Januari
Rebo, 1 Januari
Ari Musa tabeatna rendah manah, taya tandingna di sadunya anu rendah manah kawas anjeunna.—Bil. 12:3.
Waktu masih kénéh jadi anggota karajaan Mesir, Musa teu lemah lembut. Manéhna gancang ambek nepi ka maéhan jalma nu dianggapna teu adil. Musa nyangka Yéhuwa bakal satuju kana tindakanana. Salila 40 taun, Yéhuwa ngabantu Musa paham yén wani wungkul téh teu cukup pikeun mingpin bangsa Israil, manéhna gé kudu lemah lembut. Sangkan jadi lemah lembut, manéhna kudu rendah haté, taat, jeung bageur. Musa ahirna boga sipat-sipat éta jeung jadi pamingpin nu hadé. (Bud. 2:11, 12; Ras. 7:21-30, 36) Kiwari, kapala kulawarga jeung kokolot kudu nyonto Musa. Waktu aya nu teu hormat, ulah gancang kasinggung. Sing rendah haté ngakukeun yén Sadérék bisa salah. (Pan. 7:9, 20) Sing taat kana pituduh Yéhuwa pikeun ngaréngsékeun masalah jeung sing lemah lembut waktu ngajawab. (Sil. 15:1, NW) Kapala kulawarga jeung kokolot nu siga kitu nyenangkeun Yéhuwa, ngajaga katengtreman, jeung jadi tuladan dina némbongkeun sipat lemah lembut. w19.02 8 ¶1; 10 ¶9-10
Kemis, 2 Januari
Anjeunna kacida hawatoseunana.—Mar. 6:34.
Ku naon Yésus ngarasa karunya, atawa saperasaan, ka jalma-jalma ieu? Anjeunna merhatikeun yén maranéhna téh siga ”domba teu aya anu ngangonna”. Meureun Yésus ningali jalma miskin nu digawé sapoé jeput keur nganapkahan kulawargana. Bisa jadi aya nu ngarasa sedih lantaran ditinggal maot ku nu dipikanyaahna. Lamun kitu, Yésus tangtu paham kana kaayaan maranéhna. Anjeunna bisa jadi ngalaman sorangan sababaraha masalah ieu. Yésus perhatian ka batur, jeung kageuing pikeun ngalilipur maranéhna. (Yes. 61:1, 2) Urang diajar naon tina tuladan Yésus? Siga Yésus, urang dikurilingan ku jalma-jalma nu saperti ”domba teu aya anu ngangonna”. Maranéhna dibeungbeuratan ku loba masalah. Urang boga nu dibutuhkeun ku maranéhna, nyaéta warta Karajaan. (Wahyu 14:6) Jadi, saperti Dunungan urang, urang ngawawarkeun warta hadé lantaran ”asih ka nu miskin, nyaah ka nu lemah”. (Jab. 72:13) Urang karunya ka jalma-jalma jeung hayang nulungan maranéhna. w19.03 21-22 ¶6-7
Jumaah, 3 Januari
Puji PANGERAN, anu saban poe mangnanggungkeun momotan urang.—Jab. 68:20.
Aya loba alesan pikeun nyaah ka Yéhuwa. Mantenna teu ngan saukur nyadiakeun hal-hal hadé unggal poé tapi ogé ngajarkeun bebeneran ngeunaan diri-Na jeung tujuana-Na. (Yoh. 8:31, 32) Mantenna masihan sidang Kristen pikeun ngabingbing jeung ngadukung urang. Mantenna mantuan urang pikeun tabah nyanghareupan masalah jeung masihan harepan hirup langgeng dina kaayaan nu sampurna. (Wahyu 21:3, 4) Lamun ngalenyepan sakitu loba nu geus dilakukeun ku Yéhuwa lantaran nyaah ka urang, urang beuki nyaah ka Mantenna. Ku kituna, urang jadi boga pandangan nu bener ngeunaan rasa sieun. Urang sieun nganyenyeri Pribadi nu dipikanyaah pisan ku urang. Lamun terus mikirkeun mangpaat bingbingan Yéhuwa, Sadérék bakal beuki nyaah ka Mantenna jeung kana papakon-Na. Teu sual naon nu ditawarkeun ku Sétan, Sadérék moal kagoda pikeun eureun ngawula Yéhuwa. Bayangkeun hirup Sadérék sarébu taun ti ayeuna. Engké mun diinget-inget deui, putusan Sadérék pikeun dibaptis téh putusan nu panghadéna! w19.03 6 ¶14; 7 ¶19
Saptu, 4 Januari
Wanita binangkit keur pibojoeun teh langka, bangga meunangkeunana. Bojo kitu pangajina ngungkulan batu permata.—Sil. 31:10.
Sakabéh anggota kulawarga bakal meunang mangpaat lamun maranéhna silih hargaan. Lamun salaki pamajikan leuwih sering némbongkeun panghargaan, maranéhna bakal leuwih raket. Maranéhna ogé bakal leuwih gampang pikeun silih hampura. Salaki nu ngahargaan pamajikanana teu ngan saukur merhatikeun hal-hal hadé nu dilampahkeun jeung diucapkeun pamajikanana, tapi ogé ’muji’ manéhna. (Sil. 31:28) Pamajikan ogé bakal nyebutkeun hal naon waé nu dihargaan ti salakina. Indung bapa, naha Sadérék ngajar budak pikeun némbongkeun panghargaan? Inget yén budak osok nuturkeun ucapan jeung lalampahan Sadérék. Sing jadi tuladan ku cara nganuhunkeun lamun barudak ngalakukeun kahadéan keur Sadérék. Sadérék ogé bisa ngajar budak pikeun ngahaturkeun nuhun lamun aya nu nyieun kahadéan ka manéhna. Jelaskeun ka budak yén nganuhunkeun téh kudu tina jero haté jeung kekecapan manéhna bisa gedé mangpaatna keur batur. w19.02 17 ¶14-15
Minggu, 5 Januari
Nepi ka paéh gé, urang moal nyingkirkeun kasatiaan urang!—Ayub 27:5, ”NW”.
Kekecapan ieu bukti yén Ayub boga tékad pikeun teu nyerah kana tuduhan Sétan, urang gé bisa siga kitu. Kumaha Sétan nuduh Sadérék siga nuduh Ayub? Manéhna saolah-olah ngomong yén Sadérék teu bener-bener nyaah ka Allah Yéhuwa, Sadérék bakal eureun ngawula Mantenna demi nyalametkeun diri, jeung Sadérék moal bakal terus satia! (Ayub 2:4, 5; Wahyu 12:10) Kumaha parasaan Sadérék? Naha Sadérék nyeri haté? Tapi, coba pikirkeun ieu: Yéhuwa ngidinan Sétan nguji kasatiaan Sadérék. Mantenna percaya jeung méré kasempetan ka Sadérék pikeun tetep satia jeung ngabuktikeun yén Sétan téh bohong. Mantenna yakin Sadérék bisa tetep satia sarta jangji bakal ngabantu Sadérék. (Ibr. 13:6) Bisa dipercaya ku Pangawasa jagat raya téh hak nu istiméwa! Jadi, ku naon kasatiaan téh penting? Lamun satia, urang bisa nampik kabohongan Sétan, ngajungjung nami Bapa urang, jeung ngadukung cara-Na ngawasa. w19.02 5 ¶9-10
Senén, 6 Januari
Engke aya mangsa, jelema anu maehan ka maraneh pangrasana mah ngabakti ka Allah.—Yoh. 16:2.
Yésus ngabéjaan tangtangan naon nu bakal disanghareupan ku para rasul. Tuluy, maranéhna dijurung pikeun nyonto tuladanna. Anjeunna gé nguatkeun maranéhna, ”Sing taleger.” (Yoh. 16:1-4a, 33) Mangtaun-taun sanggeusna, murid-murid Yésus masih kénéh teger jeung réla nyieun pangorbanan. Sanajan kudu ngalaman rupa-rupa kasusah, maranéhna silih kuatkeun. (Ibr. 10:33, 34) Ayeuna ogé urang nuturkeun Yésus nu teger atawa wani. Misalna, urang kudu wani nulungan dulur saiman nu dikaniaya lantaran imanna. Aya sadérék-sadérék nu dipanjara sacara teu adil. Lamun kitu, urang kudu sabisa-bisa nulungan maranéhna, kaasup ngabéla maranéhna. (Pil. 1:14; Ibr. 13:19) Cara séjénna nyaéta urang kudu ”beuki ludeung” ngawawar. (Ras. 14:3) Saperti Yésus, urang boga tékad pikeun ngawawarkeun warta Karajaan sanajan jalma-jalma nentang jeung nganiaya urang. w19.01 22-23 ¶8-9
Salasa, 7 Januari
Sing silih titenan, silih ajak nyieun kahadean jeung nembongkeun kanyaah. Ulah bosen-bosen kumpulan, ulah cara anu lian. Sabalikna anggur sing silih gedekeun hate.—Ibr. 10:24, 25.
Naon nu bisa ngabantu Sadérék méré koméntar nu ngagedékeun haté dina pasamoan? Nu paling penting nyaéta nyiapkeun unggal bagian pasamoan. Lamun Sadérék nyieun persiapan nu hadé, Sadérék bakal leuwih percaya diri méré koméntar. (Sil. 21:5) Persiapan nu hadé téh kawas kumaha? Saacan diajar, mimitian ku ngadoa nyuhunkeun roh suci ka Yéhuwa. (Luk. 11:13; 1 Yoh. 5:14) Tuluy, sadiakeun sababaraha menit pikeun mariksa jejer, subjejer, gambar, jeung kotak palajaran. Bari diajar unggal paragrap, baca saloba-lobana ayat nu dikutip. Lenyepan bahanna, jeung pikirkeun bener-bener hal-hal nu rék dikoméntaran. Leuwih hadé persiapanana, leuwih loba ogé mangpaatna, Sadérék gé bakal leuwih gampang méré koméntar.—2 Kor. 9:6. w19.01 9 ¶6; 11-12 ¶13-15
Rebo, 8 Januari
Kami rek mere wahyu ka maneh. Tuliskeun.—Hab. 2:2.
Yéhuwa ngilhamkeun Habakuk nulis kahariwanganana téh pikeun ngajar urang hal nu penting. Urang teu kudu asa-asa ngungkabkeun parasaan ka Yéhuwa waktu keur cangcaya atawa hariwang. Sabenerna, Mantenna ku cara nu bageur ngajurung urang pikeun ngabudalkeun eusi haté urang. (Jab. 50:15; 62:9) Habakuk ngandelkeun Sobat jeung Bapana nyaéta Yéhuwa. Manéhna ngaraket ka Mantenna. Habakuk teu ngan saukur kukulutus atawa ngandelkeun pamikiranana sorangan. Tapi, manéhna ngungkabkeun parasaan jeung kahariwanganana liwat doa. Ieu tuladan nu hadé keur urang. Yéhuwa, nu ngamakbul doa, ngajurung urang pikeun ngandelkeun Mantenna ku cara ngadoa jeung ngungkabkeun kahariwangan urang. (Jab. 65:3) Lamun éta dilakukeun, urang bakal ningali jawaban doa ti Yéhuwa. Urang bakal ngarasa dikeukeupan ku Yéhuwa waktu Mantenna ngalilipur jeung nungtun urang. (Jab. 73:23, 24) Mantenna bakal ngabantu urang paham pandangan Mantenna kana kaayaan urang. Ku kituna urang bakal boga pandangan nu leuwih saimbang kana kasusahan urang. Ngadoa ka Yéhuwa téh cara nu panghadéna pikeun némbongkeun yén urang ngandel ka Mantenna. w18.11 15-17 ¶2, 5-6
Kemis, 9 Januari
Ku utama umat anu satia ka Allah! Kaula pangresepna reureujeungan jeung maranehna.—Jab. 16:3.
Daud teu ngan saukur nyobat jeung nu sapantaran. Naha Sadérék apal saha salah sahiji sobat Daud? Nu kapikir ku Sadérék meureun Yonatan. Sosobatan antara Daud jeung Yonatan téh salah sahiji sosobatan nu pangdalitna nu dicaritakeun dina Alkitab. Tapi, naha Sadérék apal yén Yonatan téh kira-kira 30 taun leuwih kolot ti Daud? Jadi, ku naon maranéhna bisa nyobat? Sosobatan maranéhna dumasar kana iman ka Allah. Maranéhna ogé silih hormat jeung ngahargaan sipat alusna masing-masing, saperti kawani maranéhna waktu merangan musuh Allah. (1 Sam. 13:3; 14:13; 17:48-50; 18:1) Saperti Daud jeung Yonatan, urang gé ’resep reureujeungan’ jeung sobat-sobat nu nyaah sarta boga iman ka Yéhuwa. Kiera, nu geus mangtaun-taun ngawula Allah, ngomong, ”Abdi nyobat jeung sadérék-sadérék ti sakuliah dunya, nu kasang tukang jeung budayana béda-béda.” Lamun éta dilampahkeun ogé ku Sadérék, Sadérék bakal ngarasakeun sorangan yén Alkitab jeung roh suci bisa nyatunggalkeun umat Allah di sakuliah dunya jadi hiji kulawarga. w18.12 23-24 ¶11-13
Jumaah, 10 Januari
Saha waé nu megatkeun pamajikanana, kajaba lantaran lampah cabul, tuluy kawin deui, manéhna jinah.—Mat. 19:9, ”NW”.
Nu kaasup ”lampah cabul” téh dosa-dosa saperti jinah, palacuran, hubungan séks antara dua jalma nu teu kawin, homoséksualitas, sarta hubungan séks jeung sato. Lamun saurang salaki ngalakukeun lampah cabul, pamajikanana bisa mutuskeun rék megatkeun salakina atawa henteu. Perhatikeun, Yésus teu ngomong yén lamun aya salaki atawa pamajikan nu ngalakukeun lampah cabul, manéhna kudu dipegatkeun. Misalna, saurang pamajikan bisa waé mutuskeun pikeun tetep babarengan sanajan salakina geus ngalakukeun lampah cabul. Ku naon? Meureun manéhna téh masih kénéh nyaah ka salakina jeung réla ngahampura, sarta rék babarengan nguatkeun deui perkawinanana. Salian ti éta, lamun mutuskeun pepegatan jeung teu kawin deui, manéhna bisa kasusahan. Misalna, kumaha lamun kabutuhan ékonomi jeung séksualna teu kacumponan? Naha manéhna bakal ngarasa sepi euweuh batur? Mun pepegatan, naon pangaruhna ka barudak? (1 Kor. 7:14) Jelas, lamun mutuskeun pepegatan, pasti manéhna bakal ngalaman kasusah. w18.12 12 ¶10-11
Saptu, 11 Januari
Kudu ijid kana kajahatan.—Amos 5:15.
Yéhuwa ijid kana hal-hal nu teu bener. (Yes. 61:8) Tangtu, Mantenna apal yén sakapeung urang hésé ngalampahkeun nu bener lantaran urang teu sampurna. Tapi, Mantenna hoyong urang mikaijid naon nu goréng, sakumaha Mantenna. Ku cara ngalenyepan alesanana Yéhuwa mikaijid naon nu goréng, urang bisa boga cara pandang nu sarua jeung Mantenna sarta boga kakuatan pikeun nampik sagala hal nu goréng. Lamun urang diajar mikaijid naon nu goréng, urang ogé bisa nyaho yén sababaraha hal téh salah, sanajan éta teu dijéntrékeun dina Alkitab. Misalna, aya hiji kalakuan rucah nu disebut tarian pangkuan (lap dance) nu geus beuki umum ayeuna. Sababaraha jalma ngarasa éta téh lain hubungan séksual, jadi maranéhna mikir yén éta téh teu salah. Tapi, naha Yéhuwa gé ngarasa kitu? Inget yén Yéhuwa mikaijid sagala hal nu goréng. Jadi, urang kudu ngajauhan hal-hal éta ku cara mekarkeun kadali diri sarta mikaijid naon nu dipikaijid ku Yéhuwa.—Rum 12:9. w18.11 29-30 ¶11-12
Minggu, 12 Januari
Jalma nu balener tangtu bakal harirup, ku karana satiana ka Allah.—Hab. 2:4.
Jangji Yéhuwa sakitu pentingna nepi ka tilu kali dicutat ku Rasul Paulus dina surat-suratna! (Rum 1:17; Gal. 3:11; Ibr. 10:38) Urang yakin yén teu sual naon kasusah nu disanghareupan, urang bakal nyaksian ngawujudna jangji-jangji Yéhuwa lamun ngandelkeun Mantenna. Yéhuwa miharep urang mikirkeun harepan pikeun mangsa kahareup. Urang nu hirup di ahir jaman meunang palajaran penting ti buku Habakuk. Yéhuwa ngajangjikeun kahirupan abadi ka jalma-jalma nu balener jeung ngandelkeun Mantenna. Jadi, terus kuatkeun kayakinan urang ka Allah, teu sual masalah jeung kahariwangan urang. Kekecapan Yéhuwa ka Habakuk ngayakinkeun urang yén Mantenna bakal ngarojong jeung nyalametkeun urang. Urang dijurung pikeun ngandelkeun Mantenna sarta sabar ngadagoan Karajaan Allah maréntah bumi lantaran waktuna geus ditangtukeun. Dina waktuna, sakuliah bumi bakal dipinuhan ku hamba-hamba Yéhuwa nu bagja jeung resep rukun.—Mat. 5:5; Ibr. 10:36-39. w18.11 19-20 ¶15-17
Senén, 13 Januari
[Sing] bener lampahna.—3 Yoh. 4.
Di jaman Yésus, sababaraha jalma nu tadina narima bebeneran teu nuturkeun deui bebeneran. Misalna, sanggeus Yésus nyieun mujijat sarta méré dahar loba jalma, maranéhna nuturkeun nepi ka peuntaseun Talaga Galiléa. Tapi, tuluy Yésus ngomongkeun hal nu pikareuwaseun, ”Lamun maraneh henteu ngadahar daging Putra Manusa jeung henteu nginum getih-Na, diri maraneh moal aya hirupna.” Lainna nanyakeun naon maksud Yésus, maranéhna ngadon ngomong, ”Beurat teuing eta pangajaran teh! Saha nu bisa narima?” Tungtungna, ”loba panganut Yesus anu naringgalkeun ka Anjeunna, embungeun marilu deui”. (Yoh. 6:53-66) Hanjakalna, kiwari aya sababaraha jalma nu ninggalkeun bebeneran. Naon sababna? Bisa jadi aya nu teu satuju kana omongan atawa lalampahan sadérék nu kasohor. Nu séjén kasinggung waktu dibéré naséhat tina Alkitab atawa pagétréng jeung batur di sidang. w18.11 10-11 ¶3-5
Salasa, 14 Januari
Pamingpin teh ngan hiji nya eta Kristus.—Mat. 23:10.
Kiwari, Kristus masih jadi Pamingpin sidang Kristen. Jadi lamun organisasi nyieun parobahan, tapi urang teu ngarti alesanana, lenyepan cara Yésus mingpin umat Allah di jaman baheula. Boh di jaman Yosua boh di jaman para rasul, Kristus terus méré pituduh nu bijaksana pikeun ngalindungan, nguatkeun iman, jeung ngahijikeun umat Allah. (Ibr. 13:8) Kiwari, ”gandek satia jeung bijaksana” méré pituduh nu dibutuhkeun ku urang pas dina waktuna. (Mat. 24:45) Waktu ningali kumaha Yésus mingpin urang, urang ngarti yén anjeunna hayang nguatkeun iman urang. Kristus ngajurung urang pikeun terus ngutamakeun pangwawaran, pagawéan nu pangpentingna kiwari.—Mar. 13:10. w18.10 19-20 ¶13-16
Rebo, 15 Januari
Hirup aranjeun sing sakumaha layakna anu geus disaur ku Allah. Salawasna kudu rendah ati.—Epe. 4:1, 2.
Aya conto nu alus pisan ngeunaan ngadalikeun diri di 2 Samuel 16:5-13. Siméi, barayana Raja Saul, nyumpahan jeung ngabalédogan Daud sarta pangiringna. Siméi bisa waé disingkirkeun ku Daud, tapi manéhna sabar jeung ngantep Siméi. Ku naon Daud bisa ngadalikeun diri saperti kitu? Daud nyieun Jabur nu katilu waktu diudag-udag rék dipaéhan ku Absalom, putrana. Dina kaayaan ieu Daud dibalédogan ku Siméi, tapi Daud boga kakuatan pikeun tetep tenang. Ku naon? Jabur 3:5 nyebutkeun kekecapan Daud, ”Kami sasambat ka PANGERAN, sarta Mantenna ngawaler.” Waktu aya nu jahat ka urang, urang kudu ngadoa saperti Daud. Yéhuwa bakal masihan roh suci-Na pikeun tetep tabah. Dina kaayaan naon Sadérék kudu leuwih ngadalikeun diri atawa ngahampura batur? Naha Sadérék yakin yén Yéhuwa paham kana kasusahan Sadérék jeung bakal ngabantu sarta ngaberkahan Sadérék? w18.09 7 ¶16-17
Kemis, 16 Januari
Sim kuring jeung Apolos teh . . . gawe babarengan ngawula ka Allah.—1 Kor. 3:9.
Waktu dines, urang kudu tetep bageur jeung ngajénan jalma-jalma. Sangkan bisa kitu, urang kudu paham kana kabiasaan maranéhna. Sing inget yén waktu ngawawar ti imah ka imah, urang téh lain tamu nu diarep-arep ku maranéhna. Jadi, penting sangkan urang datang waktu maranéhna keur bisa diajak ngobrol. (Mat. 7:12) Misalna, naha jalma-jalma di daérah Sadérék osok hudang beurang dina ahir minggu? Lamun kitu, Sadérék bisa ngawawar heula di jalan, di tempat umum, atawa ngadatangan deui jalma nu pasti bisa diajak ngobrol. Loba jalma téh sibuk pisan, jadi nganjangna ulah lila teuing, hususna waktu keur mimiti. (1 Kor. 9:20-23) Waktu jalma-jalma ningali yén urang paham kana kasibukan maranéhna, maranéhna bakal daék diajak ngobrol deui engkéna. Lamun urang némbongkeun sipat-sipat nu dihasilkeun ku roh Allah, urang jadi batur gawé Allah. Bisa waé urang digunakeun ku Yéhuwa pikeun ngabantu batur diajar bebeneran!—1 Kor. 3:6, 7. w18.09 31-32 ¶15-17
Jumaah, 17 Januari
Bagja jalma-jalma anu lemah lembut, sabab maranéhna bakal ngawaris bumi. —Mat. 5:5, ”NW”.
Kumaha Sadérék bisa bagja lamun lemah lembut? Loba jalma kiwari kasar jeung gedé ambek, balukarna loba masalah. Tapi, waktu diajar bebeneran, maranéhna ngarobah kapribadianana. Ayeuna, maranéhna jadi ”karunyaan, hade hate, handap asor, darehdeh, jeung sabar”. (Kol. 3:9-12) Hasilna, maranéhna ngarasa tengtrem, akur jeung batur, jeung ngarasa bagja. Firman Allah gé jangji yén maranéhna bakal ”ngawaris bumi”. (Jab. 37:8-10, 29) Naon hartina jalma nu lemah lembut bakal ”ngawaris bumi”? Kaom nu diistrénan bakal ngawaris bumi waktu maranéhna jadi raja jeung imam nu ngawasaan bumi. (Wahyu 20:6) Jutaan jalma séjénna nu teu boga harepan hirup di sawarga bakal ngawaris bumi waktu dipasihan hirup langgeng di bumi. Maranéhna gé bakal jadi sampurna sarta ngarasa tengtrem tur bagja. w18.09 17 ¶8-9
Saptu, 18 Januari
Sing cepet kana ngadenge.—Yak. 1:19.
Yéhuwa masihan tuladan nu panghadéna. (Kaj. 18:32; Yos. 10:14) Sabagé conto, mangga baca Budalan 32:11-14. Sanajan teu butuh saran ti Musa, Yéhuwa tetep ngadangukeun waktu Musa ngungkabkeun parasaanana. Naha Sadérék bakal sabar ngadéngékeun hiji jalma nu pernah salah tuluy nuturkeun saranna? Tapi, Yéhuwa mah sabar ngadangukeun kabéh manusa nu ngadoa dibarengan ku iman. Pék lenyepan: ’Lamun Yéhuwa sakitu rendah haténa nepi ka daék ngadéngékeun Ibrahim, Rahél, Musa, Yosua, Manoah, Élias, jeung Hiskia, naha abdi gé sakuduna ngupayakeun nyonto Mantenna? Naha abdi bisa leuwih ngajénan kabéh dulur saiman ku cara ngadéngékeun jeung nuturkeun saran maranéhna lamun bisa? Naha aya dulur saiman di sidang atawa di kulawarga nu bisa leuwih diperhatikeun ku abdi? Naon nu bakal dilakukeun ku abdi?’—Kaj. 30:6; Hak. 13:9; 1 Rja. 17:22; 2 Bab. 30:20. w18.09 6-7 ¶14-15
Minggu, 19 Januari
Nu balabah babari meunang rejeki. Nu resep tutulung babari meunang pitulung.—Sil. 11:25.
Jalma-jalma di sakurilingeun urang mentingkeun diri, jadi urang hésé pikeun terus béréhan. Tapi, Yésus ngingetan urang kana dua paréntah nu pangutamana, nyaéta mikanyaah Yéhuwa ku sapinuh haté, nyawa, akal budi, jeung kakuatan sarta mikanyaah batur saperti diri sorangan. (Mar. 12:28-31) Jalma nu mikanyaah Yéhuwa bakal nyonto Mantenna. Yéhuwa jeung Yésus téh béréhan. Urang dijurung pikeun nyonto Aranjeunna lantaran Aranjeunna terang yén éta bisa ngabagjakeun urang. Urang bakal ngamulyakeun Yéhuwa sarta mawa mangpaat ka diri sorangan jeung batur lamun urang ngalaksanakeun tugas ti Allah jeung terus béréhan ka batur. Tangtu Sadérék geus ngupayakeun sabisa-bisa pikeun béréhan jeung ngabantu batur, utamana ka dulur saiman. (Gal. 6:10) Lamun éta terus dilakukeun, Sadérék bakal dihargaan jeung dipikanyaah ku batur. Sadérék gé bakal bagja. w18.08 20 ¶19-20
Senén, 20 Januari
Ulah ngahukum make dasar bukti lahirna, kudu make dasar kaadilan.—Yoh. 7:24.
Yéhuwa teu ngamasalahkeun sélér, nagara, bangsa, atawa basa urang. Salila urang sieun atawa ngabakti ka Allah jeung ngalakukeun nu bener, urang kamanah ku Mantenna. (Gal. 3:26-28; Wahyu 7:9, 10) Meureun Sadérék geus apal hal ieu. Tapi, kumaha lamun Sadérék digedékeun di nagri atawa di kulawarga nu boga prasangka? Sanajan ngarasa geus teu beurat sabeulah, naha Sadérék masih bisa boga prasangka? Pétrus mémang geus ngabantu batur ngarti yén Allah teu beurat sabeulah, tapi manéhna masih kénéh nunjukkeun prasangka. (Gal. 2:11-14) Jadi, kumaha sangkan urang teu ngukur batur tina rupa luarna? Urang kudu mariksa diri maké Firman Allah pikeun mastikeun naha urang boga kénéh prasangka atawa henteu. (Jab. 119:105) Urang ogé bisa nanya ka babaturan lantaran urang sok hésé ningali prasangka dina diri sorangan. (Gal. 2:11, 14) Bisa jadi parasaan éta geus aya ti baheula, jadi urang teu sadar yén éta téh prasangka! w18.08 10-11 ¶5-6
Salasa, 21 Januari
Caang maraneh ge kudu mencar ka sarerea.—Mat. 5:16.
Pék lenyepan: ’Naha batur bisa ningali yén abdi téh bener-bener satia ka Yéhuwa? Naha abdi reueus ngaku sabagé Saksi Yéhuwa?’ Bayangkeun sakumaha sedihna Yéhuwa lamun urang éra ngaku yén urang téh hamba Yéhuwa. (Jab. 119:46; Mar. 8:38) Hanjakalna, sababaraha Saksi kabawakeun ku ”roh dunya”. Maranéhna jadi teu jauh béda jeung jalma-jalma nu teu ngawula Yéhuwa. (1 Kor. 2:12) ”Roh dunya” nyababkeun jalma-jalma ngutamakeun kahayangna sorangan nu mentingkeun diri. (Epe. 2:3) Contona, sanajan urang geus meunang loba naséhat, tetep aya nu maké papakéan nu teu sopan. Papakéan maranéhna merecet jeung ngaboléklak, malahan dipaké ogé ka pasamoan. Atawa, potongan buukna dimodél-modél nepi ka narik perhatian batur. (1 Tim. 2:9, 10) Balukarna, batur jadi hésé ngabédakeun naha maranéhna téh Saksi Yéhuwa atawa lain.—Yak. 4:4. w18.07 23-24 ¶11-12
Rebo, 22 Januari
Maraneh teh sadulur.—Mat. 23:8.
Urang bisa disebut sadulur lantaran urang kabéh turunan Adam. (Ras. 17:26) Yésus gé ngajelaskeun yén murid-muridna téh sadulur ku sabab nganggap Yéhuwa sabagé Bapa di sawarga. (Mat. 12:50) Ku kituna, maranéhna jadi anggota kulawarga Allah nu ngahiji lantaran silih pikanyaah jeung boga iman ka Allah. Éta sababna waktu nyuratan sidang-sidang, para rasul nyebut kabéh urang Kristen sabagé dulur-dulur. (Rum 1:13; 1 Pet. 2:17; 1 Yoh. 3:13) Sanggeus Yésus ngomong ka murid-muridna yén maranéhna téh sadulur, anjeunna nandeskeun pentingna karendahan haté. (Mat. 23:11, 12) Sakapeung para rasul jadi papecah lantaran sombong. Jalma-jalma di jaman Yésus sok ngagul-ngagulkeun sélérna. Loba urang Yahudi percaya yén maranéhna téh leuwih punjul ti batan batur ku sabab maranéhna turunan Ibrahim. Tapi, Yohanes Jurubaptis ngomong ka maranéhna, ”Allah iasaeun ngadamel turunan Ibrahim tina ieu batu-batu!”—Luk. 3:8. w18.06 11 ¶8-9
Kemis, 23 Januari
Jalma nu yakin kana dirina, tara ngomong sagawayah.—Sil. 17:27.
Waktu aya jalma atawa kaayaan nu teterusan ngalantarankeun urang keuheul, naha urang mikir heula saacan ngomong? Naha urang nahan émosi? (Sil. 10:19; Mat. 5:22) Waktu aya jalma nu pikakeuheuleun, ”ulah hayang ngabales, eta mah wewenang Allah”. (Rum 12:17-21) Naon hartina? Ti batan jadi ambek, urang kudu sabar. Lamun dianggap perlu, Yéhuwa bakal ngaréngsékeun masalah urang. Lamun urang teu gumantung ka Yéhuwa, malahan rék ngabales, éta hartina urang teu ngajénan Mantenna. Naha urang taliti dina nuturkeun pituduh nu panganyarna ti Yéhuwa? Ulah ngan saukur ngalakukeun nu geus jadi kabiasaan. Tapi, urang kudu nuturkeun pituduh panganyarna ti organisasi Yéhuwa. (Ibr. 13:17) Urang gé kudu ati-ati, ”ulah liwat ti nu geus kaserat”. (1 Kor. 4:6, SF) Lamun urang bener-bener nuturkeun pituduh Yéhuwa, éta hartina urang gumantung ka Mantenna. w18.07 13-14 ¶17-18
Jumaah, 24 Januari
Sing nepi ka asak.—Ibr. 6:1.
Hukum biasana ngan bisa dilarapkeun dina hiji kaayaan, tapi prinsip bisa dilarapkeun dina rupa-rupa kaayaan. Beuki asak rohani, urang beuki ngajénan prinsip-prinsip Allah. Contona, budak leutik can ngarti bahayana ulin jeung babaturan nu bangor, jadi kolotna nyieun aturan pikeun ngajaga manéhna. (1 Kor. 15:33) Tapi, waktu éta budak beuki déwasa, manéhna diajar mikirkeun prinsip-prinsip Alkitab. Prinsip-prinsip ieu bakal ngabantu manéhna milih babaturan nu hadé. (1 Kor. 13:11; 14:20) Beuki sering urang mikirkeun prinsip Alkitab, haté sanubari urang beuki bisa diandelkeun. Urang jadi leuwih paham naon nu dipiharep Allah ti urang dina sagala kaayaan. Urang boga loba bantuan pikeun nyieun putusan nu kamanah ku Yéhuwa. Dina Alkitab, aya loba hukum jeung prinsip nu ngabantu urang ”dilengkepan ku pangarti, supaya . . . bisa ngalampahkeun sagala pagawean anu hade”.—2 Tim. 3:16, 17, SF. w18.06 19-20 ¶14, 16-17
Saptu, 25 Januari
Saha batur kaula teh?—Luk. 10:29.
Carita Yésus nunjukkeun yén urang Samaria bisa ngajar urang Yahudi naon hartina mikanyaah batur. (Luk. 10:25-37) Saacan Yésus ka sawarga, anjeunna nitah murid-muridna pikeun ngawawar ”di sakuliah Yudea, di Samaria, nepi ka tungtung bumi”. (Ras. 1:8) Ku kituna, maranéhna kudu miceun kasombongan jeung prasangka. Yésus sering nyaritakeun kahadéan ti urang asing. Ieu bisa nyiapkeun murid-muridna pikeun ngawawar ka kabéh bangsa. Contona, Yésus muji perwira bangsa Rum nu imanna kuat. (Mat. 8:5-10) Waktu di Nasarét, Yésus ngajelaskeun kumaha Yéhuwa ngabantu urang asing, saperti randa ti Sarpat di Pénésia sarta Naaman, urang Siria nu gering lépra. (Luk. 4:25-27) Yésus ogé ngawawar ka awéwé Samaria, malah salila dua poé, anjeunna mondok di hiji kota di Samaria lantaran jalma-jalmana minat kana wartana.—Yoh. 4:21-24, 40. w18.06 11-12 ¶10-11
Minggu, 26 Januari
Sing samakta ku pakarang-pakarang ti Allah, malar tagen ngayonan tipu daya Iblis.—Epe. 6:11.
Urang Kristen disaruakeun jeung prajurit ku Rasul Paulus. Mémang urang keur perang, musuhna gé aya! Perangna lain ngalawan jalma, tapi ngalawan Sétan jeung roh-roh jahat. Geus rébuan taun maranéhna merangan manusa, jadi geus jago pisan. Katingalina, moal mungkin urang bisa meunang, komo deui lamun urang ngora kénéh. Naha bisa budak ngora meunang ngalawan musuh ieu? Tangtu, maranéhna bakal meunang! Ku naon? Sabab maranéhna narima kakuatan ti Yéhuwa. Salian ti éta, saperti prajurit nu geus kalatih, maranéhna maké sakabéh ”pakarang-pakarang ti Allah” sangkan siap tempur. (Epe. 6:10-12) Waktu Paulus ngibaratkeun hal ieu, bisa jadi manéhna keur ngabayangkeun pakarang perang nu dipaké ku prajurit Rum.—Ras. 28:16. w18.05 21 ¶1-2
Senén, 27 Januari
Nun Ama di sawarga. Mugi jenengan Ama nu suci dimulyakeun.—Mat. 6:9.
Alesan pangpentingna urang ngawawar téh lantaran hayang ngamulyakeun Yéhuwa jeung nyucikeun nami-Na di hareupeun umat manusa. (Yoh. 15:1, 8) Tapi, nami Allah geus suci. Urang teu bisa nyieun nami Allah leuwih suci deui. Perhatikeun naon nu disebutkeun ku Nabi Yésaya, ”Kami teh PANGERAN Nu Maha Kawasa, nu [”kudu dianggap”, NW] suci.” (Yes. 8:13) Urang nyucikeun nami Allah, Yéhuwa, waktu urang nganggap nami éta nu pangagungna di antara ngaran-ngaran séjén sarta waktu urang ngabantu jalma-jalma paham yén nami Allah téh suci. Contona, waktu urang ngajarkeun bebeneran ngeunaan sipat-sipat hadé Yéhuwa sarta tujuan Mantenna sangkan manusa hirup langgeng di Pirdaus, urang ngabantu jalma-jalma paham yén tuduhan Sétan ka Yéhuwa téh bohong. (Kaj. 3:1-5) Urang ogé nyucikeun nami Yéhuwa waktu ngabantu jalma-jalma paham yén Yéhuwa ”layak diagungkeun, dihormat, nu layak nyangking kawasa”.—Wahyu 4:11. w18.05 10 ¶3-4
Salasa, 28 Januari
Muji sukur ka Gusti teh lampah utami . . . Padamelan Gusti anu harebat ngabungahkeun abdi, abdi nyanyi gumbira ku hal anu parantos dipidamel ku Gusti.—Jab. 92:2, 5.
Alesan nu pangpentingna pikeun netepkeun cita-cita rohani téh lantaran urang nganuhunkeun kana kanyaah jeung berkah Yéhuwa pikeun urang. Pék lenyepan sagala hal nu dipasihan Yéhuwa ka hidep, misalna kahirupan, iman, Alkitab, sidang, sarta harepan hirup langgeng di Pirdaus. Waktu hidep netepkeun cita-cita rohani, éta hartina hidep nganuhunkeun kana berkah-berkah ti Yéhuwa. Ieu ngaraketkeun hidep ka Mantenna. Waktu ngudag cita-cita rohani, hidep keur ngalampahkeun nu hadé di pandangan Yéhuwa. Ieu ngaraketkeun hidep ka Mantenna. Rasul Paulus jangji, ”Allah teh lain anu sok jalir. Mantenna moal lali ka anu geus dipigawe ku aranjeun, nya kitu deui kana kanyaah aranjeun ka Mantenna.” (Ibr. 6:10) Teu aya watesan umur dina netepkeun cita-cita rohani. Kumaha jeung hidep? Naha kapikir ku hidep cita-cita naon nu bisa dihontal ku hidep?—Pil. 1:10, 11. w18.04 28 ¶5-6
Rebo, 29 Januari
Di mana aya Roh Pangeran,aya kamerdekaan.—2 Kor. 3:17.
Urang Kristen di abad kahiji hirup di jaman pamaréntahan Rum nu bangsana agul kana hukum, sistim kaadilan, jeung kabébasan maranéhna. Tapi, pamaréntahan éta bisa kuat lantaran aya badéga-badéga nu digawé beurat. Dina hiji mangsa, 1 ti 3 jalma di Rum téh badéga. Geus jelas, pangbudakan sarta kabébasan téh hal nu penting pikeun loba jalma, kaasup urang Kristen. Rasul Paulus ogé sering nulis ngeunaan kabébasan. Tapi, manéhna lain rék ngoméan masalah nu aya di dunya, hal nu dipiharep ku loba jalma harita. Justru Paulus jeung urang Kristen séjénna sabisa-bisa ngajarkeun warta hadé Karajaan Allah sarta mantuan batur paham sakumaha istiméwana korban tebusan Kristus Yésus. Paulus méré nyaho urang Kristen ngeunaan Sumber ti kabébasan sajati. w18.04 9 ¶1-2
Kemis, 30 Januari
Simon, Simon! Dengekeun! Setan geus meunang idin ngagoda ka maraneh kabeh, pikeun misahkeun nu hade ti nu goreng, cara gandum dipisahkeun tina kulitna. Tapi maneh ku Kami geus dipangnedakeun, Simon, supaya iman maneh ulah nepi ka luntur. Upama maneh geus ngaku deui ka Kami, kudu nguatkeun batur-batur.—Luk. 22:31, 32.
Dina peuting saacan pupus, Yésus ngomong kekecapan dina ayat poé ieu ka Rasul Pétrus. Pétrus téh salah sahiji pamingpin kagiatan sidang Kristen di abad kahiji. (Gal. 2:9) Lantaran ningali lalampahan Pétrus nu wani waktu Péntakosta jeung saterusna, dulur-dulur saimanna jadi teger haté. Sanggeus ngawula salila mangtaun-taun, manéhna nulis, ”Ieu surat anu pondok . . . pikeun ngadorong jeung ngayakinkeun ka aranjeun, yen anu ditulis dina ieu surat teh estu sih kurnia Allah. Eta rahmat Mantenna ku aranjeun kudu terus dipuntangan.” (1 Pet. 5:12) Surat Pétrus negerkeun haté urang Kristen harita. Éta ogé negerkeun haté urang ayeuna salila ngadagoan kabéh jangji Yéhuwa laksana.—2 Pet. 3:13. w18.04 18 ¶12-13
Jumaah, 31 Januari
Jalma nu nalungtik hukum nu sampurna nu mawa kamerdékaan jeung terus nuturkeunana . . . bakal bagja lantaran ngalampahkeunana.—Yak. 1:25, ”NW”.
Di mana-mana, jalma hayang bébas. Sangkan bisa bébas, jalma-jalma osok protés malahan nepi ka ngagulingkeun pamaréntahan. Naha maranéhna meunang kabébasan? Henteu. Biasana, balukarna téh kasangsaraan, malahan maot. Kekecapan Raja Suléman di Pandita 8:9 kabukti bener yén jalma jadi ”sangsara ku lantaran kakawasaan” jalma séjénna. Dina ayat poé ieu, Alkitab nyebutkeun carana urang bisa bener-bener bagja jeung sugema. Hukum nu sampurna téh asalna ti Yéhuwa. Mantenna nu paling terang carana supaya manusa bener-bener bagja jeung sugema. Yéhuwa masihan Adam jeung Hawa kabébasan sajati sarta sagala hal supaya maranéhna hirup bagja. w18.04 3-4 ¶1-3