PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • bhs kaca 3-7
  • Naon Tujuan Allah pikeun Urang?

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Naon Tujuan Allah pikeun Urang?
  • Naon nu Diajarkeun Kitab Suci?
  • Subjudul
  • KITAB SUCI NGAJARKEUN YÉN ALLAH BAKAL NYIEUN PAROBAHAN DI BUMI.
  • MANGPAAT DIAJAR KITAB SUCI
Naon nu Diajarkeun Kitab Suci?
bhs kaca 3-7

Naon Tujuan Allah Pikeun Urang?

WAKTU Sadérék maca koran, nongton telepisi, atawa ngadangukeun radio, Sadérék ningali jeung ngadangu loba warta ngeunaan kajahatan, perang, jeung térorisme. Bisa waé Sadérék ogé sangsara ku panyakit atawa jalma nu dipikaasih ku Sadérék maot.

Hiji kulawarga keur ngadéngékeun warta radio

Tanyakeun ka diri sorangan:

  • Naha ieu téh rencana Allah pikeun kuring jeung kulawarga kuring?

  • Ti mana kuring bisa meunang bantuan waktu nyanghareupan masalah?

  • Naha bakal aya katengtreman nu langgeng di bumi?

Kitab Suci nyadiakeun jawaban nu nyugemakeun pikeun pananya-pananya éta.

KITAB SUCI NGAJARKEUN YÉN ALLAH BAKAL NYIEUN PAROBAHAN DI BUMI.

  • Kanyeri, awak ngolotan, ogé maot, moal aya-aya deui.​—Wahyu 21:4

  • ”Nu lumpuh bakal bisa luncat jeung ngigel.”​—Yesaya 35:6

  • ”Nu lolong bakal bisa nenjo.”​—Yesaya 35:5

  • Nu maot bakal dihirupkeun deui.​—Yohanes 5:28, 29

  • Moal bakal aya deui nu gering.​—Yesaya 33:24

  • Sakabéh jalma di bumi bakal boga loba dahareun.​—Jabur 72:16

    Nu kolot bakal jadi ngora, nu lumpuh bakal luluncatan, nu maot bakal dihirupkeun deui, nu gering jeung teu bisa ningali bakal dicageurkeun

MANGPAAT DIAJAR KITAB SUCI

Hiji Saksi Yéhuwa keur ngabahas Kitab Suci jeung hiji lalaki

Bisa jadi Sadérék nyimpulkeun yén hal-hal hadé dina kaca saacanna ngan saukur impian. Tapi, Allah jangji yén moal lila deui Mantenna bakal nyieun parobahan-parobahan éta di bumi, sarta Kitab Suci ngajelaskeun kumaha carana.

Tapi lain éta wungkul, Kitab Suci ogé méré nyaho urang naon nu perlu dilakukeun sangkan bisa hirup bagja jeung sugema ayeuna. Coba pikirkeun hal-hal nu ngahariwangkeun Sadérék. Bisa jadi éta téh masalah kulawarga, ékonomi, panyakit, atawa jalma nu dipikanyaah ku Sadérék maot. Kitab Suci bisa ngabantu Sadérék nyanghareupan masalah-masalah ieu, ogé bisa nengtremkeun haté Sadérék lantaran Kitab Suci méré jawaban pikeun pananya-pananya ieu:

  • Ku naon urang sangsara?

  • Kumaha carana nyanghareupan masalah?

  • Naha kulawarga urang bisa bagja?

  • Kumaha kaayaan nu maot?

  • Naha urang bisa panggih deui jeung kulawarga atawa babaturan nu geus maot?

  • Ku naon urang bisa yakin yén Allah bakal ngalaksanakeun jangji-Na?

Lamun Sadérék keur maca buku ieu, éta hartina Sadérék hoyong terang naon nu diajarkeun Kitab Suci. Buku ieu bisa ngabantu Sadérék. Dina unggal paragrap, aya pananya-pananya nu ngabantu Sadérék leuwih paham kana Kitab Suci. Jutaan jalma resep ngabahas Kitab Suci jeung Saksi-Saksi Yéhuwa. Sim kuring miharep Sadérék gé kitu. Mugia Allah ngaberkahan upaya Sadérék pikeun paham naon nu diajarkeun Kitab Suci!

APAL KANA KITAB SUCI SADÉRÉK

DINA Kitab Suci aya 66 buku jeung surat. Unggal buku dibagi jadi pasal jeung ayat. Jadi, urang bisa leuwih gampang manggihan ayat. Lamun aya ayat nu dicutat dina buku ieu, angka nu mimiti sanggeus ngaran buku ngamaksudkeun pasal, angka saterusna ngamaksudkeun ayat. Contona, ”2 Timoteus 3:16” ngamaksudkeun surat ka Timoteus nu kadua, pasal 3, ayat 16.

Lamun Sadérék muka ayat-ayat nu dicutat, Sadérék bakal beuki apal kana Kitab Suci. Ti ayeuna, Sadérék bisa maca Kitab Suci unggal poé. Lamun Sadérék maca tilu nepi ka lima pasal sapoé, Sadérék bisa anggeus maca Kitab Suci dina waktu sataun.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun