Januari
Salasa, 1 Januari
Nu jahat mah teu nyaho di adil.—Sil. 28:5.
Kiwari, urang hirup di panungtungan ahir jaman. Jalma jahat téh beuki loba waé. Maranéhna ”mekar cara jujukutan”. (Jab. 92:8) Jadi, urang teu héran lamun loba jalma nolak papakon Allah nu bener. Paulus ngomong yén urang Kristen ”kudu kawas budak soteh kana hal-hal anu jahat” tapi ”pikiran mah kudu sawawa”. (1 Kor. 14:20) Kumaha carana? Jawabanana téh aya dina ayat poé ieu, ”Ari nu ngesto ka PANGERAN mah ngarti enya-enya.” Ieu hartina maranéhna bisa ngarti naon waé nu dibutuhkeun pikeun nyukakeun Yéhuwa. Siloka 2:6-9 ogé ngajarkeun yén Yéhuwa masihan hikmat ka jalma-jalma nu bener lampahna. Hasilna, maranéhna ”nyaho naon ari adil, temen jeung jujur, nyaho ka anu kudu dipilampah”. Nuh, Daniél, jeung Ayub miboga hikmat ti Allah. (Yeh. 14:14) Kitu ogé jeung umat Allah kiwari. Lamun Sadérék kumaha? Sangkan ”ngarti enya-enya” naon waé nu dibutuhkeun pikeun nyukakeun Yéhuwa, Sadérék kudu bener-bener wanoh ka Mantenna. w18.02 9-10 ¶1-3
Rebo, 2 Januari
Maranehna kabeh dibaptis ku pajenengan Gusti Yesus.—Ras. 19:5.
Tangtu barudak atawa palajar Alkitab teu meunang dipaksa pikeun dibaptis. Yéhuwa gé tara maksa jalma pikeun jadi umat-Na. (1 Yoh. 4:8) Waktu keur ngajar, urang kudu nandeskeun pentingna ngajalin sosobatan jeung Yéhuwa. Tuluy, sanggeus maranéhna bener-bener ngahargaan bebeneran ngeunaan Allah sarta réla ngalampahkeun kabéh tanggung jawab urang Kristen sajati, maranéhna bakal kageuing pikeun dibaptis. (2 Kor. 5:14, 15) Teu aya watesan umur pikeun dibaptis. Kaayaan unggal jalma béda-béda, aya palajar Alkitab nu leuwih gancang maju ti batan nu séjénna. Poé baptisan téh poé nu ngabagjakeun pisan. Ieu ogé waktuna pikeun bener-bener mikirkeun naon waé nu kudu dilakukeun sanggeus ngabaktikeun diri jeung dibaptis. Pikeun jadi urang Kristen sajati téh butuh upaya. Hirup maranéhna ”lain pikeun dirina sorangan deui, tapi pikeun Kristus, anu geus pupus jeung geus dihirupkeun deui”.—2 Kor. 5:15; Mat. 16:24. w18.03 7-8 ¶14-17
Kemis, 3 Januari
Kudu akuan ka anu datang ka imah urang. Aya sawatara jelema, ku lantaran akuan kungsi ngaku semah, teu nyahoeun yen semahna teh malaikat.—Ibr. 13:2.
Naha Sadérék asa-asa pikeun akuan ka sémah? Lamun kitu, Sadérék moal ngarasakeun bungahna campur gaul sarta kasempetan pikeun ngajalin sosobatan nu langgeng. Ieu cara panghadéna supaya Sadérék teu ngarasa sepi. Tapi, ku naon aya nu asa-asa pikeun akuan ka sémah? Aya sababaraha alesan. Salah sahijina nyaéta umat Yéhuwa sibuk jeung boga loba tanggung jawab. Aya nu ngarasa teu boga waktu jeung tanaga pikeun akuan ka sémah. Lamun éta nu dirasakeun, Sadérék bisa jadi perlu nyaluyukeun jadwal sangkan bisa ngondang batur sarta narima ondangan ti batur. Ieu téh hal nu bener pikeun dilampahkeun sabab Alkitab ngajurung urang pikeun akuan ka batur. Tapi sangkan bisa akuan ka sémah, Sadérék bisa jadi kudu ngurangan waktu pikeun hal-hal nu teu pati penting. w18.03 18 ¶13-14
Jumaah, 4 Januari
Kota-kota sejen oge . . . perlu diwuruk hal Injil Kasalametan ngeunaan Karajaan Allah. Kami diutus ku Allah pikeun kaperluan eta.—Luk. 4:43.
Ti sakabéh manusa nu pernah hirup di bumi, Yésus téh jalma rohani nu panghadéna. Tina kahirupan jeung palayanan Yésus di bumi, kabukti anjeunna hayang nyonto Bapana. Pikiran, parasaan, jeung lalampahan Yésus nyeplés jeung Yéhuwa. Anjeunna ogé ngalampahkeun kahoyong Allah jeung ngajénan papakon-Na. (Yoh. 8:29; 14:9; 15:10) Misalna, bandingkeun antara sipat welas asih Yéhuwa nu dijelaskeun ku Yésaya jeung parasaan Yésus nu dijelaskeun ku Markus. (Yes. 63:9; Mar. 6:34) Naha urang nyonto Yésus ku cara welas asih ka jalma nu ngabutuhkeun? Naha urang ogé siga Yésus nu getol ngawawar jeung ngajarkeun warta hadé? Jalma nu rohani bakal welas asih jeung resep nulungan batur. w18.02 20 ¶12
Saptu, 5 Januari
Gedekeun anak teh make pranata jeung pangajaran-pangajaran kakristenan.—Epe. 6:4.
Kiwari, ngagedékeun budak téh teu gampang. (2 Tim. 3:1-5) Ti saprak lahir, budak teu bisa ngabédakeun nu bener jeung nu salah, sarta haté sanubarina can kalatih. Jadi, manéhna butuh disiplin. (Rum 2:14, 15) Saurang ahli Alkitab ngajelaskeun yén kecap Yunani pikeun ”disiplin” bisa ogé ngamaksudkeun ”tumuwuhna budak”, atawa prosés ngagedékeun budak sangkan jadi jalma déwasa nu boga rasa tanggung jawab. Lamun kolot ngadisiplin ku kanyaah, budak bisa ngarasa aman. Manéhna paham yén kabébasan téh aya watesna sarta lalampahan manéhna aya balukarna. Jadi, kolot kudu ngandelkeun hikmat Yéhuwa dina ngagedékeun budak. Cara-cara ngagedékeun budak téh béda-béda gumantung kana daérahna, sarta ieu gé terus barobah. Tapi, kolot nu ngaregepkeun pituduh Yéhuwa teu kudu bingung naon nu kudu dilakukeun atawa ngandelkeun pangalaman sorangan atawa saran ti batur. w18.03 29-30 ¶8-9
Minggu, 6 Januari
Sing terus rarajin jeung sieun ku Allah supaya kasalametan aranjeun jadi sampurna.—Pil. 2:12.
Sabagé budak ngora nu geus dibaptis, sosobatan jeung Yéhuwa téh tanggung jawab hidep sorangan. Ieu penting pikeun diinget. Sanggeus rumaja, hidep bakal boga parasaan jeung masalah nu béda. Hiji rumaja awéwé nyarita, ”Keur budak leutik mah teu hésé jadi Saksi Yéhuwa, pira gé teu meunang kuéh ulang taun di sakola. Tapi sababaraha taun sanggeusna, basa kudu ngalawan napsu séksual nu beuki kuat, manéhna kudu bener-bener yakin yén nurut ka hukum Yéhuwa téh pilihan nu panghadéna.” Jalma déwasa nu dibaptis gé kudu nyanghareupan tangtangan nu teu disangka-sangka. Bisa waé éta tina perkawinan, kaséhatan, atawa pagawéan maranéhna. Teu sual umurna, urang kabéh kudu satia ka Yéhuwa dina rupa-rupa kaayaan.—Yak. 1:12-14. w17.12 22 ¶4-5
Senén, 7 Januari
Lamun aya kaambek ulah katalanjuran nepi ka jadi dosa.—Epe. 4:26.
Jarang nu hirupna siga Daud, sering dinyenyeri ku batur. Sanajan kitu, sobat Yéhuwa ieu henteu diliputan ku amarah. Manéhna nulis, ”Ulah ambek atawa panas hate, sabab ngan matak susah bae.” (Jab. 37:8) Alesan pangpentingna urang ”ulah ambek”, atawa ulah teterusan ambek, nyaéta lantaran urang hayang nulad ka Yéhuwa nu ngahampura dosa-dosa urang. (Jab. 103:10) Aya sababaraha mangpaat lamun urang henteu teterusan ambek. Misalna, amarah bisa nyababkeun tekanan darah tinggi jeung gangguan napas. Éta ogé bisa ngaruksak ati jeung pankréas, sarta ngaganggu pencernaan. Lamun urang keur ambek, urang moal bisa mikir bener. Sanggeus ngabudalkeun amarah, urang bisa ngalaman déprési nu lila cageurna. Leuwih alus lamun urang tenang. Ceuk Alkitab, ”Hate sugema matak hurip kana diri.” (Sil. 14:30) Jadi, kumaha lamun batur nganyenyeri haté urang, sarta kumaha urang bisa akur deui jeung dulur saiman? Urang bisa ngalarapkeun naséhat bijaksana tina Alkitab. w18.01 7 ¶14-15
Salasa, 8 Januari
Ku Gusti dijaga tina kawasa ajal. Abdi satuhu ngawula ka Gusti, ku Gusti moal diselehkeun ka dunya anu maraot.—Jab. 16:10.
Maksud Daud téh lain manéhna nu moal bakal maot. Firman Allah ngajéntrékeun yén Daud ngolotan terus maot jeung ”dikurebkeun di Kota Daud”. (1 Rja. 2:1, 10) Jadi, saha nu dimaksud dina ayat ieu? Sababaraha minggu sanggeus Yésus pupus jeung dihirupkeun deui, Pétrus ngomong di hareupeun rébuan urang Yahudi jeung proselit. (Ras. 2:29-32) Manéhna ngingetan jalma réa yén Daud geus maot jeung dikurebkeun. Alkitab henteu nyebutkeun aya nu ngabantah Pétrus basa manéhna nambahkeun yén Daud ”dipaparin uninga ti memehna” ngeunaan Mésias nu dihirupkeun deui. Pétrus ngajéntrékeun deui ku cara nyutat kekecapan Daud di Jabur 110:1. (Ras. 2:33-35) Pétrus ngayakinkeun jalma réa yén Yésus téh ”Gusti jeung Jurusalamet”. (Ras. 2:36) Jalma-jalma ahirna ngarti yén Jabur 16:10 téh laksana dina diri Yésus basa anjeunna dihirupkeun deui. w17.12 11-12 ¶10-12
Rebo, 9 Januari
Barang-barang kabeh geus diitung jeung ditimbang sarta dicatet-catetkeun taya nu kaliwat.—Esra 8:34.
Badan Pingpinan téh satia jeung bijaksana dina ngagunakeun sumbangan. (Mat. 24:45) Kabéh anggotana ngadoa sangkan bisa nyieun putusan nu hadé, sarta nyieun rencana nu taliti dina ngagunakeun éta sumbangan. (Luk. 14:28) Mangtaun-taun ti harita, Rasul Paulus ngumpulkeun duit pikeun dulur-dulur di Yudéa. Manéhna mastikeun yén jalma-jalma nu mawa éta sumbangan jujur jeung ati-ati, ”lain ka payuneun Allah bae, ka papada jelema nya kitu keneh”. (2 Kor. 8:18-21) Kiwari, organisasi urang nyonto Ésra jeung Paulus nu ati-ati dina ngagunakeun sumbangan. (Esra 8:24-33) Anyar-anyar ieu, aya loba proyék. Jadi, organisasi néangan cara pikeun ngahémat biaya sarta nyaderhanakeun pagawéan. Ku kituna, sagalana bisa dijalankeun sabisa-bisa luyu jeung sumbangan Sadérék nu béréhan. w18.01 18 ¶12-13
Kemis, 10 Januari
Aranjeun ku Kristus geus dirukunkeun supaya rukun dina sagala perkara.—Kol. 3:15.
Kanyaah jeung kahadéan haté bisa ngabantu urang jadi hampuraan. Lamun dinyenyeri ku omongan jeung lalampahan batur, pék inget-inget deui iraha omongan atawa lalampahan urang nganyenyeri batur, tapi urang dihampura. Urang nganuhunkeun pisan kana kanyaah jeung kahadéan haté maranéhna! (Pan. 7:21, 22) Urang ogé nganuhunkeun ka Kristus nu geus ngahijikeun umat Allah sadunya. Urang kabéh nyembah Allah nu sarua, ngawawarkeun warta nu sarua, jeung nyanghareupan loba masalah nu sarua. Lamun urang hadé haté, mikanyaah, jeung ngahampura batur, sidang tangtu bakal ngahiji. Ku kituna, urang bisa terus neuteup pahala. Sipat sirikan ogé bisa ngahalangan urang meunangkeun pahala. Aya conto-conto Alkitab nu némbongkeun bahayana sirikan. Misalna, lantaran sirik ka Habil, Kain maéhan Habil. Korah, Datan, jeung Abiram sirik ka Musa tuluy barontak. Raja Saul nu sirik ka Daud ahirna hayang maéhan Daud. w17.11 29 ¶9-10
Jumaah, 11 Januari
Dongdon, talengteng sing gemet.—Pam. 13:14.
Dina panitia pangadilan, kokolot kudu ati-ati pisan dina mastikeun jalma nu dosa éta geus tobat atawa henteu. Tangtu ieu téh teu gampang lantaran ngalibetkeun kaayaan haté jeung cara pandang jalma éta kana dosana. (Wahyu 3:3) Jalma nu dosa kudu tobat sangkan dipikawelas. Lantaran bisa ningali eusi haté, Yéhuwa jeung Yésus terang kana naon nu dipikirkeun jeung dirasakeun ku hiji jalma. Tapi, kokolot teu bisa ningali eusi haté. Jadi salaku kokolot, kumaha carana Sadérék mastikeun yén hiji jalma bener-bener tobat? Kahiji, suhunkeun hikmat jeung kabijaksanaan. (1 Rja. 3:9) Kadua, gunakeun Firman Allah jeung publikasi ti gandék nu satia pikeun ngabédakeun kasedih ti dunya jeung kasedih nu luyu jeung kahoyong Allah, nyaéta tobat enya-enya. (2 Kor. 7:10, 11) Tingali kumaha Alkitab ngajelaskeun jalma nu tobat jeung nu henteu, sarta perhatikeun kumaha parasaan, pamikiran, jeung kalakuan maranéhna. w17.11 19 ¶16-17
Saptu, 12 Januari
[Barudak] . . . bahula ka kolot.—2 Tim. 3:2.
Kiwari, loba buku, film, jeung acara TV némbongkeun yén budak nu teu taat ka kolot téh jamak jeung bisa ditarima. Tapi sabenerna, sikep ieu ngalemahkeun tatali kulawarga, nu mawa pangaruh goréng ka masarakat. Ti baheula, jalma-jalma geus nyaho kana hal ieu. Contona, di Yunani kuno, saurang jalma nu neunggeul kolotna bakal kaleungitan hak-hak warga nagarana. Dina hukum Rum, jalma nu neunggeul bapana bakal meunang hukuman nu sarua jeung jalma nu maéhan. Boh Kitab-Kitab Ibrani boh Kitab-Kitab Yunani ngamuat paréntah pikeun hormat ka kolot. (Bud. 20:12; Epe. 6:1-3) Kumaha barudak bisa taat ka kolot sanajan nu séjén mah henteu? Maranéhna bisa ngajénan jeung taat ka kolotna lamun mikirkeun sagala kahadéan kolotna. Barudak ogé kudu paham yén Allah, Bapa urang sadaya, miharep maranéhna taat ka kolot. Lamun barudak nyaritakeun hal-hal nu hadé ngeunaan kolotna, babaturanana ogé bakal kajurung pikeun leuwih ngajénan kolotna sorangan. w18.01 29 ¶8-9
Minggu, 13 Januari
Aranjeunna ibarat tempat nyalindung ari keur hujan jeung angin, ibarat kokocoran cai di tanah keri, ibarat batu gede di tengah tegal garing pikeun ngiuhan.—Yes. 32:2.
Kiwari, saurang Kristen nu ngalampahkeun dosa gedé kudu manggihan para kokolot sangkan bisa dibantu pikeun mulihkeun hubunganana jeung Yéhuwa. Ku naon ieu téh penting? Kahiji, Yéhuwa nyalira nu ngatur sangkan kokolot mariksa kasus dosa gedé. (Yak. 5:14-16) Kadua, kokolot bisa ngabantu jalma nu tobat sangkan kamanah deui ku Yéhuwa jeung henteu ngalampahkeun deui dosana. (Gal. 6:1; Ibr. 12:11) Katilu, kokolot téh geus dibéré wewenang jeung dilatih pikeun ngagedékeun haté sarta nengtremkeun jalma nu tobat nu nalangsa lantaran rumasa salah. Yéhuwa nyaruakeun para kokolot jeung ”tempat nyalindung ari keur hujan”. (Yes. 32:2) Ieu téh cara Yéhuwa némbongkeun welas asih-Na ka urang. Loba hamba Allah ngarasa ngemplong sanggeus nyarita jeung narima bantuan ti kokolot. w17.11 11 ¶8-9
Senén, 14 Januari
Dipeperih mah asa nalangsa.—Ibr. 12:11.
Sanajan teu gampang, urang kudu nyingkahan sagala rupa obrolan jeung jalma nu dipecat di telepon, SMS, surat, e-mail, atawa jejaring sosial. Tapi, ulah pegat harepan! Kanyaah téh ”tawekal dina . . . pangharepanana”, jadi urang bisa terus miharep jalma nu dipikanyaah balik deui ka Yéhuwa. (1 Kor. 13:7) Lamun aya bukti yén sikepna jadi leuwih hadé, Sadérék bisa ngadoakeun manéhna sangkan meunang kakuatan tina Alkitab jeung narima ondangan Yéhuwa, ”Geura balik ka Kami.” (Yes. 44:22) Yésus ngomong yén urang kudu leuwih mikanyaah anjeunna ti batan manusa. Yésus ogé yakin yén murid-muridna boga kawani pikeun tetep satia sanajan aya anggota kulawargana nu nentang. Jadi, lamun aya anggota kulawarga nu nentang Sadérék jadi murid Yésus, sing ngandel ka Yéhuwa. Suhunkeun bantuan Yéhuwa pikeun tetep tabah. (Yes. 41:10, 13) Pék rasakeun kabungah lantaran Sadérék kamanah ku Yéhuwa jeung Yésus. Kasatiaan Sadérék ogé bakal diberkahan. w17.10 14 ¶19-21
Salasa, 15 Januari
Kudu boga tabeat karunyaan.—Kol. 3:12.
Urang karunya ka jalma nu susah lantaran gering jeung geus kolot. Urang ngadago-dago ahir tina ieu masalah sarta ngadoakeun Karajaan Allah geura datang. Tapi ayeuna, urang hayang sabisa-bisa mantuan maranéhna. Saurang pangarang buku nulis yén hiji poé, indungna nu keuna panyakit Alzheimer, ngotoran bajuna. Basa keur mersihan bajuna, aya nu ngabél imahna. Dua Saksi nu osok nganjangan geus datang. Maranéhna nawarkeun bantuan. Ceuk éta ibu, ”Aduh, punten nya ngarépotkeun.” Jadi, dua sadérék éta mantuan mersihan bajuna. Tuluy maranéhna mangnyieunkeun ci entéh sarta ngobrol jeung éta ibu. Putrana nganuhunkeun pisan jeung ngomong yén Saksi Yéhuwa ”ngalampahkeun pangajaranana”. Naha sipat karunya ngageuing Sadérék pikeun sabisa-bisa mantuan nu gering jeung nu geus kolot?—Pil. 2:3, 4. w17.09 10 ¶5; 13 ¶14
Rebo, 16 Januari
Nyaah teh ulah ngan semet biwir jeung ucap wungkul, kudu nyata dina prakna.—1 Yoh. 3:18.
Urang kudu tetep nyaah jeung réla nyieun kahadéan sanajan teu aya nu nyahoeun. (Mat. 6:1-4) Urang ogé kudu ngajénan batur. (Rum 12:10) Yésus ngajénan murid-muridna basa ngumbah suku maranéhna. (Yoh. 13:3-5, 12-15) Urang ogé kudu upaya pikeun rendah haté kawas Yésus jeung ngaladénan batur. Para rasul teu bener-bener ngarti ku naon Yésus ngalampahkeun éta, ngarti-ngarti téh sanggeus maranéhna narima roh suci. (Yoh. 13:7) Urang ngajénan batur ku cara teu ngarasa leuwih punjul ti batur lantaran urang leuwih pinter, leuwih beunghar, atawa boga tugas di sidang. (Rum 12:3) Urang ogé moal sirik lamun batur dipuji, tapi milu bungah sanajan ngarasa urang gé pantes dipuji. w17.10 5 ¶9-10
Kemis, 17 Januari
Eta kabeh dilakonan pikeun ngamashurkeun Injil Kasalametan bari ngalap berkahna.—1 Kor. 9:23.
Geus kabukti yén Firman Allah gedé pangaruhna ka jalma nu diwawaran ku urang. Contona, saurang sadérék nganjangan saurang bapa nu geus maca majalah urang mangtaun-taun. Hiji poé, sadérék éta teu ngan saukur nganteurkeun majalah Warta Hadé, tapi macakeun hiji ayat. Ayatna téh 2 Korinta 1:3, 4 nu unina, ”Rama anu maha welas, sarta anu maparin kategeran hate . . . dina kasusahan anu kumaha bae.” Ieu ayat pas pisan keur éta bapa nepi ka manéhna ménta ayatna dibacakeun deui. Éta bapa nyarita yén manéhna jeung pamajikanana keur butuh panglilipur. Ayat ieu ngalantarankeun manéhna hayang nyaho leuwih jero ngeunaan Alkitab. Ngagunakeun Firman Allah waktu dines téh gedé pangaruhna!—Ras. 19:20. w17.09 23 ¶9-10
Jumaah, 18 Januari
Coba ragana terapan siksa, harita keneh ge pasti nyumpahan ka Anjeun.—Ayub 2:5.
Tuduhan Sétan tangtu nyababkeun kabéh hamba Allah nu satia di sawarga jadi reuwas, keuheul, jeung ijid ka Sétan. Tapi, sikep Yéhuwa henteu kaleuleuwihi. Mantenna ngaréngsékeun éta masalah ku cara nu bener. Mantenna teu gancang ambek sarta adil dina ngaréngsékeun masalah jeung Sétan. (Bud. 34:6; Ayub 2:2-6) Yéhuwa masih kénéh sabar lantaran Mantenna teu hoyong saurang-urang acan dibinasakeun, tapi ”kahoyong-Na manusa teh tarobat kabeh tina dosana”. (2 Pet. 3:9) Ti tuladan Yéhuwa, urang diajar yén urang kudu mikir heula saacanna ngomong sarta ulah gagabah. Jadi, basa Sadérék rék nyieun putusan nu penting, sadiakeun waktu keur mikir. Pék doa nyuhunkeun hikmat sangkan ucap jeung lampah urang bener. (Jab. 141:3) Lamun urang keur ambek atawa keuheul, gampang pisan urang jadi gagabah. Éta sababna loba nu kaduhung geus gagabah!—Sil. 14:29; 15:28; 19:2. w17.09 4 ¶6-7
Saptu, 19 Januari
Terapkeun [makuta] kana sirah Imam Agung Yosua bin Yosadak.—Jak. 6:11.
Naha ieu hartina Imam Agung Yosua jadi raja? Henteu. Manéhna teu bisa jadi raja lantaran lain turunan Daud. Manéhna dimakutaan pikeun ngagambarkeun naon nu bakal dilampahkeun ku saurang raja tur imam di mangsa kahareup nu disebut Sirung. Alkitab ngajelaskeun yén Sirung ieu téh nyaéta Yésus Kristus. (Yes. 11:1; Mat. 2:23) Yésus téh nya Raja nya Imam Agung. Anjeunna mingpin pasukan malaikat Yéhuwa sarta ngupayakeun sangkan umat Allah ngarasa aman di dunya nu telenges ieu. (Yer. 23:5, 6) Sakeudeung deui, Kristus bakal nalukkeun bangsa-bangsa demi ngabéla pamaréntahan Allah jeung umat-Na. (Wahyu 17:12-14; 19:11, 14, 15) Tapi saméméhna, Yésus, atawa Sirung, kudu ngalaksanakeun hiji pagawéan penting. w17.10 24-25 ¶12-14
Minggu, 20 Januari
Kaluar tina hirup anu heubeul katut kabiasaan-kabiasaanana.—Kol. 3:9.
Lamun baju Sadérék kotor jeung bau, naon nu bakal dilakukeun ku Sadérék? Tangtu Sadérék bakal geura ngalaanan éta baju. Kitu ogé, lamun urang sadar geus ngalakukeun hal-hal nu dipikaijid ku Yéhuwa, urang kudu geura robah. Ngeunaan kabiasaan nu salah, Paulus ngomong, ”Piceun kabiasaan kitu teh.” Salah sahijina nyaéta kalakuan nu rucah. (Kol. 3:5-9) Dina Alkitab, ”lacur” atawa rucah téh ngamaksudkeun hubungan séksual jeung jalma nu lain batur hirup nu sah. Paulus ngomong yén urang Kristen kudu ”maehkeun kahayang-kahayang jasmani” nu aya patalina jeung rucah. Éta hartina urang kudu satékah polah miceun kabéh kahayang nu salah. Bisa jadi éta téh hésé. Tapi, urang bisa hasil! w17.08 16 ¶5-6
Senén, 21 Januari
Kaula mah . . . kalawan yakin muntang ka Allah nu bakal nyalametkeun kaula.—Mika 7:7.
Sarua jeung urang ayeuna, Nabi Mika ogé kudu tabah dina kaayaan sulit. Manéhna hirup di jaman pamaréntahan Raja Ahas nu bejad. Balukarna, aya korupsi di mana-mana. Malah dina Alkitab disebutkeun yén rahayatna ”geus arahli kana kajahatan”. (Mika 7:1-3) Tapi, Mika nyaho yén manéhna teu bisa ngarobah kaayaan. Lamun urang boga iman saperti Mika, urang bakal réla ngadagoan Yéhuwa. Urang téh lain siga tahanan nu keur ngadagoan hukuman pati. Manéhna kapaksa nunggu, tapi henteu ngarepkeunana. Béda pisan jeung urang! Urang mah réla ngadagoan Yéhuwa sabab nyaho dina waktuna, Mantenna bakal masihan kahirupan langgeng sakumaha jangji-Na! Jadi urang bakal ”sabar tawekal nandangan sagala cocoba, dibarengan ku kabungah”. (Kol. 1:11, 12) Bari ngadagoan, urang teu meunang kukulutus lantaran nganggap Yéhuwa lila dina nyieun tindakan. Lamun kitu, urang bakal nganyenyeri haté Mantenna.—Kol. 3:12. w17.08 4 ¶6-7
Salasa, 22 Januari
Kaom lemah ku Mantenna dicengkatkeun.—Jab. 147:6.
Kumaha urang bisa meunang bantuan Yéhuwa ieu? Urang kudu raket jeung Yéhuwa. Sangkan bisa kitu, urang perlu rendah haté. (Sep. 2:3) Jalma nu rendah haté ngandelkeun Yéhuwa pikeun ngaréngsékeun kateuadilan jeung kasangsaraan manéhna. Manéhna kamanah ku Yéhuwa. Sabalikna, ”nu jahat mah ku Mantenna diidek dina taneuh”. (Jab. 147:6b) Urang teu hayang ngalaman hal ieu! Urang hayang Allah némbongkeun satia asih-Na ka urang. Jadi, urang kudu ijid ka nu dipikaijid ku Yéhuwa. (Jab. 97:10) Contona, urang kudu ijid kana hal nu rucah. Hartina, urang kudu nyingkahan naon waé nu bisa ngajurung urang jadi rucah, kaasup pornografi. (Jab. 119:37; Mat. 5:28) Bisa jadi urang kudu bajoang, tapi upaya urang moal sia-sia lantaran bakal diberkahan ku Yéhuwa. Urang teu bisa bajoang sorangan, kudu ngandel ka Yéhuwa. Urang perlu terus ngadoa nyuhunkeun bantuan Yéhuwa pikeun ngéléhkeun kalemahan urang. w17.07 18-19 ¶11-13
Rebo, 23 Januari
Barang bere ka nu miskin ibarat nginjeumkeun ka PANGERAN.—Sil. 19:17.
Urang maké harta banda pikeun ngadukung pangwawaran. Malahan, sanajan urang teu bisa miluan dines sapinuh waktu atawa pindah ka daérah nu leuwih ngabutuhkeun, urang tetep bisa mawa mangpaat keur batur. Contona, sumbangan urang bisa dipaké keur nyitak bacaan jeung ngadukung pangwawaran di daérah nu miskin tapi loba nu minat kana bebeneran. Di nagri-nagri saperti Kongo, Madagaskar, jeung Rwanda, Alkitab téh mahal pisan. Aya nu hargana sarua jeung gajih saminggu atawa sabulaneun. Geus mangtaun-taun, sadérék-sadérék kudu milih antara meuli dahareun keur kulawarga atawa meuli Alkitab. Ayeuna, lantaran aya sumbangan ti nu séjén, organisasi Yéhuwa bisa narjamahkeun jeung ngabagikeun Alkitab haratis ka unggal anggota kulawarga, kitu ogé ka para palajar Alkitab. Jadi, aya ’kasaimbangan’.—2 Kor. 8:13-15. w17.07 6 ¶11
Kemis, 24 Januari
Sing bijaksana anaking, sangkan Bapa senang, jeung sangkan Bapa bisa ngajawab ka anu nyela ka Bapa.—Sil. 27:11.
Kasangsaraan téh lain hartina Yéhuwa bendu ka urang. Justru éta kasempetan pikeun ngadukung kadaulatan Yéhuwa. Lamun urang tetep tabah tur satia, urang kamanah ku Yéhuwa jeung harepan urang jadi beuki kuat. (Rum 5:3-5) Pangalaman Ayub némbongkeun yén ”Pangeran mah sipat murah jeung sipat welas”. (Yak. 5:11) Urang bakal diberkahan lamun ngadukung kadaulatan Yéhuwa. Ku kituna, urang bisa ”sabar tawekal nandangan sagala cocoba, dibarengan ku kabungah”. (Kol. 1:11) Mémang teu gampang pikeun museurkeun pikiran kana masalah kadaulatan basa keur nyanghareupan masalah dina kahirupan. Jadi, urang kudu terus ngélingan diri kana pentingna ngadukung kadaulatan Yéhuwa teu sual kasulitan nu kaalaman ku urang. w17.06 19 ¶15-16
Jumaah, 25 Januari
Kahade maraneh ulah nepi ka boga sipat sarakah dina hal naon bae.—Luk. 12:15.
Kiwari, loba jalma ngarasa kudu boga baju nu pangalusna, handphone tur komputer nu panganyarna, jeung sajabana. Maranéhna kapangaruhan ku matérialisme nyaéta cara hirup nu mentingkeun duit jeung harta banda ti batan nu séjén. Salaku urang Kristen, naon nu pangpentingna keur Sadérék? Pék lenyepan: ’Naha kuring ngagunakeun leuwih loba waktu keur mikiran mobil atawa baju pangalusna ti batan nyiapkeun bahan pasamoan? Naha kuring diririweuh ku kagiatan sapopoé nepi ka euweuh waktu keur ngadoa jeung maca Alkitab?’ Mun teu ati-ati, urang bisa leuwih nyaah ka harta banda ti batan ka Kristus. Urang kudu ngalenyepan kekecapan Yésus dina ayat poé ieu. Yésus ngajelaskeun, ”Moal aya anu bisa ngawula ka dua dunungan.” Anjeunna ogé nandeskeun, ”Moal bisa ngabdi ka Allah bari ngawula kana duit.” Mustahil urang bisa méré nu panghadéna ka Yéhuwa bari terus sibuk ngudag harta banda. (Mat. 6:24) Urang teu sampurna, jadi urang kudu terus bajoang ngalawan ”kahayang jasmani”, kaasup matérialisme.—Epe. 2:3. w17.05 25-26 ¶15-16
Saptu, 26 Januari
Eta kabeh dilakonan pikeun ngamashurkeun Injil Kasalametan bari ngalap berkahna.—1 Kor. 9:23.
Urang diibaratkeun siga pot taneuh lantaran urang teu sampurna. Tapi, warta nu urang wawarkeun diibaratkeun siga harta lantaran bisa mawa kahirupan langgeng pikeun urang jeung saha waé nu ngadéngékeun urang. Paulus getol pisan ngajarkeun Karajaan Allah ka batur. (Rum 1:14, 15; 2 Tim. 4:2) Lantaran nyaah ka warta Injil, manéhna terus ngawawar sanajan dikaniaya. (1 Tes. 2:2) Kumaha urang bisa nyonto Paulus nu nyaah ka palayanan? Salah sahiji cara Paulus némbongkeun kanyaahna ka palayanan nyaéta ngawawar dina sagala kasempetan. Siga Paulus jeung urang Kristen di abad kahiji, urang ogé nyaritakeun warta hadé ti imah ka imah, di tempat umum, jeung di mana waé urang bisa panggih jeung jalma-jalma. (Ras. 5:42; 20:20) Urang ogé ngupayakeun sagala cara pikeun ngawawar ka saloba-lobana jalma. Lamun bisa, urang bakal ngawula sabagé panaratas ékstra atawa panaratas biasa. Bisa waé urang diajar basa séjén, pindah ka luar kota, malah ka luar nagri.—Ras. 16:9, 10. w17.06 11 ¶8-9
Minggu, 27 Januari
Gunung-gunung jeung pulo-pulo ngaleser tina tempatna.—Wahyu 6:14.
Kiwari, loba kasangsaraan di dunya dilantarankeun ku organisasi-organisasi nu jahat. Organisasi agama nipu jutaan jalma. Maranéhna teu ngajelaskeun nu sabenerna ngeunaan Allah sarta ngeunaan mangsa kahareup bumi jeung manusa. Ceuk maranéhna, Alkitab teu bisa dipercaya. Pamaréntah nu korup ngadukung perang, telenges ka jalma-jalma nu béda sélér, jeung nandasa jalma-jalma nu miskin tur lemah. Pamaréntah sarupa kitu beuki beunghar jeung kuat lantaran beurat sabeulah jeung narima panyogok. Pausahaan nu sarakah nyababkeun polusi lingkungan, ngaruksak alam, jeung nipu batur supaya maranéhna beuki beunghar. Alkitab ogé nyebutkeun yén pamaréntah jeung organisasi séjén nu teu ngadukung Karajaan Allah bakal dibinasakeun.—Yer. 25:31-33. w17.04 12 ¶7-8
Senén, 28 Januari
Bahla teh ku Kami moal didatangkeun dina jaman manehna.—1 Rja. 21:29.
Yéhuwa nu bisa nguji haté jeung bisa ningali diri urang nu saenyana, welas asih ka Ahab. (Sil. 17:3) Iman kulawarga jeung sobat Nabot diuji basa maranéhna ngadéngé yén kulawarga Ahab moal bakal dihukum saméméh Ahab maot. Tapi, karendahan haté bisa ngalindungan iman maranéhna. Naon sababna? Lamun rendah haté, maranéhna bakal terus nyembah ka Yéhuwa jeung percaya yén Mantenna moal mungkin teu adil. (Pam. 32:3, 4) Dina mangsa kahareup, kulawarga Nabot bakal panggih jeung Nabot tur putra-putrana nu dihirupkeun deui. Maranéhna bakal narima kaadilan nu sampurna. (Ayub 14:14, 15; Yoh. 5:28, 29) Jalma nu rendah haté nyaho yén ”sagala lampah urang boh hade boh goreng, najan anu rikip buni ge baris dipariksa ku Allah”. (Pan. 12:14) Yéhuwa geus nimbang-nimbang kabéh kanyataan nu teu dipikanyaho ku urang. Jadi, karendahan haté ngalindungan urang sangkan teu kaleungitan iman ka Yéhuwa. w17.04 22-23 ¶8-9
Salasa, 29 Januari
Sobat salawasna sok nembongkeun kanyaahna.—Sil. 17:17.
Lantaran kaayaan dunya ieu, loba sadérék urang kudu jadi pangungsi. Ieu bisa jadi teu gampang. Bayangkeun, maranéhna kudu diajar hal-hal ieu sakaligus: basa anyar, kabiasaan anyar, aturan anyar ngeunaan mayar tagihan jeung pajeg, aturan sakola, jeung carana ngadisiplin budak! Naha Sadérék bisa tetep sabar jeung bageur ka dulur-dulur saiman nu nyanghareupan hal-hal éta? (Pil. 2:3, 4) Sakapeung, para pajabat osok ngahalang-halang lamun maranéhna hayang ngontak sidang nu pangdeukeutna, malahan mah ngancam moal mantuan deui maranéhna. Aya ogé nu dipaksa narima pagawéan nu nyababkeun maranéhna teu bisa masamoan bari diancam bakal diusir ti éta nagri. Lantaran sieun jeung putus asa, aya nu ahirna narima pagawéan éta. Jadi, penting pisan pikeun langsung manggihan dulur-dulur urang teu lila sanggeus maranéhna nepi. Maranéhna kudu ngarasakeun mun urang téh merhatikeun maranéhna. Perhatian jeung bantuan sarupa kitu bisa nguatkeun iman maranéhna.—Sil. 12:25. w17.05 5 ¶9-10
Rebo, 30 Januari
Jelema-jelema teh nepi ka leungit kanyaahna.—Mat. 24:12.
Basa di bumi, Yésus ngajelaskeun galagatna ”ahir jaman”. Salah sahijina ”jelema-jelema teh nepi ka leungit kanyaahna”. (Mat. 24:3) Ayat ieu mimitina laksana ka urang Yahudi di abad kahiji nu ngaku umat Allah, tapi kanyaahna ka Allah mulai leungit. Sabalikna, kalolobaan urang Kristen di jaman éta boga sikep nu béda. Maranéhna sumanget dina ”ngawawarkeun Injil Kasalametan hal Yesus” jeung dina némbongkeun kanyaah ka Allah, ka dulur saiman, malahan mah ka jalma-jalma nu can diajar bebeneran. (Ras. 2:44-47; 5:42) Hanjakalna, aya sababaraha urang Kristen di abad kahiji anu kaleungitan kanyaahna. Yésus ngomong ka urang Kristen di Épésus, ”Maneh geus teu nyaah ka Kami cara keur anyaran.” (Wahyu 2:4) Bisa jadi maranéhna kapangaruhan ku jalma-jalma di sakurilingeunana nu ngutamakeun kasenangan.—Epe. 2:2, 3. w17.05 15 ¶1-3
Kemis, 31 Januari
Jangji anu make sumpah ka Pangeran kudu ditedunan.—Mat. 5:33.
Yépta téh pamingpin jeung prajurit nu wanian. Hana jalma nu rendah haté sarta opénan ka salaki jeung rumah tanggana. Salian ti nyembah ka Yéhuwa, duanana nyieun ikrar ka Mantenna jeung nedunan ikrarna. Maranéhna jadi conto nu alus keur jalma-jalma nu rék nyieun ikrar ka Yéhuwa. Dina Alkitab, ikrar téh jangji nu sérius ka Allah. Contona, hiji jalma jangji ka Yéhuwa rék ngalakukeun hiji hal, rék méré kurban, rék ngalaksanakeun tugas, atawa rék nyieun pantrangan. Ikrar dijieun ku cara sukaréla, euweuh paksaan. Tapi basa hiji jalma nyieun ikrar, éta téh sérius keur Yéhuwa, kudu dijaga jeung ditedunan. Dina Alkitab, ikrar téh sarua pentingna jeung sumpah. Sumpah nyaéta kekecapan nu ngandung jangji pikeun pantrang atawa pikeun ngalakukeun hiji hal.—Kaj. 14:22, 23; Ibr. 6:16, 17. w17.04 15 ¶1-2