Nopémber
Jumaah, 1 Nopémber
Miceun kabiasaan anu doraka jeung napsu kadunyaan, malar hirup di alam dunya teh bisa ngadalian diri, jujur, ibadah.—Tit. 2:12.
Ngadisiplin diri téh kaasup ngadalikeun lalampahan jeung pipikiran urang. Ieu téh lain bawaan lahir, tapi kudu dilatih. Kolot nu sabar ngalatih budakna ”make pranata jeung pangajaran-pangajaran” ti Yéhuwa bisa ngabantu budakna miboga disiplin diri jeung hikmat. (Epe. 6:4) Jalma nu wanoh ka Yéhuwa sanggeus déwasa nyanghareupan kaayaan nu sarua. Manéhna mémang geus bisa ngadisiplin diri. Tapi, sacara rohani manéhna masih kudu nyieun kamajuan. Manéhna bisa boga karohanian nu leuwih kuat lamun ngupayakeun jadi ”manusa anyar” jeung nyonto sipat-sipat Kristus. (Epe. 4:23, 24) Disiplin diri penting pikeun nyieun kamajuan sacara rohani. w18.03 28 ¶3-4
Saptu, 2 Nopémber
Tampa hade-hade mun aya anu ngadon datang ka imah.—Rum 12:13.
Yéhuwa jeung organisasi-Na ngondang urang datang ka pasamoan. Urang hayang jalma nu datang masamoan téh ngarasa dibagéakeun, hususna nu anyaran datang. (Rum 15:7) Maranéhna ogé sémahna Yéhuwa, ku kituna urang perlu ngabagéakeun maranéhna, teu sual dangdanan atawa papakéanana. (Yak. 2:1-4) Lamun Sadérék ningali aya nu keur sorangan, naha Sadérék bisa ngajak manéhna diuk bareng? Manéhna tangtu resep lamun Sadérék ngajelaskeun acarana atawa mantuan néangan ayat nu keur dibaca. Ieu téh cara nu hadé pikeun akuan ka sémah. Sakapeung, sadérék ti sidang séjén, pangawas wilayah, atawa bisa waé wakil ti Bétel datang pikeun hutbah di sidang urang. Naha urang resep akuan ka maranéhna? (3 Yoh. 5-8) Salah sahiji cara pikeun ngalakukeunana nyaéta ngondang maranéhna ka imah pikeun ngopi atawa dahar bareng. w18.03 16 ¶5, 7
Minggu, 3 Nopémber
Kumaha Juragan teu kaabotan upami sim kuring dibaptis? —Ras. 8:36.
Perhatikeun hiji conto ngeunaan saurang lalaki Yahudi nu ngaranna Saulus. Sakabéh bangsa Yahudi geus dibaktikeun ka Allah, tapi maranéhna ditolak ku Allah lantaran teu taat. Sanajan kitu, Saulus masih kénéh percaya yén ibadah urang Yahudi nu pangbenerna, jadi manéhna nganiaya urang Kristen. Tapi hiji poé, Yésus, nu geus dihirupkeun deui, ngomong ka Saulus ti sawarga. Kumaha réaksi manéhna? Manéhna daék narima bantuan ti salah saurang murid Yésus, nyaéta Ananias. Ceuk Alkitab, ”Saulus ngadeg tuluy dibaptis.” (Ras. 9:17, 18; Gal. 1:14) Ka dieunakeun, Saulus dikenal sabagé Rasul Paulus. Perhatikeun yén sanggeus paham Yéhuwa ngagunakeun Yésus pikeun ngawujudkeun kahoyong-Na, Paulus langsung dibaptis. (Ras. 22:12-16) Kiwari, éta ogé kaalaman ku loba palajar Alkitab, boh nu kolot boh nu ngora. w18.03 5-6 ¶9-11
Senén, 4 Nopémber
Sim kuring can bisa nerangkeun ka aranjeun cara ka jelema anu geus boga Allah. Jadi kudu nerangkeun kawas ka nu sejen, anu kabeulit keneh ku hawa dunya.—1 Kor. 3:1.
Hirup Yakub téh susah. Manéhna rék dipaéhan ku Ésau, lanceukna, ogé dilicikan ku mitohana. Tapi, iman Yakub kana jangji Yéhuwa ka Ibrahim tetep kuat. (1 Kor. 2:14-16) Yakub paham yén kulawargana jadi bagian penting dina laksanana jangji éta. Jadi, Yakub sabisa-bisa ngajaga kulawargana. (Kaj. 28:10-15) Sikep jalma-jalma di sakurilingeunana nu jauh ti Allah henteu ngalantarankeun Yakub mopohokeun jangji Yéhuwa. Contona, Yakub sasambat ka Yéhuwa ménta ditulungan basa ngarasa kaancam ku lanceukna. Manéhna ngadoa, ”Mugi Gusti emut kana jangji, ’Kami baris hade-hade ngurus ka maneh. Turunan maneh baris loba tanpa wilangan, tinanding keusik di sapanjang basisir.’” (Kaj. 32:6-12) Iman Yakub nu kuat kana jangji Yéhuwa kabukti dina lalampahanana. w18.02 18 ¶9-10
Salasa, 5 Nopémber
Ka Kami estu gumusti, tata titi ati-ati, nyingkah tina lampah salah.—Ayub 1:8.
Ayub ngalaman parobahan dina kahirupanana. Mimitina, Ayub téh jalma nu ”pangbeungharna di tatar Wetan”. (Ayub 1:3) Manéhna kasohor jeung diajénan ku loba jalma. (Ayub 29:7-16) Sanajan kitu, Ayub teu ngarasa leuwih punjul ti batur atawa ngarasa teu butuh Allah. Buktina, Yéhuwa nyebut manéhna ”abdi Kami”. Sétan teu eureun-eureun nyerang Ayub kalawan kejem. Manéhna nyieun Ayub mikir yén saolah-olah éta téh asalna ti Allah. (Ayub 1:13-21) Terus, tilu lalaki nu ngaku sobat Ayub nuduh manéhna ngalampahkeun nu jahat, éta sababna manéhna dihukum ku Allah. (Ayub 2:11; 22:1, 2, 5-10) Sanajan kitu, Ayub tetep satia ka Yéhuwa. Sanggeus ngalaman kasangsaraan éta, Yéhuwa ngaberkahan Ayub ku cara masihan harta banda dua kalieun ti saacanna sarta nambahan umur Ayub 140 taun deui. (Yak. 5:11) Nepi ka maotna, Ayub terus satia ngawula Yéhuwa sapinuh haté. w18.02 7 ¶16, 18
Rebo, 6 Nopémber
Jalma-jalma...takabur, garumede,...aradigung.—2 Tim. 3:2, 4.
Jalma-jalma kawas kitu biasana mikir yén dirina téh leuwih punjul ti batur. Maranéhna kacida hayangna dipuja-puja ku batur. Aya saurang ahli nu ngajelaskeun ngeunaan jalma nu kawas kitu, ”Dina haténa, aya tempat pamujaan leutik keur muja dirina sorangan.” Aya nu ngomong yén saking goréngna sipat sombong, jalma sombong gé teu resep ningali jalma séjén nu sombong. Yéhuwa ijid kana ”sikep nu sombong”. (Sil. 6:16, 17) Kasombongan téh bisa ngajauhkeun hiji jalma ti Allah. (Jab. 10:4) Éta téh sipatna Iblis. (1 Tim. 3:6) Hanjakalna, loba hamba Yéhuwa nu satia bisa katépaan sipat ieu. Contona, Raja Usia ti Yuda satia ngawula mangtaun-taun. Tapi Alkitab nyaritakeun, ”Sanggeusna jadi tohaga, Raja Usia jadi takabur, ngalantarankeun anjeunna cilaka. Anjeunna midamel peta anu ngalawan ka PANGERAN Allahna.” Usia asup ka bait tuluy ngukus dupa, padahal lain wewenangna. Ka dieunakeun, Raja Hiskia gé pernah jadi sombong sanajan ngan sakeudeung.—2 Bab. 26:16; 32:25, 26. w18.01 28 ¶4-5
Kemis, 7 Nopémber
Aranjeun masing-masing kudu nyengcelengan sakadugana, nurutkeun pangala.—1 Kor. 16:2.
Tina Alkitab, urang nyaho yén umat Allah méré sumbangan pikeun ngarojong kagiatan ibadah ka Mantenna. Sakapeung, maranéhna méré sumbangan pikeun hiji proyék. (Bud. 35:5; 2 Rja. 12:4, 5; 1 Bab. 29:5-9) Di abad kahiji, urang Kristen ngadéngé yén aya bala kalaparan di Yudéa sarta dulur-dulurna butuh bantuan. Jadi, maranéhna udunan sakamampuhna pikeun dulur-dulur di ditu. (Ras. 11:27-30) Sumber sumbangan éta téh béda-béda. Di abad kahiji, sababaraha urang Kristen ngajual pangabogana, saperti lahan atawa imah, sarta duitna dibikeun ka para rasul. Tuluy, para rasul ngagunakeun éta duit pikeun mantuan jalma-jalma nu kakurangan. (Ras. 4:34,.35) Urang Kristen lianna rutin nyisihkeun duitna pikeun ngarojong kagiatan umat Allah. Jadi, ti nu pangbeungharna nepi ka nu pangmiskinna bisa méré sumbangan.—Luk. 21:1-4. w18.01 17 ¶7, 9
Jumaah, 8 Nopémber
Nu ngarora ge sok leuleus.—Yes. 40:30.
Sanajan boga loba kasanggupan, urang teu bisa ngalakukeun sagala hal ku kamampuh sorangan. Urang kudu sadar kana hal ieu. Rasul Paulus ogé boga loba kasanggupan, tapi teu bisa ngalakukeun sagala hal nu dipikahayang. Basa manéhna ngungkabkeun parasaanana ka Yéhuwa, Mantenna nyarios, ”Kakawasaan Kami paling matih ana maneh keur lembek.” Paulus paham maksud Yéhuwa. Ku kituna manéhna ngomong, ”Puguh ari keur lembek sim kuring mah jadi bedas teh.” (2 Kor. 12:7-10) Naon maksud Paulus? Paulus sadar yén manéhna boga watesan. Manéhna butuh bantuan ti pribadi nu jauh leuwih kuat. Roh suci ti Allah bisa méré kakuatan ka Paulus waktu manéhna keur lemah. Tapi, lain ngan éta wungkul. Roh suci ti Allah bisa méré kakuatan pikeun ngalakukeun tugas nu teu bisa hasil ku kakuatan sorangan. Urang ogé bisa kitu. Urang bisa bener-bener kuat ku roh suci nu dipasihan ku Yéhuwa! w18.01 5 ¶8-9
Saptu, 9 Nopémber
Ti bubudak hidep geus nyaho kana Kitab Suci, anu ka hidep mere pangarti, nungtun kana jalan salamet.—2 Tim. 3:15.
Waktu budak hayang dibaptis, Sadérék kudu diajar tina bahan-bahan nu disadiakeun organisasi keur kolot. Tuluy, ku cara nu hadé sarta dina waktu nu cocog, tandeskeun ka budak Sadérék yén ngabaktikeun diri ka Yéhuwa jeung dibaptis téh sérius tur loba berkahna. Salaku kolot, Sadérék boga kahormatan sarta tanggung jawab penting pikeun ngagedékeun budak ”make pranata jeung pangajaran-pangajaran kakristenan”. (Epe. 6:4) Éta hartina Sadérék kudu ngajarkeun Alkitab ka budak Sadérék sarta ngayakinkeun manéhna ngeunaan hal éta. Lamun iman manéhna beuki kuat, manéhna bakal kajurung pikeun ngabaktikeun diri jeung méré nu panghadéna ka Yéhuwa. Muga Firman Yéhuwa, roh suci-Na, jeung upaya Sadérék bisa ngabantu budak pikeun miboga ’hikmat nu nungtun kana jalan salamet’. w17.12 20 ¶17, 19
Minggu, 10 Nopémber
Maneh . . . baris hirup deui geusan narima ganjaran di ahir jaman.—Dan. 12:13.
Umur Daniél téréh 100 taun. Naha Daniél miharep pikeun hirup deui? Tangtu! Di ahir buku Daniel, Allah jangji, ”Ari maneh, Daniel, muga sing tetep satia tepi ka ahir. Maneh bakal maot, tapi baris hirup deui.” Daniél nyaho yén nu maot téh siga nu keur reureuh sabab ”moal bisa obah-obah acan, moal bisa mikir, moal aya kanyaho, moal pinter”. (Pan. 9:10) Sanajan manéhna bakal maot, éta lain ahir pikeun Daniél. Yéhuwa nyadiakeun harepan nu éndah pikeun manéhna. Malaikat Yéhuwa ngomong ka Daniél ku kekecapan dina ayat poé ieu. Daniél teu nyaho iraha persisna éta bakal laksana, tapi manéhna yakin bakal dihirupkeun deui dina mangsa kahareup. Éta téh laksana lila sanggeus manéhna maot, ”di ahir jaman”. w17.12 8 ¶17-18
Senén, 11 Nopémber
Saksi saurang teu cukup pikeun ngabuktikeun yen eta dakwaan teh bener.—Bil. 35:30.
Yéhuwa maréntahkeun para kokolot Israil pikeun nyonto kaadilana-Na. Mimitina, kokolot kudu mastikeun sagala bukti. Tuluy saacan némbongkeun welas asih, maranéhna kudu bener-bener mastikeun niat jalma nu maéhan, sikepna, jeung lalampahan manéhna baheula. Kokolot kudu mastikeun naha jalma éta ngéwa jeung ngahaja maéhan korbanna. (Bil. 35:20-24) Lamun aya saksi, sahenteuna kudu aya dua urang nu ngabuktikeun perkarana saacan hiji jalma dihukum. Sanggeus bener-bener mariksa kajadianana, kokolot kudu mikirkeun jalmana, lain ngan saukur kasalahanana. Kokolot butuh pamahaman sangkan bisa mariksa hal-hal nu teu katingali sarta nyaho ku naon manéhna bisa ngalampahkeun hal éta. Utamana, maranéhna butuh roh suci Yéhuwa sangkan bisa nyonto pamahaman, welas asih, jeung kaadilan Mantenna.—Bud. 34:6, 7. w17.11 18-19 ¶13-14
Salasa, 12 Nopémber
Pake, lampahkeun, abdikeun diri kana hal eta.—1 Tim. 4:15.
Basa urang mimiti diajar Alkitab, urang diajar bebeneran nu pikahélokeun. Urang diajar ngeunaan Yéhuwa Nu Nyiptakeun urang, jeung tujuan Mantenna pikeun manusa. Urang ogé diajar yén Allah ngutus Putra-Na ka bumi pikeun ngorbankeun nyawana jadi tebusan, nu ngaleungitkeun dosa jeung maot. Urang diajar yén Karajaan Allah bakal mungkas sagala kasangsaraan sarta urang bisa hirup bagja salalanggengna di bumi anu tengtrem. (Yoh. 3:16; Wahyu 4:11; 21:3, 4) Sakapeung, pamahaman urang ngeunaan nubuat atawa ayat Alkitab kudu disaluyukeun. Lamun kitu, urang kudu nyadiakeun waktu pikeun diajar jeung ngalenyepan hal éta. (Ras. 17:11) Urang kudu ngarti bédana pamahaman nu anyar jeung nu heubeul. Tapi éta téh teu cukup, urang gé kudu nalungtik rincian tina pamahaman nu anyar. Ku kituna, bebeneran nu anyar ieu tangtu bakal nambahan sisimpenan urang. w17.06 13 ¶15-16
Rebo, 13 Nopémber
Aranjeun kudu maehkeun kahayang-kahayang jasmani anu datang ngarobeda, kayaning lacur, nyieun kaaeban, ngumbar birahi.—Kol. 3:5.
Urang kudu waspada dina sagala kaayaan nu bisa ngajurung urang teu satia ka papakon moral Yéhuwa. Contona, tangtu bijaksana lamun pasangan nu keur bobogohan netepkeun watesan ti mimiti ngeunaan cecekelan, ciciuman, jeung duduaan. (Sil. 22:3) Bahaya séjénna nyaéta waktu aya tugas iinditan bareng jeung lawan jenis. (Sil. 2:10-12, 16) Urang ogé kudu ati-ati waktu keur sedih atawa ngarasa sepi. Parasaan ieu bisa nyababkeun urang strés nepi ka daék narima perhatian ti saha baé. Ieu téh bahaya. Lamun Sadérék pernah ngarasakeunana, geura ménta bantuan ka Yéhuwa jeung dulur-dulur di sidang.—Jab. 34:19; Sil. 13:20. w17.11 28 ¶4-5
Kemis, 14 Nopémber
Geura tangtukeun kota-kota suaka.—Yos. 20:2.
Yéhuwa moal ngantep waktu saurang jalma dipaéhan. Lamun aya urang Israil nu maéhan hiji jalma, ”baraya landes jelema nu dipaehan tea” kudu ngabales, maéhan éta jalma. (Bil. 35:19) Ku cara kitu, jalma nu maéhan mayar kasalahanana ku kahirupanana sorangan. Lamun jalma nu maéhan teu gancang dihukum, Nagri Perjangjian jadi teu suci deui. Yéhuwa maréntahkeun, ”Pacuan maraneh nganajisan ieu tanah enggon maraneh” lantaran maéhan jalma. (Bil. 35:33, 34) Tapi, kumaha lamun aya urang Israil nu teu ngahaja maéhan hiji jalma? Sanajan éta teu dihaja, manéhna tangtu rumasa salah lantaran geus maéhan jalma nu teu salah. (Kaj. 9:5) Dina kaayaan ieu, Yéhuwa némbongkeun welas asih-Na. Jalma éta bisa nyingkahan baraya nu rék males pati ku cara kabur ka salah sahiji ti genep kota suaka. Sanggeus diidinan cicing di éta kota, manéhna dilindungan. Tapi, manéhna kudu tetep aya di éta kota nepi ka maotna imam agung.—Bil. 35:15, 28. w17.11 10 ¶3-5
Jumaah, 15 Nopémber
Nu lantip mah tahan ku pangweweleh.—Sil. 12:16.
Éta nu dilampahkeun ku hiji sadérék istri di Australia. Mitohana ngamusuh bebeneran jeung sok ambek. Jadi saacan nelepon mitohana, sadérék ieu jeung salakina ngadoa ka Yéhuwa sangkan teu némbalan ku cara nu kasar. Maranéhna ogé netepkeun rék sabaraha lila ngobrolna sangkan ahirna teu patémbal-témbal ngeunaan agama. Lamun pagétréng jeung baraya, bisa waé Sadérék rumasa salah lantaran nyaah jeung hayang nyenangkeun maranéhna. Tapi inget, kasatiaan ka Yéhuwa kudu leuwih kuat ti batan kanyaah Sadérék ka kulawarga. Putusan Sadérék bisa ngabantu maranéhna ngarti yén ngawula ka Yéhuwa téh hal nu penting pisan keur Sadérék. Sadérék teu bisa maksa jalma narima bebeneran. Tapi, Sadérék bisa ngabantu maranéhna ningali yén ngalampahkeun pituduh Yéhuwa téh mawa mangpaat keur Sadérék. Saenyana, Yéhuwa ogé masihan kasempetan ka maranéhna pikeun ngawula Mantenna.—Yes. 48:17, 18. w17.10 13 ¶15-16
Saptu, 16 Nopémber
Nyaah teh ulah ngan semet biwir jeung ucap wungkul, kudu nyata dina prakna.—1 Yoh. 3:18.
Teu cukup ngan saukur ngomong, urang kudu ngabuktikeun kanyaah dina lalampahan. Contona, lamun aya dulur saiman nu teu boga kadaharan atawa papakéan, urang teu cukup ngan saukur ngalilipur manéhna. (Yak. 2:15, 16) Kitu ogé, lantaran urang nyaah ka Yéhuwa jeung sasama, urang teu ngan saukur ngadoa sangkan aya leuwih loba pawarta, tapi ogé getol ngawawar. (Mat. 9:38) Jadi, kanyaah urang kudu ”iklas” atawa ”wening”, ulah pupulasan. (Rum 12:9; 2 Kor. 6:6) Sakapeung, aya jalma nu katingalina nyaah, tapi kumaha di jero haténa? Naha kanyaahna iklas, atawa aya maksudna? Kanyaah téh teu bisa munapék, nu kitu mah kanyaah nu palsu. w17.10 4 ¶5-6
Minggu, 17 Nopémber
Karepkeun yen maneh rek maca eta kitab Hukum . . . beurang peuting, . . . Upama kitu hirup maneh tan wande senang sarta hasil.—Yos. 1:8.
Sangkan Firman Allah aya mangpaatna keur urang, urang kudu ngupayakeun maca éta unggal poé. Mémang lolobana mah urang sibuk, tapi ulah nepi ka hal-hal séjén, saperti tanggung jawab urang, ngahalangan urang maca Alkitab. (Epe. 5:15, 16) Aya nu cocog maca Alkitabna isuk-isuk, beurang, atawa peuting. Urang tangtu satuju jeung nu nulis jabur, ”Kumaha cintana abdi kana hukum Gusti, sadinten jeput kaemut-emut.” (Jab. 119:97) Tapi, teu cukup ngan saukur maca Alkitab. Urang ogé kudu ngalenyepan naon nu dibaca ku urang. (Jab. 1:1-3) Ngan ku cara éta urang bisa ngalarapkeun naséhat Alkitab dina kahirupan. Jadi, teu sual urang macana dina buku atawa dina alat éléktronik, urang hayang Firman Allah napel pageuh dina haté. w17.09 22 ¶4-5
Senén, 18 Nopémber
Aranjeun kabeh sing . . . silih pikaheman.—1 Pet. 3:8.
Ieu lain hartina urang kudu teterusan karunyaan. Contona, Raja Saul bisa waé ngarasa dirina téh karunyaan waktu teu maéhan Agag, raja urang Amalék nu ngamusuhan umat Allah. Lantaran teu taat, Saul ditolak ku Yéhuwa, moal jadi raja deui. (1 Sam. 15:3, 9, 15) Yéhuwa téh Hakim nu adil. Mantenna bisa maca haté manusa jeung terang iraha kudu némbongkeun sipat karunya. (Tangis 2:17; Yeh. 5:11) Moal lila deui, Mantenna bakal ngahakiman kabéh nu teu daék taat ka Mantenna. (2 Tes. 1:6-10) Harita, Yéhuwa moal bakal karunyaan ka jalma nu jahat. Dimusnakeunana jalma jahat némbongkeun yén Yéhuwa karunyaan ka jalma bener, nu bakal disalametkeun. Tangtu, lain tugas urang pikeun mutuskeun saha nu pantes hirup atawa paéh. Tapi, urang kudu satékah polah dina ngabantu jalma-jalma. w17.09 12 ¶10-12
Salasa, 19 Nopémber
Anu hirupna dituyun ku Roh Allah mah . . . nahan napsu.—Gal. 5:22, 23.
Kadali diri téh sipat Yéhuwa. Kadali diri Yéhuwa mah sampurna, tapi lantaran urang teu sampurna, urang kudu bajoang pikeun ngadalikeun diri. Sabenerna, kurang kadali diri nyababkeun loba masalah ayeuna. Saurang jalma bisa jadi ngaengké-engké tugas nu penting, teu bener digawéna, atawa teu bener diajarna di sakola. Kurang kadali diri ogé ngabalukarkeun omongan kasar, pamabokan, kakerasan, pepegatan, hutang, kacanduan, dipanjara, sangsara sacara émosi, panyakit liwat hubungan séks, jeung boga anak nu teu dipikahayang. (Jab. 34:12-15) Beuki dieu, jalma-jalma beuki teu bisa ngadalikeun diri. Ieu lain hal nu anéh sabab Firman Allah geus nganubuatkeun yén dina ”ahir jaman”, loba jalma bakal ngumbar napsu atawa teu boga kadali diri.—2 Tim. 3:1-3. w17.09 3 ¶1-2
Rebo, 20 Nopémber
Katengtreman jeung karahayuan ti Allah, nu moal kahontal ku akal baris nengtremkeun hate.—Pil. 4:7.
Lamun urang ngarasakeun ’katengtreman ti Allah’, urang moal bakal salempang, haté tur pikiran urang jadi tenang. Urang nyaho yén Yéhuwa merhatikeun sarta miharep urang hirup bagja tur sugema. (1 Pet. 5:10) Ku kituna, urang moal bakal kawalahan ku parasaan leutik haté atawa salempang. Moal lila deui, mangsa cilaka bakal datang. (Mat. 24:21, 22) Urang teu nyaho naon nu bakal kaalaman ku urang masing-masing. Tapi, urang teu perlu salempang teuing. Sanajan teu nyaho naon waé nu bakal dilakukeun ku Yéhuwa, urang apal kapribadian Allah urang. Urang nyaho naon waé nu geus dilakukeun ku Mantenna pikeun hamba-hamba-Na baheula. Teu sual kaayaanana, Yéhuwa pasti bakal ngawujudkeun tujuan-Na, bisa jadi ku cara nu teu kabayang ku urang! Jadi, unggal Yéhuwa ngabantu urang ayeuna, éta téh cara séjénna urang ngarasakeun ”katengtreman jeung karahayuan ti Allah, nu moal kahontal ku akal”. w17.08 14 ¶16-17
Kemis, 21 Nopémber
Sing salabar . . . ngadago Gusti sumping.—Yak. 5:7.
Nabi Yésaya pernah nanya, ”Dugi ka iraha?” Nabi Habakuk gé nanya, ’Kedah sabaraha lami?’ (Yes. 6:11; Hab. 1:2) Sarta, basa Yésus nyanghareupan jalma-jalma nu teu boga iman, anjeunna nanya nu sarupa kitu. (Mat. 17:17) Kiwari, urang ogé bisa jadi boga pananya nu sarua. Bisa jadi urang ngalaman kateuadilan, boga panyakit, atawa geus rémpo. Urang ogé bisa strés lantaran hirup di jaman nu ”loba kasukeran”. (2 Tim. 3:1) Atawa, bisa waé urang ngabatin lantaran tingkah laku jalma-jalma nu pikasebeleun. Tapi, nu ngagedékeun haté téh teu sual alesanana, Yéhuwa tara nyalahkeun hamba-hamba-Na nu satia nu boga pananya siga kitu. Naon nu bisa ngabantu urang nyanghareupan kaayaan nu sulit? Yakobus ngajawab ku kekecapan dina ayat poé ieu. w17.08 3-4 ¶1-3
Jumaah, 22 Nopémber
Harta banda sipat lahir teh pake nyieun pibatureun.—Luk. 16:9.
Yésus hayang murid-muridna nyieun pibatureun jeung nu di sawarga. Hiji cara nunjukkeun kasatiaan ka Allah nyaéta méré sumbangan keur kagiatan pangwawaran sadunya nu geus dinubuatkeun ku Yésus. (Mat. 24:14) Hiji budak awéwé di India ngumpulkeun duit récéh dina céngcélénganana. Manéhna malah teu meuli cocooan. Sanggeus céngcélénganana pinuh, manéhna nyumbangkeun sakabéh eusina pikeun kagiatan pangwawaran. Hiji sadérék di India boga kebon kalapa. Manéhna nyumbangkeun loba kalapa keur kantor panarjamahan basa Malayalam. Manéhna ngarasa nyumbangkeun kalapa téh leuwih mangpaat ti batan nyumbangkeun duit lantaran éta kantor osok meulian kalapa. Manéhna nunjukkeun ”kapinteran akalna”. Sadérék-sadérék di Yunani ogé rutin nyumbangkeun minyak jetun, kéju, jeung kadaharan séjénna keur kulawarga Bétel. w17.07 4-5 ¶7-8
Saptu, 23 Nopémber
Kami pangnyanyikeun lagu ti Sion.—Jab. 137:3.
Sabagé tawanan Babul, urang Yuda ngarasa beurat. Maranéhna remuk haté jeung perlu dililipur. Tapi, saperti nu geus dinubuatkeun, Yéhuwa nyalametkeun umat-Na. Kumaha carana? Raja Korés ti Pérsia nalukkeun Babul jeung ngomong ngeunaan Yéhuwa, ”Ku Mantenna geus dikawasakeun pikeun ngawangun hiji gedong suci keur salira-Na di Yerusalem.” Korés ogé ngomong ka bangsa Israil, ”Maraneh kabeh anu jadi umat Allah, dijurung laku ka daritu. Bral, mugia disarengan ku PANGERAN Allah maraneh.” (2 Bab. 36:23) Ieu pasti nengtremkeun bangsa Israil di Babul! Yéhuwa teu ngan saukur ngalilipur Israil sabagé hiji bangsa, tapi ogé tiap-tiap urang Israil. Kitu ogé kiwari. ”Hate nu ancur ku Mantenna disina cageur, raheut-raheutna dibeberan.” (Jab. 147:3) Waktu urang keur gering atawa strés, Yéhuwa merhatikeun urang. Yéhuwa hoyong pisan ngalilipur jeung nyageurkeun kapeurih haté urang. (Jab. 34:19; Yes. 57:15) Mantenna masihan kabijaksanaan sarta kakuatan supaya urang bisa nyanghareupan sagala masalah.—Yak. 1:5. w17.07 16 ¶4-5
Minggu, 24 Nopémber
Sabab tibelatna hate teh ka tempat harta.—Luk. 12:34.
Yéhuwa téh nu pangbeungharna sajagat raya. Sagalana kagungan Mantenna. (1 Bab. 29:11, 12) Tapi, Yéhuwa béréhan pisan. Mantenna masihan loba harta rohani ka urang. Tangtu urang nganuhunkeun ka Mantenna! Naon waé harta rohanina téh? Ieu kaasup (1) Karajaan Allah, (2) palayanan urang, jeung (3) bebeneran Alkitab. Tapi lamun teu ati-ati, urang bisa nyapirakeun harta ieu. Urang kudu terus ngahargaan jeung mikanyaah ieu harta. Sangkan bisa jadi rahayat Karajaan Allah, loba nu hirupna kudu barobah anyar sama sakali. (Rum 12:2) Tapi, urang kudu terus bajoang. Ulah ngantep kanyaah urang ka Karajaan jadi laas, misalna ku lantaran urang leuwih mentingkeun harta banda atawa hasrat séksual nu salah.—Sil. 4:23, NW; Mat. 5:27-29. w17.06 9 ¶1; 10 ¶7
Senén, 25 Nopémber
Tangtuna moal teu nyaho.—Ayub 38:21.
Yéhuwa teu ngajelaskeun naon sababna Ayub sangsara. Sabalikna, Yéhuwa mantuan Ayub sangkan bisa ngukur sakumaha leutik dirina dibandingkeun jeung Allah. Mantenna ngajarkeun yén aya masalah nu leuwih penting ti batan masalahna Ayub. (Ayub 38:18-20) Cariosan Yéhuwa ngalempengkeun cara pikir Ayub. Naha Yéhuwa nyarios kitu téh némbongkeun Mantenna teu boga rasrasan kana kasangsaraan Ayub? Tangtu henteu, Ayub gé teu mikir kitu. Ayub paham jeung ngahargaan naséhat Yéhuwa. Ayub ngomong, ”Ana emut kana ucapan sorangan, estu kalintang isinna, seja nyanggakeun pertobat.” (Ayub 42:1-6) Sanggeus Ayub ngabandungan naséhat Yéhuwa jeung ngarobah cara pikirna, Yéhuwa masihan terang ka nu séjén yén kasatiaan Ayub kamanah ku Mantenna.—Ayub 42:7, 8. w17.06 17-18 ¶11-12
Salasa, 26 Nopémber
Maria geus milih anu bener, sarta eta moal aya anu nyokot deui.—Luk. 10:42.
Kumaha urang bisa nyaho lamun urang boga pandangan nu bener ngeunaan pagawéan? Pék pikirkeun, ’Naha kuring ngarasa resep jeung bungah waktu digawé, tapi waktu dines ka Yéhuwa kalah ka ngarasa biasa waé, malahan mah bosen?’ Ngalenyepan pananya ieu bisa ngabantu urang nyaho naon nu sabenerna dipikanyaah ku urang. Yésus ngajarkeun naon nu kudu diutamakeun dina kahirupan. Hiji poé, anjeunna nganjang ka imah Maria jeung Marta. Marta langsung nyiapkeun kadaharan keur Yésus, tapi Maria mah diuk ngadéngékeun pangajaran Yésus. Ku sabab Maria teu mantuan, Marta kukulutus ka Yésus. Yésus ngajawab Marta ku kekecapan dina ayat poé ieu. (Luk. 10:38-42) Yésus méré palajaran penting. Sangkan bisa némbongkeun kanyaah ka Kristus jeung teu disimpangkeun ku kabutuhan hirup, urang kudu ”milih anu bener”. Hartina, sosobatan urang jeung Yéhuwa kudu jadi nu pangpentingna dina kahirupan. w17.05 23 ¶9-10
Rebo, 27 Nopémber
Turutkeun papatah nu jadi bapa.—Sil. 1:8.
Yéhuwa masihan tanggung jawab ka kolot pikeun ngajarkeun bebeneran ka barudakna. Ieu teu dipasihkeun ka aki nini atawa ka nu séjén. (Sil. 31:10, 27, 28) Tapi, kolot nu teu bisa basa lokal, bisa jadi perlu bantuan sangkan bisa ngageuing haté barudakna. Lamun kolot ménta bantuan ka nu séjén, lain hartina maranéhna rék nyingkahan tanggung jawab. Justru éta téh bagian tina ngadidik budak ”make pranata jeung pangajaran-pangajaran kakristenan”. (Epe. 6:4) Contona, kolot bisa ménta saran ka kokolot sidang ngeunaan carana mandu ibadah kulawarga jeung ménta bantuan pikeun néangan sobat keur barudakna. Sakali-kali kolot bisa ngajak kulawarga séjén miluan ibadah kulawarga maranéhna. Barudak ngora bisa diajar ti urang Kristen séjénna waktu keur ngawawar atawa keur ngalakukeun kagiatan séjén.—Sil. 27:17. w17.05 13 ¶17-18
Kemis, 28 Nopémber
Ungsikeun ka Mesir.—Mat. 2:13.
Yésus jeung kolotna kudu ngungsi ka Mesir sanggeus diélingan ku malaikat yén Raja Hérodés rék maéhan Yésus. Maranéhna cicing di ditu nepi ka Hérodés maot. (Mat. 2:14, 19-21) Mangtaun-taun ti harita, murid-murid Yésus ”paburencay ka sakuliah Yudea jeung Samaria” lantaran dikaniaya. (Ras. 8:1) Yésus apal yén bakal aya murid-muridna nu kudu ninggalkeun imahna. Anjeunna nyarios, ”Upama maraneh dikaniaya di hiji kota, kudu nyingkir ka tempat sejen.” (Mat. 10:23) Ieu téh geus kaalaman ku rébuan Saksi-Saksi Yéhuwa. Loba nu kaleungitan jalma nu dipikanyaah jeung harta bandana. Basa ninggalkeun imahna atawa cicing di pangungsian, para pangungsi nyanghareupan loba bahaya, misalna loba nu marabok, judi, nyolong, jeung rucah. Tapi, maranéhna terus inget yén hirup di pangungsian téh moal salilana, siga bangsa Israil nu henteu terus ngumbara di gurun keusik.—2 Kor. 4:18. w17.05 3-4 ¶2-5
Jumaah, 29 Nopémber
Anu cinta kana hukum Gusti, kaamanana reugreug, moal aya naon-naon anu bisa ngabahyakeun maranehna.—Jab. 119:165.
Salila urang hirup di dunya nu jahat ieu, urang bakal ngalaman kateuadilan. Sakapeung, Sadérék atawa dulur Sadérék bisa waé ngalaman atawa ningali kaayaan nu kacirina siga kateuadilan di sidang. Ulah kuciwa. Sadérék kudu terus satia ka Yéhuwa, ngadoa ménta bantuana-Na, jeung ngandel ka Mantenna. Sing inget, ku sabab teu sampurna, Sadérék bisa salah paham jeung bisa waé teu nyaho kaayaan nu sabenerna. Ulah nyieun kaayaan beuki ruwed ku cara ngagogoréng batur. Ahirna, ti batan ngandelkeun diri sorangan, Sadérék kudu terus satia jeung ngadagoan Yéhuwa nu bakal menerkeun kaayaanana. Ku kituna, Sadérék bakal kamanah jeung diberkahan ku Yéhuwa. Sadérék bisa yakin lamun Yéhuwa, ”hakim sabumi”, salawasna ngalampahkeun nu bener jeung ”adil sampurna dina saniskara”.—Kaj. 18:25; Pam. 32:4. w17.04 20 ¶17
Saptu, 30 Nopémber
Anu jarahat geura robah kalakuan . . . Geura tarobat ka Allah kaula. Mantenna sipat welas.—Yes. 55:7.
Kumaha lamun jalma-jalma éta embung barobah jeung tetep ngadukung dunya ieu nepi ka datangna mangsa cilaka? Yéhuwa geus jangji bakal ngamusnakeun sakabéh nu jarahat. (Jab. 37:10) Kiwari, loba nu bisa nyamunikeun lalampahan jahatna jeung bébas tina hukuman. (Ayub 21:7, 9) Tapi, Alkitab mépélingan urang, ”Salengkah-lengkah manusa ku Mantenna dititenan. Dosa jalma kajeun di nu poek mongkleng, ku Allah mah katingali nonggerak.” (Ayub 34:21, 22) Jadi, moal aya nu bisa disamunikeun ti Allah. Mantenna bisa ningali sagala nu dilakukeun ku nu jarahat. Sanggeus Armagédon, urang moal bakal manggihan maranéhna deui. Maranéhna musna salalawasna!—Jab. 37:12-15. w17.04 11 ¶5