PASAL TILU
Naon Tujuan Allah Pikeun Manusa?
1. Naon tujuan Allah pikeun manusa?
ALLAH kagungan tujuan nu alus pikeun manusa. Mantenna nyiptakeun lalaki jeung awéwé nu mimiti nyaéta Adam jeung Hawa, pikeun hirup di taman nu éndah. Tujuan Allah nyaéta sangkan maranéhna boga anak, nyieun bumi jadi pirdaus, jeung ngurus sasatoan.—Kajadian 1:28; 2:8, 9, 15; tingali Catetan Ahir 6.
2. (a) Ti mana urang nyaho yén Allah bakal ngalaksanakeun tujuana-Na? (b) Naon nu dijelaskeun Kitab Suci ngeunaan hirup langgeng?
2 Ceuk Sadérék, naha urang bakal hirup di pirdaus? Saur Yéhuwa, ”Ku Kami geus ditimbalkeun. Tangtu kajadian.” (Yesaya 46:9-11; 55:11) Yéhuwa bakal ngalaksanakeun tujuana-Na, moal aya nu bisa ngeureunkeun Mantenna. Yéhuwa kagungan tujuan waktu nyiptakeun bumi. Mantenna ’ngajadikeunana lain sangkan terus kosong’. (Yesaya 45:18) Mantenna miharep jalma-jalma minuhan bumi. Jalma nu saperti kumaha nu bakal hirup di dinya, sarta pikeun sabaraha lila? Ceuk Kitab Suci, ”Nu balener bakal kawaris tanah pusaka, tur matuhna di dinya moal incah balilahan [langgeng].”—Jabur 37:29; Wahyu 21:3, 4.
3. Ningali kaayaan dunya, naon nu bisa jadi ditanyakeun ku Sadérék?
3 Tapi, ayeuna jalma-jalma garering, maraot, silih lawan, jeung silih paéhan. Tangtu, lain nu kawas kieu nu dipiharep ku Allah. Jadi, ku naon kaayaan dunya siga kieu? Mung Kitab Suci nu bisa méré jawaban.
MUSUH ALLAH
4, 5. (a) Saha nu ngagunakeun oray pikeun ngomong jeung Hawa di taman Éden? (b) Kumaha jalma nu jujur bisa jadi maling?
4 Kitab Suci ngajelaskeun yén Allah boga musuh nu ”disebutna Iblis atawa Setan”. Sétan ngagunakeun oray pikeun ngomong jeung Hawa di taman Éden. (Wahyu 12:9; Kajadian 3:1) Jadi, katingalina éta oray nu keur ngomong.—Tingali Catetan Ahir 7.
5 Tapi, naha Allah nu nyiptakeun Sétan si Iblis? Henteu! Hiji malaikat barobah ngajadi Iblis. Manéhna aya di sawarga waktu Allah nyiptakeun bumi. (Ayub 38:4, 7) Ku naon manéhna bisa jadi jahat? Pikirkeun, ku naon jalma nu jujur bisa barobah jadi maling? Waktu dilahirkeun, manéhna lain maling. Tapi, manéhna mikahayang barang batur. Kahayang nu salah terus dipikirkeun. Lila-lila beuki kuat. Dina aya kasempetan, tuluy dijalankeun. Manéhna sorangan nu ngajadikeun dirina maling.—Baca Yakobus 1:13-15; tingali Catetan Ahir 8.
6. Kumaha hiji malaikat bisa jadi musuh Allah?
6 Ieu nu kaalaman ku éta malaikat. Sanggeus nyiptakeun Adam jeung Hawa, Yéhuwa maréntahkeun maranéhna sangkan boga anak jeung ”minuhan ieu bumi”. (Kajadian 1:27, 28) Éta malaikat bisa waé boga pamikiran, ’Sakabéh jalma ieu kudu nyembah ka kami, lain ka Yéhuwa!’ Beuki dipikirkeun, beuki gedé kahayangna. Éta malaikat hayang jalma-jalma nyarembah ka manéhna. Jadi, manéhna ngabohong jeung nipu Hawa. (Baca Kajadian 3:1-5.) Ku cara kitu, manéhna jadi Sétan si Iblis, musuhna Allah.
7. (a) Naon sababna Adam jeung Hawa maot? (b) Naon sababna urang ngolotan terus maot?
7 Adam jeung Hawa teu taat ka Allah ku cara ngadahar buah nu dilarang. (Kajadian 2:17; 3:6) Maranéhna dosa ka Yéhuwa, terus ahirna maraot, cocog jeung cariosan Yéhuwa. (Kajadian 3:17-19) Turunan Adam jeung Hawa ogé ngawarisan dosa, jadi maranéhna maraot. (Baca Rum 5:12.) Ku naon bisa kitu? Perhatikeun conto ieu. Loyang kuéh nu kentob, pasti ngahasilkeun kuéh nu kentob atawa cacad. Kitu ogé waktu Adam teu taat ka Allah, manéhna jadi dosa. Lantaran urang turunan Adam, urang ogé boga dosa, atawa ”cacad” nu sarua jeung manéhna. Lantaran boga dosa, urang ngolotan terus maot.—Rum 3:23; tingali Catetan Ahir 9.
8, 9. (a) Sétan mangaruhan Adam jeung Hawa sangkan percaya kana naon? (b) Naon sababna Yéhuwa teu langsung maéhan nu barontak?
8 Sétan mimiti barontak waktu mangaruhan Adam jeung Hawa sangkan teu taat ka Yéhuwa. Sétan hayang maranéhna percaya yén Allah téh tukang bohong, pangawasa jahat nu teu hayang maranéhna bagja. Ceuk Sétan, manusa teu perlu bingbingan Allah, jadi Adam jeung Hawa bisa mutuskeun sorangan nu bener jeung nu salah. Jadi, naon nu dilakukeun ku Yéhuwa? Mantenna bisa waé maéhan nu barontak pikeun mungkas masalahna. Tapi, naha éta bakal ngabuktikeun yén Sétan téh tukang bohong? Tangtu moal.
9 Yéhuwa teu langsung maéhan nu barontak. Sabalikna, Mantenna masihan waktu ka manusa pikeun maréntah dirina sorangan. Éta bakal ngabuktikeun yén Sétan téh tukang bohong sarta ngabuktikeun yén Yéhuwa terang naon nu panghadéna keur manusa. Engké, urang bakal diajar leuwih loba ngeunaan hal ieu di Pasal 11. Tapi ayeuna, ceuk Sadérék, naha putusan Adam jeung Hawa téh bener? Naha pantes maranéhna leuwih percaya ka Sétan ti batan taat ka Allah? Yéhuwa geus nyadiakeun pangabutuh Adam jeung Hawa, masihan kahirupan nu sampurna, pamatuhan nu éndah, sarta pagawéan nu nyugemakeun. Padahal Sétan mah teu pernah méré nanaon ka maranéhna. Lamun Sadérék aya di dinya, Sadérék bakal kumaha?
10. Pilihan penting naon nu disanghareupan ku urang?
10 Ayeuna, urang ogé nyanghareupan pilihan nu sarua nu bakal mangaruhan kahirupan urang. Urang bisa milih taat ka Yéhuwa sabagé Pangawasa jeung ngabuktikeun yén Sétan téh tukang bohong. Atawa, milih Sétan sabagé pangawasa urang. (Jabur 73:28; baca Siloka 27:11.) Di dunya ieu, ngan saeutik jalma nu taat ka Allah. Kanyataanana, lain Allah pangawasa ieu dunya. Mun lain Allah, saha nu jadi pangawasana?
SAHA PANGAWASA IEU DUNYA?
Naha Sétan wani nawarkeun ka Yésus, lamun kabéh karajaan dunya lain bogana?
11, 12. (a) Naon sababna Sétan bisa nawarkeun karajaan-karajaan dunya ka Yésus? (b) Ayat mana waé nu nunjukkeun yén Sétan nu ngawasa ieu dunya?
11 Yésus nyaho saha saenyana pangawasa ieu dunya. Dina hiji kasempetan, Yésus ”ditembongan karajaan-karajaan saalam dunya jeung sagala kaagunganana” ku Sétan. Terus Sétan jangji ka Yésus, ”Eta kabeh rek diserenkeun ka Anjeun, asal daek sujud nyembah ka kaula.” (Mateus 4:8, 9; Lukas 4:5, 6) Coba pikirkeun, naha Sétan wani nawarkeun ka Yésus, lamun kabéh karajaan dunya lain bogana? Moal. Jadi, sakabéh pamaréntahan dunya téh milikna Sétan.
12 Sadérék bisa jadi nanya, ’Ku naon Sétan nu jadi pangawasa ieu dunya, lainna Yéhuwa?’ Yéhuwa mémang Allah Nu Mahakawasa, nu nyiptakeun jagat raya. (Wahyu 4:11) Tapi, Yésus nyebutkeun yén Sétan téh ”nu nyangking kawasa di dunya”. (Yohanes 12:31; 14:30; 16:11) Rasul Paulus gé nyebutkeun Sétan si Iblis téh ”ilah jahat ieu dunya”. (2 Korinta 4:3, 4) Rasul Yohanes nyebutkeun yén ”saalam dunya dibawah ku si Jahat”.—1 Yohanes 5:19.
DUNYA SÉTAN BAKAL DIANCURKEUN
13. Naon sababna urang butuh dunya anyar?
13 Beuki lila ieu dunya beuki ruksak. Di mana-mana aya perang, korupsi, kamunapékan, jeung kakejeman. Sakabéh masalah teu bisa leungit sanajan manusa geus ngupayakeun sagala cara pikeun ngaréngsékeunana. Tapi, moal lila deui, Allah bakal ngancurkeun dunya nu jahat ieu dina perang Armagédon, terus bakal diganti ku dunya anyar nu pinuh ku kaadilan.—Wahyu 16:14-16; tingali Catetan Ahir 10.
14. Saha nu dipilih ku Allah pikeun jadi Raja Karajaan Allah? Naon nu dinubuatkeun Kitab Suci ngeunaan Yésus?
14 Yéhuwa milih Yésus pikeun jadi Raja Karajaan Allah di sawarga. Rébuan taun katukang, Kitab Suci nganubuatkeun yén pamaréntahan Yésus bakal ngahasilkeun katengtreman jeung moal aya anggeusna. (Yesaya 9:6, 7) Yésus ngajar murid-muridna pikeun ngadoakeunana, ”Karajaan Ama mugi rawuh. Pangersa Ama mugi laksana di dunya, sapertos di sawarga.” (Mateus 6:10) Di Pasal 8, urang bakal diajar kumaha Karajaan Allah bakal ngaganti pamaréntahan dunya. (Baca Daniel 2:44.) Terus, Karajaan Allah bakal mulihkeun bumi jadi pirdaus nu éndah.—Tingali Catetan Ahir 11.
DUNYA ANYAR GEUS DEUKEUT!
15. Naon nu dimaksud ”bumi anyar”?
15 Kitab Suci ngajangjikeun yén bakal aya ”langit anyar jeung bumi anyar” nu pinuh ku ”kaadilan”. (2 Petrus 3:13; Yesaya 65:17) Sakapeung, kecap ”bumi” dina Kitab Suci maksudna téh jalma-jalma nu harirup di bumi. (Pamindo 32:1) Jadi, ”bumi anyar” nu pinuh ku kaadilan téh maksudna sakabéh jalma nu taat ka Allah sarta diberkahan ku Mantenna.
16. Kurnia naon nu bakal ditarima di dunya anyar, sarta naon nu kudu dilakukeun ku urang sangkan narima éta kurnia?
16 Yésus jangji yén saha waé nu hirup di dunya anyar Allah bakal dibéré ”hirup anu langgeng”. (Markus 10:30) Naon nu kudu dilakukeun ku urang sangkan bisa narima éta kurnia? Sangkan nyaho jawabanana, mangga baca Yohanes 3:16 jeung 17:3. Ayeuna, hayu urang tingali dina Kitab Suci kumaha kaayaan bumi Pirdaus engké.
17, 18. Ti mana urang nyaho yén di sakuliah bumi kayaanana bakal ayem tengtrem?
17 Kadorakaan, perang, kajahatan, sarta katelengesan moal aya deui. Di bumi moal aya deui jalma-jalma nu jarahat. (Jabur 37:10, 11) Allah bakal ”ngeureunkeun peperangan di sakuliah jagat”. (Jabur 46:10; Yesaya 2:4) Bumi bakal pinuh ku jalma-jalma nu mikaasih jeung taat ka Allah. Hirup urang bakal tengtrem salalawasna.—Jabur 72:7.
18 Umat Yéhuwa bakal ayem tengtrem. Baheula, waktu bangsa Israil taat ka Allah, maranéhna aman lantaran ditangtayungan ku Mantenna. (Imamat 25:18, 19) Di Pirdaus ogé, moal bakal aya nu dipikasieun ku urang. Urang bakal salawasna ayem tengtrem!—Baca Yesaya 32:18; Mika 4:4.
19. Naon sababna urang bisa yakin yén di dunya anyar bakal loba dahareun?
19 Bakal loba dahareun. ”Nagri pinuh ku gandum, pasir-pasirna kaamparan pepelakan.” (Jabur 72:16) Yéhuwa, ”Allah urang, geus ngaberkahan” sarta ”tanah geus ngaluarkeun hasil”.—Jabur 67:7.
20. Ti mana urang nyaho yén bumi bakal jadi pirdaus?
20 Sakuliah bumi bakal jadi pirdaus. Jalma-jalma bakal barogaeun imah jeung taman nu alus. (Baca Yesaya 65:21-24; Wahyu 11:18.) Sakuliah bumi bakal jadi taman nu éndah sakumaha taman Éden. Yéhuwa bakal nyumponan sagala pangabutuh urang. Kitab Suci ngajelaskeun, ”Gusti maparin . . . sareng nyumponan kabutuh sakumna mahluk.”—Jabur 145:16.
21. Ti mana urang nyaho yén manusa jeung sasatoan bakal hirup rukun?
21 Manusa jeung sasatoan bakal hirup rukun. Sasatoan moal bakal ngabahayakeun manusa. Budak leutik gé bakal aman, sanajan padeukeut jeung sato nu ayeuna mah dipikasieun.—Baca Yesaya 11:6-9; 65:25.
22. Kumaha engkéna kaayaan jalma nu gering?
22 Moal aya nu gering. Waktu Yésus aya di bumi, anjeunna nyageurkeun loba jalma. (Mateus 9:35; Markus 1:40-42; Yohanes 5:5-9) Tapi, salaku Raja ti Karajaan Allah, Yésus bakal nyageurkeun unggal jalma. ”Moal aya anu udah-aduh ku panyakit.”—Yesaya 33:24; 35:5, 6.
23. Naon harepan pikeun jalma nu geus maot?
23 Nu maot bakal dihirupkeun deui. Allah jangji bakal ngahirupkeun deui jutaan jalma nu geus maot. Bakal aya ”pihudangeunana sadaya jalmi tina maot, boh nu bageur, boh nu jahat”.—Baca Yohanes 5:28, 29; Rasul 24:15.
24. Kumaha parasaan Sadérék ngeunaan hirup di Pirdaus?
24 Urang bisa milih, rék diajar ngeunaan Yéhuwa jeung ngabakti ka Mantenna, atawa rék hirup sakarep sorangan. Lamun urang milih ngabakti ka Yéhuwa, mangsa pikahareupeun urang bakal bagja. Waktu hiji lalaki ménta sangkan Yésus inget ka manéhna, Yésus jangji, ”Maneh bakal reureujeungan jeung Kami di Pirdus.” (Lukas 23:43) Hayu urang diajar leuwih loba ngeunaan Yésus Kristus sarta kumaha anjeunna bakal ngawujudkeun jangji Allah.