PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • es20 kaca 118
  • Désémber

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Désémber
  • Ngulik Kitab Suci Unggal Poé—2020
  • Subjudul
  • Salasa, 1 Désémber
  • Rebo, 2 Désémber
  • Kemis, 3 Désémber
  • Jumaah, 4 Désémber
  • Saptu, 5 Désémber
  • Minggu, 6 Désémber
  • Senén, 7 Désémber
  • Salasa, 8 Désémber
  • Rebo, 9 Désémber
  • Kemis, 10 Désémber
  • Jumaah, 11 Désémber
  • Saptu, 12 Désémber
  • Minggu, 13 Désémber
  • Senén, 14 Désémber
  • Salasa, 15 Désémber
  • Rebo, 16 Désémber
  • Kemis, 17 Désémber
  • Jumaah, 18 Désémber
  • Saptu, 19 Désémber
  • Minggu, 20 Désémber
  • Senén, 21 Désémber
  • Salasa, 22 Désémber
  • Rebo, 23 Désémber
  • Kemis, 24 Désémber
  • Jumaah, 25 Désémber
  • Saptu, 26 Désémber
  • Minggu, 27 Désémber
  • Senén, 28 Désémber
  • Salasa, 29 Désémber
  • Rebo, 30 Désémber
  • Kemis, 31 Désémber
Ngulik Kitab Suci Unggal Poé—2020
es20 kaca 118

Désémber

Salasa, 1 Désémber

Anjeunna kacida hawatoseunana.​—⁠⁠Mar. 6:​34.

Salah sahiji hal nu matak urang resep kana kapribadian Yésus téh lantaran anjeunna paham kana kasusahan manusa nu teu sampurna. Basa di bumi, Yésus ”milu bagja ka nu meunang bagja” jeung ”milu ceurik ka nu ceurik”. (Rum 12:15) Misalna, basa 70 murid balik jeung ngarasa bungah lantaran loba hasil alus waktu ngawawar, Yésus ”ngaraos bingah sakalangkung”. (Luk. 10:​17-21, SF) Sabalikna, basa ningali jalma-jalma saredih lantaran Lasarus maot, ”manah [Yésus] ngerik liwat saking”. (Yoh. 11:⁠33) Sanajan Yésus sampurna, anjeunna téh welas asih jeung karunyaan ka manusa nu teu sampurna. Ku naon anjeunna bisa kitu? Utamana lantaran Yésus nyaah ka manusa. (Sil. 8:31) Lantaran nyaah, anjeunna jadi paham kana cara pikir manusa. Rasul Yohanes ngajelaskeun yén anjeunna ”uningaeun kana eusi hatena masing-masing”.​—⁠Yoh. 2:25. w19.03 20 ¶1-2

Rebo, 2 Désémber

Coba cabut sagala pangabogana, harita keneh ge pasti nyumpahan ka Anjeun.​—⁠Ayub 1:​11.

Sétan ngajabel sakabéh pangaboga Ayub, maéhan bujang-bujangna, jeung ngaruksak ngaran Ayub. Manéhna nyerang kulawarga Ayub, maéhan sapuluh barudakna. Tuluy, Ayub dijieun gering, diterapan ku bisul nu pareurih saawak-awak, ti sirah nepi ka suku. Pamajikan Ayub gé sedih pisan jeung aral, matakna manéhna nitah Ayub nyerah, nyumpahan Allah, jeung paéh. Ayub gé hayang paéh, tapi manéhna tetep satia. Tuluy, Sétan maké cara séjén pikeun nyerang Ayub, nyaéta ngagunakeun tilu babaturan Ayub. Maranéhna nganjangan Ayub pikeun sababaraha poé. Tapi lainna ngalilipur, maranéhna kalah ka mapatahan jeung ngiritik Ayub bébéakan. Maranéhna ngomong yén Allah nu nyababkeun sagala masalah Ayub jeung Allah gé teu paduli manéhna rék satia atawa henteu. Malah maranéhna ngomong Ayub meunang loba kasusah téh lantaran doraka ka Allah!—Ayub 1:​13-22; 2:​7-11; 15:​4, 5; 22:​3-6; 25:​4-6. w19.02 4-5 ¶7-8

Kemis, 3 Désémber

Saha-saha anu hayang jadi jalma bijaksana, kudu hormat ka PANGERAN.​—⁠Jab. 111:⁠10.

Urang kudu sieun teu nyenangkeun Yéhuwa. Lamun Adam jeung Hawa boga rasa sieun kawas kitu, maranéhna moal bakal barontak ka Yéhuwa. Tapi, maranéhna barontak. Sanggeus éta, maranéhna jadi sadar geus nyieun dosa. Ayeuna, maranéhna ngan bisa ngawariskeun dosa jeung maot ka turunanana. Lantaran nyaho geus ngalanggar hukum Allah, maranéhna jadi éra tuluy nutupan awakna nu buligir. (Kaj. 3:​7, 21) Sanajan urang sieun teu nyenangkeun Yéhuwa, urang teu kudu sieun-sieun teuing kana maot. Yéhuwa geus nyadiakeun jalan supaya urang bisa hirup langgeng. Lamun urang nyieun dosa tuluy bener-bener tobat, Yéhuwa bakal ngahampura kasalahan urang. Mantenna ngahampura lantaran iman urang kana korban tebusan Putra-Na. Salah sahiji cara penting pikeun némbongkeun iman téh nyaéta ngabaktikeun diri ka Allah jeung dibaptis.​—⁠1 Pet. 3:​21. w19.03 5-6 ¶12-​13

Jumaah, 4 Désémber

Kajaba ti Kaleb bin Yepune jeung Yosua bin Nun. Nu sejenna mah geus paraeh di tanah gurun.​—⁠Bil. 26:⁠65.

Bangsa Israil boga loba alesan pikeun némbongkeun panghargaan. Maranéhna dibébaskeun tina pangbudakan sanggeus Yéhuwa méré Sapuluh Hukuman ka Mesir. Tuluy, Allah nyalametkeun maranéhna ku cara ngalelepkeun pasukan Mesir di Laut Beureum. Urang Israil nganuhunkeun pisan, ku kituna maranéhna ngawihkeun pupujian ka Yéhuwa. Tapi, naha maranéhna terus ngahargaan? Waktu maranéhna nyanghareupan tangtangan nu séjén, saharitaeun maranéhna poho kana kahadéan Yéhuwa. Maranéhna teu némbongkeun panghargaan deui. (Jab. 106:⁠7) Naon buktina? ”Maranehna gegelendeng ka Musa jeung ka Harun.” Sabenerna, maranéhna gegelendeng ka Yéhuwa. (Bud. 16:​2, 8) Mantenna kuciwa pisan ka umat-Na nu teu ngahargaan. Tuluy, Mantenna nganubuatkeun yén génerasi éta bakal musna di gurun keusik, iwal ti Yosua jeung Kaléb.​—⁠Bil. 14:​22-24. w19.02 17 ¶12-​13

Saptu, 5 Désémber

Kami teh lemah lembut jeung rendah hate.​—⁠Mat. 11:⁠29.

Yésus teu hayang diperhatikeun teuing ku batur nepi ka nyieun upacara nu hébat pikeun miéling pupusna anjeunna. Sabalikna, Yésus nitah murid-muridna pikeun miéling anjeunna ku acara nu saderhana sataun sakali. (Yoh. 13:15; 1 Kor. 11:​23-25) Acara nu saderhana ieu némbongkeun yén Yésus téh lain jalma nu adigung. Urang bungah lantaran Raja urang téh rendah haté pisan. (Pil. 2:​5-8) Kumaha urang bisa nyonto karendahan haté Yésus? Ku cara ngutamakeun kapentingan batur. (Pil. 2:​3, 4) Inget deui kajadian dina peuting saacan Yésus pupus. Anjeunna sakeudeung deui bakal disiksa nepi ka maot, tapi anjeunna malah mikirkeun rasul-rasulna nu satia nu bakal sedih lantaran dikantunkeun ku anjeunna. Jadi dina peuting éta, anjeunna ngajar, nguatkeun, jeung ngayakinkeun maranéhna. (Yoh. 14:​25-31) Jelas, Yésus téh rendah haté lantaran leuwih mikirkeun kaayaan batur ti batan dirina sorangan. Ieu téh tuladan nu alus pisan keur urang! w19.01 21-22 ¶5-6

Minggu, 6 Désémber

Tampi paneda pamuji sukur abdi, nun PANGERAN.​—⁠Jab. 119:108.

Naha kakara mikir rék ngacung gé Sadérék geus geumpeur? Mun kitu, Sadérék teu sorangan. Sabenerna, kalolobaan ti urang gé ngarasa sieun waktu méré koméntar. Sabenerna, sieun siga kitu téh alus. Éta tandana Sadérék téh rendah haté jeung nganggap batur leuwih hadé. Yéhuwa resep sipat éta. (Jab. 138:6; Pil. 2:⁠3) Tapi, Yéhuwa gé hoyong Sadérék muji Mantenna jeung ngagedékeun haté dulur saiman dina pasamoan. (1 Tes. 5:11) Mantenna nyaah ka Sadérék jeung bakal masihan kawani nu dibutuhkeun. Perhatikeun sababaraha panginget tina Alkitab. Alkitab nyebutkeun yén kekecapan jeung cara ngomong urang téh osok salah. (Yak. 3:⁠2) Yéhuwa teu miharep urang sampurna, kitu ogé jeung dulur-dulur urang. (Jab. 103:​12-14) Dulur-dulur saiman téh kulawarga nu nyaah ka urang. (Mar. 10:​29, 30; Yoh. 13:35) Maranéhna maklum lamun koméntar urang sakapeung salah atawa balélol. w19.01 8-9 ¶3; 10-​11 ¶10-​11

Senén, 7 Désémber

Meungpeung keur ngora, kudu eling ka Anu nyipta maraneh.​—⁠Pan. 12:⁠1.

Ieu mémang teu gampang, tapi lain hal nu mustahil. Yéhuwa hoyong hidep hirupna suksés jeung sugema. Ku bantuan Yéhuwa, hidep bisa suksés hirupna boh keur ngora boh keur déwasa. Sangkan leuwih paham, urang bakal ngabahas naon nu ngabantu bangsa Israil nalukkeun Tanah Perjangjian. Waktu rék asup ka Tanah Perjangjian, bangsa Israil dibéré pituduh naon ku Yéhuwa? Naha maranéhna dititah pikeun jadi prajurit nu leuwih jago atawa dititah latihan perang? Henteu! (Pam. 28:​1, 2) Maranéhna dijurung pikeun taat jeung percaya ka Mantenna. (Yos. 1:​7-9) Keur manusa, naséhat ieu katingalina teu asup akal, tapi ieu téh naséhat nu panghadéna keur bangsa Israil. Yéhuwa teterusan mantuan umat-Na pikeun nalukkeun urang Kanaan. (Yos. 24:​11-13) Butuh iman pikeun taat ka Allah, tapi iman nu siga kitu hasilna pasti alus. Ieu geus kabukti boh di jaman baheula boh di jaman kiwari. w18.12 22 ¶3-4

Salasa, 8 Désémber

Ka saha abdi-abdi kedah indit upami ngantunkeun? Gusti nu kagungan pangandika nu maparin hirup langgeng.​—⁠Yoh. 6:​68.

Kiwari aya sababaraha jalma nu ninggalkeun bebeneran. Bisa jadi aya nu teu satuju kana pamahaman nu anyar ngeunaan hiji ayat. Aya ogé nu nuturkeun pangajaran palsu ti jalma murtad atawa ti jalma nu mitnah urang. Ieu téh sababaraha alesan ku naon aya jalma nu ngahaja ninggalkeun Yéhuwa jeung sidang. (Ibr. 3:​12-14) Alusna mah maranéhna percaya ka Yésus, saperti Pétrus. Nu séjénna lalaunan ngajauh ti bebeneran, bisa jadi maranéhna teu engeuheun kana hal éta. Jalma nu siga kitu téh ibarat parahu nu palid ngajauh ti sisi walungan. Alkitab ngélingan urang sangkan ”henteu palid”. (Ibr. 2:⁠1) Biasana mah jalma nu lalaunan ngajauh ti bebeneran teu boga niat pikeun ngalakukeunana. Tapi, manéhna ngantep sosobatanana jeung Yéhuwa jadi lemah, nu tungtungna jadi pegat. w18.11 10-11 ¶5-6

Rebo, 9 Désémber

Rahayat baris maju sukarela.​—⁠Jab. 110:⁠3.

Naha Sadérék hayang dilatih supaya bisa leuwih sapinuhna ngawula Yéhuwa? Sadérék bisa ngadaptar ka Sakola kanggo Pawarta Injil Karajaan. Sakola ieu ngalatih sadérék-sadérék nu rohani nu geus ngawula sapinuh waktu pikeun bisa digunakeun leuwih loba ku organisasi Yéhuwa. Kabéh nu miluan sakola ieu kudu réla diutus ka mana waé. Naha Sadérék daék ngawula Yéhuwa leuwih sapinuhna ku cara ieu? (1 Kor. 9:⁠23) Salaku umat Yéhuwa, urang perhatian ka batur ku cara béréhan, bageur, soméah, jeung nyaahan. Urang ngalampahkeunana unggal poé. Ieu ngabungahkeun, nengtremkeun, jeung ngabagjakeun urang. (Gal. 5:​22, 23) Teu sual kaayaanana, Sadérék bisa bagja salila nyonto Yéhuwa nu béréhan sarta terus jadi batur gawé nu dipikanyaah ku Mantenna!—Sil. 3:​9, 10. w18.08 26 ¶16-​18

Kemis, 10 Désémber

Anu geus dihijikeun ku Allah teu meunang dipisahkeun ku manusa.​—⁠Mat. 19:⁠6.

Bisa jadi aya nu nanya, ”Naha aya alesan keur pepegatan atawa kawin deui pikeun urang Kristen?” Perhatikeun naon jawaban Yésus, ”Lalaki anu nyerahkeun pamajikanana tuluy kawin deui ka awewe sejen, eta lalaki teh ngaranyed [atawa, jinah] ti pamajikanana. Kitu keneh awewe anu ninggalkeun salakina tuluy kawin ka lalaki sejen, eta awewe teh ngaranyed ti salakina.” (Mar. 10:​11, 12; Luk. 16:18) Jelas, Yésus ngajénan perkawinan jeung hayang batur ogé siga kitu. Lamun saurang salaki megatkeun pamajikanana nu satia tuluy kawin deui, manéhna geus jinah. Kitu ogé jeung pamajikan nu megatkeun salakina nu satia. Ieu téh ku sabab pepegatan wungkul teu nyababkeun perkawinan éta enggeusan di payuneun Allah. Mantenna masih nganggap pasangan éta ”satunggal”. Yésus ogé nyebutkeun yén pamajikan nu teu salah nu dipegatkeun bisa kajurung kana jinah. Kumaha? Harita, awéwé nu dipegatkeun téh bisa jadi ngarasa kudu kawin deui ku sabab alesan ékonomi. Tapi, perkawinan kieu téh sarua jeung jinah. w18.12 11 ¶8-9

Jumaah, 11 Désémber

Kaula rek naek kana munara jaga.​—⁠Hab. 2:⁠1.

Obrolan Habakuk jeung Yéhuwa nengtremkeun haté manéhna. Éta nguatkeun tékad manéhna pikeun ngadago Yéhuwa nyieun tindakan. Habakuk ngucapkeun deui tékadna, ”Kaula ngadago waktuna PANGERAN bakal nerapkeun hukum ka nu narajang ka urang.” (Hab. 3:16) Urang diajar naon tina tékad Habakuk? Kahiji, urang kudu terus ngadoa ka Yéhuwa teu sual naon masalah urang. Kadua, urang kudu ngadéngékeun Yéhuwa liwat Firman jeung organisasi-Na. Jeung katilu, urang kudu sabar ngadagoan Yéhuwa nyieun tindakan sarta yakin Mantenna bakal ngaleungitkeun kanyeri urang dina waktu nu geus ditangtungkeun ku Mantenna. Lamun nyonto Habakuk, urang bakal tengtrem haté jeung tabah. Harepan bakal ngabantu urang tetep sabar jeung bungah teu sual urang boga masalah naon. Urang yakin yén Bapa urang di sawarga bakal nyieun tindakan.—Rum 12:⁠12. w18.11 18 ¶11-​12

Saptu, 12 Désémber

Awewe, kudu hade pake, kudu pantes jeung merenah, sing sameujeuhna ulah kaleuleuwihi.​—⁠1 Tim. 2:​9.

Kumaha pandangan Yéhuwa ka jalma nu nyababkeun batur ingkar tina iman, nyaéta ngalampahkeun dosa atawa eureun ngawula Yéhuwa? Ceuk Yésus, ”Upama aya jelema anu ngalantarankeun salah sahiji budak leutik pantar kieu ingkar ti Kami, eta jelema leuwih hade dibangbaluhan beuheungna ku batu panggilingan, terus alungkeun ka jero laut.” (Mar. 9:42) Ieu téh kekecapan nu tegas pisan! Urang apal Yésus téh siga Bapana. Jadi, urang yakin yén Yéhuwa ngéwa ka jalma nu ngalantarankeun salah sahiji murid Yésus ingkar tina iman. (Yoh. 14:⁠9) Naha urang boga pandangan nu sarua jeung Yéhuwa sarta Yésus? Naon nu katémbong tina lalampahan urang? Misalna, bisa jadi urang resep kana hiji modél papakéan atawa dangdanan. Tapi, kumaha lamun pilihan urang ngalantarankeun sababaraha anggota sidang kasinggung atawa jadi boga pikiran nu rucah? Naha kanyaah urang ka dulur saiman ngajurung urang pikeun teu keukeuh kana karesep urang? w18.11 29 ¶9-​10

Minggu, 13 Désémber

Si Panggoda ngajawab, ”Kumaha lamun teu dibere naon-naon, daekeun gumusti? . . . Coba cabut sagala pangabogana, harita keneh ge pasti nyumpahan ka Anjeun.”​—⁠Ayub 1:​9, 11.

Ku naon kasatiaan téh penting? Sadérék kudu satia lantaran Sétan geus nangtang Yéhuwa jeung nangtang Sadérék. Malaikat nu barontak ieu ngaruksak nami Yéhuwa ku cara ngagambarkeun Allah téh jahat, mentingkeun diri, jeung Pangawasa nu teu jujur. Hanjakalna, Adam jeung Hawa mihak ka Sétan, tuluy barontak ka Yéhuwa. (Kaj. 3:​1-6) Sabenerna waktu hirup di Éden, maranéhna boga loba pisan kasempetan pikeun nguatkeun kanyaah ka Yéhuwa. Tapi waktu maranéhna digoda ku Sétan, kabukti kanyaahna teu lengkep, cacad, atawa teu sagemblengna. Pananya séjén muncul: Naha aya manusa nu bisa tetep taat ka Allah Yéhuwa lantaran nyaah? Atawa, naha manusa bisa satia? Pananya ieu muncul dina kasus Ayub. (Ayub 1:​8-​11) Siga urang, Ayub téh teu sampurna jeung sok salah. Tapi, Yéhuwa nyaah ka Ayub lantaran manéhna satia. w19.02 4 ¶6-7

Senén, 14 Désémber

Ngajual sagala harta bandana dipake meuli eta mutiara.​—⁠Mat. 13:⁠46.

Yésus nyaritakeun misil ngeunaan sudagar nu néangan mutiara nu alus. Waktu manéhna manggihan mutiara nu kacida alusna, manéhna gancang ngajual sagala nu dipibogana supaya éta kabeuli. Mutiara ngibaratkeun bebeneran ngeunaan Karajaan Allah. Jadi, Yésus némbongkeun sakumaha penting bebeneran keur jalma-jalma nu néanganana. (Mat. 13:​45, 46) Basa mimiti diajar bebeneran, nyaéta ngeunaan Karajaan Allah atawa bebeneran séjén tina Alkitab, urang réla ngorbankeun sagala hal demi meunangkeun éta. Lamun urang terus ngahargaan bebeneran, urang moal ninggalkeunana. (Sil. 23:23) Hanjakalna, sababaraha hamba Allah teu ngahargaan deui malahan ninggalkeun bebeneran. Urang embung siga kitu! Urang kudu nuturkeun naséhat Alkitab pikeun ”lumampah dina jalan anu bener”. (3 Yoh. 2-4) Éta hartina urang ngutamakeun jeung ngalarapkeun bebeneran. w18.11 10 ¶3

Salasa, 15 Désémber

Ku karana percaya, urang Israil ngurilingan kuta-kuta Yeriho tujuh poe lilana, nepi ka eta kuta-kuta raruntuh.​—⁠Ibr. 11:⁠30.

Bangsa Israil teu kudu nyerang Yériho. Tapi, maranéhna dititah leumpang ngurilingan kota Yériho sapoé sakali salila genep poé jeung tujuh kali dina poé katujuh. Para prajurit bisa waé mikir, ’Siga nu euweuh gawé!’ Tapi Pamingpin Israil, Yéhuwa, teu ngarasa kitu! Lantaran nuturkeun pituduh Mantenna, iman bangsa Israil jadi leuwih kuat. Maranéhna gé teu perlu perang ngalawan prajurit Yériho. (Yos. 6:​2-5) Urang diajar naon tina kisah ieu? Organisasi Yéhuwa sakapeung osok méré pituduh-pituduh anyar tapi urang teu ngarti alesanana. Misalna, bisa waé baheula urang nganggap teu hadé lamun maké alat éléktronik keur palajaran pribadi, ngawawar, atawa masamoan. Tapi ayeuna, urang bisa ngarasakeun mangpaatna lamun bisa ngagunakeun alat éléktronik. Waktu ningali hasil-hasil alus tina parobahan ieu, iman urang beuki kuat. Urang gé jadi leuwih ngahiji jeung dulur saiman. w18.10 17-18 ¶8-9

Rebo, 16 Désémber

Gusti, dupi Karajaan Israil teh bade ayeuna diadegkeunana deui ku Gusti?​—⁠Ras. 1:⁠6.

Lantaran ngarepkeun Mésias ngaréngsékeun masalah maranéhna, urang Galiléa hayang ngajadikeun Yésus raja. Maranéhna meureun mikir yén anjeunna bakal jadi pamingpin nu panghadéna. Anjeunna téh hutbahna alus, bisa nyageurkeun nu gering, malahan bisa méré dahar ka nu lapar. Jalma-jalma tarajub waktu Yésus méré dahar ka kira-kira 5.000 lalaki. Anjeunna apal naon nu bakal dilakukeun ku maranéhna. Alkitab nyebutkeun, ”Yesus uningaeun yen rek direreyang ku maranehna, rek dipaksa dijadikeun raja. Ku sabab eta Anjeunna nyingkir ti dinya nyalira bae ka lebah pasir-pasir.” (Yoh. 6:​10-15) Isukna, sanggeus jalma-jalma tarenang, Yésus ngajelaskeun yén anjeunna datang lain rék nyumponan pangabutuh matéri tapi rék ngajar maranéhna ngeunaan Karajaan Allah. Ceuk anjeunna, ”Ari digarawe ulah ngarah meunang dahareun anu keuna ku buruk, kudu ngarah anu awet, anu ngalantarankeun bisa hirup langgeng.”—Yoh. 6:​25-27. w18.06 4-5 ¶4-5

Kemis, 17 Désémber

Moal nepi ka miteskeun kaso anu geus ngulapes, moal mareuman palita anu hurungna geus kakalincesan.​—⁠Yes. 42:⁠3.

Yésus rasrasan ka jalma-jalma. Anjeunna paham kana parasaan nu keur leutik haté jeung lemah siga ”kaso anu geus ngulapes” atawa ’palita anu kakalincesan’. Jadi, anjeunna bageur jeung sabar ka maranéhna. (Mar. 10:14) Tangtu, urang teu boga pamahaman jeung kasanggupan ngajar siga Yésus! Tapi, urang bisa mikirkeun kaayaan batur dina palayanan. Éta ditémbongkeun liwat cara urang ngomong, iraha ngomongna, jeung sabaraha lila. Jutaan jalma kiwari pinuh ku ”kabingung jeung katalimbeng” ku sabab jalma-jalma nu boga kawasa di widang bisnis, pulitik, jeung agama téh bejad jeung kejem. (Mat. 9:36) Balukarna, loba nu teu percaya deui ka sasaha jeung teu boga harepan. Éta sababna kekecapan jeung lentong sora urang kudu nyirikeun yén urang téh nyaah ka maranéhna! Loba jalma daék ngadéngékeun warta urang lain ngan lantaran urang pinter ngagunakeun Alkitab, tapi lantaran urang bener-bener perhatian jeung ngajénan maranéhna. w18.09 31 ¶13-​14

Jumaah, 18 Désémber

Bagja jelema anu ngarasa jiwana miskin, sarta ngaharep ngan ka Allah wungkul.​—⁠Mat. 5:⁠3.

Jalma nu ngarasa jiwana miskin nyaéta nu sadar yén manéhna butuh hal-hal rohani, hayang wanoh ka Allah, sarta ngaharep kana pitulung sarta pituduh Allah. Urang bisa nunjukkeunana ku cara diajar Alkitab, taat ka Allah, jeung ngutamakeun ibadah ka Mantenna. Ngalampahkeun hal éta matak bagja. Iman urang kana jangji Allah dina mangsa kahareup gé bakal leuwih kuat. (Tit. 2:⁠13) Lamun urang hayang bagja teu sual naon nu keur disanghareupan, urang kudu terus nguatkeun sosobatan urang jeung Yéhuwa. Rasul Paulus nulis, ”Salilana sing saruka hirup ngahiji jeung Gusti. Sakali deui: Sing saruka!” (Pil. 4:⁠4) Supaya sosobatan urang jeung Yéhuwa kuat, urang kudu boga hikmat Allah. (Sil. 3:​13, 18) Tapi, teu cukup ngan saukur diajar Alkitab, urang gé kudu terus ngalarapkeun pangajaranana. Yésus nandeskeun pentingna hal ieu waktu ngomong, ”Lamun hal eta geus kahalarti, estu bagja maraneh lamun daraek ngalampahkeunana!” (Yoh. 13:17; Yak. 1:25) Ieu téh penting sangkan pangabutuh rohani urang kacumponan sarta urang tetep bagja. w18.09 16-17 ¶4-6

Saptu, 19 Désémber

Epapras . . . tara kendat-kendat mangnedakeun aranjeun.​—⁠Kol. 4:​12.

Épapras kenal jeung nyaah ka dulur-dulur saimanna. Ku Paulus, manéhna disebut ”anu reureujeungan dipanjara”, jadi manéhna ogé boga masalah. (Pilm. 23) Tapi, Épapras tetep mikirkeun kapentingan batur jeung nyieun tindakan. Manéhna ngadoakeun dulur-dulur saimanna. Urang gé bisa ngalakukeun nu sarua, malah nyebutkeun ngaran maranéhna. Doa-doa saperti kitu gedé pisan pangaruhna. (2 Kor. 1:11; Yak. 5:⁠16) Pikirkeun saurang jalma nu bisa disebutkeun ngaranna dina doa Sadérék. Bisa jadi aya sobat di sidang atawa kulawarga nu keur boga tangtangan, meureun kudu nyieun putusan nu hésé atawa kudu nolak gogoda. Sadérék ogé bisa ngadoakeun sadérék-sadérék nu kakara dikantunkeun, nu kakara ngalaman musibat atawa perang, atawa nu ngalaman masalah ékonomi. Aya loba dulur urang nu kudu didoakeun! w18.09 5-6 ¶12-​13

Minggu, 20 Désémber

Leuwih bagja mere ti batan nampa.​—⁠Ras. 20:⁠35.

Paulus lain saukur ngomong ngeunaan méré harta banda. Urang gé bisa méré naséhat tina Alkitab, méré bantuan langsung, atawa ngagedékeun haté batur. (Ras. 20:​31-35) Tina omongan jeung lalampahanana, Paulus ngajarkeun pentingna méré waktu, tanaga, perhatian, jeung kanyaah ka batur. Para ahli nu nalungtik tingkah laku jalma nyebutkeun yén jalma bisa bagja lamun osok barang béré. Numutkeun hiji artikel, jalma-jalma ngarasa leuwih bungah waktu nyieun kahadéan ka batur. Para ahli nyebutkeun waktu urang mantuan batur, urang ngarasa kahirupan urang jadi boga tujuan. Jadi, lamun hayang leuwih séhat jeung bagja, sababaraha ahli nyarankeun jalma-jalma pikeun jadi sukarélawan. Tangtu, urang mah teu héran kana hal ieu sabab Yéhuwa, Nu Nyiptakeun urang, geus ngabéjaan yén béréhan téh matak bagja.—2 Tim. 3:​16, 17. w18.08 20 ¶17-​18

Senén, 21 Désémber

Ulah ngahukum make dasar bukti lahirna, kudu make dasar kaadilan.​—⁠Yoh. 7:​24.

Nubuat Yésaya ngeunaan Yésus Kristus ngalilipur jeung méré harepan ka urang. Ceuk Yésaya, Yésus ”mutus perkara moal satingal-tingalna, moal sadangu-danguna”, tapi anjeunna ”adil asih ka nu miskin”. (Yes. 11:​3, 4) Ku naon hal ieu ngalilipur urang? Ku sabab ayeuna urang hirup di dunya nu pinuh ku prasangka. Jalma téh ditingali tina luarna wungkul. Ku kituna, urang butuh Yésus sabagé Hakim nu sampurna. Anjeunna moal ngukur urang tina rupa luarna! Biasana, urang boga pandangan pribadi ngeunaan hiji jalma. Tapi teu siga Yésus, urang teu sampurna. Jadi, pandangan urang gé teu sampurna. Urang gampang kapangaruhan ku naon nu ditingali. Tapi, Yésus maréntahkeun urang sangkan teu ngukur batur maké ”dasar bukti lahirna”, tapi maké ”dasar kaadilan”. Jadi, Yésus hayang urang nyonto anjeunna nu henteu ngukur jalma tina rupa luarna. w18.08 9-10 ¶1-2

Salasa, 22 Désémber

Mantenna bakal ngagentraan ti tukangeun, ”Ieu jalanna, tuturkeun!”—Yes. 30:⁠21.

Yéhuwa masih nyarios ka urang kiwari. Mémang, urang teu bisa ngadéngé langsung Yéhuwa nyarios ti sawarga. Sanajan kitu, Mantenna nulis Firman-Na dina Alkitab pikeun masihan pituduh ka urang. Salian ti éta, roh Yéhuwa ngajurung ”gandek satia” pikeun nyadiakeun kadaharan rohani keur umat-Na. (Luk. 12:42) Loba pisan bahan nu dicitak jeung nu aya dina Internét, kitu ogé jeung publikasi audio tur vidéo! Mugia kekecapan Allah, nu ditulis dina Alkitab, ngayakinkeun urang yén Yéhuwa bisa ngadalikeun kaayaan sarta bakal ngaleungitkeun hal-hal goréng nu dibalukarkeun ku Sétan jeung dunyana nu jahat. Mugia urang ogé boga tékad pikeun bener-bener ngagugu kekecapan Yéhuwa. Lamun éta dilakukeun, urang bakal terus tabah teu sual naon masalah urang ayeuna jeung naon tangtangan nu bakal datang. Alkitab ngélingan urang, ”Sing salabar, supaya bisa ngalakonan pangersa Allah sarta nampa ganjaran anu geus dijangjikeun ku Mantenna.”​—⁠Ibr. 10:⁠36. w19.03 13 ¶17-​18

Rebo, 23 Désémber

PANGERAN nimbalan ka . . . Yosua . . . , ”Musa abdi Kami geus tilar dunya. Ayeuna maneh katut bangsa Israil geura tarapti meuntasan Walungan Yordan.”​—⁠Yos. 1:​1, 2.

Musa geus lila pisan mingpin bangsa Israil, tapi ayeuna Yosua nu bakal mingpin maranéhna. Jadi, Yosua bisa waé hariwang naha bangsa Israil daék dipingpin ku manéhna. (Pam. 34:​8, 10-12) Ngeunaan Yosua 1:​1, 2, aya buku réferénsi nu nyebutkeun yén boh baheula boh kiwari, hiji bangsa ngalaman mangsa nu gawat jeung genting waktu pamingpinna diganti ku nu anyar. Wajar lamun Yosua hariwang. Tapi, manéhna percaya ka Yéhuwa sarta langsung nuturkeun pituduh-Na. (Yos. 1:​9-11) Ku lantaran éta, Allah ngaberkahan Yosua jeung ngagunakeun saurang malaikat pikeun ngabingbing Yosua jeung bangsa Israil. Sigana mah malaikat ieu téh Pangandika atawa Firman, Putra cikal Allah. (Bud. 23:​20-23; Yoh. 1:⁠1) Yéhuwa ngabantu bangsa Israil pikeun narima Yosua sabagé pamingpin nu anyar. w18.10 16-17 ¶1-4

Kemis, 24 Désémber

Di payuneun Mantenna aya kitab, catetan jalma-jalma anu mikasieun jeung ngajenan ka Mantenna.​—⁠Mal. 3:​16.

Yéhuwa apal ka jalma-jalma nu réla ngawula ka Mantenna. Ngaran maranéhna bakal ditulis dina ”kitab”-Na. Sangkan ngaran urang tetep aya dina ”kitab” Yéhuwa, aya nu kudu dilakukeun ku urang. Ceuk Malaki, urang kudu sieun ka Yéhuwa jeung ngajénan nami-Na. Lamun urang ngawula ka nu séjén, ngaran urang bakal dipupus tina kitab Yéhuwa! (Bud. 32:33; Jab. 69:⁠29) Urang teu cukup saukur jangji bakal ngalampahkeun kahoyong Yéhuwa tuluy dibaptis. Éta mah ngan sakali dilakukeun, tapi ngawula Yéhuwa mah jalan hirup. Unggal poé sapanjang hirup, urang kudu ngabuktikeun dina lalampahan yén urang taat ka Yéhuwa.—1 Pet. 4:​1, 2. w18.07 23 ¶7-9

Jumaah, 25 Désémber

Ayeuna hayu urang mancat tina hambalan kahiji, urang teruskeun kana pangajaran-pangajaran Kristen saterusna, sing nepi ka asak.​—⁠Ibr. 6:⁠1.

Geus lila jadi Saksi lain hartina urang geus asak rohani, ieu kudu diupayakeun. Pangaweruh jeung pamahaman urang kudu beuki jero. Jadi, urang kudu maca Alkitab unggal poé. (Jab. 1:​1-3) Lamun maca Alkitab unggal poé, urang bakal leuwih ngarti kana hukum jeung prinsip Yéhuwa. Hukum naon nu pangpentingna keur urang Kristen? Hukum asih. Yésus ngomong ka murid-muridna, ”Ku jalan silih pikanyaah jeung babaturan, bakal katara ka sarerea yen maraneh teh murid-murid Kami.” (Yoh. 13:35) Asih disebut ”hukum Karajaan” jeung hukum nu ”nedunan sakabeh parentah Hukum Agama”. (Yak. 2:8; Rum 13:10) Teu anéh lamun asih téh penting pisan, sabab Alkitab nyebutkeun yén ”Allah teh sipat asih”.​—⁠1 Yoh. 4:⁠8. w18.06 19 ¶14-​15

Saptu, 26 Désémber

Maranehna ngalawan ka Musa, nepi ka anjeunna kalepasan saur.​—⁠Jab. 106:⁠33.

Urang Israil barontak ka Yéhuwa, tapi nu ambekna Musa. Manéhna teu bisa ngadalikeun diri jeung kalepasan omong bari teu mikirkeun balukarna. Musa teu gumantung deui ka Yéhuwa lantaran disimpangkeun ku lalampahan batur. Waktu urang Israil mimiti kukulutus ngeunaan cai, Musa ngalakukeun hal nu bener. (Bud. 7:⁠6) Tapi, lantaran capé jeung keuheul nyanghareupan urang Israil nu mangtaun-taun barontak, bisa waé ayeuna mah Musa ngan mikirkeun parasaanana ti batan kamulyaan Yéhuwa. Lamun nabi nu satia saperti Musa waé bisa disimpangkeun jeung ngalakukeun dosa, urang gé bisa ngalakukeun nu sarua. Musa geus téréh asup ka Tanah Perjangjian, ari urang téréh asup ka dunya anyar. (2 Pet. 3:13) Urang pasti embung kaleungitan kasempetan ieu. Tapi sangkan bisa asup ka dunya anyar, urang kudu terus gumantung jeung taat ka Yéhuwa.​—⁠1 Yoh. 2:17. w18.07 12-13 ¶14-​16

Minggu, 27 Désémber

Maraneh . . . geus bisa ngelehkeun si Jahat.​—⁠1 Yoh. 2:⁠14.

Sétan teu bisa maksa jalma ngalampahkeun hiji hal lamun jalmana sorangan embungeun. (Yak. 1:14) Loba jalma teu sadar yén maranéhna mihak ka Sétan. Tapi waktu diajar bebeneran, saurang jalma kudu milih rék mihak ka Yéhuwa atawa ka Sétan. (Ras. 3:17; 17:30) Salila urang boga tékad pikeun taat ka Allah, Sétan moal bisa ngancurkeun kasatiaan urang. (Ayub 2:⁠3) Salian ti éta, Alkitab teu pernah nyebutkeun yén Sétan jeung roh-roh jahat bisa maca haté jeung pikiran urang. Ngan Yéhuwa jeung Yésus nu bisa. (1 Sam. 16:7; Mar. 2:⁠8) Lamun urang sabisa-bisa ngucapkeun jeung ngalampahkeun hal-hal nu luyu jeung kahoyong Allah, urang yakin Yéhuwa moal ngantep Iblis ngaleungitkeun harepan urang pikeun hirup langgeng. (Jab. 34:⁠8) Urang kudu apal ka musuh urang, tapi teu kudu sieun. Sanajan teu sampurna, urang bisa ngéléhkeun Sétan ku dukungan Yéhuwa! Lamun urang ngalawan Sétan, manéhna bakal kabur.​—⁠Yak. 4:7; 1 Pet. 5:⁠9. w18.05 20 ¶15-​17

Senén, 28 Désémber

Kudu nyuhunkeun ka PANGERAN sangkan rencana urang diberkahan, tangtu pagawean urang lulus.​—⁠⁠Sil. 16:⁠3.

Bayangkeun hidep rék indit ka acara nu penting di hiji kota nu jauh. Sangkan nepi ka ditu, hidep kudu numpak beus. Di términal, loba pisan beusna. Tapi untungna, hidep apal tujuan hidep jeung beus nu kudu ditumpakan. Hidep tangtu moal numpak beus séjén lantaran nyaho éta beus moal mawa hidep ka tempat tujuan. Kiwari, kahirupan budak ngora téh siga perjalanan. Sakapeung, aya loba pisan pilihan dina kahirupan nepi ka maranéhna ngarasa bingung. Tapi, lamun hidep nyaho tujuan hirup, hidep bakal leuwih gampang pikeun nangtukeun pilihan nu bener. Naha hidep bakal kajurung pikeun ngutamakeun hal-hal nu nyukakeun manah Yéhuwa? Ieu hartina nuturkeun naséhat Yéhuwa dina nyieun putusan, saperti waktu rék milih pendidikan jeung pagawéan, atawa waktu nangtukeun rék boga kulawarga atawa henteu. Ieu ogé hartina ngudag cita-cita rohani, nyaéta cita-cita nu ngaraketkeun hidep ka Yéhuwa. Lamun hidep ngutamakeun palayanan ka Yéhuwa, Mantenna bakal ngaberkahan jeung ngabantu hidep sangkan suksés hirupna. w18.04 27-28 ¶1-3

Salasa, 29 Désémber

Aduh anaking! Ieu hate Ama kiamat. Naha bet enung pisan anu ngajejewet hate Ama teh?​—⁠Hak. 11:⁠35.

Yépta nedunan jangjina jeung ngahaturkeun putrana pikeun ngawula di tabernakel saumur hirupna. (Hak. 11:​30-35, NW) Ieu téh mémang teu gampang pikeun Yépta, tapi tangtu leuwih hésé deui pikeun putrana. Sanajan kitu, putrana réla ngalaksanakeun jangji bapana. (Hak. 11:​36, 37, NW) Ieu hartina, manéhna moal bisa kawin jeung boga anak. Moal aya nu bisa neruskeun ngaran kulawargana. Jadi, manéhna kudu dililipur jeung ditegerkeun haténa. Alkitab nyebutkeun, ”Geus jadi kabiasaan di Israil yén unggal taun, mojang-mojang di Israil bakal méré pujian ka putra awéwé Yépta, urang Gilad, opat poé saban taunna.” (Hak. 11:​39, 40, NW) Putra Yépta téh ngingetkeun urang ka sadérék-sadérék nu tetep léngoh sangkan bisa leuwih loba ngawula Yéhuwa. Naha urang bisa muji jeung negerkeun haté maranéhna?​—⁠1 Kor. 7:​32-35. w18.04 17-18 ¶10-11

Rebo, 30 Désémber

Malaikat-malaikat anu parundung ti tempatna lantaran teu sarugema ku pangkatna.​—⁠Yud. 6.

Loba malaikat ngagabung jeung Sétan barontak ka Allah. Saacan Caah Gedé, Sétan ngagoda sababaraha malaikat pikeun ngalakukeun hubungan séks jeung awéwé-awéwé di bumi. Dina Alkitab, ieu dilambangkeun saperti naga nu dibalangkeun ka bumi nu ngadudut sapertilu béntang-béntang. (Kaj. 6:​1-4; Wahyu 12:​3, 4) Waktu para malaikat ieu ninggalkeun kulawarga Allah, maranéhna milih Sétan pikeun jadi pangawasana. Ulah ngabayangkeun yén maranéhna téh teu diorganisasi. Di alam roh, Sétan ngadegkeun pamaréntahanana sorangan niru-niru Karajaan Allah. Sétan ngajadikeun dirina raja sarta ngaorganisasi roh-roh jahat, méré kawasa ka maranéhna sarta ngangkat maranéhna jadi pangawasa-pangawasa di dunya. (Epe. 6:⁠12) Sétan ngagunakeun organisasina pikeun ngadalikeun pamaréntahan manusa. w18.05 16-17 ¶5-6

Kemis, 31 Désémber

Kaula muji sukur ka PANGERAN, reh ku Mantenna dituyun, ari ti peuting sanubari teh ngingetan.​—⁠Jab. 16:⁠7.

Sakapeung, Allah némbongkeun kanyaah-Na ku cara ngingetan urang waktu nyieun salah, siga bapa nu nyaah ka budakna. Daud ngalenyepan cara pikir Allah tuluy éta dijadikeun cara pikirna. Manéhna réla dibentuk ku cara pikir Allah nu ngarobah manéhna jadi jalma nu leuwih hadé. Lamun éta dilampahkeun ku Sadérék, kanyaah Sadérék ka Allah jeung kahayang pikeun nyenangkeun Mantenna bakal tumuwuh. Sadérék gé bakal jadi urang Kristen nu asak rohani. Sadérék istri nu ngaranna Christin nyebutkeun yén waktu manéhna risét jeung ngalenyepan naon nu keur dibaca, manéhna ngarasa eusina téh husus ditulis keur manéhna! Lamun boga pikiran rohani, Sadérék bakal boga pandangan nu sarua jeung Allah ngeunaan mangsa kahareup dunya ieu. Pangaweruh jeung pamahaman ieu téh luar biasa. Ku naon Yéhuwa kersa masihan éta? Mantenna hoyong Sadérék apal naon nu pangpentingna dina kahirupan, bisa nyieun putusan nu hadé, jeung wani nyanghareupan mangsa kahareup!​—⁠Yes 26:⁠3. w18.12 23 ¶9-​10

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun