PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • es19 kaca 17-26
  • Pébruari

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Pébruari
  • Ngulik Kitab Suci Unggal Poé​—2019
  • Subjudul
  • Jumaah, 1 Pébruari
  • Saptu, 2 Pébruari
  • Minggu, 3 Pébruari
  • Senén, 4 Pébruari
  • Salasa, 5 Pébruari
  • Rebo, 6 Pébruari
  • Kemis, 7 Pébruari
  • Jumaah, 8 Pébruari
  • Saptu, 9 Pébruari
  • Minggu, 10 Pébruari
  • Senén, 11 Pébruari
  • Salasa, 12 Pébruari
  • Rebo, 13 Pébruari
  • Kemis, 14 Pébruari
  • Jumaah, 15 Pébruari
  • Saptu, 16 Pébruari
  • Minggu, 17 Pébruari
  • Senén, 18 Pébruari
  • Salasa, 19 Pébruari
  • Rebo, 20 Pébruari
  • Kemis, 21 Pébruari
  • Jumaah, 22 Pébruari
  • Saptu, 23 Pébruari
  • Minggu, 24 Pébruari
  • Senén, 25 Pébruari
  • Salasa, 26 Pébruari
  • Rebo, 27 Pébruari
  • Kemis, 28 Pébruari
Ngulik Kitab Suci Unggal Poé​—2019
es19 kaca 17-26

Pébruari

Jumaah, 1 Pébruari

Eta timbalan Allah ku Enoh dijalankeun.​—Kaj. 6:22.

Nuh teu nyaho kumaha carana ngawangun bahtera. Jadi, Nuh kudu ngandelkeun Yéhuwa jeung ngajalankeun sagala ”timbalan Allah” nepi ka rincianana. Naon hasilna? Bahtera éta bisa nyalametkeun Nuh jeung kulawargana! Nuh ogé kolot nu hadé lantaran manéhna ngandelkeun hikmat Allah pikeun ngadidik budak. Manéhna ngajar sarta jadi tuladan pikeun barudakna, padahal éta téh teu gampang sabab di jaman éta jalma-jalmana jarahat. (Kaj. 6:5) Salaku kolot, kumaha Sadérék bisa ngajalankeun sagala ”timbalan Allah”? Regepkeun pangajaran Yéhuwa dina ngagedékeun budak. Mangpaatkeun naséhat ti Firman-Na jeung organisasi-Na. Mémang, sanajan kolot geus sabisa-bisa ngajar budakna, aya waé budak nu ninggalkeun Yéhuwa. Tapi, kolot nu geus upaya satékah polah bisa boga haté sanubari nu bersih jeung miharep budakna bakal balik deui ka Yéhuwa. w18.03 30 ¶10-11

Saptu, 2 Pébruari

Kudu daraek silih anjrekkeun.​—1 Pet. 4:9.

Naha Sadérék hayang akuan ka sémah tapi ngarasa teu sanggup? Bisa jadi Sadérék téh éraan jeung sieun sémahna bakal bosen. Atawa, lantaran teu boga loba duit Sadérék hariwang teu bisa loba barang béré siga batur. Aya ogé nu ngarasa imahna saderhana jeung leutik teuing pikeun narima sémah. Nu penting mah lain imah nu méwah, tapi nu bersih jeung rapih. Sémah Sadérék gé bakal resepeun lamun Sadérék soméah. Teu perlu ngarasa hariwang, sabab nu pangpentingna mah kanyaah urang ka sémah. Inget, nu bisa ngabantu téh biasana némbongkeun perhatian ka sémah. (Pil. 2:4) Kalolobaan jalma resep nyaritakeun pangalaman hirupna. Urang bisa ngadéngékeun pangalaman maranéhna lamun ngumpul bareng jeung maranéhna. Hiji kokolot nulis, ”Ku cara ngondang sadérék-sadérék di sidang ka imah, abdi jadi leuwih paham jeung wanoh ka maranéhna, contona kumaha maranéhna bisa jadi Saksi.” Lamun Sadérék perhatian ka sémah, tangtu kabéh bakal ngarasa betah. w18.03 18 ¶15-17

Minggu, 3 Pébruari

Mangga ayeuna urang baptis, bade ngantosan naon deui? —Ras. 22:16.

Kiwari, kolot ogé tangtu hayang mantuan budakna pikeun nyieun putusan nu bijaksana. Lamun saurang budak ngaengké-engké dibaptis tanpa alesan nu kuat, hubungan manéhna jeung Yéhuwa bisa ruksak. (Yak. 4:17) Jadi saacan budakna dibaptis, kolot nu bijaksana bakal mastikeun yén budakna geus siap jadi murid Kristus. Sababaraha pangawas wilayah ningali loba budak ngora, ti rumaja nepi ka nu umurna 20 taunan, can dibaptis kénéh sanajan kolotna Saksi. Padahal maranéhna geus rutin masamoan, ngawawar, jeung ngarasa dirina sabagé Saksi Yéhuwa. Ku sabab sababaraha alesan, maranéhna can ngabaktikeun diri jeung dibaptis. Dina sababaraha kaayaan, kolot nganggap budakna can siap dibaptis. w18.03 9 ¶1-2

Senén, 4 Pébruari

Aranjeun bisa . . . nurutkeun conto ti Kristus Yesus.​—Rum 15:5.

Supaya jadi saperti Kristus, urang kudu diajar cara pikir, parasaan, jeung lalampahanana. Yésus ngahargaan pisan hubunganana jeung Allah ti batan naon waé. Jadi, nyonto Yésus téh sarua jeung nyonto Yéhuwa. Éta sababna penting pisan lamun urang diajar cara pikir Yésus. Kumaha urang bisa diajar cara pikir Yésus? Murid-muridna ngadéngékeun anjeunna ngajar loba jalma, ningali anjeunna nyieun mujijat, bageur ka sagala rupa jalma, jeung ningali anjeunna ngalarapkeun prinsip Yéhuwa. (Ras. 10:39) Kiwari, urang teu bisa panggih jeung Yésus. Tapi, catetan Injil bisa ngabantu urang leuwih kenal ka Yésus. Lamun urang maca jeung ngalenyepan buku Mateus, Markus, Lukas, jeung Yohanes, urang bakal diajar leuwih loba ngeunaan cara pikir Yésus. Ieu ngabantu urang nyonto ”tuladan” anjeunna sarta ”boga tekad anu kuat” saperti anjeunna.​—1 Pet. 2:21; 4:1. w18.02 20-21 ¶15-16

Salasa, 5 Pébruari

Percaya kana eta warta teh kudu ngadenge heula wartana.​—Rum 10:17.

Ti saprak Adam jeung Hawa boga turunan, manusa diajar ngeunaan Yéhuwa ti tilu cara: ti ciptaana-Na, ti hamba-hamba Allah nu satia, jeung ti pangalaman sorangan waktu ngarasakeun mangpaatna taat ka Mantenna. (Yes. 48:18) Ku cara merhatikeun ciptaan, Nuh yakin Yéhuwa téh aya jeung manéhna apal kana sipat-sipat Mantenna. Ku kituna, Nuh paham yén Yéhuwa téh hiji-hijina Allah nu bener jeung mahakawasa. (Rum 1:20) Nuh teu ngan saukur percaya, tapi ogé mekarkeun iman nu kuat ka Allah. Bisa jadi Nuh diajar ngeunaan Yéhuwa ti barayana. Bapana, Lamék, lahir saacan Adam maot jeung miboga iman ka Allah. Akina téh Métusalah, sarta karuhunna téh Yaréd, nu maot 366 taun sanggeus Nuh lahir. (Luk. 3:36, 37) Nuh resep diajar hal-hal éta sarta kageuing pikeun ngawula Yéhuwa.​—Kaj. 6:9, 10. w18.02 10 ¶4-5

Rebo, 6 Pébruari

Ari ambek ulah nepi ka sapoe jeput teu eureun-eureun.​—Epe. 4:26.

Lamun urang dinyenyeri ku ucapan jeung lalampahan dulur saiman atawa kulawarga, rasana téh peurih pisan. Kumaha lamun éta teu bisa dipopohokeun? Naha urang bakal terus ambek, malahan mangtaun-taun? Atawa, naha urang bakal nuturkeun naséhat bijaksana tina Alkitab pikeun gancang ngaréngsékeun masalahna? Beuki diengké-engké ngomongna, beuki hésé rukunna. Kumaha carana Sadérék bisa rukun deui? Kahiji, Sadérék kudu ngadoa ka Yéhuwa. Suhunkeun bantuan Yéhuwa sangkan Sadérék jeung manéhna bisa ngobrol ku cara nu hadé. Inget yén manéhna gé sobat Yéhuwa. (Jab. 25:14) Yéhuwa bageur ka sobat-sobat-Na, jadi Mantenna gé miharep urang siga kitu. (Sil. 15:23; Mat. 7:12; Kol. 4:6) Kadua, pikirkeun bener-bener naon nu bakal diomongkeun ka sadérék éta. Ulah goréng sangka. Inget yén Sadérék ogé bisa waé boga andil nyababkeun éta masalah. w18.01 7 ¶15-16

Kemis, 7 Pébruari

Sakumaha Kami mikanyaah ka maraneh, maraneh oge kudu silih pikanyaah sabatur-batur.​—Yoh. 13:34.

Lantaran miboga kanyaah sajati ka batur, umat Yéhuwa béda pisan jeung jalma-jalma di dunya. Ieu geus kabukti. Yésus ngomong yén hiji-hijina paréntah dina Torét Musa nu leuwih penting ti batan nyaah ka batur téh nyaéta nyaah ka Allah. (Mat. 22:37-39) Yésus ogé ngomong yén kanyaah téh ciri urang Kristen sajati. (Yoh. 13:35) Malahan urang Kristen sajati mikanyaah musuh-musuhna. (Mat. 5:43, 44) Yésus némbongkeun yén anjeunna bener-bener nyaah ka manusa. Anjeunna ngabuktikeunana ku cara ngawawarkeun Karajaan Allah ti kota ka kota. Anjeunna nyageurkeun nu lolong, nu lumpuh, nu lépra, jeung nu torék. Anjeunna ogé ngahirupkeun deui nu maraot. (Luk. 7:22) Malahan Yésus ngorbankeun nyawana pikeun nyalametkeun manusa. Yésus nyeplés pisan dina nyonto kanyaah Bapana. Di sakuliah dunya, Saksi Yéhuwa nyonto Yésus dina mikanyaah batur. w18.01 6 ¶11-12

Jumaah, 8 Pébruari

PANGERAN nu maparin daya sareng tanaga, anu jadi jurusalamet.​—Yes. 12:2.

Sanajan geus dibaptis ti leuleutik kénéh, hidep moal bakal nyaho aya ujian iman naon waé kahareupna. Sangkan terus satia, sing inget yén hidep geus jangji tanpa sarat ka Yéhuwa. Ieu hartina hidep rék ngawula Mantenna teu sual sobat atawa kolot ninggalkeun Yéhuwa. (Jab. 27:10) Dina sagala kaayaan, ulah asa-asa nyuhunkeun bantuan ka Yéhuwa pikeun nedunan jangji ka Mantenna. (Pil 4:11, 12) Yéhuwa hayang nyobat jeung hidep. Tapi, hidep perlu ngupayakeun éta sosobatan jeung kasalametan hidep. Pilipi 2:12 nyebutkeun, ”Sing terus rarajin jeung sieun ku Allah supaya kasalametan aranjeun jadi sampurna.” Jadi, urang kudu bener-bener mikirkeun carana tetep raket jeung Yéhuwa sarta tetep satia teu sual tangtanganana. Urang teu bisa nganggap urang moal gagal. Inget yén jalma-jalma nu geus ngawula Yéhuwa mangtaun-taun gé bisa teu satia. w17.12 22 ¶4, 6-7

Saptu, 9 Pébruari

Abdi iklas nyanggakeun ieu barang-barang.​—1 Bab. 29:17.

Yéhuwa masihan urang kahormatan sarta kasempetan pikeun ngarojong kagiatan Karajaan. Mantenna ngajamin yén lamun urang ngarojong, urang bakal diberkahan. (Mal. 3:10) Yéhuwa gé jangji yén lamun urang béréhan, urang moal bakal kakurangan. (Sil. 11:24, 25) Mantenna masihan terang yén urang bakal bagja sabab ”leuwih bagja mere ti batan nampa”. (Ras. 20:35) Ucapan jeung lalampahan urang bisa jadi conto pikeun jalma nu anyaran diajar jeung barudak pikeun méré sumbangan sarta narima loba berkah. Sagala nu dipiboga ku urang asalna ti Yéhuwa. Waktu urang mulang tarima, urang nunjukkeun yén urang nyaah ka Mantenna sarta nganuhunkeun kana sagala nu geus dilampahkeun ku Mantenna ka urang. Waktu urang Israil nyumbang pikeun pangwangunan bait, maranéhna méré ”reujeung sukana sarta kacida barungaheunana”. (1 Bab. 29:9) Muga urang terus ngagunakeun sagala pamasihan Yéhuwa pikeun mulang tarima ka Mantenna. Urang bakal bagja jeung sugema. w18.01 20 ¶18-19

Minggu, 10 Pébruari

Masing-masing kudu nurutkeun giliranana: Kristus anu ti heula; engke, dina waktu Anjeunna sumping deui [”dina kahadiran anjeunna”, NW], kakara giliran anu aranut ka Anjeunna.​—1 Kor. 15:23.

Dihudangkeunana jalma ka sawarga téh bakal laksana teu lila sanggeus kahadiran Kristus. Kaom nu diistrénan nu masih kénéh hirup di bumi dina mangsa cilaka bakal ”dibawa bareng kana mega”. (1 Tes. 4:13-17; Mat. 24:31) Waktu maranéhna maot, maranéhna ”bakal dirobah. Kajadianana ngadadak di jero sakiceup mata waktu sangkakala ditiup panganggeusan”. (1 Kor. 15:51, 52) Kiwari, kalolobaan urang Kristen teu diistrénan jeung teu dipilih pikeun maréntah di sawarga bareng Kristus. Maranéhna ngadagoan poéna Yéhuwa bakal ngamusnakeun dunya nu jahat ieu. Sanajan teu aya nu nyaho iraha ieu bakal laksana, bukti-bukti nunjukkeun yén éta téh geus téréh. (1 Tes. 5:1-3) Di dunya anyar, bakal aya pihudangeunana jalma pikeun hirup di bumi. Maranéhna boga harepan pikeun jadi manusa sampurna nu moal maot deui. w17.12 13 ¶15, 18-19

Senén, 11 Pébruari

Di mana aya sipat dengki jeung sipat mentingkeun maneh, tangtu ngusutkeun jeung nyieun rupa-rupa kajahatan.​—Yak. 3:16.

Urang moal babari sirikan lamun mekarkeun kanyaah jeung kahadéan haté. Ceuk Firman Allah, ’Kanyaah teh sabar jeung alus budi, teu sirikan.’ (1 Kor. 13:4) Sangkan sipat sirik teu aya dina haté, urang kudu ningali sagala hal luyu jeung cara pandang Yéhuwa. Urang kudu nganggap dulur saiman sabagé babagian awak, nyaéta sidang Kristen. Alkitab nyebutkeun, ”Upama nu hiji didama-dama, nu sejenna oge milu ngarasa genah.” (1 Kor. 12:16-18, 26) Lamun aya nu meunang berkah, tangtu urang bakal milu bungah, lainna sirik. Pék inget tuladan Yonatan, putrana Raja Saul. Yonatan teu sirik waktu Daud dipilih jadi raja, lain manéhna. Yonatan justru nguatkeun jeung ngarojong Daud. (1 Sam. 23:16-18) Naha urang bisa némbongkeun kahadéan haté jeung kanyaah saperti Yonatan? w17.11 29 ¶10-11

Salasa, 12 Pébruari

Mutus perkara moal satingal-tingalna, moal sadangu-danguna. Adil asih ka nu miskin, bumela ka nu sangsara.​—Yes. 11:3, 4.

Yéhuwa ngidinan Hukum aya dina Alkitab. Mantenna hoyong urang paham sarta ngalarapkeun ”anu enya-enya penting”, nyaéta prinsip-prinsip nu aya dina Hukum. (Mat. 23:23) Hukum Musa téh eusina ”kanyaho jeung perkara-perkara anu bener”. Ieu ngajar urang ngeunaan Yéhuwa jeung prinsip-prinsip-Na. (Rum 2:20) Tina kota suaka nu diatur dina Hukum, para kokolot diajar ”kudu adil” waktu ngahakiman. Urang gé diajar pikeun ’karunyaan jeung hade hate’. (Jak. 7:9) Sanajan urang teu diwajibkeun ngajalankeun Hukum Musa, Yéhuwa teu barobah. Kaadilan jeung welas asih téh penting pikeun Mantenna. Urang reueus bisa nyembah ka Allah nu saperti kitu. Hayu urang nyonto sipat-sipat-Na nu éndah jeung narima panyalindungan ti Mantenna! w17.11 15-16 ¶2-3; 20 ¶18-19

Rebo, 13 Pébruari

Bagja jalma anu meunang hikmah, anu meunang pangarti.​—Sil. 3:13.

Sadérék nu ngajar ti mimbar kudu mastikeun yén ayat Alkitab téh jadi bagian nu pangpentingna dina hutbahna. (Yoh. 7:16) Jadi, pangalaman atawa ibarat nu ditepikeun ulah nepi ka leuwih ditonjolkeun ti batan ayat Alkitabna. Inget ogé yén macakeun Alkitab béda jeung ngajarkeun Alkitab. Hadirin moal inget lamun ayat nu dibacakeun loba teuing. Jadi, Sadérék kudu milih ayat nu bener-bener cocog. Sadiakeun waktu keur maca, ngajelaskeun, ngibaratkeun, sarta nerangkeun carana éta dilarapkeun. (Neh. 8:8) Lenyepan ogé patalina rangka jeung ayat-ayatna. Nu pangpentingna, suhunkeun pitulung Yéhuwa sangkan bisa nepikeun pangajaran-Na nu hadé tina Alkitab.​—Esra 7:10. w17.09 24 ¶11-12

Kemis, 14 Pébruari

Hiap baralik deui ka Kami, tangtu Kami oge balik deui ka maraneh.​—Jak. 1:3.

Dina taun 537 SM, umat Yéhuwa kacida bungahna. Sanggeus ditawan di Babul salila 70 taun, ayeuna maranéhna bébas! Maranéhna sumanget rék balik ka Yérusalém pikeun ngawangun deui bait jeung mulihkeun ibadah ka Yéhuwa. Sataun sanggeusna, urang Israil ngadegkeun pademén bait. Genep belas taun ti harita, bait Yéhuwa can réngsé kénéh. Umat Allah kudu diélingan sangkan baralik deui ka Yéhuwa jeung henteu mentingkeun diri. Jadi dina taun 520 SM, Yéhuwa ngutus Nabi Jakaria pikeun ngélingan urang Israil kana alesan Mantenna ngabébaskeun maranéhna ti Babul. Ngaran Jakaria téh cocog pisan hartina, nyaéta ”Yéhuwa Tos Émut”. Sanajan bangsa Israil geus mopohokeun padamelan Yéhuwa pikeun maranéhna, Mantenna émut kénéh ka maranéhna. (Jak. 1:3, 4) Yéhuwa jangji bakal mantuan maranéhna mulihkeun ibadah sajati. Tapi, Mantenna ogé mépélingan yén ibadah maranéhna bakal ditarima lamun dijalankeun ku sagemblengna haté. w17.10 15-16 ¶2-3

Jumaah, 15 Pébruari

Sabalikna kudu sareh, alus budi.​—Epe. 4:32.

Para ahli kaséhatan méntal ngomong yén karunyaan téh alus keur kaséhatan sarta hubungan urang jeung batur. Waktu mantuan nu keur susah, Sadérék bakal leuwih bagja, leuwih sumanget, loba batur, jeung leuwih positif. Karunyaan alus keur Sadérék. Lamun kanyaah ngageuing urang pikeun mantuan batur, urang bakal boga haté sanubari nu bersih lantaran geus ngalampahkeun kahoyong Yéhuwa. Sipat karunya bakal ngabantu urang jadi indung bapa, batur hirup, jeung sobat nu leuwih hadé. Jalma nu karunyaan bakal dipikarunya ogé ku batur. (Mat. 5:7; Luk. 6:38) Sanajan karunyaan loba mangpaatna, alesan utama urang némbongkeun sipat ieu téh lantaran hayang nulad ka Yéhuwa jeung ngamulyakeun Mantenna. Yéhuwa sumber kanyaah jeung sipat karunya.​—Sil. 14:31. w17.09 14 ¶16-17

Saptu, 16 Pébruari

Eta pisan jelemana anu . . . bakal meunang kahormatan saperti raja . . . Di gigireun korsi karajaanana aya hiji imam.​—Jak. 6:13.

Salian ti jadi Raja jeung Imam Agung, Yésus boga tugas pikeun ”ngadegkeun deui Bait” Yéhuwa. Dina taun 1919, anjeunna ngadegkeun deui bait ku cara ngabébaskeun umat Allah ti pangaruh Babul Raya atawa agama palsu. Yésus mulihkeun sidang Kristen sarta ngalantik ”gandek satia jeung bijaksana”. Kaom nu diistrénan ieu mingpin pagawéan penting nu dilaksanakeun di palataran bait rohani nu aya di bumi. (Mat. 24:45) Yésus ogé ngamurnikeun umat Allah jeung ngabantu maranéhna ngajalankeun ibadah ku cara nu bener. (Mal. 3:1-3) Yésus jeung 144.000 nu jadi raja jeung imam bakal maréntah salila sarébu taun. Dina mangsa éta, maranéhna bakal ngabantu manusa nu satia jadi sampurna. Waktu raja jeung imam ieu réngsé ngajalankeun tugasna, nu hirup di bumi ngan hamba-hamba Allah nu sajati. Ahirna, ibadah sajati dipulihkeun sapinuhna! w17.10 25 ¶15-16

Minggu, 17 Pébruari

Manehna . . . kudu . . . ka kota suaka tempat nyalindungna, lilana nepi ka Imam Agung anu keur jeneng harita tilar dunya.​—Bil. 35:25.

Sangkan bisa dihampura, jalma nu teu ngahaja maéhan kudu geura kabur ka kota suaka nu pangdeukeutna. (Yos. 20:4) Manéhna bisa tetep hirup lamun indit ka kota éta jeung cicing di ditu nepi ka maotna imam agung. Manéhna kudu nyieun pangorbanan, saperti ninggalkeun pagawéan, imah, jeung teu bébas iinditan. Ieu téh demi kasalametanana sorangan. Kiwari ogé, aya nu kudu diupayakeun ku jalma nu tobat sangkan dihampura ku Allah. Manéhna kudu eureun ngalampahkeun dosa. Ieu kaasup nyingkahan sagala hal nu bisa ngalantarankeun dosa gedé. Lamun bajoang henteu ngadosa deui, urang némbongkeun ka Yéhuwa yén urang téh teu nyapirakeun kasalahan sarta teu nganggap Yéhuwa geus sakuduna welas asih ka urang.​—2 Kor. 7:10, 11, SF. w17.11 12 ¶10-11

Senén, 18 Pébruari

Kudu daraek silih anjrekkeun ulah bari kukulutus.​—1 Pet. 4:9.

Yéhuwa maréntahkeun sangkan urang béréhan ka dulur saiman. (1 Yoh. 3:17) Tapi, urang kudu iklas. Urang bisa ngalenyepan: ’Naha abdi ngan resep ngondang sobat dalit atawa nu dianggap penting ku abdi di sidang? Naha abdi ngan ngondang nu bisa mulang tarima ka abdi? Atawa, naha abdi béréhan ka dulur saiman nu teu pati wanoh atawa nu teu bisa mulang tarima ka abdi?’ (Luk. 14:12-14) Bayangkeun kaayaan ieu: Kumaha lamun aya sadérék nu ngalaman kasusah lantaran nyieun putusan nu teu bijaksana, terus ménta bantuan ka urang? Atawa, kumaha lamun sadérék nu diondang ka imah urang teu ngahaturkeun nuhun? Yéhuwa masihan terang supaya urang ngalarapkeun ayat poé ieu. Urang bakal bagja lamun méré kalawan iklas.​—Ras. 20:35. w17.10 6 ¶12

Salasa, 19 Pébruari

Paliyas abdi ngabales ku lampah anu sakitu kotorna tur matak dosa ka Allah.​—Kaj. 39:9.

Ku sabab Yusup téh ”nya kasep nya tegep dedeganana”, pamajikan Potipar kapincut jeung sababaraha kali ngagoda manéhna. Yusup bisa nolak gogoda éta. Basa gep, éta awéwé ngabetot pakéanana, Yusup kabur. Urang bisa diajar naon ti conto Yusup? Urang kudu ngalawan lamun digoda sina ngalanggar hukum Allah. (Sil. 1:10) Sateuacan jadi Saksi Yéhuwa, aya nu kudu bajoang ngaleungitkeun kabiasaan dahar jeung nginum kaleuleuwihi, ngudud, nyalahgunakeun narkoba, rucah, jeung sajabana. Sanggeus dibaptis gé maranéhna sakapeung osok kagoda deui. Lamun éta kaalaman ku Sadérék, pikirkeun kumaha jadina sosobatan Sadérék jeung Yéhuwa lamun nyerah kana gogoda. Pikirkeun ogé dina kaayaan naon waé Sadérék bisa kagoda jeung kumaha nyingkahanana. (Jab. 26:4, 5; Sil. 22:3) Lamun Sadérék ngalaman gogoda siga kitu, geura ngadoa ka Yéhuwa nyuhunkeun hikmat jeung kadali diri. w17.09 5 ¶8-9

Rebo, 20 Pébruari

Harta banda sipat lahir teh pake nyieun pibatureun, supaya samangsa-mangsa harta geus teu bisa deui nulung, maraneh bisa ditarima di tempat anu sipatna langgeng.​—Luk. 16:9.

Urang bisa jadi sobat Yéhuwa lamun néangan harta nu ”sajati” sarta ngan saperluna ngagunakeun sistim dagang dunya ieu. Éta nu dilakukeun ku Ibrahim nu satia. Lantaran hayang jadi sobat Yéhuwa, manéhna taat, ninggalkeun kota Ur nu makmur, jeung cicing di kémah-kémah. (Ibr. 11:8-10) Manéhna salawasna ngandel ka Allah ti batan ka harta banda. (Kaj. 14:22, 23) Yésus nganjurkeun batur sangkan boga iman nu sarupa kitu. Sakali waktu, anjeunna ngomong ka hiji lalaki beunghar, ”Ari hayang sampurna mah jual kabeh sagala kaboga hidep, duitna serenkeun ka kaom miskin, geus kitu hidep ka dieu, tuturkeun Bapa.” (Mat. 19:21) Lalaki éta teu boga iman nu kawas Ibrahim. Tapi, aya jalma-jalma nu ngandel ka Allah. w17.07 6 ¶12

Kemis, 21 Pébruari

[Ibrahim] ku Allah . . . dipaparin jangji yen ieu tanah tan wande jadi milik anjeunna sareng turunanana. Waktos Allah ngajangji kitu, Ibrahim teu acan kagungan putra.​—Ras. 7:5.

Kakara 430 taun sanggeus Ibrahim meuntasan Walungan Éprat, turunanana jadi bangsa nu matuh di dinya. (Bud. 12:40-42; Gal. 3:17) Ibrahim réla ngadagoan lantaran manéhna yakin Yéhuwa tigin kana jangji-Na. Ibrahim iman ka Yéhuwa. (Ibr. 11:8-12) Manéhna réla ngadagoan sanajan teu ningali kabéh jangji Allah ngawujud salila manéhna hirup. Tapi, pék bayangkeun sakumaha bungahna Ibrahim basa engké dihirupkeun deui di bumi pirdaus. Manéhna bakal tajub basa maca kisah hirupna jeung kulawargana dina Alkitab. Manéhna gé tangtu bungah basa nyaho yén manéhna jadi karuhun Mésias, milu ngalaksanakeun pangersa Yéhuwa! Lantaran ningali berkah-berkah éta, manéhna pasti ngarasa teu sia-sia ngadagoan. w17.08 6 ¶10-11

Jumaah, 22 Pébruari

Aranjeun kudu maehkeun kahayang-kahayang jasmani anu datang ngarobeda, kayaning . . . nyieun kaaeban.​—Kol. 3:5.

Dina Alkitab, ”kaaeban” téh lain ngan saukur kalakuan nu rucah. Éta ogé bisa ngamaksudkeun ngaroko atawa bobodoran jorang. (2 Kor. 7:1; Epe. 5:3, 4) Ieu ogé bisa ngamaksudkeun hal-hal goréng nu dilakukeun basa keur sorangan, saperti maca buku nu ngarangsang napsu séksual atawa nongton pornografi, nu tungtungna téh bisa ngalampahkeun masturbasi nu najis. Jalma-jalma nu sering nongton pornografi bisa ”ngumbar birahi” jeung jadi kacanduan séks. Para panaliti nyebutkeun yén kacanduan pornografi téh méh sarua jeung kacanduan alkohol atawa narkoba. Jadi, teu anéh lamun kabiasaan nongton pornografi goréng balukarna. Ieu bisa ngalantarankeun parasaan éra nu kacida, teu sumanget digawé, kulawarga teu bagja, pepegatan, malahan bunuh diri. w17.08 17 ¶8-9

Saptu, 23 Pébruari

Mantenna geus nohagakeun panto gapura maneh, ngaberkahan rahayat maneh. Mantenna ngajadikeun daerah maneh aman.​—Jab. 147:13, 14.

Sanggeus mulang ka Yérusalém, nu nulis jabur inget carana Yéhuwa ngabantu bangsa Israil. Manéhna ngawihkeun kekecapan dina ayat poé ieu. Nu nulis jabur ngarasa aman lantaran Yéhuwa nohagakeun panto gapura kota. Manéhna jadi yakin yén Yéhuwa bakal ngalindungan umat-Na. Sadérék bisa strés ku masalah, tapi Yéhuwa masihan hikmat pikeun nandanganana. Ceuk nu nulis jabur, ”Mantenna maparin parentah ka bumi, sarta naon bae sapangandikana gancang ngajadi.” Terus, manéhna nyebutkeun ngeunaan salju, halimun, jeung hujan es, tuluy ngomong, ”Taya nu kuat nangankeun tirisna!” Manéhna ogé ngomong yén ”ku parentah-Na keneh eta es teh leyur”. (Jab. 147:15-18) Allah, nu terang jeung bisa ngalakukeun naon waé, nu ngadalikeun hujan és jeung salju, tangtu bisa ngabantu urang nalukkeun sagala masalah. w17.07 19 ¶14-15

Minggu, 24 Pébruari

Nun Pangeran, nun Allah! Mung Gusti anu layak diagungkeun, dihormat, nu layak nyangking kawasa. Reh Gusti teh nu nyiptakeun saniskara.​—Wahyu 4:11.

Cara Yéhuwa maréntah téh nu panghadéna jeung Mantenna layak didukung sapinuhna. Lantaran nyiptakeun saniskara, Yéhuwa gaduh hak pikeun maréntah bumi jeung sawarga. Sétan teu nyiptakeun nanaon. Jadi, manéhna teu boga hak pikeun maréntah jagat raya. Boh Sétan boh Adam jeung Hawa teu nyadar diri waktu barontak ka Yéhuwa. (Yer. 10:23) Sanajan boga kabébasan milih, naha maranéhna boga hak pikeun nolak pamaréntahan Yéhuwa? Henteu. Kabébasan milih téh dipasihan pikeun nyieun pilihan jeung putusan, lain pikeun barontak ka Nu Nyipta. Jadi, barontak ka Allah téh sarua jeung nyéléwéngkeun kabébasan milih. Sabagé manusa, urang butuh aturan jeung bingbingan Yéhuwa. w17.06 21-22 ¶2-4

Senén, 25 Pébruari

Cita-cita taya deui lian ti hayang nganggeuskeun kawajiban jeung pagawean.​—Ras. 20:24.

Lamun urang ngahargaan palayanan, urang bakal siga Rasul Paulus nu terus ngawawar sanajan dikaniaya. (Ras. 14:19-22) Contona, di antara taun 1930 jeung 1944, sadérék-sadérék di Amerika Serikat dikaniaya. Tapi, maranéhna teu eureun ngawawar. Basa pamaréntah nyieun upaya pikeun ngeureunkeun maranéhna, sadérék-sadérék mawa kasus éta ka pangadilan. Urang unggul dina loba kasus. Dina taun 1943, Sadérék Knorr nyebutkeun hiji conto kasus nu unggul di Mahkamah Agung AS. Manéhna ngomong yén moal aya kasus ieu lamun sadérék-sadérék eureun ngawawar. Manéhna ogé nyebutkeun yén sadérék-sadérék di sakuliah dunya nu terus ngawawar ngabuktikeun yén panganiayaan téh teu aya hasilna. Sadérék-sadérék di nagri séjén ogé unggul dina kasus-kasus hukum nu sarupa. Lantaran nyaah ka palayanan, urang moal eureun ngawawar sanajan dikaniaya. Lamun urang ngahargaan palayanan, urang moal ngan saukur ngumpulkeun jam dines keur dilaporkeun. Urang bakal sabisa-bisa ”mertelakeun Injil”.​—2 Tim. 4:5. w17.06 12 ¶11-12

Salasa, 26 Pébruari

Masing nyaah ka Pangeran Allah maneh terus jeung hate, terus jeung nyawa, sarta terus jeung budi akal.​—Mat. 22:37.

Lamun nyaah ka Allah, urang bakal taat kana paréntah-Na, satia, jeung ngamusuh kagoréngan. (Jab. 97:10) Tapi, Sétan jeung dunyana terus nyieun upaya pikeun ngaruksak kanyaah urang ka Allah. Dunya ieu boga pandangan nu salah ngeunaan kanyaah. Ti batan nyaah ka Allah, loba jalma ”ngan inget ka diri sorangan bae”. (2 Tim. 3:2) Maranéhna ngan merhatikeun hal-hal ”anu jadi panyileukan jelema dosa, anu narik ati jeung kahayang jelema, jeung saniskara bae anu aya di ieu dunya anu diugung-ugung ku jelema”. (1 Yoh. 2:16) Rasul Paulus ngélingan urang naon balukarna lamun urang mentingkeun diri sorangan, éta bakal ”nungtun kana maot”. Ku naon? Lantaran jalma-jalma nu ngalampahkeun hal-hal éta jadi musuh Allah. (Rum 8:6, 7) Jalma-jalma nu hirupna ngan ngarah kabeungharan atawa lacur bakal kuciwa.​—1 Kor. 6:18; 1 Tim. 6:9, 10. w17.05 16 ¶5-6

Rebo, 27 Pébruari

Nu embung digawe mah tong dibere dahar!​—2 Tes. 3:10.

Sadérék-sadérék nu ngungsi moal nungtut hayang dibéré waé, tapi bakal némbongkeun yén maranéhna téh nganuhunkeun kana bantuan dulur-dulur. Hasilna, dulur-dulur nu méré bantuan bakal suka bungah. Penting ogé sangkan para pangungsi engkéna bisa mandiri. Hal ieu bisa ngajaga martabat maranéhna sarta mertahankeun hubungan nu alus jeung dulur-dulur séjén. (2 Tes. 3:7-9) Sanajan kitu, maranéhna tetep butuh bantuan urang. Teu kudu boga loba duit pikeun mantuan para pangungsi. Nu paling dibutuhkeun ku maranéhna téh waktu jeung perhatian urang. Contona, Sadérék bisa nunjukkeun carana maké angkutan umum atawa nunjukkeun tempat meuli dahareun nu séhat tur murah. Sadérék gé bisa nunjukkeun tempat meuli pakakas keur barang gawé atawa carana diajar kaahlian anyar sangkan bisa meunang duit. Nu pangpentingna, Sadérék bisa mantuan maranéhna sangkan betah di sidang nu anyar. Lamun bisa, tawarkeun pikeun mapagkeun maranéhna ka pasamoan. Sadérék ogé bisa ngajelaskeun carana ngawawar di daérah Sadérék, sarta maturan maranéhna dines. w17.05 6 ¶11-12

Kemis, 28 Pébruari

Aranjeun kudu salawasna aus ku ”cisusu murni” anu sipatna rohani, nya eta sabda Allah. Sabab lamun nginum eta aranjeun bakal tumuwuh reujeung salametna.​—1 Pet. 2:2.

Loba jalma ngarasa hésé boga pandangan nu bener ngeunaan harta banda lantaran teterusan mikirkeun karesep jeung kahayang sorangan. (1 Kor. 2:14) Lantaran pikiranana geus disimpangkeun, maranéhna jadi hésé ngabédakeun mana nu hadé mana nu goréng. (Ibr. 5:11-14) Kahayang pikeun ngumpulkeun harta banda beuki lila beuki kuat. Sanajan geus loba nu dipiboga, kahayangna euweuh béakna. (Pan. 5:10) Tapi, aya cara pikeun ngalawan matérialisme nyaéta urang kudu rutin maca Firman Allah. Yésus ngalenyepan hikmat Yéhuwa nu ngabantu anjeunna ngalawan gogoda ti Sétan. (Mat. 4:8-10) Kiwari ogé, mun urang hayang ngalawan matérialisme, urang kudu ngalarapkeun hikmat Yéhuwa dina kahirupan. Ieu némbongkeun yén urang leuwih nyaah ka Yésus ti batan ka harta banda. w17.05 26 ¶17

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun