PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • es19 kaca 118-128
  • Désémber

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Désémber
  • Ngulik Kitab Suci Unggal Poé​—2019
  • Subjudul
  • Minggu, 1 Désémber
  • Senén, 2 Désémber
  • Salasa, 3 Désémber
  • Rebo, 4 Désémber
  • Kemis, 5 Désémber
  • Jumaah, 6 Désémber
  • Saptu, 7 Désémber
  • Minggu, 8 Désémber
  • Senén, 9 Désémber
  • Salasa, 10 Désémber
  • Rebo, 11 Désémber
  • Kemis, 12 Désémber
  • Jumaah, 13 Désémber
  • Saptu, 14 Désémber
  • Minggu, 15 Désémber
  • Senén, 16 Désémber
  • Salasa, 17 Désémber
  • Rebo, 18 Désémber
  • Kemis, 19 Désémber
  • Jumaah, 20 Désémber
  • Saptu, 21 Désémber
  • Minggu, 22 Désémber
  • Senén, 23 Désémber
  • Salasa, 24 Désémber
  • Rebo, 25 Désémber
  • Kemis, 26 Désémber
  • Jumaah, 27 Désémber
  • Saptu, 28 Désémber
  • Minggu, 29 Désémber
  • Senén, 30 Désémber
  • Salasa, 31 Désémber
Ngulik Kitab Suci Unggal Poé​—2019
es19 kaca 118-128

Désémber

Minggu, 1 Désémber

Kudu daraek silih anjrekkeun ulah bari kukulutus.​—1 Pet. 4:9.

Di jaman Alkitab, jalma-jalma ogé sering akuan ka sémah ku cara ngondang batur dahar bareng di imah. Ieu téh pikeun ngupayakeun karukunan jeung ngajalin sosobatan. (Kaj. 18:1-8; Hak. 13:15, 16; Luk. 24:28-30) Utamana, ka saha urang kudu akuan? Tangtu ka dulur saiman di sidang. Ku sabab kaayaan dunya ieu beuki ruksak, urang bakal butuh bantuan ti dulur saiman, urang gé kudu jadi sobat nu satia keur maranéhna. Pangawas wilayah biasana butuh pamondokan waktu nganjangan hiji sidang. Kitu ogé jeung siswa ti sakola-sakola téokratis jeung sukarélawan pangwangunan. Salian ti éta, kumaha jeung dulur saiman nu kaleungitan imah lantaran musibat alam? Maranéhna tangtu perlu panyicingan nepi ka imahna dioméan. Ulah nganggap yén sadérék nu imahna gedé wungkul nu bisa mantuan. Bisa jadi maranéhna geus sering ngalakukeun hal éta. Naha Sadérék réla nyadiakeun panyicingan sanajan imah Sadérék leutik? w18.03 16 ¶6; 17 ¶9

Senén, 2 Désémber

Jalma jujur mah sakumaha seringna tibeubeut oge moal weleh menyat deui.​—Sil. 24:16.

Naon nu bisa ngabantu urang pikeun ”menyat deui”? Tangtu lain ku kakuatan sorangan, tapi ku roh suci Allah. (Jab. 46:2) Buah padamelan roh téh kaasup kadali diri nu méh sarua jeung disiplin diri. Ngadoa, diajar Alkitab, jeung ngalenyepan téh ngabantu urang. Tapi, kumaha lamun Sadérék hésé pikeun diajar Alkitab atawa teu resep diajar? Ulah leutik haté. Yéhuwa bakal ngabantu Sadérék ”aus” kana Firman-Na. (1 Pet. 2:2) Suhunkeun ka Yéhuwa sangkan Sadérék bisa ngadisiplin diri pikeun diajar Alkitab. Mimitina, Sadérék bisa diajar sababaraha menit wungkul. Lila-lila, diajar téh jadi leuwih gampang jeung leuwih pikaresepeun. Sadérék bakal resep bisa ngagunakeun waktu pikeun nyorangan jeung ngalenyepan pipikiran Yéhuwa nu luhur.​—1 Tim. 4:15. w18.03 28 ¶5-6

Salasa, 3 Désémber

Baptisan, nu ayeuna nyalametkeun maranéh.​—1 Pet. 3:21, ”NW”.

Saacan dibaptis, palajar Alkitab kudu diajar bebeneran ngeunaan Allah, kahoyong-Na pikeun manusa jeung bumi, sarta naon nu geus dilakukeun Mantenna pikeun nyalametkeun manusa. (1 Tim. 2:3-6) Tuluy, maranéhna kudu ngawangun iman sangkan bisa satia ngalampahkeun hukum Allah jeung eureun ngalampahkeun hal nu dipikaijid ku Mantenna. (Ras. 3:19) Ieu téh penting, sabab Yéhuwa moal narima pangbaktian jalma nu tetep ngalampahkeun hal nu dipikaijid ku Mantenna. (1 Kor. 6:9, 10) Tapi, aya deui nu séjénna. Maranéhna gé kudu masamoan sarta rutin ngawarta jeung ngajarkeun bebeneran. (Ras. 1:8) Saurang palajar Alkitab kudu ngalakukeun hal-hal ieu, tuluy manéhna bisa ngabaktikeun diri ka Yéhuwa dina doa pribadi jeung dibaptis. w18.03 6 ¶12

Rebo, 4 Désémber

Ku [Mariam] sagala rupa hal-Na teh disimpen sajeroning manah.​—Luk. 2:51.

Mariam dipilih ku Yéhuwa pikeun jadi indungna Yésus lantaran manéhna jalma nu rohani. Pék baca kekecapan Mariam waktu nganjangan Jakaria jeung Élisabét, barayana. (Luk. 1:46-55) Katingali pisan yén Mariam mikaresep Firman Allah jeung bener-bener apal kana Kitab-Kitab Ibrani. (Kaj. 30:13; 1 Sam. 2:1-10; Mal. 3:12) Malahan, sanggeus Mariam jeung Yusup nikah, maranéhna henteu ngalakukeun hubungan séksual nepi ka Yésus lahir. Tugas ti Allah leuwih penting ti batan hasrat maranéhna. (Mat. 1:25) Mariam ogé bener-bener merhatikeun unggal kajadian dina kahirupan Yésus sarta ngaregepkeun pangajaranana. Jelas yén Mariam minat pisan kana jangji Allah ngeunaan Mésias. Naha urang bisa nyonto Mariam nu ngalampahkeun sagala kahoyong Allah? w18.02 19 ¶11

Kemis, 5 Désémber

Ayub . . . Ka Kami estu gumusti.​—Ayub 1:8.

Kumaha urang bisa nyonto iman sarta kataatan Ayub? Teu sual kumaha kaayaan urang, Yéhuwa kudu tetep jadi Pribadi nu pangpentingna dina kahirupan. Urang kudu ngandel jeung taat ka Yéhuwa ku sapinuh haté. Urang boga alesan nu leuwih kuat ti batan Ayub pikeun taat ka Yéhuwa. Pék pikirkeun, ayeuna urang geus apal ngeunaan Sétan jeung siasatna. (2 Kor. 2:11) Tina Alkitab, hususna buku Ayub, urang nyaho ku naon Allah ngidinan kasangsaraan manusa. Tina nubuat Daniél, urang gé nyaho yén Karajaan Allah téh pamaréntahan nyata nu diparéntah ku Yésus Kristus. (Dan. 7:13, 14) Sakeudeung deui, Karajaan ieu bakal maréntah sakuliah bumi jeung mungkas kasangsaraan. Tina pangalaman Ayub, urang gé diajar pikeun karunyaan ka sadérék-sadérék nu keur susah. Saperti Ayub, omongan maranéhna bisa waé ngaco. (Pam. 28:34) Urang ulah boga panyangka goréng atawa nuduh maranéhna boga salah. Sabalikna, urang kudu ngartikeun kaayaan maranéhna. Ku cara kitu, urang nyonto Bapa Yéhuwa nu nyaahan jeung welas asih.​—Jab. 103:8. w18.02 7 ¶16; 8 ¶19-20

Jumaah, 6 Désémber

Ku karendahan haté Gusti, abdi dimulyakeun.​—Jab. 18:35, ”NW”.

Sababaraha jalma jadi sombong lantaran kasép, kasohor, pinter maén musik, kuat, atawa dipuja-puja ku batur. Daud boga éta kabéh, tapi tetep rendah haté saumur hirupna. Misalna, sanggeus Daud maéhan Goliat, Raja Saul ngomong yén Daud bisa nikah jeung budak awéwéna. Tapi ceuk Daud, ”Naon pangaji abdi . . . dugi ka abdi jadi mantu raja?” (1 Sam. 18:18) Saperti Daud, umat Yéhuwa ayeuna ngupayakeun pikeun rendah haté. Urang kageuing pikeun rendah haté lantaran nyaho yén Yéhuwa Nu Maha Agung ogé rendah haté. Urang hayang ngalarapkeun naséhat, ”Kudu boga tabeat karunyaan, hade hate, handap asor, darehdeh, jeung sabar.” (Kol. 3:12) Urang ogé nyaho yén kanyaah téh ”teu gumede, teu takabur”. (1 Kor. 13:4) Lamun batur ningali urang rendah haté, bisa jadi maranéhna ogé bakal kageuing pikeun wanoh ka Yéhuwa. w18.01 28-29 ¶6-7

Saptu, 7 Désémber

[Maranehna] mani keukeuh menta diidinan ngumpulkeun derma.​—2 Kor. 8:4.

Urang bisa waé dijurung pikeun ngarojong hiji hal ku cara méré sumbangan. (Ras. 4:34, 35; 1 Kor. 16:2) Misalna, sidang urang rék ngawangun Balé Karajaan nu anyar. Urang ogé hayang milu nutupan biaya kongrés. Atawa, aya musibat alam di daérah séjén jeung dulur-dulur urang butuh bantuan. Sumbangan urang gé bisa ngarojong para misionaris, panaratas istiméwa, pangawas wilayah, sarta kabéh nu digawé di kantor pusat jeung kantor cabang di sakuliah dunya. Urang kabéh bisa ngarojong kagiatan organisasi Yéhuwa dina ahir jaman ieu. Kalolobaan nu nyumbang teu nyebutkeun ngaranna. Waktu nyumbang ka kotak di Balé Karajaan atawa nyumbang liwat jw.org, urang gé moal hayang kanyahoan ku batur. Tapi, kumaha lamun Sadérék ngarasa sumbangan Sadérék téh saeutik pisan? Sabenerna, kalolobaan sumbangan ka organisasi téh asalna ti loba sumbangan leutik, lain ti sababaraha sumbangan gedé. w18.01 17-18 ¶10-11

Minggu, 8 Désémber

Baptisan, anu ngalantarankeun aranjeun ayeuna salamet.​—1 Pet. 3:21.

Unggal urang Kristen kudu dibaptis pikeun narima kasalametan jeung hirup langgeng. (Mat. 28:19, 20) Sadérék jangji pikeun mikanyaah Yéhuwa sarta ngutamakeun kahoyong Mantenna dina hirup Sadérék. Sadérék moal bakal kaduhung dibingbing ku Yéhuwa dina kahirupan. Kabéh nu teu wanoh ka Yéhuwa jadi bagian dunya Sétan. Sétan teu paduli ka maranéhna jeung ka Sadérék. Malah, manéhna bungah lamun Sadérék nolak Yéhuwa, biluk ka manéhna, terus kaleungitan harepan hirup langgeng. Pikirkeun berkah naon waé nu dipasihkeun ku Yéhuwa lantaran Sadérék geus ngabaktikeun diri jeung dibaptis. Lantaran geus ngabaktikeun hirup ka Yéhuwa, Sadérék bisa ngomong kalawan yakin, ”PANGERAN nyarengan kami, kami taya karisi; rek bisa kumaha jelema ka kami?” (Jab. 118:6) Mihak Yéhuwa jeung kamanah ku Mantenna téh kahormatan nu taya bandingna. w17.12 21-22 ¶1-3

Senén, 9 Désémber

Ulah ambek atawa panas hate, sabab ngan matak susah bae.​—Jab. 37:8.

Urang bisa keuheul ku kekecapan atawa lalampahan batur, atawa batur nu keuheul ka urang. Sanajan ieu teu gampang disanghareupanana, urang bisa némbongkeun kasatiaan ka Yéhuwa. Kumaha carana? Ku cara sabilulungan tur akur jeung dulur saiman. Maranéhna dipikanyaah ku Yéhuwa sanajan teu sampurna, kitu ogé sakuduna urang. Yéhuwa teu nyegah hamba-hamba-Na nyanghareupan ujian. Urang bisa nyaho hal éta ti pangalaman Yusup. Basa Yusup ngora kénéh, lanceuk-lanceukna sirik ka manéhna. Manéhna dijual jadi budak, terus dibawa ka Mesir. (Kaj. 37:28) Yéhuwa apal pisan kajadianana sarta pasti ngarasa sedih ningali Yusup, sobat-Na nu satia, dikitukeun. Tapi, Yéhuwa teu turut campur. Ka dieunakeun, basa Yusup dituduh merkosa pamajikan Potipar jeung dibui, Yéhuwa henteu nyalametkeun manéhna. Naha Yéhuwa ninggalkeun Yusup? Henteu. Alkitab nyebutkeun yén Yusup ”katembong mulus sagala lampahna, lantaran ditangtayungan ku PANGERAN”.​—Kaj. 39:21-23. w18.01 6-7 ¶12-14

Salasa, 10 Désémber

Ari anu geus maraot moal dihirupkeun deui mah tangtu Kristus oge henteu hirup deui.​—1 Kor. 15:13.

Naon waé pangajaran utama kapercayaan Sadérék? Tangtu Sadérék bakal ngajelaskeun yén Yéhuwa téh Nu Nyipta jeung nu masihan kahirupan. Sadérék ogé bisa waé nyebutkeun yén Sadérék iman ka Yésus Kristus nu jadi tebusan. Salian ti éta, Sadérék bakal nyaritakeun Pirdaus di bumi tempat kabéh umat Allah bakal hirup langgeng. Tapi, naha Sadérék ogé bakal nyebutkeun ngeunaan harepan pihudangeunana nu maot? Sanajan urang miharep bisa salamet ti mangsa cilaka jeung hirup langgeng di bumi, urang ogé boga alesan nu kuat pikeun ngajadikeun pihudangeunana nu maot sabagé salah sahiji pangajaran utama urang. Lamun Yésus teu dihirupkeun deui, anjeunna moal jadi Raja di sawarga sarta pangwawaran urang gé jadi cumah. (1 Kor. 15:12-19) Tapi, urang apal jeung yakin yén Yésus geus dihirupkeun deui, sarta iman urang kana pihudangeunana nu maot tetep kuat.​—Mar. 12:18; Ras. 4:2, 3; 17:32; 23:6-8. w17.12 9 ¶1-2

Rebo, 11 Désémber

Anu enya-enya penting anu diajarkeun ku Hukum, saperti: kudu adil, karunyaan jeung jujur, ku aranjeun teu dipirosea.​—Mat. 23:23.

Basa ngahakiman, urang Parisi henteu welas asih. Maranéhna leuwih mikirkeun kasalahan nu dilampahkeun ti batan mikirkeun jalmana. Waktu urang Parisi ningali Yésus dahar di imah Mateus, maranéhna nanya ka murid-murid Yésus, ”Naha guru maraneh tuang jeung jelema-jelema kitu?” Yésus ngajawab, ”Anu perlu doktor teh anu garering, nu calageur mah teu perlueun. Mangga lenyepan pihartieunana ayat Kitab Suci anu kieu: ’Anu dipundut ku Kami teh watek welas asih, lain sato kurban.’ Kaula datang lain rek neangan jelema anu marulya, tapi rek neangan jelema-jelema nu diaranggap hina.” (Mat. 9:9-13) Naha Yésus nganggap énténg kasalahan maranéhna? Henteu. Anjeunna hayang jalma-jalma tarobat. Ieu téh bagian penting tina warta nu diuarkeun ku anjeunna. (Mat. 4:17) Anjeunna sadar yén sababaraha ”tukang mulung pajeg . . . jeung jelema-jelema anu dianggap jelema goreng” daraék tobat. Maranéhna datang ka imah Mateus téh lain ngan saukur rék dahar, tapi hayang nuturkeun Yésus. (Mar. 2:15) Hanjakalna, urang Parisi teu boga cara pandang nu sarua. w17.11 15 ¶2; 19 ¶15

Kemis, 12 Désémber

Tambahan deuih ku kanyaah, sabab kanyaah teh tali anu meungkeut sagala rupa jadi hiji beungkeutan anu sampurna.​—Kol. 3:14.

Urang bungah jadi anggota sidang Kristen. Urang diajar Firman Allah di pasamoan sarta silih rojong. Hal-hal ieu ngabantu urang terus neuteup pahala. Tapi sakapeung, salah paham bisa ngalantarankeun masalah di antara dulur saiman. Lamun teu diréngsékeun, urang bisa nyimpen kakeuheul. (1 Pet. 3:8, 9) Ulah nepi kakeuheul ngahalangan urang meunangkeun pahala. Paulus ngajelaskeun naon nu kudu dilampahkeun ku urang Kristen, ”Aranjeun teh umat Allah, ku Mantenna dipikaasih jeung dipilih dijadikeun kagungana-Na. Jadi kudu boga tabeat karunyaan, hade hate, handap asor, darehdeh, jeung sabar. Kudu daek silih eledan, lamun pareng pasendatan jeung batur kudu daek silih hampura. Ngahampura teh wajib, sakumaha Gusti oge ngahampura ka aranjeun.”​—Kol. 3:12, 13. w17.11 29 ¶7-8

Jumaah, 13 Désémber

Pek kabur ka salah sahiji [kota].​—Yos. 20:4.

Urang Israil nu teu ngahaja maéhan kudu lumpat ka kota suaka jeung ’mulihkeun perkarana’ ka para kokolot di lawang kota. Kokolot kudu ngabagéakeun manéhna. Sanggeusna, manéhna bakal dikirimkeun ka para kokolot di kota asalna pikeun dipariksa perkarana. (Bil. 35:24, 25) Lamun kabukti yén éta teu dihaja, jalma éta bakal dibawa deui ka kota suaka. Ku naon jalma éta kudu ngomong ka kokolot? Para kokolot bakal mastikeun sangkan umat Israil tetep bersih jeung mantuan jalma nu teu ngahaja maéhan pikeun narima welas asih Yéhuwa. Saurang ahli Alkitab nulis lamun jalma nu teu ngahaja maéhan henteu ngadatangan para kokolot, manéhna bisa dipaéhan. Éta téh salahna sorangan lantaran henteu ngamangpaatkeun bantuan nu geus disadiakeun ku Allah. Lamun henteu indit ka salah sahiji kota suaka, manéhna bakal dipaéhan ku baraya nu rék males pati. w17.11 11 ¶6-7

Saptu, 14 Désémber

Malaikat-malaikat mah roh anu ngawula ka Allah, anu ku Mantenna diutus pikeun ngabarantu jelema-jelema anu bakal nampa kasalametan.​—Ibr. 1:14.

Kiwari, Yéhuwa masih ngagunakeun malaikat pikeun ngalindungan jeung nguatkeun umat-Na. (Mal. 3:6; Ibr. 1:7) Ti saprak 1919, basa umat Yéhuwa dibébaskeun ti Babul Raya, musuh maranéhna geus ngupayakeun sagala cara pikeun ngeureunkeun mekarna ibadah sajati. (Wahyu 18:4) Tapi, maranéhna teu pernah hasil. Urang teu perlu sieun, umat Yéhuwa moal ditawan deui ku agama palsu lantaran para malaikat ngalindungan organisasi Yéhuwa. (Jab. 34:8) Malahan, urang bakal terus sibuk ibadah ka Yéhuwa kalawan bungah. Pasukan tentara Yéhuwa aya di pihak urang. Dina mangsa cilaka, malaikat Yéhuwa bakal ngalindungan umat Allah sarta ngabinasakeun saha waé nu nentang pamaréntahan Yéhuwa. (2 Tes. 1:7, 8) Poé nu pohara hébatna! w17.10 23 ¶10-11

Minggu, 15 Désémber

Masing ajeg ngadeg dina kayakinan iman, sabab iman eta teh iman anu pangsuci-sucina. Kudu neneda ka Allah bari muntang kana kakawasaan Roh Suci.​—Yud. 20.

Lamun aya anggota kulawarga nu dipecat atawa megatkeun hubunganana jeung sidang, éta bisa hésé pisan disanghareupanana. Sakitu nyerina, siga urang ditusuk ku pedang. Kumaha urang bisa tabah? Sadérék kudu ngajaga kagiatan rohani Sadérék. Pikeun nyanghareupan kanyeri ieu, Sadérék kudu nguatkeun iman. Sing rutin maca Alkitab, siapkeun jeung indit ka pasamoan, getol ngawawar, jeung ngadoa nyuhunkeun kakuatan ti Yéhuwa. (Yud. 21) Kumaha lamun kanyeri ieu teu leungit-leungit? Ulah nyerah! Teruskeun éta kagiatan lantaran éta nu bakal ngabantu Sadérék ngadalikeun pikiran jeung parasaan. Ieu kaalaman ku nu nulis Jabur 73. Manéhna pernah ngarasa hésé ngadalikeun pikiran jeung parasaanana. Tapi, pangawulaan ka Yéhuwa ngalempengkeun cara pikir manéhna. (Jab. 73:16, 17) Tangtu Sadérék ogé bisa. w17.10 13-14 ¶17-18

Senén, 16 Désémber

Tembongkeun kanyaah reujeung iklas.​—Rum 12:9.

Basa Sétan ngomong ka Hawa di Taman Éden, manéhna siga nu mikirkeun kapentingan Hawa. Tapi saenyana, Sétan hayang nyilakakeun Hawa. (Kaj. 3:4, 5) Waktu Daud jadi raja, manéhna boga sobat nu ngaranna Ahitopél. Tapi, Ahitopél ngahianatan Daud demi kapentinganana sorangan. Manéhna lain sobat sajati. (2 Sam. 15:31) Kiwari, jalma-jalma murtad jeung saha-saha nu rék ngabaruntakkeun sidang bisa waé ”omonganana ngareunah, barisa ngolo”. (Rum 16:17, 18) Katingalina maranéhna perhatian ka batur, tapi nyatana mah ngan mikirkeun dirina sorangan. Kanyaah nu palsu téh pikageuleuheun sabab dipaké keur nipu jalma-jalma. Urang bisa waé ngabobodo manusa, tapi teu bisa ngabobodo Yéhuwa. Ceuk Yésus, jalma-jalma nu munapék bakal dihukum ”bebeakan”. (Mat. 24:51) Jadi, pariksa diri sorangan, ’Naha kanyaah abdi téh sajati, atawa mentingkeun diri tur pupulasan?’ w17.10 4-5 ¶6-8

Salasa, 17 Désémber

Maranehna teh kacida garetolna ibadah ka Allah. Hanjakal ibadahna henteu nurutkeun pituduh anu bener.​—Rum 10:2.

Waktu urang macakeun Alkitab ka batur, éta hartina urang ménta Yéhuwa nu nyarios. Ayat nu cocog leuwih gedé pangaruhna ti batan omongan urang. (1 Tes. 2:13) Waktu keur dines, naha Sadérék sabisa-bisa macakeun Alkitab? Tapi, teu cukup ngan saukur macakeun Alkitab ka nu boga imah. Kalolobaan jalma teu ngarti eusi Alkitab. Ieu kaalaman di abad kahiji, ogé di jaman ayeuna. Urang teu bisa nganggap nu boga imah langsung ngarti kana ayat nu dibacakeun. Urang bisa malikan deui maca kecap konci atawa nandeskeun poko penting tina ayat nu dibacakeun sarta ngajelaskeun maksudna. Ku cara ieu, Firman Allah bisa nanceb dina haté jeung pikiran manéhna.​—Luk. 24:32. w17.09 23 ¶7-8

Rebo, 18 Désémber

Sing . . . silih pikaheman.​—1 Pet. 3:8.

Yéhuwa maréntahkeun urang Kristen sangkan karunyaan ka sasama jeung ka dulur saiman. (Yoh. 13:34, 35) Karunyaan ogé ngahartikeun daék ”sangsara babarengan”. Jalma nu karunyaan kageuing pikeun nulungan batur nu keur susah. Jadi, urang kudu néangan kasempetan pikeun nulungan batur. Tangtu urang karunya ka jalma-jalma nu keuna musibat jeung hayang nulungan maranéhna. Saksi Yéhuwa kasohor dina hal ieu. (1 Pet. 2:17) Contona, saurang sadérék istri di Jepang cicing di daérah nu ruksak ku lini jeung tsunami taun 2011. Manéhna ngarasa ”dikuatkeun jeung dililipur” waktu ningali sukarélawan daratang ti sababaraha daérah di Jepang jeung ti luar nagri pikeun ngoméan imah-imah jeung Balé Karajaan. Manéhna nyarita, ”Tina kajadian ieu, abdi sadar yén Yéhuwa téh nyaah, para Saksi silih pikanyaah, sarta loba sadérék di sakuliah dunya gé ngadoakeun abdi sadaya.” w17.09 12-13 ¶12-13

Kemis, 19 Désémber

Anu hirupna dituyun ku Roh Allah mah . . . nahan napsu.​—Gal. 5:22, 23.

Ku naon urang kudu ngadalikeun diri? Aya dua alesan penting. Kahiji, jalma nu bisa ngadalikeun parasaan jeung émosina biasana teu boga loba masalah. Manéhna ogé bisa boga hubungan nu alus jeung batur sarta teu gampang ambek, hariwang, atawa strés. Kadua, sangkan tetep jadi sobat Allah, urang kudu bisa ngalawan gogoda jeung ngadalikeun hasrat nu salah. Éta nu gagal dilampahkeun ku Adam jeung Hawa. (Kaj. 3:6) Kawas maranéhna, loba jalma ayeuna kabeulit masalah gedé lantaran teu bisa ngadalikeun diri. Yéhuwa paham urang téh teu sampurna jeung kudu bajoang pikeun ngadalikeun diri. Tapi, Mantenna hayang ngabantu urang pikeun ngadalikeun hasrat nu salah.​—1 Rja. 8:46-50. w17.09 4 ¶3-4

Jumaah, 20 Désémber

Pribadi aranjeun anu heubeul teh, . . . geus dipiceun.​—Kol. 3:10, ”SF”.

Dina hiji mangsa, Saksi nu béda warna kulit di Afrika Selatan pernah teu diidinan masamoan bareng. Tapi, dina poé Minggu tanggal 18 Désémber 2011, aya leuwih ti 78.000 Saksi ti rupa-rupa sélér ngarumpul dina acara istiméwa di stadion nu panggedéna di Johannesburg. Maranéhna daratang ti Afrika Selatan jeung nagri-nagri tatangga. Salah saurang manajer stadion ngomong, ”Kakara ayeuna abdi ningali jalma réa nu sakitu tartibna di stadion ieu. Pakéanana rarapih, stadion ieu gé dibersihan deuih. Tapi pangutamana, aranjeun téh ti rupa-rupa sélér.” Jadi, nu lain Saksi gé bisa ningali duduluran urang téh béda ti nu séjén. Ku naon urang béda ti organisasi séjén? Lantaran urang sabisa-bisa ngarobah sipat nu teu kamanah ku Yéhuwa ku bantuan Alkitab jeung roh suci Allah. Urang ’miceun kapribadian nu heubeul’ jeung ”diganti ku kapribadian anu anyar”.​—Kol. 3:9, SF. w17.08 15-16 ¶2-3

Saptu, 21 Désémber

Dulur-dulur oge kudu [salabar].​—Yak. 5:8.

Alkitab ngajelaskeun yén sipat sabar téh hasil roh suci Allah. Lamun teu aya bantuan Allah, manusa nu teu sampurna moal bisa sabar dina kaayaan sulit. Sipat éta téh kurnia ti Allah. Lamun urang sabar, urang nunjukkeun asih ka Allah jeung ka sasama. Lamun urang teu sabar, kaasih di antara urang jeung batur bisa laas. (1 Kor. 13:4; Gal. 5:22) Siga kumaha sipat sabar téh? Sipat ieu ngabantu urang tetep tabah tur positif dina kaayaan sulit. (Kol. 1:11, 12; Yak. 1:3, 4) Kasabaran ogé ngabantu urang tetep satia ka Yéhuwa teu sual masalahna. Sipat éta ogé ngabantu urang pikeun teu ngabales lamun aya nu jahat ka urang. Alkitab ngajelaskeun yén urang kudu réla narimakeun lamun kudu ngadagoan. Ieu palajaran penting tina Yakobus 5:7, 8. w17.08 4 ¶4

Minggu, 22 Désémber

Kami teh Allah maneh, maneh tong sieun ku naon-naon! Maneh ku Kami rek dijieun jadi bedas.​—Yes. 41:10.

Budak ngora, anjeun meureun satuju lamun rék ngayakeun perjalanan, alusna mah nyieun rencana heula. Kahirupan téh siga perjalanan, jeung waktu nu cocog pikeun nyieun rencana téh basa keur ngora kénéh. Mémang éta téh teu gampang. Tapi, ulah sieun. Inget cariosan Yéhuwa dina ayat poé ieu. Yéhuwa nganjurkeun anjeun nyieun rencana nu hadé keur mangsa kahareup. (Pan. 12:1; Mat. 6:20) Mantenna hoyong anjeun bagja. Ieu katémbong tina ciptaan Mantenna nu bisa katingali, kadéngé, jeung karasa ku anjeun. Aya deui bukti séjénna yén Yéhuwa merhatikeun urang. Mantenna masihan naséhat jeung ngajarkeun cara hirup nu panghadéna. Jadi, Mantenna teu suka lamun jalma-jalma nolak naséhat-Na. Allah nyarios ka jalma-jalma nu teu taat, ”Ti batan narurut anggur nyieun kalakuan goreng. Ku sabab kitu, sakur anu ngabakti jeung nurut ka Kami . . . bakal bagja, ari maraneh mah bakal nandang era. Maranehna bakal barungah.” (Yes. 65:12-14) Lamun urang nyieun pilihan nu bijaksana dina kahirupan, urang bakal mawa kamulyaan pikeun Yéhuwa.​—Sil. 27:11. w17.07 21 ¶1-2

Senén, 23 Désémber

Bentang-bentang ku [Yehuwa] . . . masing-masing dipaparinan ngaran.​—Jab. 147:4.

Saperti Allah apal kana lokasi unggal béntang, Mantenna ogé apal ka Sadérék. Mantenna apal Sadérék keur aya di mana, keur ngarasa kumaha, jeung naon pangabutuh Sadérék! Yéhuwa paham naon nu kaalaman ku Sadérék, jeung boga kawasa pikeun mantuan Sadérék nyanghareupan masalah. (Jab. 147:5) Bisa jadi Sadérék ngarasa kaayaanana hésé pisan sarta teu sanggup nyanghareupanana. Allah paham kana kalemahan urang, Mantenna ’emut yen urang teh saukur lebu’. (Jab. 103:14) Urang teu sampurna, jadi bisa mangkali-kali nyieun kasalahan nu sarua. Ku kituna, urang bisa leutik haté. Urang ogé bisa kaduhung kana omongan urang, hasrat nu salah, atawa parasaan sirik ka batur. Yéhuwa teu gaduh kalemahan, tapi Mantenna paham kumaha parasaan urang. (Yes. 40:28) Naha Sadérék pernah ngalaman sorangan kuatna panangan Yéhuwa basa ngajait Sadérék tina cocoba?​—Yes. 41:10, 13. w17.07 16-17 ¶6-8

Salasa, 24 Désémber

Kudu berehan, . . . tangtu baris meunang berkah.​—Sil. 22:9.

Saurang sadérék di Sri Lanka ngarélakeun tanah jeung imahna dipaké jadi tempat masamoan, kongrés, sarta keur nampung palayan sapinuh waktu. Ieu téh pangorbanan matéri keur sadérék éta, tapi kacida mangpaatna keur para pawarta di daérah éta nu mariskin. Di nagri nu ngalarang kagiatan urang, sadérék-sadérék ngagunakeun imahna jadi Balé Karajaan. Ku kituna, para panaratas jeung sadérék-sadérék nu teu mampuh teu kudu nyéwa tempat masamoan. Hiji sadérék istri nu rutin méré sumbangan keur kagiatan Karajaan ngajelaskeun yén dina lumangsungna waktu, manéhna ngalaman parobahan nu luar biasa. Ceuk manéhna, ”Lamun kuring beuki béréhan dina hal matéri, kuring téh jadi beuki béréhan dina hal séjénna. Kuring jadi gampang ngahampura, leuwih sabar, teu gampang kasinggung, jeung beuki gampang narima naséhat.” w17.07 5 ¶9-10

Rebo, 25 Désémber

Timbalan Allah ka Si Panggoda, ”Heug, sagala pangabogana kawasaan ku maneh.”​—Ayub 1:12.

Sanajan Ayub geus leuwih paham alesan manéhna sangsara, bisa jadi Ayub tetep mikirkeun ku naon Allah ngantep manéhna ngalaman kasangsaraan nu kacida. Lamun éta kapikiran ku Ayub, manéhna bisa inget deui kana cariosan Yéhuwa. Éta nu nguatkeun manéhna jeung ngalempengkeun cara pikirna. (Jab. 94:19) Ngalenyepan pangalaman Ayub bisa ngalempengkeun cara pikir jeung ngalilipur urang. Buku Ayub téh bagian tina firman Yéhuwa keur ”ngajar urang, kudu sabar tawekal supaya urang ulah nepi ka pegat harepan”. (Rum 15:4) Urang diajar sangkan ulah mikirkeun teuing kasusah urang nepi ka mopohokeun masalah kadaulatan Yéhuwa. Saperti Ayub, urang ngadukung kadaulatan Yéhuwa ku cara tetep satia sanajan nyanghareupan kasusah. w17.06 17 ¶9; 18 ¶13-14

Kemis, 26 Désémber

Urang nyingkir heula neangan tempat sepi ngarah rineh, jeung supaya maraneh bisa ngaso heula sakeudeung.​—Mar. 6:31.

Yésus apal murid-muridna gé perlu ngaso. Contona, sanggeus capé ngawawar, Yésus nyebutkeun kekecapan dina ayat poé ieu ka maranéhna. Rékréasi jeung hiburan bisa ngabantu urang seger deui. Tapi, urang kudu ati-ati sangkan éta teu jadi hal nu pangpentingna dina kahirupan. Di abad kahiji, loba nu boga cara pikir, ”Hayu urang nyatu nginum, da isukan mah urang paraeh.” (1 Kor. 15:32) Ieu téh cara pikir nu umum ayeuna. Kumaha urang bisa nyaho yén urang boga pandangan nu bener ngeunaan rékréasi? Salah sahijina nyaéta urang bisa nyatet sabaraha jam saminggu nu dipaké keur kagiatan rohani. Terus catet ogé jumlah jam nu dipaké keur rékréasi, saperti olahraga, lalajo, atawa maén game. Waktu dibandingkeun, naon kasimpulanana? Naha aya nu kudu dirobah?​—Epe. 5:15, 16. w17.05 24 ¶11-13

Jumaah, 27 Désémber

Ibarat kieu Karajaan Sawarga teh. Aya jelema neangan mutiara anu alus.​—Mat. 13:45.

Dina misil Yésus, lalaki nu sok jual-beuli mutiara manggihan mutiara nu luar biasa alusna. Sangkan bisa meuli éta mutiara, manéhna ngajual sagala harta bandana. Pasti manéhna ngahargaan pisan kana éta mutiara. Karajaan Allah téh lir mutiara nu pangalusna. Lamun panghargaan urang kana Karajaan sarua jeung panghargaan éta lalaki, urang bakal réla ngorbankeun sagalana sangkan jadi rahayat Karajaan Allah, ayeuna jeung saterusna. (Mar. 10:28-30) Misalna Sakéus, manéhna beunghar lantaran meunang nipu jalma-jalma. (Luk. 19:1-9) Tapi hiji poé, Sakéus ngadéngékeun Yésus ngajelaskeun Karajaan Allah. Manéhna kataji pisan nepi ka hayang nyieun parobahan. Ceuk manéhna, ”Harta banda abdi satengahna bade dihajatkeun ka nu mariskin. Sareng upami harta abdi aya anu kenging nipu, bade dipulangkeun opat kalieun.” Sakéus mulangkeun duit ka jalma-jalma jeung teu sarakah deui. w17.06 10 ¶3-5

Saptu, 28 Désémber

Teu aya deui anu matak leuwih bungah salian ti nguping nu jadi anak bener lampahna.​—3 Yoh. 4.

Sadérék-sadérék nu dipénta pikeun mantuan barudak kudu ngajurung barudak éta pikeun ngajénan kolotna, ku cara henteu ngagogoréng kolotna jeung teu ngaléngkahan tanggung jawab kolotna. Sadérék-sadérék éta ogé bisa nyingkahan tingkah laku nu bisa disalahartikeun jadi tingkah laku nu teu pantes ku jalma-jalma di jero atawa di luar sidang. (1 Pet. 2:12) Sanajan kolot ménta bantuan ti nu séjén, ngajarkeun bebeneran ka barudakna tetep tanggung jawab kolot. Maranéhna kudu ngawaskeun bantuan nu dibikeun ku dulur saiman. Kolot kudu ngadoa nyuhunkeun bantuan Yéhuwa sarta nyieun upaya satékah polah. (2 Bab. 15:7) Utamakeun sosobatan barudak Sadérék ka Yéhuwa ti batan kapentingan Sadérék sorangan. Pastikeun lamun Firman Allah nanceb kana jero haté barudak. Kudu tetep yakin yén barudak bisa jadi hamba Yéhuwa. w17.05 14 ¶19-20

Minggu, 29 Désémber

Ieu kebon anggur gagaduhan teh pusaka ti karuhun. Paliyas kasanggakeun, PANGERAN henteu ngidinan.​—1 Rja. 21:3.

Pék bayangkeun, hiji priya dituding ngalakukeun kajahatan ku dua jalma bangkawarah. Éta téh tuduhan palsu. Éta priya dianggap salah jeung dihukum pati. Bayangkeun kumaha parasaan jalma-jalma nu cinta kaadilan basa ningali manéhna jeung putra-putrana dibalédogan ku batu nepi ka maot! Ieu téh bener-bener kajadian ka hamba Allah nu satia nu ngaranna Nabot. Manéhna hirup di jaman Raja Ahab maréntah Israil. (1 Rja. 21:11-13; 2 Rja. 9:26) Basa Raja Ahab nawarkeun rék meuli kebon anggur Nabot atawa ngagantikeunana jeung kebon anggur nu leuwih alus, Nabot teu daékeun. Ku naon? Nabot teu daékeun lantaran ngajual tanah pusaka téh ngalanggar hukum Yéhuwa keur bangsa Israil. (Ima. 25:23; Bil. 36:7) Jadi, Nabot taat ka Yéhuwa. w17.04 21 ¶1; 22 ¶4

Senén, 30 Désémber

Nu jarahat bakal gancang musna, barang diteang geus teu araya.​—Jab. 37:10.

Saha nu bakal tetep hirup basa jalma-jalma nu jahat dimusnakeun? Yéhuwa jangji, ”Anu sarareh budi, tangtu bakal kawaris tanah, hirupna senang ngahenang-ngahening.” Dina jabur éta ogé aya jangji, ”Nu balener bakal kawaris tanah pusaka, tur matuhna di dinya moal incah balilahan.” (Jab. 37:11, 29) Saha nu ”sarareh budi” jeung nu ”balener” téh? Nu sararéh budi nyaéta jalma-jalma nu rendah haté sarta daék diajar tur taat ka Yéhuwa. Nu balener nyaéta jalma-jalma nu resep ngalampahkeun nu bener di pandangan Yéhuwa. Kiwari, aya leuwih loba jalma nu jahat ti batan nu bener. Tapi di dunya anyar, nu aya ngan jalma-jalma nu sararéh budi jeung balener. Maranéhna bakal ngarobah bumi jadi pirdaus! w17.04 11-12 ¶5-6

Salasa, 31 Désémber

Iraha bae ge kudu nulung ka nu butuh, sabisa-bisa.​—Sil. 3:27.

Lantaran ”nyaah ka Allah”, urang kageuing pikeun nyaah ka dulur saiman, utamana ka nu keur kasusahan. (1 Yoh. 3: 17, 18) Contona, basa urang Kristen abad kahiji di Yudéa keur kalaparan, dulur-dulur saimanna barempug ngirimkeun bantuan. (Ras. 11:28, 29) Rasul Paulus jeung Pétrus ogé ngajurung urang Kristen sangkan resep kasémahan. (Rum 12:13; 1 Pet. 4:9) Urang Kristen dijurung sangkan bageur ka dulur-dulur nu datang ti jauhna, jadi maranéhna kudu leuwih bageur deui ka dulur-dulur nu keur kaancam nyawana atawa dikaniaya lantaran imanna! Sababaraha taun katukang, rébuan Saksi Yéhuwa kudu ninggalkeun imahna lantaran perang jeung panganiayaan di wétaneun Ukraina. Hanjakalna, sababaraha dulur urang maot. Tapi, kalolobaanna mah ditampung di imah dulur-dulur saiman nu aya di daérah séjén di Ukraina jeung di Rusia. Lantaran teu ”kaasup ka dunya”, sadérék-sadérék di dua nagri éta tetep nétral jeung sumanget ”nguarkeun Injil Kasalametan”.​—Yoh. 15:19; Ras. 8:4. w17.05 4-5 ¶6-7

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun