Pébruari
Saptu, 1 Pébruari
Tedunan kawajiban abdi Allah.—2 Tim. 4:5.
Yésus welas asih ka jalma-jalma. Maranéhna bisa ngarasakeun yén anjeunna nyaah, ku kituna daék ngadéngékeun warta Karajaan. Lamun urang ogé welas asih ka jalma-jalma, urang bakal suksés dina dines. Kumaha carana némbongkeun sipat saperasaan ka jalma nu diwawaran ku urang? Urang bisa ngabayangkeun diri urang aya di posisi manéhna. Terus mikir, lamun jadi manéhna, urang hayang dikumahakeun. Prak lampahkeun éta ka manéhna. (Mat. 7:12) Pikirkeun kabutuhan unggal jalma. Urang ulah maké kecap panganteur nu sarua ka unggal jalma nu diwawaran ku urang. Tapi, urang kudu mikirkeun kaayaan jeung pandangan unggal jalma. Timba eusi haténa ku pananya-pananya nu bijaksana. (Sil. 20:5) Ku cara tatanya, urang jadi nyaho alesan maranéhna butuh warta hadé. Ku kituna, urang jadi apal naon nu dibutuhkeun ku manéhna jeung bisa méré bantuan, sakumaha nu dilakukeun ku Yésus.—Bandingkeun 1 Kor. 9:19-23. w19.03 20 ¶2; 22 ¶8-9
Minggu, 2 Pébruari
Kudu nyuhunkeun ka PANGERAN sangkan rencana urang diberkahan, tangtu pagawean urang lulus.—Sil. 16:3.
Adam jeung Hawa némbongkeun yén maranéhna bener-bener teu ngahargaan kabéh hal-hal hadé ti Yéhuwa. Urang kabéh bisa ngabuktikeun yén urang mah teu kitu. Urang ngahargaan sagala hal nu dilampahkeun ku Yéhuwa. Lamun dibaptis, éta hartina urang yakin ngan Yéhuwa nu boga hak pikeun nangtukeun naon nu hadé jeung goréng. Ku kituna, urang ngabuktikeun urang nyaah jeung percaya ka Bapa urang. Tangtangan séjén sanggeus dibaptis téh nyaéta urang kudu hirup luyu jeung papakon Yéhuwa unggal poé, lainna papakon urang. Jutaan jalma geus ngalarapkeun hal ieu. Sadérék bisa siga maranéhna lamun diajar leuwih jero ngeunaan Firman Allah nyaéta Alkitab, campur gaul jeung dulur-dulur saiman, sarta sumanget nyaritakeun sagala hal ngeunaan Bapa urang ka batur. (Ibr. 10:24, 25) Waktu rék nyieun putusan, tuturkeun naséhat Yéhuwa liwat Firman-Na jeung organisasi-Na. (Yes. 30:21) Ku kituna, Sadérék bakal suksés.—Sil. 16:20. w19.03 7 ¶17-18
Senén, 3 Pébruari
Anu ti sawarga mah kabeh oge kurnia jeung berkah anu hade jeung sampurna, paparin ti Allah anu ngayakeun caang di langit.—Yak. 1:17.
Yéhuwa masihan loba kadaharan rohani. Misalna, urang narima loba pituduh alus dina pasamoan, majalah, jeung situs Internét urang. Naha Sadérék pernah ngadéngékeun hutbah, maca artikel, atawa nongton acara JW Broadcasting tuluy mikir, ’Ieu téh pas pisan jang urang’? Kumaha urang bisa némbongkeun panghargaan ka Yéhuwa? (Kol. 3:15) Salah sahiji carana nyaéta rutin ngadoa pikeun nganuhunkeun kana kurnia nu hadé ieu. Urang ogé némbongkeun panghargaan ka Yéhuwa ku cara ngajaga tempat ibadah urang tetep bersih jeung rapih. Urang mersihan jeung ngarawat Balé Karajaan sacara rutin. Sadérék-sadérék nu maké pakakas audio jeung vidéo ogé ati-ati ngagunakeunana. Lamun urang ngarawat Balé Karajaan ku cara nu bener, éta bakal awét jeung teu kudu loba dioméan. Ku kituna, duitna bisa dipaké keur ngawangun jeung ngoméan Balé Karajaan séjén di sakuliah dunya. w19.02 18-19 ¶17-18
Salasa, 4 Pébruari
Eta . . . kakara mangrupa kila-kilana bae tina kakawasaan Mantenna, minangka harewos-harewos-Na anu katepi ku ceuli urang.—Ayub 26:14.
Ayub nyadiakeun waktu pikeun ngalenyepan ciciptaan Yéhuwa nu éndah. (Ayub 26:7, 8) Manéhna kacida tajubna waktu mikirkeun bumi, langit, méga, jeung guludug. Manéhna ogé ngahargaan pisan kekecapan Yéhuwa. Ceuk manéhna, ”[Kuring] salawasna nurut kana timbalana-Na.” (Ayub 23:12) Ayub tajub jeung hormat pisan ka Yéhuwa. Manéhna jadi nyaah jeung hayang kamanah ku Mantenna. Hasilna, tékad Ayub pikeun tetep satia jadi beuki kuat. Urang gé kudu siga Ayub. Kiwari, urang nyaho leuwih loba ngeunaan ciciptaan ti batan jalma-jalma di jaman Ayub. Urang gé boga Alkitab lengkep nu ngabantu urang leuwih wanoh ka Yéhuwa. Kabéh hal-hal éta ngalantarankeun haté urang pinuh ku rasa tajub. Lantaran tajub jeung hormat ka Yéhuwa, urang jadi kageuing pikeun nyaah jeung taat ka Mantenna. Tékad urang pikeun terus satia gé jadi beuki kuat.—Ayub 28:28. w19.02 6 ¶12
Rebo, 5 Pébruari
Kami taya karisi; rek bisa kumaha jelema ka kami?—Jab. 118:6.
Sapanjang sajarah, pangawasa manusa osok nganiaya umat Yéhuwa. Maranéhna nuduh urang ngalakukeun rupa-rupa ”kajahatan”, tapi sabenerna éta téh lantaran urang milih ”tunduk ka Allah ti batan ka manusa”. (Ras. 5:29) Urang bisa waé diléléwé, dipanjara, atawa malah digebugan. Ku bantuan Yéhuwa, urang moal ngabales tapi tetep lemah lembut. Perhatikeun tuladan tilu urang Ibrani nu ditawan di Babul, nyaéta Hananya, Misaél, jeung Asaria. Ku cara nu lemah lembut, maranéhna ngajelaskeun ka raja ku naon teu bisa nyembah arca nu dijieun ku raja. Maranéhna réla narima naon waé nu bakal dilampahkeun ku Yéhuwa. (Dan. 3:1, 8-28) Waktu kasatiaan urang diuji, kumaha urang bisa nyonto tilu urang Ibrani ieu? Urang rendah haté jeung percaya yén Yéhuwa bakal ngajaga urang. (Jab. 118:7) Ka jalma nu nuduh urang, urang bakal ngajawab ku cara nu lemah lembut jeung sopan. (1 Pet. 3:15, NW) Urang embung ngalampahkeun naon waé nu ngaruksak sosobatan urang jeung Bapa urang. w19.02 10-11 ¶11-13
Kemis, 6 Pébruari
Sing taleger.—Yoh. 16:33.
Urang bisa leuwih wani atawa teger lamun mikirkeun harepan nu dihasilkeun ku korban tebusan Kristus. (Yoh. 3:16; Epe. 1:7) Dina minggu-minggu saacan Pangéling-ngéling, urang bisa ngamekarkeun panghargaan kana tebusan. Urang bisa maca Alkitab keur minggu Pangéling-ngéling sarta bener-bener ngalenyepan kajadian-kajadian saacan jeung sanggeus pupusna Yésus. Jadi pas hadir di Jamuan Wengi Jungjunan, urang bakal leuwih paham kana lambang-lambang Pangéling-ngéling nu ngamaksudkeun korban nu luar biasa. Lamun urang paham nu dilampahkeun ku Yésus jeung Yéhuwa keur urang, sarta paham naon mangpaatna keur urang jeung jalma-jalma nu dipikanyaah, harepan urang bakal beuki nyata. Urang gé bakal kajurung pikeun tabah nepi ka panungtungan. (Ibr. 12:3) Urang pasti nganuhunkeun pisan lantaran Yésus terus némbongkeun sipat ieu sabagé Imam Agung nu mangmundutkeun kasalametan urang! (Ibr. 7:24, 25) Pikeun nunjukkeun panghargaan, urang kudu terus miéling pupusna Yésus sakumaha nu geus diparéntahkeun.—Luk. 22:19, 20. w19.01 22-24 ¶8, 10-11
Jumaah, 7 Pébruari
Tampi paneda pamuji sukur abdi, nun PANGERAN.—Jab. 119:108.
Yéhuwa masihan urang hak istiméwa pikeun muji Mantenna. Waktu méré koméntar, urang keur ”muji ka Allah, minangka kurban” jeung éta teu bisa diwakilkeun. (Ibr. 13:15) Naha Yéhuwa ngawajibkeun urang kabéh méré kurban, atawa koméntar, nu sarua? Henteu! Bayangkeun datang ka pasamoan téh siga Sadérék milu botram. Lamun Sadérék diondang dahar ku dulur saiman terus dipénta mawa dahareun nu saderhana, Sadérék rék mawa naon? Sadérék bisa jadi bingung, tapi Sadérék bakal mawa dahareun nu panghadéna nu dipikaresep ku batur. Yéhuwa, Nu Ngondang urang, geus nyadiakeun méja nu pinuh ku dahareun rohani dina pasamoan. (Jab. 23:5; Mat. 24:45) Mantenna bungah lamun urang barang bawa, sanajan saderhana tapi nu panghadéna. Jadi, siapkeun bener-bener jeung béré koméntar saloba-lobana. Ku kituna, Sadérék teu saukur dahar di méja Yéhuwa tapi ogé mawa hal-hal nu bisa dibagikeun ka anggota sidang. w19.01 8 ¶3; 13 ¶20
Saptu, 8 Pébruari
Anu muru allah-allah sejen, geus tangtu susah sorangan.—Jab. 16:4.
Di jaman Alkitab, lampah cabul biasana jadi bagian tina ibadah palsu. (Hos. 4:13, 14) Loba jalma resep kana ibadah palsu lantaran bisa ngalampahkeun nu cabul. Tapi, naha ibadah siga kitu ngabagjakeun maranéhna? Sama sakali henteu! Daud nyebutkeun yén jalma-jalma nu nyembah allah palsu ”tangtu susah sorangan”. Malahan, maranéhna dititah ngorbankeun budakna! (Yes. 57:5) Yéhuwa ijid kana kakejeman éta. (Yer. 7:31) Kiwari, loba agama palsu ngidinan lampah cabul, kaasup homoséksualitas. Jalma-jalma nu gaya hirupna cabul bisa jadi ngarasa bébas, tapi sabenerna jadi ”susah sorangan”. (1 Kor. 6:18, 19) Naha hidep merhatikeun hal éta? Jadi, sing nurut ka Bapa nu di sawarga. Buktikeun ku sorangan yén taat ka Allah téh alus. Pikirkeun enya-enya hasil goréng tina lampah cabul. Bakal katempo ku hidep yén kasenangan sementara siga kitu téh teu sabanding jeung balukarna.—Gal. 6:8. w18.12 25-26 ¶16-18
Minggu, 9 Pébruari
Abdi ogé moal saré jeung anjeun.—Hos. 3:3, ”NW”.
Lamun aya urang Kristen nu ngalakukeun lampah cabul, batur hirupna nu teu salah kudu nyieun putusan. Yésus nyebutkeun yén batur hirup nu teu salah boga alesan nu sah pikeun pepegatan jeung bébas kawin deui. (Mat. 19:9, NW) Tapi, teu salah ogé lamun manéhna milih pikeun ngahampura. Hoséa mawa balik Gomér. Sanggeus balik deui ka Hoséa, Gomér diomongan sangkan ulah jinah deui. Keur sababaraha waktu, Hoséa teu ngalakukeun hubungan séks jeung Gomér. (Hos. 3:1-3, NW) Ka dieunakeun, Hoséa tangtu ngalakukeun hubungan séks deui jeung pamajikanana. Hal ieu ngagambarkeun yén Allah réla narima deui bangsa Israil tuluy neruskeun hubungana-Na jeung maranéhna. (Hos. 1:11; 3:4, 5) Naon palajaranana keur urang kiwari? Lamun salaki atawa pamajikan nu teu salah ngalakukeun deui hubungan séks jeung batur hirupna nu salah, éta hartina manéhna geus ngahampura batur hirupna. (1 Kor. 7:3, 5) Jadi, manéhna teu boga alesan deui pikeun pepegatan. Sanggeusna, maranéhna kudu ngupayakeun sarta silih bantu pikeun ngajénan perkawinan saperti Allah. w18.12 12-13 ¶13
Senén, 10 Pébruari
Jalma anu surti mah kana pibahlaeun teh awas, seug disingkahan.—Sil. 22:3.
Waktu keur diajar, urang kudu mikirkeun pandangan Yéhuwa supaya urang bisa nyieun putusan nu bijaksana. Jadi, waktu urang kudu gancang nyieun putusan dina hiji kaayaan, urang moal bingung. Waktu pamajikan Potipar ngagoda Yusup, Yusup langsung nampik. Jelas, Yusup geus ngalenyepan pandangan Yéhuwa ngeunaan perkawinan. (Kaj. 39:8, 9) Yusup ngomong ka pamajikan Potipar, ”Paliyas abdi ngabales ku lampah anu sakitu kotorna tur matak dosa ka Allah.” Ieu némbongkeun yén manéhna boga cara pikir Allah. Ari urang kumaha? Kumaha lamun aya batur gawé nu ngagoda Sadérék? Atawa, kumaha lamun aya batur nu ngirim SMS atawa gambar porno? Leuwih gampang pikeun tetep satia ka Yéhuwa lamun urang geus diajar jeung narima cara pandang Mantenna ngeunaan hal éta sarta geus mutuskeun naon nu rék dilakukeun. w18.11 30 ¶13-14
Salasa, 11 Pébruari
Kaula moal weleh suka jeung bungah, sabab aya PANGERAN Allah.—Hab. 3:18.
Sababaraha ahli yakin yén ayat ieu bisa dihartikeun, ”Abdi bakal kukurilingan bari ajol-ajolan bakating ku gumbira lantaran Gusti.” Ieu méré urang kayakinan nu kuat! Yéhuwa teu ngan saukur masihan jangji nu éndah keur mangsa kahareup. Mantenna ogé ngayakinkeun urang yén teu lila deui Mantenna bakal ngawujudkeun jangji-jangji-Na. Palajaran penting tina buku Habakuk nyaéta urang kudu ngandelkeun Yéhuwa. (Hab. 2:4) Sangkan bisa terus ngandelkeun Yéhuwa, urang kudu nguatkeun sosobatan jeung Mantenna. Jadi, ieu nu kudu dilakukeun ku urang. (1) Terus ngadoa, ungkabkeun sakabéh kahariwangan urang. (2) Déngékeun bener-bener cariosan Yéhuwa liwat Firman-Na jeung tuturkeun pituduh ti organisasi-Na. (3) Sing satia jeung sabar bari ngadagoan Yéhuwa ngawujudkeun jangji-Na. Éta nu dilakukeun ku Habakuk. Sanajan mimitina manéhna ngarasa susah pisan, ari geus ngobrol jeung Yéhuwa mah manéhna ngarasa gedé haté jeung bungah! Lamun nyonto Habakuk, urang ogé bakal dililipur, saolah-olah dikeukeupan, ku Bapa Yéhuwa di sawarga. Naha urang bisa manggihan panglilipur nu leuwih hébat di dunya nu jahat ieu? w18.11 20 ¶18-19
Rebo, 12 Pébruari
Kristus pupus nalangan manusa kabeh, supaya sakur anu hirup, hirupna lain pikeun dirina sorangan deui, tapi pikeun Kristus, anu geus pupus jeung geus dihirupkeun deui pikeun kapentingan maranehna.—2 Kor. 5:15.
Aya alesan séjén nu bisa ngayakinkeun yén Yéhuwa nyaah ka urang, ”Karana kacida mikaasihna Allah ka alam dunya, nepi ka masihkeun Putra tunggal-Na, supaya sakur anu percaya ka Anjeunna ulah binasa, tapi meunang hirup langgeng.” (Yoh. 3:16) Pangorbanan Yésus ngabuktikeun yén anjeunna ogé nyaah ka urang, jeung kanyaahna bakal nguatkeun urang. Ceuk Alkitab, teu aya ”kabalangsakan, atawa panganiayaan . . . anu bisa megatkeun kaasih [Kristus] ka urang”. (Rum 8:35, 38, 39) Sakapeung, urang boga masalah nu matak capé kana awak jeung émosi. Urang jadi teu bungah deui ngawula Yéhuwa. Lamun inget yén Kristus nyaah pisan ka urang, urang bisa kuat pikeun terus tabah. (2 Kor. 5:14) Kanyaah Yésus bisa nyumangetan urang pikeun terus hirup jeung ngawula Yéhuwa. Éta ngabantu urang sangkan teu nyerah, sanajan ngalaman musibat, kaniaya, hal nu nguciwakeun, atawa rasa guligah. w18.09 10-11 ¶8-9
Kemis, 13 Pébruari
Abdi bakal nuturkeun jalan bebeneran ti Ama.—Jab. 86:11, ”NW”.
Sangkan terus nuturkeun jalan bebeneran, urang kudu narima jeung taat kana sagala nu dicarioskeun ku Yéhuwa, ngutamakeun bebeneran dina kahirupan, jeung ngalarapkeun prinsip-prinsip Alkitab. Daud boga tékad pikeun nuturkeun jalan bebeneran, urang gé kudu kitu. Lamun henteu, bisa jadi urang kalah ka kaduhung geus nyieun pangorbanan, malahan hayang balik deui siga baheula. Urang teu bisa milih bebeneran mana nu rék ditarima jeung mana nu ditampik. Urang kudu nuturkeun ”sagala hal anu saestu”. (Yoh. 16:13) Sangkan henteu lalaunan ngajauh ti bebeneran, urang kudu bijaksana dina ngagunakeun waktu. Lamun teu ati-ati, urang bisa méakkeun waktu pikeun rékréasi, hobi, maén Internét, atawa lalajo TV. Sanajan éta kabéh can tangtu salah, waktu nu tadina dipaké keur diajar Alkitab jeung dines bisa kapaké keur hal-hal éta. w18.11 11-12 ¶7-8
Jumaah, 14 Pébruari
[Abdi] parantos ngaraos puas sareng tengtrem.—Jab. 131:2.
Salila urang hirup, bisa waé urang nyanghareupan sababaraha parobahan nu teu disangka-sangka, nu ngalantarankeun urang guligah jeung strés. (Sil. 12:25) Waktu urang hésé narima atawa nyaluyukeun diri jeung parobahan, kumaha carana urang bisa tetep tenang? (Jab. 131:1-3) Teu sual sakumaha susahna kaayaan urang, urang bisa meunangkeun ’katengtreman ti Allah’ nu ’nengtremkeun pikiran’ jeung nenangkeun haté urang. (Pil. 4:6, 7) Waktu ngarasa guligah jeung strés, ’katengtreman ti Allah’ bisa nguatkeun urang pikeun terus ngawula Yéhuwa jeung henteu nyerah. Roh Allah bisa nenangkeun urang, ogé bisa ngingetkeun urang kana ayat-ayat Alkitab nu ngabantu urang paham naon nu pangpentingna dina kahirupan.—Yoh. 14:26, 27. w18.10 22-23 ¶2, 5; 24 ¶8
Saptu, 15 Pébruari
Ari jeung pada batur, ngomong teh kudu anu saestuna.—Jak. 8:16.
Naon hiji hal nu kacida nyangsarakeun manusa? Kabohongan! Bohong téh nyaéta omongan nu teu sabenerna pikeun nipu atawa ngalicikan batur. Saha nu mimiti ngabohong? Si Iblis! Yésus Kristus nyebut manéhna téh ”bapana sagala bohong”. (Yoh. 8:44) Iraha manéhna mimiti ngabohong? Kajadianana téh rébuan taun katukang basa di Taman Éden. Harita, Adam jeung Hawa keur bagja hirup di Pirdaus nu éndah nu diciptakeun ku Yéhuwa. Tuluy datang Si Iblis. Manéhna nyaho yén Allah ngalarang Adam jeung Hawa ngadahar buah ”ti tangkal anu mere pangarti geusan ngabedakeun nu hade ti nu goreng”. Lamun teu taat, maranéhna bakal paéh. Sétan ngagunakeun oray pikeun ngomong ka Hawa, ”Hamo matak paeh.” Ieu kabohongan nu mimiti. Sétan gé ngomong, ”Allah sasauran kitu teh pedah uninga, yen upama aranjeun ngadahar eta buah kapinteran, aranjeun bakal mapakan Mantenna, bisa terang kana hade jeung goreng.”—Kaj. 2:15-17; 3:1-5. w18.10 3-4 ¶1-2
Minggu, 16 Pébruari
Bagja jalma-jalma anu haténa beresih, sabab bakal nénjo Allah.—Mat. 5:8, ”NW”.
Sangkan haté urang bersih, urang kudu ngajaga pikiran sarta kahayang urang tetep bersih. Hal ieu penting pisan lamun hayang ibadah urang ditarima ku Yéhuwa. (2 Kor. 4:2; 1 Tim. 1:5) Saur Yéhuwa, ”Moal aya anu kuat nenjo [Kami], tangtu tiwas.” (Bud. 33:20) Jadi, kumaha jalma nu haténa bersih bisa ”nénjo Allah”? Dina basa Yunani, kecap ”nénjo” bisa ogé hartina ngabayangkeun, paham, atawa nyaho. Jadi, ”nénjo Allah” hartina paham kana kapribadian Mantenna jeung mikaresep sipat-sipat-Na. (Epe. 1:18) Salian ti éta, urang ”nénjo Allah” waktu ngalaman sorangan pitulung ti Mantenna. (Ayub 42:5) Urang gé bisa ”nénjo”, atawa mikirkeun, jangji-jangji Allah nu éndah pikeun jalma-jalma nu haténa bersih sarta satia ngawula Mantenna. w18.09 18-19 ¶13, 15-16
Senén, 17 Pébruari
Meunangkeun hikmah teh usaha pangpentingna.—Sil. 4:7.
Lamun urang ngalampahkeun nu bener, urang bakal boga hikmat jeung diberkahan ku Yéhuwa. Hikmat mémang dumasar kana pangaweruh, tapi éta wungkul teu cukup, hikmat kudu katémbong dina prakprakanana waktu nyieun putusan. Sireum boga hikmat. Maranéhna nyimpen kadaharan keur usum salju. (Sil. 30:24, 25) Kristus nu disebut ”kabijaksanaan Allah” terus ngalampahkeun naon nu kamanah ku Bapana. (1 Kor. 1:24; Yoh. 8:29) Allah bakal ngaberkahan lamun urang némbongkeun hikmat ku cara milih ngalampahkeun nu bener jeung tetep rendah haté. (Mat. 7:21-23.) Jadi, upayakeun pikeun rendah haté. Lamun kitu, kabéh nu aya di sidang bisa kajurung pikeun rendah haté ogé. Mémang, ngalarapkeun nu bener téh butuh waktu jeung kasabaran, tapi éta hartina urang rendah haté. Lamun rendah haté, urang bakal bagja ayeuna jeung salawasna. w18.09 7 ¶18
Salasa, 18 Pébruari
Pariksa kalakuan sorangan, . . . teu kudu dibanding-banding jeung kalakuan batur.—Gal. 6:4.
Waktu Yéhuwa nyiptakeun manusa, Mantenna hoyong manusa jadi batur gawé-Na. Sanajan kiwari teu sampurna, jalma-jalma nu satia masih bisa gawé bareng jeung Yéhuwa unggal poé. Misalna, urang jadi ”batur gawé Allah” waktu ngawawarkeun warta hadé Karajaan jeung ngajadikeun murid. (1 Kor. 3:5-9) Dipilih ku Pribadi Nu Nyiptakeun urang pikeun ngalaksanakeun tugas penting ieu téh mangrupa kahormatan nu luhur! Tapi, ngawawar lain hiji-hijina cara pikeun gawé bareng jeung Yéhuwa. Urang gé gawé bareng jeung Mantenna waktu ngabantu kulawarga jeung dulur saiman, lamun urang akuan ka batur, waktu urang ngabantu proyék organisasi di sakuliah dunya, sarta waktu urang ningkatkeun palayanan ka Yéhuwa. (Kol. 3:23) Tapi, urang kudu inget yén unggal jalma téh béda. Umur, kaséhatan, kaayaan, jeung kamampuh urang teu sarua. Jadi, ulah ngabanding-bandingkeun palayanan urang jeung batur. w18.08 21-22 ¶1-2
Rebo, 19 Pébruari
Dago-dago bae, tangtu kajadian.—Hab. 2:3.
Yéhuwa ngayakinkeun Habakuk yén Mantenna bakal gancang ngajawab pananyana. Sakeudeung deui, kahariwangan Habakuk bakal leungit. Yéhuwa saolah-olah nyarios ka éta nabi, ”Sing sabar nya jeung terus percaya ka Kami. Kami bakal ngajawab doa manéh sanajan karasana lila.” Yéhuwa ngingetkeun Habakuk yén Mantenna geus nangtukeun iraha Mantenna bakal ngawujudkeun jangji-Na. Jadi, Mantenna ngajurung Habakuk pikeun tetep sabar. Manéhna moal bakal dikuciwakeun. Urang gé kudu ngadago Yéhuwa nyieun tindakan jeung bener-bener ngadéngékeun cariosan Mantenna. Ku kituna, urang bakal yakin jeung ngarasa tengtrem teu sual cocoba naon nu keur disanghareupan. Yésus ngajurung urang sangkan henteu mikirkeun teuing ’poe jeung waktu’ nu teu dibéré nyaho ku Allah. (Ras. 1:7) Sing yakin yén Yéhuwa apal waktu nu pas pikeun nyieun tindakan. Jadi, ulah nyerah. Urang kudu tetep rendah haté, sabar, jeung boga iman ka Allah. Bari ngadagoan, gunakeun waktu kalawan bijaksana pikeun sabisa-bisa ngawula Yéhuwa.—Mar. 13:35-37; Gal. 6:9. w18.11 18-19 ¶13-14
Kemis, 20 Pébruari
Kenging pituduh ti Allah yen teu kenging nganggap najis atanapi haram ka sasama jalmi.—Ras. 10:28.
Ti leuleutik, Pétrus diajar yén bangsa nu lain Yahudi téh najis. Tapi, aya sababaraha kajadian nu ngarobah pikiranana, misalna waktu manéhna meunang titingalian ti Allah. (Ras. 10:9-16) Siga Pétrus, urang kudu mariksa diri jeung narima bantuan pikeun mastikeun naha urang masih kénéh boga prasangka atawa henteu. Naon deui nu bisa dilakukeun? Lamun ”urang geus muka haté sagedé-gedéna”, prasangka bakal diganti ku kanyaah. (2 Kor. 6:11-13, NW) Naha Sadérék leuwih resep babarengan jeung jalma nu sélér, nagara, bangsa, atawa basana sarua jeung Sadérék? Mun kitu, coba campur gaul jeung nu béda sélér. Sadérék bisa dines bareng jeung maranéhna. Ajak maranéhna dahar atawa ngumpul di imah. (Ras. 16:14, 15) Lila-lila, haté Sadérék bakal pinuh ku kanyaah lain ku prasangka. w18.08 10 ¶3; 11 ¶6-7
Jumaah, 21 Pébruari
Urang moal nepi ka ngalantarankeun batur labuh kana dosa.—1 Kor. 10:32.
Sababaraha Saksi teu pati béda ti dunya dina hal-hal séjénna. Misalna, waktu keur pésta, aya nu jogédna jeung lalampahanana teu pantes keur urang Kristen. Aya ogé nu masang poto jeung méré koméntar di média sosial nu némbongkeun cara pikir dunya. Bisa jadi maranéhna teu meunang disiplin da teu ngalakukeun dosa gedé, tapi maranéhna bisa méré pangaruh goréng ka dulur saiman nu keur bajoang pikeun béda ti dunya. (1 Pet. 2:11, 12) Sagala hal nu aya di ieu dunya dijieun pikeun ”panyileukan jelema dosa, anu narik ati jeung kahayang jelema”. (1 Yoh. 2:16) Urang milik Yéhuwa, jadi urang mah béda. Urang kudu ”miceun kabiasaan anu doraka jeung napsu kadunyaan” sarta kudu ”bisa ngadalian diri, jujur, ibadah”. (Tit. 2:12) Batur kudu bisa ningali jelas dina kahirupan urang, kaasup dina omongan, kadaharan, inuman, papakéan, jeung pagawéan urang, yén urang téh milik Yéhuwa. w18.07 24 ¶13-14
Saptu, 22 Pébruari
Harepan abdi sadaya museur ka Gusti, ngarep-ngarep piwelas, nun PANGERAN, Allah abdi sadaya.—Jab. 123:2.
Lamun urang terus gumantung ka Yéhuwa, lalampahan batur moal ngalantarankeun urang ambek atawa ngaruksak sosobatan urang jeung Mantenna. Ieu penting utamana keur jalma nu boga tanggung jawab di organisasi Allah, saperti Musa. Mémang, urang kabéh kudu ngupayakeun taat ka Yéhuwa sangkan salamet. (Pil. 2:12) Tapi lamun urang boga tanggung jawab nu leuwih gedé, Yéhuwa gé ngarepkeun leuwih ti urang. (Luk. 12:48) Sanajan kitu, lamun urang bener-bener nyaah ka Yéhuwa, euweuh nu bisa ngaruksak hubungan urang jeung Mantenna atawa megatkeun kanyaah Mantenna ka urang. (Jab. 119:165; Rum 8:37-39) Urang hirup di jaman nu susah jeung loba masalah. Jadi, urang kudu terus gumantung ka Yéhuwa, nu ”murba di sawarga”, sangkan bisa paham naon nu dipiharep ku Mantenna. Lalampahan batur ulah nepi ka ngaruksak sosobatan urang jeung Yéhuwa.—Jab. 123:1. w18.07 14 ¶19-20
Minggu, 23 Pébruari
Caang maraneh ge kudu mencar ka sarerea, . . . supaya batur teh ngamulyakeun ka Rama maraneh.—Mat. 5:16.
Urang bungah lantaran nyaho yén hamba-hamba Allah keur mencarkeun caang! Taun 2017, umat Yéhuwa ngayakeun leuwih ti 10.000.000 palajaran Alkitab. Jutaan jalma nu minat kana bebeneran datang ka acara Pangéling-ngéling sarta diajar ngeunaan kurnia tebusan ti Yéhuwa. (1 Yoh. 4:9) Di sakuliah dunya, Saksi-Saksi Yéhuwa maké rupa-rupa basa. Tapi, éta teu ngahalangan urang pikeun muji Yéhuwa sabagé kulawarga nu ngahiji. (Wahyu 7:9) Teu sual urang maké basa naon atawa matuh di mana, caang urang bisa mencar ”saibarat bentang-bentang anu nyaangan langit”. (Pil. 2:15) Waktu urang ngawawar, waktu tetep ngahiji jeung dulur saiman, sarta waktu urang tetep waspada, Yéhuwa bakal dimulyakeun sarta batur gé bakal kataji kana bebeneran. w18.06 21-22 ¶1-3
Senén, 24 Pébruari
Pa Guru, mangga geura tuang!—Yoh. 4:31.
Yésus jongjon nyarita ka éta awéwé nepi ka dahar téh teu penting deui. Ngawawar, kaasup ka awéwé Samaria, mangrupakeun kahoyong Bapana. Ngalampahkeun kahoyong Bapana téh saperti kadaharan keur anjeunna. (Yoh. 4:32-34) Yakobus jeung Yohanes can paham kana palajaran penting ieu. Waktu murid-murid jeung Yésus ngaliwatan Samaria, maranéhna néangan tempat keur mondok di hiji désa. Tapi, euweuh nu narima. Yakobus jeung Yohanes ambek pisan nepi ka nanya ka Yésus naha anjeunna ngidinan lamun maranéhna nurunkeun seuneu ti langit pikeun ngaduruk éta désa. Yésus negor maranéhna. (Luk. 9:51-56) Bisa jadi, Yakobus jeung Yohanes moal sakitu ambekna lamun kajadianana di Galiléa. Meureun maranéhna ambek lantaran boga prasangka. Ka dieunakeun, waktu Yohanes ngawawar ka urang Samaria jeung loba nu narima, manéhna bisa waé ngarasa éra mun inget deui sikep manéhna baheula.—Ras. 8:14, 25. w18.06 12 ¶12-13
Salasa, 25 Pébruari
Ngadeg sing pengkuh, disabuk ku bebeneran nu mageuhan cangkéng.—Epe. 6:14, ”NW”.
Lantaran bebeneran ti Firman Allah téh penting keur urang, urang daék taat kana paréntah Alkitab jeung salawasna jujur. Kabohongan téh salah sahiji senjata ampuh Sétan. Kabohongan bisa ngaruksak diri sorangan jeung batur. (Yoh. 8:44) Sanajan teu sampurna, urang kudu sabisa-bisa jujur. (Epe. 4:25) Bisa jadi ieu téh teu gampang. Ceuk Abigail, nu umurna 18 taun, ”Sakapeung, asa rugi mun ngomong jujur téh, komo lamun ngabohong bisa ngaleupaskeun urang tina masalah.” Jadi, ku naon urang kudu ngomong jujur? Ceuk Victoria, 23 taun, ”Waktu ngomong jujur jeung ngabéla kapercayaan urang, bisa jadi urang ditindes. Sanajan kitu, urang pasti meunang mangpaat: Urang jadi leuwih wani, leuwih raket jeung Yéhuwa, sarta diajénan ku jalma-jalma nu mikanyaah urang.” Naha Sadérék bisa ningali pentingna terus maké sabuk bebeneran? w18.05 22 ¶3, 5
Rebo, 26 Pébruari
Sing iyatna.—Mat. 24:42.
Ti batan saacanna, urang ayeuna kudu leuwih waspada. Kaayaan dunya beuki parah. Tapi, urang nyaho yén dunya ieu bakal dibinasakeun pas dina waktu nu geus ditangtukeun ku Yéhuwa. (Mat. 24:42-44) Saacan éta ngawujud, urang kudu sabar bari neuteup harepan. Baca Alkitab unggal poé, jeung ulah eureun ngadoa. (1 Pet. 4:7) Pék conto tuladan sadérék-sadérék nu geus mangtaun-taun ngawula Yéhuwa. Tetep sibuk ngawula Yéhuwa. Jieun kahadéan ka batur sarta campur gaul jeung dulur saiman. Ku kituna, Sadérék bakal bungah jeung waktu téh asa gancang liwatna. (Epe. 5:16) Sanajan sok nyieun kasalahan, urang diidinan ku Yéhuwa pikeun ngawula Mantenna. Pikeun ngabantu urang, Mantenna masihan ”kurnia-kurnia” mangrupa para kokolot sidang. (Epe. 4:11, 12) Jadi waktu kokolot nganjangan Sadérék, gunakeun kasempetan éta pikeun diajar tina hikmat jeung naséhat maranéhna. w18.06 25-26 ¶15-18
Kemis, 27 Pébruari
Lamun narurut kana parentah Kami tangtu tetep ku Kami dipikanyaah.—Yoh. 15:10.
Yésus nitah murid-muridna sangkan ’tetep aya dina kanyaah anjeunna’. Naon sababna? Ku sabab anjeunna nyaho yén murid-muridna kudu sabar tawekal pikeun hirup sabagé urang Kristen sajati. Dina Yohanes 15:4-10, Yésus nepi ka sababaraha kali ngagunakeun kecap ”tetep” sangkan murid-muridna ngarti yén maranéhna kudu sabar tawekal. Kumaha carana némbongkeun yén urang hayang tetep aya dina kanyaah Kristus sarta kamanah ku anjeunna? Ku cara taat ka anjeunna. Yésus teu saukur nitah, anjeunna gé némbongkeun kataatan. Ceuk anjeunna, ”Kami tetep dipikaasih ku Rama lantaran nurut kana timbalana-Na.” Yésus jadi tuladan keur urang. (Yoh. 13:15) Paréntah Yésus asalna ti Bapana, jadi waktu urang taat kana paréntah Yésus pikeun ngawawar, urang gé némbongkeun kanyaah ka Yéhuwa. (Mat. 17:5; Yoh. 8:28) Ku kituna, urang bakal dipikanyaah ku Yéhuwa jeung Yésus. w18.05 10-11 ¶5-7
Jumaah, 28 Pébruari
Rarancangkeun sing asak,sangkan mucekil.—Sil. 21:5.
Hidep kudu nyieun putusan ngeunaan pendidikan atawa pagawéan jeung nu séjénna. Lamun nyaho tujuan hirup, hidep leuwih gampang pikeun nyieun putusan nu bijaksana. Beuki awal hidep netepkeun cita-cita nu alus, beuki gancang meunang mangpaatna. Rébuan budak ngora Saksi di sakuliah dunya layak dipuji. Maranéhna mentingkeun sosobatan jeung Yéhuwa sarta cita-cita rohani dina hirupna. Maranéhna bisa nganikmatan hirup bari tetep nuturkeun pituduh Yéhuwa dina sagala hal, kaasup kahirupan kulawarga. Ceuk Suléman, ”Kudu temen ngandel ka PANGERAN.” Manéhna nambahkeun, ”Dina sagala laku lampah masing inget ka PANGERAN, tangtu Mantenna nuduhkeun jalan nu lempeng.” (Sil. 3:5, 6) Budak ngora, Yéhuwa nyaah pisan ka hidep! Hidep téh penting pisan keur Mantenna. Jadi, Mantenna bakal nangtayungan, ngabingbing, jeung ngaberkahan hidep. w18.04 28-29 ¶7, 9
Saptu, 29 Pébruari
Masing silih pikanyaah. Sakumaha Kami mikanyaah ka maraneh, maraneh oge kudu silih pikanyaah sabatur-batur.—Yoh. 13:34.
Rasul Yohanes téh salah sahiji pamingpin kagiatan sidang Kristen di abad kahiji. Manéhna nulis Injil ngeunaan palayanan Yésus. Injilna geus negerkeun haté urang Kristen salila mangabad-abad terus nepi ka jaman urang. Contona, ngan di Injil Yohanes urang bisa maca kekecapan Yésus nu nyebutkeun yén kanyaah téh cirina murid Yésus. (Yoh. 13:35) Tilu surat ti Yohanes ogé ngamuat bebeneran nu penting. Waktu urang leutik haté lantaran nyieun salah, urang reugreug lamun maca yén ku lantaran korban tebusan Yésus, urang ”beresih tina dosa”. (1 Yoh. 1:7) Lamun urang terus rumasa salah, urang bakal kalilipur lantaran maca yén ”Allah mah langkung punjul kauningana ti batan budi rasa urang”. (1 Yoh. 3:20) Ngan Yohanes nu nulis, ”Allah teh sipat asih.” (1 Yoh. 4:8, 16) Dina suratna nu kadua jeung katilu, manéhna muji urang Kristen nu terus ”lumampah dina kayaktian”.—2 Yoh. 4; 3 Yoh. 3, 4. w18.04 19 ¶14-15