BAB 57
Kumaha Mun Anjeun Ngalakukeun Dosa Gedé?
Urang kabéh nyaah pisan ka Yéhuwa sarta hayang sabisa-bisa ngajauhan hal-hal nu bisa nganyenyeri haté Anjeunna. Najan kitu, urang pasti nyieun kasalahan. Aya kasalahan nu leutik, tapi aya ogé dosa nu gedé. (1 Korintus 6:9, 10) Mun anjeun ngalakukeun dosa gedé, sing inget yén Yéhuwa masih nyaah ka anjeun. Anjeunna gé daék ngahampura sarta nulungan anjeun.
1. Urang kudu kumaha supaya bisa dihampura ku Yéhuwa?
Jalma-jalma nu nyaah ka Yéhuwa bakal ngarasa sedih pisan mun maranéhna sadar geus ngalakukeun dosa gedé. Tapi, maranéhna kahibur sabab Yéhuwa jangji, ”Maraneh teh geus lestreng ku dosa, tapi ku Kami rek disina bodas beresih.” (Yesaya 1:18) Lamun urang bener-bener tobat, Yéhuwa bakal ngahampura jeung teu nginget-nginget deui kasalahan urang. Naon maksudna tobat? Maksudna, urang bener-bener kaduhung, bajoang teu ngalakukeun dosa éta deui, jeung ménta Yéhuwa ngahampura urang. Geus kitu, urang bakal nyingkirkeun kabéh pikiran jeung kabiasaan goréng nu bisa nyababkeun urang ngalakukeun dosa éta. Urang gé bakal sabisa-bisa nuturkeun patokan hirup ti Yéhuwa.—Baca Yesaya 55:6, 7.
2. Kumaha Yéhuwa ngagunakeun para kokolot pikeun mantuan urang?
Ceuk Yéhuwa, lamun urang ngalakukeun dosa gedé, urang kudu ”[ngomong ka] para kokolot sidang jamaah”. (Baca Yakobus 5:14, 15.) Maranéhna téh nyaah ka Yéhuwa sarta ka domba-Na. Para kokolot geus dilatih supaya bisa mantuan urang nyobat deui jeung Yéhuwa.—Galatia 6:1.
Kumaha para kokolot mantuan urang? Dua atawa tilu kokolot bakal ngagunakeun ayat-ayat Alkitab pikeun nunjukkeun ku naon tindakan urang téh salah. Maranéhna gé bakal méré naséhat jeung saran nu bisa ngabantu urang supaya teu ngalakukeun dosa éta deui. Saupama jalma nu ngalakukeun dosa gedé téh teu tobat, para kokolot bakal ngaluarkeun manéhna ti sidang. Éta téh supaya sadérék-sadérék séjén teu kapangaruhan.
HAYU NGULIK
Tingali kumaha supaya urang bisa leuwih ngahargaan bantuan ti Yéhuwa waktu urang ngalakukeun dosa gedé.
3. Mun ngaku, urang bisa nyobat deui jeung Yéhuwa
Unggal urang ngalakukeun dosa, urang téh nganyenyeri haté Yéhuwa. Jadi, urang perlu ngaku ka Anjeunna. Baca Jabur 32:1-5, terus bahas:
Naon mangpaatna mun urang ngaku ka Yéhuwa jeung teu nyumput-nyumputkeun dosa?
Sanggeus ngaku dosa ka Yéhuwa, urang gé bakal leuwih tenang lamun urang ménta bantuan ka para kokolot. Setél VIDÉO, terus bahas:
Kumaha para kokolot mantuan Canon pikeun balik deui ka Yéhuwa?
Para kokolot téh hayang mantuan urang. Jadi, urang kudu jujur jeung terus terang ka maranéhna. Baca Yakobus 5:16, terus bahas:
Lamun urang terus terang ka para kokolot, ku naon maranéhna bakal leuwih gampang mantuan urang?
Kudu ngaku dosa, jujur ka para kokolot, jeung tarima bantuan ti Yéhuwa
4.Yéhuwa némbongkeun welas asih ka jalma nu dosa
Mun saurang jalma ngalakukeun dosa gedé jeung embung barobah, manéhna bakal dikaluarkeun ti sidang. Urang gé moal gaul deui jeung manéhna. Baca 1 Korintus 5:6, 11, terus bahas:
Jiga adonan roti nu bisa beukah ku karana ragi, kumaha sadérék-sadérék di sidang bisa kapangaruhan lamun gaul jeung jalma anu embung tobat?
Para kokolot nyonto welas asih Yéhuwa ka jalma-jalma nu ngalakukeun dosa, maranéhna upaya pikeun nulungan jalma nu dikaluarkeun ti sidang. Loba jalma nu dikaluarkeun téh ahirna balik deui ka sidang. Ku naon? Maranéhna pasti ngarasa remuk haté, tapi maranéhna jadi sadar yén tindakanana téh salah—Jabur 141:5.
Kumaha tindakan Yéhuwa ka jalma nu dosa téh némbongkeun yén Anjeunna asup akal, welas asih, jeung nyaahan
5. Yéhuwa bakal ngahampura lamun urang tobat
Isa méré hiji ibarat supaya urang ngarti kumaha parasaan Yéhuwa mun ningali saurang jalma tobat. Baca Lukas 15:1-7, terus bahas:
Tina ayat-ayat ieu, anjeun diajar naon ngeunaan Yéhuwa?
Baca Yeheskel 33:11, terus bahas:
Naon buktina saurang jalma bener-bener geus tobat?
Jiga pangangon, Yéhuwa téh nyaah pisan ka domba-domba-Na
AYA NU NGOMONG: ”Abdi sieun dikaluarkeun ti sidang mun ngaku dosa ka para kokolot.”
Anjeun bakal ngomong naon ka jalma nu ngarasa jiga kitu?
INTI BAB
Mun urang ngalakukeun dosa gedé, tapi urang bener-bener kaduhung jeung bajoang supaya teu ngalakukeun dosa éta deui, Yéhuwa bakal ngahampura urang.
Nu geus dibahas
Ku naon urang kudu ngaku dosa ka Yéhuwa?
Naon nu kudu urang lakukeun supaya dosa-dosa urang bisa dihampura?
Mun urang ngalakukeun dosa gedé, ku naon urang kudu ménta bantuan ka para kokolot?
TINGALI OGÉ
Tingali kumaha saurang lalaki ngarasakeun welas asih Yéhuwa, saperti nu dicatet dina Yesaya 1:18.
Kumaha para kokolot mantuan jalma-jalma nu ngalakukeun dosa gedé?
”Menunjukkan Kasih dan Belas Kasihan kepada Orang yang Berbuat Dosa” (Menara Pengawal Agustus 2024)
Tingali kumaha kanyaah jeung welas asih ditémbongkeun ka jalma-jalma nu ngalakukeun dosa tapi teu tobat.
”Bantuan bagi Orang yang Dikeluarkan dari Sidang” (Menara Pengawal Agustus 2024)
Saurang lalaki nu geus ngajauh ti Yéhuwa ngarasakeun Yéhuwa téh narik manéhna deui. Baca kisahna dina artikel ”Abdi Kudu Balik ka Yéhuwa”.