PASAL HIJI
Saha Allah Téh?
1, 2. Naon nu sering ditanyakeun ku jalma-jalma?
BUDAK leutik mah sok loba tatanya. Lamun dibéré nyaho, sok nanya, ’Ku naon?’ Lamun dibéré jawaban, sok nanya deui, ’Ku naon bisa kitu?’
2 Teu sual umurna, urang kabéh masih kénéh osok tatanya. Misalna, rék dahar naon, rék maké baju naon, rék meuli naon. Atawa, aya nu boga pananya penting ngeunaan kahirupan jeung mangsa pikahareupeun. Tapi, lamun teu manggihan jawaban nu nyugemakeun, bisa waé urang jadi embung néangan jawabanana.
3. Naon sababna loba jalma ngarasa pananya-pananya penting maranéhna hésé kajawab?
3 Naha pananya-pananya penting éta téh aya jawabanana dina Kitab Suci? Ceuk sababaraha urang mah kitu, tapi maranéhna ngarasa Kitab Suci téh hésé kahartina. Cenah ngan guru atawa pamingpin agama nu bisa ngajawab. Nu lianna baringung lantaran teu nyahoeun jawabanana. Lamun Sadérék kumaha?
4, 5. Pananya naon nu pernah kapikir ku Sadérék? Naon sababna Sadérék perlu terus néangan jawabanana?
4 Bisa waé Sadérék hayang nyaho jawaban tina pananya-pananya, saperti: Naon tujuan Allah nyiptakeun urang? Kumaha kaayaan nu maot? Saperti kumaha Allah téh? Yésus (Isa), guru nu kasohor, ngajarkeun, ”Kudu menta, tangtu bakal nampa, kudu neangan, tangtu bakal manggih, kudu ngetrokan, tangtu dibuka pantona.” (Mateus 7:7) Ulah eureun nepi ka Sadérék manggihan jawaban nu bisa dipercaya.
5 Lamun Sadérék terus ”neangan”, Sadérék bakal manggihan jawabanana dina Kitab Suci. (Siloka 2:1-5) Jawabanana gampang kaharti. Éta bakal ngabagjakeun kahirupan Sadérék jeung méré harepan pikeun mangsa pikahareupeun. Ayeuna, urang bahas hiji pananya nu ngabingungkeun loba jalma.
NAHA ALLAH MERHATIKEUN URANG?
6. Naon sababna loba jalma ngarasa Allah teu paduli ka maranéhna?
6 Ceuk loba jalma, Allah teu paduli ka urang. Lantaran lamun merhatikeun mah, kaayaan moal kawas kieu. Di mana-mana aya perang, kateuadilan, jeung kasangsaraan. Jalma-jalma garering, sangsara, sarta maraot. Ceuk maranéhna, ’Lamun Allah merhatikeun urang, naha Mantenna henteu mungkas sagala kasangsaraan?’
7. (a) Naon nu diajarkeun pamingpin agama ngeunaan Allah? (b) Ku naon urang yakin lain Allah nu ngalantarankeun kajadian-kajadian nu goréng?
7 Ceuk loba jalma, Allah téh kejem. Lantaran lamun aya musibah, para pamingpin agama sok ngaromong yén éta téh asalna ti Allah. Éta sarua jeung nyalahkeun Allah. Tapi, Kitab Suci ngajarkeun yén Allah tara migawé hal-hal nu jahat. Yakobus 1:13 ngajelaskeun yén Allah teu pernah masihan cocoba, unina, ”Jelema ari keur meunang gogoda ulah ngarasula, ’Ieu cocoba teh ti Allah.’ Sabab Allah mah moal kagoda ku kajahatan, jeung tara ngadoja ka sing saha bae.” Éta hartina sanajan Allah masih kénéh ngantep hal-hal nu goréng lumangsung, lain Mantenna nu ngalantarankeunana. (Baca Ayub 34:10-12.) Éta bisa diumpamakeun saperti kieu.
8, 9. Naon sababna nyalahkeun Allah pikeun kasukeran-kasukeran urang téh teu adil? Béré conto.
8 Bayangkeun aya hiji budak ngora nu cicing di imah kolotna. Bapana pohara mikanyaahna sarta ngajar manéhna nyieun putusan-putusan nu bener. Ka dieunakeun, éta budak barontak ngalawan bapana terus indit ti imah. Manéhna migawé naon nu goréng, terus kalibet masalah. Naha budakna téh sangsara lantaran diantep indit ti imah? Naha Sadérék bakal nyalahkeun bapana? Tangtu moal! (Lukas 15:11-13) Siga éta bapa, Allah ngantep manusa ngabarontak sarta migawé kagoréngan. Jadi, lamun aya kajadian-kajadian nu goréng, urang kudu inget lain Allah nu ngalantarankeunana. Teu adil lamun nyalahkeun Allah.
9 Allah pasti kagungan alesan pikeun ngantep kajadian-kajadian nu goréng terus lumangsung. Di Pasal 11, urang bakal ngabahas hal ieu tina Kitab Suci. Tapi, Sadérék bisa yakin yén Allah téh mikanyaah urang sarta teu bisa disalahkeun. Kanyataanana, mung Allah nu bisa méréskeun sagala kasukeran.—Yesaya 33:2.
10. Ku naon urang yakin Allah bakal ngoméan sagala karuksakan nu dilantarankeun ku jalma-jalma jahat?
10 Allah téh suci. (Yesaya 6:3) Jadi, urang bisa percaya ka Allah lantaran sagala nu dilakukeun ku Mantenna téh murni, hadé, sarta taya cacadna. Manusa mah teu kawas kitu, lantaran osok ngalampahkeun nu goréng. Malahan, pangawasa nu pangjujurna ogé teu boga kawasa pikeun ngoméan sagala karuksakan nu dilantarankeun ku jalma-jalma jahat. Teu aya saurang-urang acan nu boga kawasa saperti Allah. Mantenna bisa sarta bakal ngoméan sagala karuksakan éta. Mantenna bakal ngabasmi kabéh nu jarahat pikeun salalawasna.—Baca Jabur 37:9-11.
KUMAHA PARASAAN ALLAH NINGALI KASANGSARAAN MANUSA?
11. Kumaha parasaan Allah ningali kasangsaraan Sadérék?
11 Kumaha parasaan Allah waktu ningali kajadian-kajadian di dunya sarta nu kaalaman ku Sadérék? Kitab Suci ngajarkeun yén Allah téh ’cinta kaadilan’. (Jabur 33:5) Mantenna merhatikeun mana nu bener jeung mana nu salah. Ku kituna, Mantenna teu suka ningali manusa sangsara. Kitab Suci nyebutkeun, baheula ”Mantenna ngaraos hanjakal” waktu ningali dunya pinuh ku kajahatan. (Kajadian 6:5, 6) Allah tara barobah. (Malaki 3:6) Kitab Suci ngajelaskeun yén Allah bener-bener merhatikeun Sadérék.—Baca 1 Petrus 5:7.
Kitab Suci ngajarkeun yén Yéhuwa Nu Nyipta jagat raya
12, 13. (a) Naon sababna urang nyaah jeung perhatian ka batur? Kumaha parasaan urang ningali kasangsaraan di dunya? (b) Ku naon urang yakin Allah bakal ngaleungitkeun kasangsaraan jeung kateuadilan?
12 Kitab Suci ngajarkeun yén Allah nyiptakeun urang nyeplés jeung Mantenna. (Kajadian 1:26) Éta hartina manusa boga sipat-sipat Mantenna. Jadi, lamun Sadérék ngarasa sedih ningali kasangsaraan batur, komo deui Allah! Ti mana urang nyaho?
13 Kitab Suci ngajarkeun yén ”Allah teh sipat asih”. (1 Yohanes 4:8) Sagala nu dipidamel ku Allah dijurung ku kanyaah-Na. Jadi, urang nyaah lantaran Allah nyaah ka urang. Coba pikirkeun: Lamun boga kawasa, tangtu Sadérék bakal ngaleungitkeun sagala kasangsaraan jeung kateuadilan di dunya. Ku naon? Lantaran Sadérék nyaah ka batur. Lamun Allah kumaha? Lantaran Allah kagungan kawasa jeung nyaah ka urang, Mantenna bakal ngaleungitkeun sagala kasangsaraan jeung kateuadilan. Sadérék bisa yakin yén sagala nu dijangjikeun ku Allah, nu ditémbongkeun di bagian awal buku ieu, bakal jadi kanyataan! Sadérék bisa percaya kana jangji éta lamun kenal ka Mantenna.
ALLAH MIHAREP SADÉRÉK KENAL KA MANTENNA
Waktu kenalan, Sadérék nyebutkeun ngaran Sadérék. Allah nyebutkan nami-Na dina Kitab Suci
14. Saha nami Allah téh, sarta naon sababna urang kudu ngagunakeunana?
14 Waktu kenalan jeung batur, naon nu mimiti disebutkeun ku Sadérék? Ngaran Sadérék. Lamun Allah kumaha, naha Allah kagungan nami? Loba agama ngajarkeun nami-Na téh Allah, Gusti, atawa Pangéran, tapi éta téh lain nami. Éta mah ngan gelar, saperti ”raja” atawa ”présidén”. Allah ngajelaskeun yén nami-Na téh Yéhuwa. Jabur 83:19 nyebutkeun, ”Supados maranehna ngarasa, yen mung Gusti nu jumeneng PANGERAN [Yéhuwa, NW], anu murbeng sakuliah jagat.” Dina Kitab Suci nami Allah aya rébuan kali. Yéhuwa miharep Sadérék kenal jeung ngagunakeun nami-Na. Mantenna ngenalkeun nami-Na sangkan Sadérék bisa jadi sobat-Na.
15. Naon hartina nami Yéhuwa?
15 Nami Allah, Yéhuwa, jero hartina. Éta hartina Allah bisa ngawujudkeun sagala jangji-Na jeung ngalaksanakeun kahoyong-Na. Moal aya nu bisa ngeureunkeun Mantenna. Mung Yéhuwa nu layak nyandang ieu nami.a
16, 17. Naon hartina (a) ”Nu Maha Kawasa”? (b) ”Raja Abadi”? (c) ”Nu Nyiptakeun”?
16 Sakumaha nu geus dibaca, Jabur 83:19 ngajelaskeun ngeunaan Yéhuwa, ”Mung Gusti nu jumeneng PANGERAN, anu murbeng sakuliah jagat.” Wahyu 15:3 ogé nyebutkeun, ”Nun Gusti, Allah Nu Maha Kawasa, estu agung tur aheng dadamelan Gusti!” Naon hartina gelar ”Nu Maha Kawasa”? Éta hartina Yéhuwa nu pangkawasana sajagat raya. Di Tangis Yermia 5:19, Yéhuwa disebut ”Raja abadi”. Gelar ”Raja abadi” hartina Mantenna terus aya salalanggengna. (Jabur 90:2) Sipat-sipat ieu téh matak tajub!
17 Mung Yéhuwa Nu Nyipta sagala-galana. Wahyu 4:11 nyebutkeun, ”Nun Pangeran, nun Allah! Mung Gusti anu layak diagungkeun, dihormat, nu layak nyangking kawasa. Reh Gusti teh nu nyiptakeun saniskara, nya ku karana pangersa Gusti eta sadaya kumelip hirup.” Malaikat di sawarga, béntang di langit, bubuahan, lauk di laut, kabéhanana diciptakeun ku Yéhuwa!
SADÉRÉK BISA JADI SOBAT ALLAH
18. Naon sababna jalma-jalma boga pamikiran yén maranéhna moal bisa jadi sobat Allah? Tapi, naon nu dijelaskeun Kitab Suci?
18 Waktu nyaho sipat-sipat Yéhuwa nu hadé, aya nu ngarasa sieun terus malikir, ’Naha enya Allah nu sakitu kuatna, sakitu pentingna, jeung sakitu luhurna, merhatikeun kuring?’ Allah teu hoyong urang boga parasaan saperti kitu. Malahan, Yéhuwa hoyong ngaraket ka urang. Kitab Suci nyebutkeun yén Allah téh ”henteu jauh ti diri urang masing-masing”. (Rasul 17:27) Allah miharep Sadérék ngaraket ka Mantenna, ”Mantenna ge tangtu ngaraketan deui”.—Yakobus 4:8.
19. (a) Kumaha Sadérék bisa jadi sobat Allah? (b) Sadérék paling tajub ku sipat Yéhuwa nu mana?
19 Kumaha Sadérék bisa jadi sobat Allah? Yésus ngomong, ”Dupi hirup langgeng teh nya eta: Terang ka Ama, Allah sajati anu mung hiji, sareng ka utusan Ama, Yesus Kristus.” (Yohanes 17:3) Lamun terus diajar, Sadérék bakal leuwih kenal ka Yéhuwa jeung Yésus, ogé bisa narima hirup langgeng. Contona, urang geus diajar yén ”Allah teh sipat asih”. (1 Yohanes 4:16) Tapi, Mantenna ogé kagungan loba sipat hadé séjénna. Kitab Suci méré nyaho yén Yéhuwa téh ”sipat welas, sipat karunya, tara barangasan, sugih kaasih, sipat satuhu”. (Budalan 34:6) Yéhuwa bageur jeung ”jembar hampura”. (Jabur 86:5) Allah ogé sabar jeung satia. (2 Petrus 3:9; Jabur 18:26) Sadérék bakal diajar leuwih loba ngeunaan sipat-sipat hadé Mantenna ku cara maca Kitab Suci.
20-22. (a) Kumaha urang bisa deukeut jeung Allah nu teu katingali ku urang? (b) Sadérék kudu kumaha lamun aya nu nitah Sadérék eureun diajar Kitab Suci?
20 Kumaha Sadérék bisa ngaraket ka Allah nu teu katingali ku Sadérék? (Yohanes 1:18; 4:24) Waktu Sadérék maca ngeunaan Yéhuwa dina Kitab Suci, Sadérék bakal ngarasa Mantenna téh Pribadi nu nyata. (Jabur 27:4; Rum 1:20) Leuwih loba diajar ngeunaan Yéhuwa, leuwih nyaah jeung leuwih deukeut Sadérék ka Mantenna.
Bapa mikanyaah budakna, komo deui Bapa urang nu di sawarga
21 Sadérék bakal paham yén Yéhuwa téh Bapa urang. (Mateus 6:9) Mantenna nu masihan urang kahirupan, sarta miharep urang hirup bagja. Éta nu dipiharep ku bapa nu nyaah ka budakna. (Jabur 36:10) Kitab Suci ngajarkeun yén Sadérék bisa jadi sobat Yéhuwa. (Yakobus 2:23) Bayangkeun, Yéhuwa Nu Nyipta jagat raya, miharep Sadérék jadi sobat-Na!
22 Sababaraha jalma bisa waé nitah Sadérék eureun diajar Kitab Suci. Bisa waé maranéhna sieun Sadérék pindah agama. Tapi, ulah nepi ka maranéhna ngahalangan Sadérék jadi sobat Yéhuwa. Mantenna téh sobat panghadéna nu bisa dipimilik ku Sadérék.
23, 24. (a) Naon sababna Sadérék ulah eureun tatanya? (b) Naon nu bakal dibahas di pasal saterusna?
23 Waktu diajar Kitab Suci, bisa waé aya nu teu kaharti ku Sadérék. Ulah éra tatanya atawa ménta bantuan. Ceuk Yésus, urang kudu rendah haté, kawas budak leutik nu sok loba tatanya. (Mateus 18:2-4) Allah miharep Sadérék manggihan jawabanana. Mangga terus diajar Kitab Suci enya-enya sangkan yakin yén Sadérék téh diajar bebeneran.—Baca Rasul 17:11.
24 Cara panghadéna pikeun diajar ngeunaan Yéhuwa nyaéta diajar Kitab Suci. Di pasal saterusna, urang bakal ngabahas naon sababna Kitab Suci béda ti buku-buku séjénna.
a Lamun dina Kitab Suci Sadérék teu aya nami Yéhuwa atawa hayang meunang leuwih loba katerangan ngeunaan harti jeung cara ngucapkeun nami Allah, mangga tingali Catetan Ahir 1.