 Tim. 2:9, 10; Yoh. 15:19; Pil. 1:10)

Papakéan urang kudu ”sameujeuhna ulah kaleuleuwihi”, sakumaha jalma nu ”ibadah ka Allah”. Jadi, calon baptis moal maké baju renang nu ngaboléklak atawa baju nu aya tulisanana. Manéhna kudu maké pakéan nu rapih, bersih, merenah, jeung cocog pikeun acara baptisan.

Kumaha sakuduna sikep calon baptis dina acara baptisan? (Luk. 3:21, 22)

Baptisan Yésus jadi conto pikeun urang Kristen nu rék dibaptis kiwari. Tina sikep jeung tingkah lakuna, Yésus nunjukkeun yén baptisan téh hal nu sérius. Ku kituna, calon baptis moal heureuy, ngojay, atawa ngalakukeun hal nu ngalantarankeun batur jadi teu ngahargaan acarana. Sikep manéhna gé moal siga jalma nu kakara meunang tanding. Sanajan baptisan téh acara nu ngabungahkeun, kabungah urang kudu ditémbongkeun ku cara nu sopan.

Ku naon rutin masamoan jeung campur gaul di sidang bakal ngabantu Sadérék ngalaksanakeun pangbaktian Sadérék ka Yéhuwa?

Sanggeus dibaptis, ku naon Sadérék kudu tetep ngajaga rutin palajaran pribadi jeung ngawawar?

PITUDUH KEUR KOKOLOT SIDANG

Waktu pawarta nu can dibaptis méré nyaho yén manéhna hayang dibaptis, jurung manéhna pikeun mariksa ”Pananya-Pananya keur Pawarta nu Hayang Dibaptis” dina kaca 12-49 di buku ieu. Manéhna ogé kudu maca bagian ”Pesen keur Pawarta nu Can Dibaptis” dina kaca 7, nu ngajelaskeun kumaha carana persiapan saacan ngabahas pananyana jeung kokolot. Saperti nu geus dijelaskeun, calon baptis bisa ningali catetanana dina buku ieu atawa dina alat séjén. Tapi, manéhna teu perlu ngabahas pananyana jeung batur saacan dibahas jeung kokolot.

Pawarta nu hayang dibaptis kudu méré nyaho koordinator badan kokolot. Sanggeus manéhna maca bagian ”Pananya-Pananya keur Pawarta nu Hayang Dibaptis”, koordinator badan kokolot sidang bakal nanya ka manéhna naha geus ngabaktikeun diri ka Yéhuwa dina doa pikeun ngalakukeun kahoyong-Na. Lamun manéhna geus ngabaktikeun diri, koordinator badan kokolot bakal ngatur sangkan dua kokolot ngabahas dua bagian dina ”Pananya-Pananya keur Pawarta nu Hayang Dibaptis” jeung pawarta éta. Hiji kokolot ditugaskeun pikeun ngabahas hiji bagian. Kokolot bisa langsung ngabahas bahanna jeung calon baptis, teu kudu ngadagoan nepi ka aya pangumuman ngeunaan kongrés nu bakal datang.

Biasana, dua bagian éta dibahas dua kali, masing-masing lilana sajam. Tapi, teu kudu gurung gusuh ngabahasna, lamun perlu kokolot bisa maké leuwih loba waktu. Unggal bahasan sakuduna dimimitian jeung ditutup ku doa. Kokolot nu ditugaskeun bakal mentingkeun bahasan ieu sanajan sibuk.

Alusna mah bahanna dibahas jeung unggal calon baptis, henteu babarengan jeung sababaraha calon baptis. Ku kituna, kokolot bisa ningali naha calon baptis geus bener-bener ngarti kana pangajaran Alkitab atawa henteu. Kokolot gé bakal yakin waktu mutuskeun naha manéhna geus siap dibaptis atawa acan. Mun dibahasna sorangan-sorangan, calon baptis biasana moal asa-asa ngungkabkeun pamikiranana. Lamun pasangan salaki pamajikan hayang dibaptis, ngabahasna bisa dibarengkeun.

Lamun calon baptisna awéwé, ngabahasna kudu diayakeun di tempat nu katingali ku batur, tapi batur teu bisa ngupingkeun obrolanana. Lamun perlu, kokolot bisa ngajak kokolot séjén atawa palayan sidang, gumantung kana bahasanana. Ieu dijelaskeun dina paragrap saterusna.

Lamun kokolot sidangna ngan saeutik, palayan sidang nu boga hikmat jeung pangarti nu hadé bisa ngabahas pananya-pananya dina ”Bagian 1: Kapercayaan Kristen”. Tapi, ”Bagian 2: Kahirupan Kristen” kudu dibahas ku kokolot. Lamun di sidang ngan aya saeutik sadérék nu nyumponan sarat, sidang bisa ngontak pangawas wilayah, tuluy manéhna bisa nangtukeun naha kokolot di sidang pangdeukeutna bisa ngabantu.

Lamun calon baptisna leutik kénéh, kolotna nu Saksi kudu milu waktu ngabahas pananyana. Lamun kolotna teu bisa milu, kudu aya dua kokolot sidang (atawa hiji kokolot jeung hiji palayan sidang, gumantung kana bahasanana).

Kokolot bakal mastikeun naha calon baptis geus cukup paham kana pangajaran dasar Alkitab atawa henteu. Salian ti éta, kokolot kudu mastikeun ogé naha manéhna bener-bener ngahargaan bebeneran jeung ngajénan organisasi Yéhuwa. Lamun calon baptis can bener-bener paham kana pangajaran dasar Alkitab, kokolot bakal ngatur sangkan manéhna dibantu ngarah engkéna bisa dibaptis. Bisa jadi, aya ogé nu kudu dibéré leuwih loba waktu pikeun leuwih sumanget ngawawar jeung tunduk kana aturan ti organisasi Yéhuwa. Salila ngabahas dina kurang leuwih sajam éta, kokolot bisa ngatur mana pananya nu rék dibahas leuwih lila mana nu leuwih gancang. Nu penting, manéhna bisa ningali naha éta pawarta geus siap dibaptis atawa acan. Tapi, kabéh pananya tetep kudu dibahas.

Sanggeus bérés, para kokolot nu ditugaskeun pikeun ngabahas pananyana bakal barempug jeung mutuskeun naha calon baptis éta bisa dibaptis atawa henteu. Tangtu, kokolot gé bakal mikirkeun kamampuh jeung kaayaan masing-masing calon baptis. Nu diutamakeun téh nyaéta naha manéhna bener-bener hayang ngabakti ka Yéhuwa jeung geus paham kana pangajaran dasar Alkitab. Ku bantuan ti kokolot, calon baptis bisa siap ngalaksanakeun tugasna pikeun ngawawarkeun warta hadé.

Sanggeus nyieun putusan, hiji kokolot atawa duanana kudu manggihan deui calon baptis jeung méré nyaho naha manéhna nyumponan sarat pikeun dibaptis atawa henteu. Lamun manéhna nyumponan sarat, kokolot bisa ngabahas ”Bagian Ahir pikeun Dibahas jeung Calon Baptis” dina kaca 51-53. Lamun calon baptis can ngaréngsékeun buku Hirup Bagja Salilana!, kokolot kudu ngajurung manéhna pikeun ngaréngsékeun dua buku éta sanggeus dibaptis. Béré nyaho calon baptis yén tanggal baptis jeung ngaran manéhna bakal dicatet dina Kartu Penyiar Sidang. Ingetkeun manéhna yén kokolot ngumpulkeun informasi pribadi siga kitu téh sangkan organisasi bisa ngatur kagiatan Saksi-Saksi Yéhuwa di sakuliah dunya, sarta sangkan manéhna bisa miluan kagiatan nu diatur ku sidang jeung narima dukungan rohani ti para kokolot. Salian ti éta, para kokolot bisa méré nyaho pawarta anyar yén sagala informasi pribadi dilindungan ku Kebijakan Umum tentang Perlindungan Data dari Saksi-Saksi Yéhuwa nu bisa dibaca dina jw.org. Biasana, bahasan ieu moal leuwih ti sapuluh menit.

Sataun sanggeus pawarta éta dibaptis, dua kokolot kudu panggih deui jeung manéhna pikeun nguatkeun jeung méré saran. Salah sahiji kokolot nu ditugaskeun téh kudu pangawas kelompok dinesna. Lamun éta pawarta leutik kénéh, kolotna kudu maturan. Waktu ngobrol, upayakeun sangkan kaayaanana ngagedékeun haté. Kokolot bisa ngabahas kamajuan rohanina jeung méré saran ngeunaan carana ngajaga rutin palajaran pribadi, maca Alkitab, ibadah kulawarga, datang jeung aktif di pasamoan, sarta ngawawar. (Epe. 5:15, 16) Lamun manéhna can ngaréngsékeun buku Hirup Bagja Salilana!, kokolot bisa ngatur sangkan aya nu ngabantu manéhna. Kokolot ulah pelit dina méré pujian, tapi dina méré naséhat mah biasana hiji atawa dua gé geus cukup.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun