PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • es20 kaca 108-117
  • Nopémber

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Nopémber
  • Ngulik Kitab Suci Unggal Poé—2020
  • Subjudul
  • Minggu, 1 Nopémber
  • Senén, 2 Nopémber
  • Salasa, 3 Nopémber
  • Rebo, 4 Nopémber
  • Kemis, 5 Nopémber
  • Jumaah, 6 Nopémber
  • Saptu, 7 Nopémber
  • Minggu, 8 Nopémber
  • Senén, 9 Nopémber
  • Salasa, 10 Nopémber
  • Rebo, 11 Nopémber
  • Kemis, 12 Nopémber
  • Jumaah, 13 Nopémber
  • Saptu, 14 Nopémber
  • Minggu, 15 Nopémber
  • Senén, 16 Nopémber
  • Salasa, 17 Nopémber
  • Rebo, 18 Nopémber
  • Kemis, 19 Nopémber
  • Jumaah, 20 Nopémber
  • Saptu, 21 Nopémber
  • Minggu, 22 Nopémber
  • Senén, 23 Nopémber
  • Salasa, 24 Nopémber
  • Rebo, 25 Nopémber
  • Kemis, 26 Nopémber
  • Jumaah, 27 Nopémber
  • Saptu, 28 Nopémber
  • Minggu, 29 Nopémber
  • Senén, 30 Nopémber
Ngulik Kitab Suci Unggal Poé—2020
es20 kaca 108-117

Nopémber

Minggu, 1 Nopémber

Anu ngadahar ieu roti bakal hirup salalanggengna.​—⁠Yoh. 6:​58.

Lamun urang ngawula Yéhuwa, urang boga harepan pikeun meunangkeun sakabéh nu dileungitkeun ku Adam jeung Hawa, kaasup kasempetan pikeun hirup langgeng. Adam jeung Hawa milih teu ngawula Yéhuwa lantaran teu ngamekarkeun kanyaah ka Mantenna. Sanajan kitu, Yéhuwa ngidinan maranéhna hirup panjang supaya bisa boga budak. Maranéhna gé meunang netepkeun aturan sorangan pikeun ngagedékeun barudakna. Putusan maranéhna pikeun misah ti Yéhuwa téh salah. Éta kaciri tina balukarna. Anak cikalna maéhan adina nu teu boga salah. Ahirna lolobana jalma jadi telenges jeung mentingkeun diri. (Kaj. 4:8; 6:​11-13) Tapi, Yéhuwa boga cara pikeun nyalametkeun sakabéh turunan Adam jeung Hawa nu hayang ngawula Mantenna. (Yoh. 6:​38-40, 57) Lamun anjeun diajar leuwih loba ngeunaan Yéhuwa nu sabar jeung nyaahan, anjeun gé bakal beuki nyaah ka Mantenna. Anjeun moal bakal nurutan Adam jeung Hawa tapi ngabaktikeun diri ka Yéhuwa. w19.03 2-3 ¶3; 4 ¶9

Senén, 2 Nopémber

Aranjeun kabeh sing sapaham saperasaan.​—⁠1 Pet. 3:⁠8.

Pikeun némbongkeun sikep sapaham saparasaan, pék bayangkeun kasusahan nu keur disanghareupan ku anggota kulawarga atawa ku dulur saiman. Perhatikeun rumaja di sidang kitu ogé jeung nu gering, nu geus kolot, jeung nu ditinggal maot. Tanyakeun kumaha kabarna. Déngékeun bener-bener waktu manéhna ngungkabkeun parasaanana. Témbongkeun yén Sadérék paham kana kaayaan manéhna. Tuluy tawarkeun bantuan. Ku kituna, urang némbongkeun kanyaah nu sajati. (1 Yoh. 3:⁠18) Urang kudu bisa nyaluyukeun diri waktu rék nulungan batur. Naon sababna? Lantaran réaksi jalma kana kasusahan téh béda-béda. Aya nu resep nyarita, aya nu cicingeun. Waktu rék nulungan batur, ulah nanyakeun hal-hal nu matak manéhna éra. (1 Tes. 4:11) Sanajan manéhna nyaritakeun parasaanana, bisa jadi urang teu satuju kana pandangan manéhna. Tapi, urang kudu inget yén éta téh parasaan manéhna. Urang hayang cepet kana ngadéngé, lambat kana nyarita.—Mat. 7:1; Yak. 1:⁠19. w19.03 19 ¶18-​19

Salasa, 3 Nopémber

Sim kuring mani ngagebeg.​—⁠Neh. 2:⁠2.

Naha Sadérék sieun nyarita bebeneran di hareupeun umum? Pikirkeun conto-conto Alkitab nu bisa ngabantu Sadérék teu sieun deui. Misalna Néhémia. Manéhna digawé di istana raja nu gedé kawasana. Néhémia nguyung lantaran manéhna ngadéngé yén témbok jeung gapura kota Yérusalém ancur. (Neh. 1:​1-4) Pasti manéhna gé geumpeur basa ditanya ku raja ku naon manéhna katingali nguyung! Néhémia langsung ngadoa terus ngajawab. Hasilna, raja méré loba bantuan keur umat Allah. (Neh. 2:​1-8) Conto séjénna téh Yunus. Waktu Yéhuwa nitah manéhna mépélingan urang Ninéwé, Yunus sieun pisan nepi ka kabur ka arah sabalikna. (Yun. 1:​1-3) Ku bantuan Yéhuwa, Yunus sanggup ngajalankeun tugasna. Naon nu ditepikeun ku Yunus téh gedé mangpaatna keur urang Ninéwé. (Yun. 3:​5-10) Ti Néhémia urang diajar pentingna ngadoa saacan ngajawab. Ti Yunus urang diajar yén Yéhuwa bisa ngabantu urang ngawula Mantenna teu sual sakumaha gedé kasieun urang. w19.01 11 ¶12

Rebo, 4 Nopémber

Anu iklas ninggalkeun rumah-tanggana atawa ninggalkeun [kulawargana] lantaran beurat ka Kami jeung kana Injil Kasalametan ti Allah, dina jaman ieu . . . bakal narima saratus kalieun . . . sarta dina jaman nu bakal datang bakal narima hirup anu langgeng.—Mar. 10:​29, 30.

Waktu mimiti ngalarapkeun palajaran Alkitab, hubungan urang jeung babaturan tur kulawarga bisa waé barobah. Yésus ngajelaskeun alesanana waktu ngadoakeun murid-muridna, ”Mugia maranéhna disucikeun ku bebeneran. Firman Ama téh bebeneran.” (Yoh. 17:​17, NW) ”Disucikeun” téh hartina ”dipisahkeun”. Waktu ngalarapkeun bebeneran, urang dipisahkeun ti dunya lantaran nuturkeun papakon Alkitab. Sanajan urang ngajaga hubungan tetep alus jeung babaturan tur baraya, aya nu jadi teu resep deui ka urang malahan nentang kapercayaan urang. Urang teu héran. Ceuk Yésus, ”Musuh pangbangetna teh nya anggota kulawargana keneh.” (Mat. 10:36) Tapi, Yésus jangji yén teu sual sakumaha gedé pangorbanan urang, urang bakal narima gantina leuwih ti éta! w18.11 6 ¶11

Kemis, 5 Nopémber

Jamaah-jamaah bangsa sejen oge kacida nganaruhunkeunana ka maranehna.​—⁠Rum 16:⁠4.

Rasul Paulus némbongkeun panghargaan ka dulur-dulur saimanna liwat ucapanana. Manéhna sering nganuhunkeun ka Allah lantaran geus dibéré dulur-dulur siga maranéhna. Ieu ogé katémbong dina suratna ka maranéhna. Dina Rum 16:​1-15, Paulus nyebutkeun ngaran 27 dulur Kristenna. Misalna, Paulus nyebutkeun Priskila jeung Akwila nu ’meh bae tiwas ngabelaan’ manéhna. Tuluy, manéhna nyebutkeun Pébe nu ”kacida tutulungna ka nu sejen”, kaasup ka Paulus. Manéhna muji sadérék-sadérék nu getol jeung dipikanyaah éta. Paulus nyaho maranéhna téh teu sampurna, tapi Paulus ngan nyebutkeun sipat-sipat alus maranéhna. Pasti maranéhna gedé haté waktu ngadéngé surat Paulus dibacakeun di sidang! Hasilna, sosobatan maranéhna jeung Paulus tangtu beuki raket. Naha Sadérék rutin némbongkeun panghargaan kana hal-hal hadé nu diucapkeun jeung dilakukeun ku anggota sidang? w19.02 16 ¶8-9

Jumaah, 6 Nopémber

Urang moal nyingkirkeun kasatiaan urang!​—⁠⁠Ayub 27:​5, ”NW”.

Naha urang kudu sampurna supaya bisa satia? Bisa jadi urang ngarasa loba nyieun kasalahan, malah loba cacadna. Urang teu kudu hariwang sabab Yéhuwa teu ngan saukur merhatikeun cacad urang. Firman-Na nyarios, ”Upami dosa abdi-abdi ku Gusti tetep diemutan, saha anu tiasa luput tina hukumanana?” (Jab. 130:⁠3) Yéhuwa apal urang teu sampurna jeung boga dosa. Mantenna ogé jembar hampura. (Jab. 86:⁠5) Yéhuwa gé apal watesan urang jeung teu miharep urang ngalampahkeun hal nu di luar kasanggupan. (Jab. 103:​12-​14) Hamba Yéhuwa bisa satia lamun boga kanyaah. Kanyaah jeung pangabdian urang ka Bapa di sawarga kudu tetep lengkep, teu aya cacadna, atawa sagemblengna. Lamun kanyaah urang tetep siga kitu waktu diuji, éta hartina urang satia. (1 Bab. 28:9; Mat. 22:37) Urang apal Yéhuwa boga papakon nu luhur. Nu paling dipikirkeun ku urang téh kumaha cara nyenangkeun Bapa di sawarga. Lantaran nyaah ka Yéhuwa, urang mikirkeun heula naon kahoyong Yéhuwa saacan nyieun putusan. Ku kituna, urang bakal kabukti satia. w19.02 3 ¶4-5

Saptu, 7 Nopémber

Jaga haté manéh.​—⁠Sil. 4:​23, ”NW”.

Unggal urang ngarasakeun mangpaatna ngalampahkeun nu bener, iman urang beuki kuat. (Yak. 1:​2, 3) Urang reugreug lantaran Yéhuwa reueus nganggap urang sabagé anak-Na. Hasrat urang pikeun nyenangkeun Mantenna gé beuki kuat. (Sil. 27:11) Unggal gogoda téh kasempetan keur urang pikeun némbongkeun yén urang teu satengah haté dina ngawula Bapa urang nu nyaahan. (Jab. 119:113) Urang hayang ngabuktikeun yén urang nyaah ka Yéhuwa ku sapinuh haté. Urang gé hayang sapinuh haté tuhu ka paréntah jeung kahoyong Yéhuwa. (1 Rja. 8:​61) Tapi, naha urang bisa nyieun kasalahan? Bisa, lantaran urang teu sampurna. Lamun nyieun kasalahan, inget conto Raja Hiskia. Manéhna nyieun salah, tapi manéhna tobat jeung ”sakiat-kiat ngajalankeun pangersa” Allah atawa ngawula sapinuh haténa. (Yes. 38:​3-6; 2 Bab. 29:​1, 2; 32:​25, 26) Jadi, tampik upaya Sétan pikeun ngaruksak urang ku cara pikirna. Pék ngadoa sangkan urang ngamekarkeun ”haté nu taat” jeung bisa tetep satia ka Yéhuwa.​—⁠1 Rja. 3:​9, NW; Jab. 139:​23, 24. w19.01 18-​19 ¶17-​18

Minggu, 8 Nopémber

Salawasna kudu muji ka Allah, minangka kurban urang, nya eta lisan biwir anu ngaku yen Mantenna teh Pangeran.​—⁠Ibr. 13:⁠15.

Lamun méré koméntar di pasamoan, urang sorangan meunang mangpaat. (Yes. 48:17) Naon waé mangpaatna? Kahiji, lamun niat méré koméntar, urang bakal kajurung pikeun bener-bener nyiapkeun bahan pasamoan. Ku kituna, urang jadi leuwih paham kana Firman Allah. Lamun leuwih paham, urang jadi leuwih bisa ngalarapkeun palajaranana. Kadua, urang bakal resep masamoan lantaran urang miluan dina diskusi. Katilu, lantaran méré koméntar téh butuh upaya, sababaraha waktu sanggeus pasamoan gé urang tetep inget kana koméntar urang. Waktu ngungkabkeun iman gé, urang nyenangkeun Yéhuwa. Urang yakin Yéhuwa ngadangukeun koméntar urang jeung ngahargaan pisan upaya urang. (Mal. 3:​16) Upaya urang pikeun nyenangkeun Mantenna bakal diberkahan. (Mal. 3:​10) Jelas, aya loba alesan pikeun méré koméntar dina pasamoan. w19.01 8-9 ¶3; 9-​10 ¶7-9

Senén, 9 Nopémber

Musuhan kagorengan, genggem naon anu hade.​—⁠Rum 12:⁠9.

Yéhuwa téh bijaksana pisan ka manusa. Ti batan masihan loba hukum, Mantenna sabar ngajar urang pikeun taat ka hukum asih. Mantenna hoyong urang nuturkeun prinsip-prinsip-Na sarta mikaijid kagoréngan. Dina Hutbah di Gunung, Yésus ngajelaskeun ku naon jalma-jalma ngalampahkeun nu goréng. (Mat. 5:​27, 28) Di dunya anyar, salaku Raja Karajaan Allah, Yésus bakal terus ngajar urang sangkan boga pandangan nu sarua jeung anjeunna ngeunaan nu bener jeung nu salah. (Ibr. 1:⁠9) Yésus ogé bakal nyampurnakeun pikiran jeung awak urang. Bayangkeun kumaha rasana lamun urang moal kagoda deui ku hal-hal nu goréng jeung moal ngalaman deui balukar tina kateusampurnaan urang. Ahirna, urang bakal ngarasakeun ”kamerdikaan” nu tos dijangjikeun ku Yéhuwa. (Rom. 8:​21, SF) Di dunya anyar, kabébasan urang tetep aya watesna. Urang bisa bener-bener bébas lamun nyonto Allah.​—⁠1 Yoh. 4:​7, 8. w18.12 20 ¶19-​20

Salasa, 10 Nopémber

Lalaki éta kudu nulis surat pepegatan, suratna dibikeun ka pamajikanana, tuluy manéhna dititah indit ti imah.​—⁠Pam. 24:​1, ”NW”.

Hukum ngidinan lalaki Israil megatkeun pamajikanana lamun pamajikanana ”ngalampahkeun nu teu pantes”. Teu dijéntrékeun naon ”nu teu pantes” téh, tapi ieu pasti kasalahan nu sérius jeung nista, lain ngan kasalahan leutik. (Pam. 23:14) Hanjakalna, di jaman Yésus, loba urang Yahudi nu megatkeun pamajikanana ”ku lantaran naon bae”. (Mat. 19:⁠3) Urang embung boga sikep siga kitu. Dina jaman Nabi Malaki, geus biasa saurang salaki megatkeun pamajikanana nu mimiti, lantaran rék kawin deui jeung awéwé nu leuwih ngora nu teu nyembah Yéhuwa. Tapi, pandangan Allah ngeunaan pepegatan jéntré pisan. Saur Mantenna, ”Kami ijid kana pepegatan.” (Mal. 2:​14-16) Pandangan Allah ngeunaan perkawinan teu pernah barobah. Ti mimiti kénéh gé, Mantenna nyarios yén salaki ”ngahiji jeung bojona, sarta hirupna jadi satunggal”. (Kaj. 2:24) Yésus ogé ngadukung pandangan Allah ngeunaan perkawinan, ceuk anjeunna, ”Anu geus dihijikeun ku Allah teu meunang dipisahkeun ku manusa.”​—⁠Mat. 19:⁠6. w18.12 11 ¶7-8

Rebo, 11 Nopémber

Pibuateunana mah lega, ari nu mibuatanana ngan saeutik.​—⁠Mat. 9:​37, ”SF”.

Aya sababaraha sadérék nu boga sikep nu sarua jeung Nabi Yésaya. Waktu Yéhuwa nanya, ”Saha nu ku Kami kudu diutus? Saha nu kudu jadi utusan Urang?” Manéhna ngajawab, ”Sumuhun abdi! Mangga abdi utus!” (Yes. 6:⁠8) Naha Sadérék réla jeung bisa ngabantu organisasi Yéhuwa? Ceuk Yésus ngeunaan ngawawar jeung ngajadikeun murid, ”Kudu nyuhunkeun ka anu kagungan eta pibuateun, supaya Mantenna ngirim jelema-jelema anu bakal mibuatanana.” (Mat. 9:​38) Naha Sadérék bisa naratas di daérah nu leuwih ngabutuhkeun pawarta? Atawa, naha Sadérék bisa ngadukung batur pikeun ngalakukeun hal éta? Loba dulur saiman ngarasa yén naratas di tempat nu leuwih ngabutuhkeun téh cara nu hadé pikeun nunjukkeun kanyaah ka Allah jeung ka sasama. Naha kapikir ku Sadérék cara séjénna pikeun ningkatkeun dines? Lamun ngalakukeun hal éta, Sadérék bakal leuwih bagja. w18.08 25-26 ¶14-​15

Kemis, 12 Nopémber

Kana duit ulah nepi ka kaedanan, tarimakeun milik anu geus aya.​—⁠Ibr. 13:⁠5.

Kisah lahirna Yésus némbongkeun cara pikir Yéhuwa kana harta banda. Allah milih Yusup jeung Mariam pikeun ngagedékeun Putra-Na sanajan maranéhna lain jalma beunghar. (Ima. 12:8; Luk. 2:24) Pas lahir, ku Maria orok Yésus ”diebogkeun dina pamakanan, wadah parab domba. Nu matak nepi ka kitu lantaran di losmen teu kabagian tempat”. (Luk. 2:⁠7) Sabenerna, Yéhuwa bisa ngatur sangkan Yésus dilahirkeun di tempat nu leuwih alus. Tapi, Mantenna hoyong Yésus digedékeun di kulawarga nu ngutamakeun ibadah ka Allah. Ieu nu pangpentingna keur Yéhuwa. Tina kisah ieu, urang jadi apal pandangan Yéhuwa kana harta banda. Sababaraha kolot hayang pisan budakna meunangkeun hal-hal nu pangalusna sacara matéri sanajan sosobatan budakna jeung Yéhuwa jadi ruksak. Tapi, Yéhuwa nganggap sosobatan jeung Mantenna téh nu pangpentingna. Naha Sadérék narima cara pandang Yéhuwa ngeunaan hal ieu? Naon nu katémbong tina lalampahan Sadérék? w18.11 28-29 ¶7-8

Jumaah, 13 Nopémber

Estu bagja bangsa anu Allahna PANGERAN.​—⁠Jab. 144:⁠15.

Yéhuwa téh sumber kabagjaan, jadi Mantenna gé hoyong urang bagja. Mantenna masihan loba hal sangkan urang gumbira. (Pam. 12:7; Pan. 3:​12, 13) Tapi, ku naon kiwari urang hésé bagja? Urang hésé ngarasa bagja lamun keur ngalaman kasusah nu beurat, misalna lamun jalma nu dipikanyaah maot atawa dipecat ti sidang, lamun urang pepegatan, atawa lamun urang dikaluarkeun ti pagawéan. Urang gé hésé ngarasa bagja lamun di imah paraséa waé, lamun diléléwé ku batur gawé atawa batur sakola, atawa lamun dikaniaya atawa dipanjara lantaran ngawula Yéhuwa. Bisa ogé urang jadi geringan, boga panyakit kronis, atawa keur déprési. Tapi, urang kudu inget yén Yésus téh ”Pangawasa nu bagja”, nu resep ngalilipur sangkan urang bagja. (1 Tim. 6:​15, NW; Mat. 11:​28-30) Dina Hutbah di Gunung, Yésus nyebutkeun sababaraha sipat nu bisa ngabantu urang bagja sanajan keur nyanghareupan loba masalah lantaran hirup di dunya Sétan. w18.09 15-16 ¶1-3

Saptu, 14 Nopémber

Lamun katinggal maot ulah sok nurihan maneh atawa ngabotakan sirah lebah tarang.​—⁠Pam. 14:⁠1.

Salah sahiji parobahan panghéséna téh nyaéta eureun ti kabiasaan jeung tradisi nu teu nyenangkeun Yéhuwa. (Sil. 23:​23, NW) Malah, sanggeus diajar ngeunaan parasaan Yéhuwa kana hal-hal éta, masih aya kénéh nu ngarasa hésé nyieun parobahan. Maranéhna sieun ku réaksi kulawarga, batur gawé, atawa babaturanana. Maranéhna apal yén jalma-jalma ngajénan pisan sababaraha tradisi, saperti upacara pikeun ngahormat baraya nu geus maot. Jadi, kumaha urang bisa nyieun parobahan nu diperlukeun? Urang bisa diajar ti tuladan jalma-jalma di jaman baheula nu nyieun parobahan waktu maranéhna paham kana bebeneran. Naon nu dilakukeun ku jalma-jalma di Épésus waktu jadi urang Kristen? Ceuk Alkitab, ”[Maranéhna] ngumpulkeun kitab-kitab paririmbonna, tuluy didaruruk kasaksian ku sarerea. Lamun diitung-itung harga eta kitab-kitab teh kabeh pangaji lima puluh rebu uang perak.” (Ras. 19:​19, 20) Maranéhna réla ngaduruk kitab-kitab nu marahal, tuluy diberkahan ku Yéhuwa. w18.11 7-8 ¶15-​16

Minggu, 15 Nopémber

Sanggeus ieu disarunatan, kabehanana sina ngarendek di pasanggrahan, sina calalageur heula.​—⁠Yos. 5:⁠8.

Teu lila sanggeus meuntasan Walungan Yordan, Yosua panggih jeung hiji lalaki nu mawa pedang. Manéhna téh ”panglima perang PANGERAN”, saurang malaikat nu siap ngabéla umat Allah. (Yos. 5:​13-​15) Malaikat éta ngajéntrékeun carana nalukkeun Yériho. Mimitina mah sababaraha pituduh ieu téh katingalina anéh. Misalna, malaikat éta nitah Yosua pikeun nyunatan heula kabéh prajurit. Jadi pikeun sababaraha poé, maranéhna teu bisa perang. (Kaj. 34:​24, 25; Yos. 5:​2) Bisa jadi para prajurit mikir, ’Ari kieu mah, mun diserang musuh, kumaha urang bisa ngalindungan kulawarga?’ Tapi, aya kajadian nu teu disangka-sangka! Lainna nyerang, urang Yériho kalah ka sieun ka bangsa Israil. ”Kota Yeriho lawangna ditutup terus tur dijaga, sieun kaasupan ku urang Israil. Teu aya nu bisa asup atawa kaluar ti dinya.” (Yos. 6:⁠1) Béja ieu pasti nguatkeun kapercayaan bangsa Israil kana pituduh Allah! w18.10 17 ¶5-7

Senén, 16 Nopémber

Nanaonan, dulur-dulur? Kaula manusa cara aranjeun!​—⁠Ras. 14:⁠15.

Salah sahiji cara pikeun némbongkeun karendahan haté saperti Paulus nyaéta urang moal ngarasa leuwih punjul lantaran tugas pangwawaran urang atawa naon nu geus kahontal ku urang lantaran bantuan Yéhuwa. Pék pikirkeun, ’Kumaha parasaan abdi ngeunaan jalma-jalma di daérah dines abdi? Naha abdi boga prasangka ka sababaraha kelompok jalma?’ Di sakuliah dunya, Saksi-Saksi Yéhuwa néangan jalma-jalma nu daék ngadéngékeun warta hadé. Aya nu diajar basa atawa kabiasaan ti jalma-jalma nu dipandang rendah ku nu séjén. Tapi, maranéhna tara ngarasa leuwih punjul ti jalma-jalma nu diwawaran. Maranéhna ngupayakeun pikeun paham ka unggal jalma sangkan bisa ngabantu saloba-lobana jalma narima warta Karajaan. w18.09 5 ¶9, 11

Salasa, 17 Nopémber

Jol deui Yudas urang Galilea . . . ngicuk-ngicuk rahayat.​—⁠Ras. 5:37.

Yudas dipaéhan ku pamaréntah Rum. Béda jeung Yudas sarta jalma panatik séjénna, lolobana urang Yahudi ngadago-dago datangna Mésias. Maranéhna mikir yén Mésias bakal ngamerdékakeun maranéhna ti urang Rum sarta Israil bakal jadi bangsa nu hébat deui. (Luk. 2:38; 3:15) Loba nu percaya yén Mésias bakal ngadegkeun karajaanana di bumi, nyaéta di Israil. Lamun éta kajadian, urang Yahudi nu papencar bakal baralik deui ka Israil. Malahan, Yohanes Jurubaptis nanya ka Yésus, ”Naha leres Juragan teh anu bade sumping numutkeun jangji Allah tea . . . atanapi abdi-abdi kedah ngantosan keneh anu sanes?” (Mat. 11:​2, 3) Bisa jadi, Yohanes mikir yén aya deui nu bakal datang pikeun ngamerdékakeun urang Yahudi. Ka dieunakeun, Yésus nu geus dihirupkeun deui panggih jeung dua murid di jalan ka Émaus. Maranéhna miharep Yésus bakal ngamerdékakeun Israil. (Luk. 24:21) Teu lila ti dinya, rasul-rasul nanya ka Yésus, ”Gusti, dupi Karajaan Israil teh bade ayeuna diadegkeunana deui ku Gusti?”—Ras. 1:⁠6. w18.06 4 ¶3-4

Rebo, 18 Nopémber

Jalma bodo mah percayaan.​—⁠Sil. 14:⁠15.

Urang kudu leuwih ati-ati waktu ngadéngé carita ngeunaan umat Yéhuwa. Inget yén Sétan téh ”tukang ngadakwa . . . dulur-dulur urang”. (Wahyu 12:10) Yésus ogé ngélingan yén urang bakal ”diomongkeun jeung digogoreng” ku musuh. (Mat. 5:11) Jadi, urang moal reuwas lamun ngadéngé carita nu teu lumrah ngeunaan umat Yéhuwa. Naha Sadérék osok ngirim e-mail jeung SMS ka babaturan? Waktu ningali berita nu alus atawa ngadéngé pangalaman nu unik, naha Sadérék siga wartawan nu hayang buru-buru méré nyaho batur? Saacan éta disebarkeun, pék lenyepan, ’Naha urang yakin yén caritana bener? Naha urang apal nu sabenerna?’ Mun teu yakin, Sadérék bisa jadi nyebarkeun carita bohong. Jadi, lamun urang teu nyaho bener henteuna hiji carita, ulah disebarkeun. Geura pupus! w18.08 3-5 ¶3, 6-7

Kemis, 19 Nopémber

Ka batur sing daek mere, supaya Allah ge kersaeun maparinan maraneh.​—⁠Luk. 6:​38.

Yésus hayang urang béréhan lantaran éta ngabagjakeun urang. Lamun urang béréhan, jalma-jalma gé bakal kajurung pikeun béréhan. Mémang teu kabéh jalma bakal ngahargaan, tapi urang kudu tetep béréhan. Hiji kahadéan bisa mawa hasil alus nu teu disangka-sangka ku urang. Jalma nu bener-bener béréhan moal ngarepkeun batur mulang tarima. Ceuk Yésus, ”Ari pesta, nu kudu diarondang teh jelema-jelema anu mariskin, anu caracad, anu lalumpuh, anu lalolong; geus tangtu eta kahadean anjeun teh jadi berkah ka anjeun, da nu karitu mah pimanaeun bisa ngabales kahadean anjeun.” (Luk. 14:​13, 14) Alkitab ogé nyebutkeun, ”Kudu berehan, . . . tangtu baris meunang berkah,” sarta ”Bagja jalma nu sok tatalang ka nu walurat.” (Sil. 22:9; Jab. 41:⁠2) Kuduna mah urang béréhan téh lantaran bener-bener hayang ngabantu batur. w18.08 19 ¶15-​16

Jumaah, 20 Nopémber

Kudu temen ngandel ka PANGERAN. Ulah sok ngandelkeun kanyaho sorangan. Dina sagala laku lampah masing inget ka PANGERAN, tangtu Mantenna nuduhkeun jalan nu lempeng.​—⁠Sil. 3:​5, 6.

Kiwari, hésé pisan meunangkeun informasi nu bisa dipercaya jeung mariksa bener henteuna informasi éta. Ku naon? Kalolobaan informasi téh teu lengkep atawa teu sakabéhna bener, jeung urang ogé teu sampurna. Naon nu bisa ngabantu? Prinsip ti Firman Allah! Misalna, aya prinsip nu nyebutkeun yén teu bijaksana lamun urang méré jawaban saacan ngadéngé. (Sil. 18:13) Nu séjénna nyebutkeun yén urang ulah percaya kana sagala nu didéngé bari teu mariksa heula bener henteuna. (Sil. 14:15) Sarta, teu sual geus sabaraha lila urang ngawula Yéhuwa, ulah percaya teuing kana kanyaho urang. Prinsip Alkitab mémang bisa ngabantu urang nyieun kasimpulan nu bener jeung nyieun putusan nu bijaksana. Tapi, urang gé kudu néangan informasi nu bisa dipercaya. w18.08 8 ¶19

Saptu, 21 Nopémber

 Ka Rama rohani, urang kudu leuwih ajrih.​—⁠Ibr. 12:⁠9.

Waktu urang dibaptis, batur bisa ningali yén urang geus jadi milik Yéhuwa jeung réla taat ka Mantenna. Yésus ogé dibaptis. Anjeunna saolah-olah ngomong, ”Kacida resepna abdi ngalampahkeun pangersa Gusti, nun Allah.” (Jab. 40:​8, 9) Kumaha parasaan Yéhuwa waktu ningali Yésus dibaptis? Alkitab nyebutkeun, ”Sanggeus beres dibaptisna, Yesus timbul ti jero cai. Bray sapada harita keneh langit muka palebah Anjeunna, sarta Anjeunna ningali Roh Allah lungsur siga manuk japati, terus eunteup ka Anjeunna. Tuluy aya soara ti langit, ungelna, ’Ieu teh Putra kaasih Kami, anu kamanah ku Kami!’” (Mat. 3:​16, 17) Yésus geus jadi milik Yéhuwa. Tapi, Yéhuwa bungah waktu Yésus némbongkeun yén anjeunna réla ngagunakeun kahirupanana pikeun ngawula ka Mantenna wungkul. Yéhuwa ogé bungah waktu urang ngabaktikeun kahirupan ka Mantenna sarta bakal ngaberkahan urang.—Jab. 149:⁠4. w18.07 22 ¶4-5

Minggu, 22 Nopémber

Na Kami jeung Harun teh kudu ngabijilkeun cai tina ieu batu cadas pikeun maraneh?​—⁠Bil. 20:⁠10.

Waktu ngomong ka jalma-jalma, Musa nyebutkeun ”Kami jeung Harun”. Omongan Musa téh teu ngajénan Yéhuwa nu nyieun mujijat éta. Jabur 106:​32, 33 nyebutkeun, ”Maranehna nyieun pibendueun Mantenna di cinyusu Meriba, balukarna Musa jadi kahukum ku kalakuan maranehna, maranehna ngalawan ka Musa, nepi ka anjeunna kalepasan saur.” (Bil. 27:14) Musa teu méré kamulyaan nu sakuduna ditarima ku Yéhuwa. Yéhuwa ngomong ka Musa jeung Harun, ”Maraneh duaan . . . geus nyimpang [”barontak”, NW] tina timbalan Kami.” (Bil. 20:24) Ieu téh dosa gedé! Saacanna, Yéhuwa teu ngidinan hiji génerasi urang Israil asup ka Tanah Perjangjian ku sabab barontak ka Mantenna. (Bil. 14:​26-30, 34) Jadi, tangtu bener jeung adil lamun Yéhuwa ogé ngahukum Musa ku cara nu sarua. Musa teu bisa asup ka Tanah Perjangjian. w18.07 11-12 ¶9, 12, 13

Senén, 23 Nopémber

Ti batan matak ngalantarankeun dulur sakapercayaan dosa, leuwih hade ulah ngadahar daging, atawa nginum anggur.​—⁠Rum 14:⁠21.

Sanajan urang boga hak pikeun nginum alkohol, urang bakal réla ngorbankeun hak urang lamun nyaho yén éta bisa ngaganggu haté sanubari batur. Bisa jadi saurang sadérék kacanduan alkohol saacan diajar bebeneran, tuluy manéhna mutuskeun moal nginum deui saeutik-eutik acan. Urang tangtu moal nyababkeun manéhna balik deui kana kabiasaan goréngna. (1 Kor. 6:​9, 10, SF) Lamun sadérék éta nganjang ka imah urang, naha urang bakal maksa manéhna nginum alkohol sanajan manéhna geus nolak? Moal! Waktu Timoteus umur 20-an, manéhna daék disunatan sanajan éta téh nyeri pisan. Manéhna nyaho yén sunat téh penting pikeun urang Yahudi nu rék diwawaran ku manéhna. Saperti Paulus, Timoteus embung nyinggung haté batur. (Ras. 16:3; 1 Kor. 9:​19-23) Naha Sadérék ogé réla nyieun pangorbanan demi nulungan batur? w18.06 18 ¶12-​13

Salasa, 24 Nopémber

Sabab engké Kami bakal ngarobah basa anu dipaké ku bangsa-bangsa jadi hiji basa murni.​—⁠Sep. 3:​9, ”NW”.

Basa mimiti panggih jeung jalma nu lain Saksi, sakumaha loba nu dipikanyaho ku hidep sual manéhna? Hidep bisa jadi ngan saukur apal ngaranna atawa dedeganana. Tapi béda lamun urang panggih jeung saurang Saksi. Hidep apal manéhna téh nyaah ka Yéhuwa. Hidep apal yén Yéhuwa ningali kahadéan ti manéhna tuluy narik manéhna pikeun jadi bagian kulawarga nu nyembah Mantenna. (Yoh.  6:⁠44) Teu sual ti mana asalna atawa cara manéhna digedékeun, hidep geus nyaho loba hal ngeunaan manéhna, jeung manéhna gé nyaho loba hal ngeunaan hidep! Pas panggih jeung Saksi séjén, hidep apal yén hidep jeung manéhna téh loba saruana. Sanajan ngomong maké basa nu béda, hidep jeung manéhna boga basa nu sarua nyaéta ”basa murni”, atawa bebeneran. Ieu hartina hidep jeung manéhna percaya ka Allah sarta boga papakon moral jeung harepan nu sarua. Jadi, hidep jeung manéhna bisa silih percaya jeung ngawangun sosobatan nu kuat tur langgeng. w18.12 17-18 ¶9-​10

Rebo, 25 Nopémber

Lamun aranjeun teu disarunatan . . . , aranjeun moal bisa disalametkeun.​—⁠Ras. 15:​1.

Kristus ngabingbing badan pingpinan pikeun nandeskeun yén urang Kristen nu lain Yahudi teu kudu disunat. (Ras. 15:​19, 20) Tapi, sababaraha taun ti harita, masih kénéh aya urang Kristen Yahudi nu nyunatan budakna. Urang ogé bisa jadi bingung ku naon Yésus ngantep pasualan sunat ieu sakitu lilana padahal Hukum Musa geus teu dipaké sanggeus Yésus pupus. (Kol. 2:​13, 14) Butuh waktu pikeun nyaluyukeun diri jeung pamahaman nu anyar. Kitu ogé, sababaraha urang Kristen Yahudi butuh waktu pikeun narima kanyataan yén Hukum Musa geus teu kudu dijalankeun. (Yoh. 16:12) Maranéhna masih boga pamikiran yén sunat téh tanda hubungan nu husus jeung Allah. (Kaj. 17:​9-12) Nu séjénna sieun dikaniaya ku masarakat Yahudi lantaran béda ti maranéhna. (Gal. 6:12) Tapi dina waktuna, Kristus méré pituduh liwat surat ti Paulus.—Rum 2:​28, 29; Gal. 3:​23-25. w18.10 18-19 ¶10-​12

Kemis, 26 Nopémber

Kayapas . . . nganasehatan ka para gegeden Yahudi yen leuwih hade paeh jalma saurang pikeun kasalametan sakumna bangsa.​—⁠Yoh. 18:⁠14.

Kayapas ngadagoan nepikeun ka peuting tuluy ngirim prajurit pikeun néwak Yésus. Tapi, Yésus nyaho rencana éta. Jadi, dina peuting éta Yésus nitah rasul-rasulna mawa pedang. Dua pedang nu dibawa bakal dipaké keur ngajarkeun hal penting. (Luk. 22:​36-38) Tuluy, gorombolan jalma datang pikeun néwak Yésus. Pétrus kacida ambekna ningali kateuadilan ieu nepi ka nyabut pedang jeung nyerang hiji lalaki. (Yoh. 18:10) Tapi, Yésus ngomong ka Pétrus, ”Asupkeun eta pedang, sarangkaan deui. Sabab anu ngagunakeun pedang paehna ku pedang deui.” (Mat. 26:​52, 53) Yésus ngajar naon ka murid-muridna? Maranéhna teu meunang jadi bagian ti dunya ieu. Éta nu didoakeun ku Yésus saacanna. (Yoh. 17:16) Mung Allah nu boga hak pikeun ngabéréskeun kateuadilan. Tapi, urang mah rukun jeung ngahiji. Waktu Yéhuwa ningali jalma-jalma di dunya ieu kapisah-pisah, Mantenna tangtu bungah ningali umat-Na ngahiji.​—⁠Sep. 3:17. w18.06 7-8 ¶13-​14, 16

Jumaah, 27 Nopémber

Bawaning ku gemes ka eta awewe, naga indit rek ngabasmi turunanana.​—⁠Wahyu 12:⁠17.

Sétan nindes jeung nyingsieunan urang sangkan teu satia ka Yéhuwa. Misalna, Sétan bisa waé mangaruhan pamaréntah sangkan ngalarang pangwawaran urang. Manéhna bisa mangaruhan batur gawé atawa batur sakola pikeun ngaléléwé urang lantaran nuturkeun papakon Alkitab. (1 Pet. 4:⁠4) Sanajan niatna alus, anggota kulawarga nu teu saiman bisa nyaram urang masamoan. (Mat. 10:36) Naon nu bisa dilakukeun ku urang sangkan tetep pengkuh? Urang teu héran kana serangan ieu lantaran nyaho Sétan téh keur merangan urang. (Wahyu 2:10) Urang gé kudu inget yén Sétan nuduh urang ngawula Yéhuwa lamun euweuh tangtangan, tapi lamun aya, urang bakal ninggalkeun Allah. (Ayub 1:​9-11; 2:​4, 5) Utamana, urang kudu terus ménta Yéhuwa pikeun nguatkeun urang. Inget, Yéhuwa moal ninggalkeun urang.—Ibr. 13:⁠5. w18.05 19-20 ¶14

Saptu, 28 Nopémber

Da moal ngarti ieuh urang mah kumaha pijadieunana.​—⁠Pan. 11:⁠6.

Urang kudu inget yén pangwawaran urang mawa pangaruh ka jalma-jalma sanajan katingalina euweuh nu ngadéngékeun. Urang téh diperhatikeun ku batur. Maranéhna merhatikeun yén urang téh sopan, soméah, jeung rapih papakéanana. Maranéhna bisa jadi kataji, jeung bisa waé jalma nu boga pamikiran goréng ngeunaan urang ahirna sadar yén manéhna téh salah. Ceuk Sergio jeung Olinda, ”Lantaran gering, abdi duaan teu datang ka tempat biasa. Waktu datang deui, nu ngaraliwat nanyakeun, ’Ka mana waé? Mani sono.’” Lamun urang teu eureun, tapi terus ngawawarkeun warta Karajaan Allah, urang milu ’nguarkeunana ka sakuliah dunya’. (Mat. 24:14) Nu pangpentingna, Sadérék bisa ngarasa bagja ku sabab nyaho yén Sadérék geus nyukakeun manah Yéhuwa. Mantenna mikanyaah saha waé nu ”baruahan bari jeung sabar tawekal”!​—⁠Luk. 8:​15. w18.05 8 ¶16-​18

Minggu, 29 Nopémber

Puji kasanggakeun ka Allah . . . Dina kasusahan anu kumaha bae oge batin sim kuring ku Allah disina teger.​—⁠⁠2 Kor. 1:​3, 4.

Yéhuwa téh Allah nu masihan kategeran haté. Mantenna geus ngalampahkeun hal ieu ti saprak manusa dosa jeung teu sampurna. Malah, teu lila sanggeus Adam jeung Hawa barontak ngalawan Allah, Mantenna nganubuatkeun hal nu negerkeun haté jeung mawa harepan pikeun turunan Adam. Ieu dicatet di Kajadian 3:15 nu nganubuatkeun yén Sétan Si Iblis sarta sagala lalampahan jahatna bakal dimusnakeun. (1 Yoh. 3:8; Wahyu 12:⁠9) Pék lenyepan kumaha Yéhuwa negerkeun haté Nuh, hamba-Na. Jalma-jalma di jaman éta telenges jeung cabul. Ngan Nuh jeung kulawargana nu nyembah Yéhuwa. Nuh bisa waé leutik haté. (Kaj. 6:​4, 5, 9, 11; Yud. 6) Tapi, Yéhuwa nyarios ka Nuh yén Mantenna bakal ngamusnakeun dunya nu jahat harita, sarta ngajelaskeun carana Nuh jeung kulawargana bisa salamet. (Kaj. 6:​13-18) Yéhuwa kabukti sabagé Allah nu masihan kategeran haté ka Nuh. w18.04 15-16 ¶1-2

Senén, 30 Nopémber

Heug sing terus cara ayeuna, silih tegeran, silih tulungan jeung batur.​—⁠1 Tes. 5:⁠11.

Kumaha lamun Sadérék ngarasa teu pati pinter ngomong? Sabenerna, negerkeun haté batur téh teu hésé. Coba imut ka hiji jalma. Lamun manéhna teu imut balik, bisa jadi manéhna keur boga masalah jeung butuh dibaturan. Sadérék bisa ngalilipur manéhna ku cara nu saderhana, nyaéta ngadéngékeun carita manéhna. (Yak. 1:⁠19) Saha waé bisa ngalilipur jeung negerkeun haté dulur saiman nu ngabutuhkeunana. Raja Suléman nulis, ”Pohara nyugemakeunana mere jawaban nu nya cocog ucapna nya cocog jeung kaayaan. Parangi hade ngagumbirakeun hate, beja hade matak lega rarasaan.” (Sil. 15:​23, 30) Paulus malah ngajarkeun yén ngawih lagu Karajaan babarengan téh bisa ngalilipur urang. (Kol. 3:16; Ras. 16:⁠25) Beuki deukeut ka poé Yéhuwa, urang beuki perlu pikeun silih tegeran.​—⁠Ibr. 10:25. w18.04 25 ¶16; 26 ¶18-19

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun