BAB 56
Jaga Karukunan Sidang
Lamun urang keur bareng jeung dulur-dulur saiman, parasaan urang meureun jiga Raja Daud. Manéhna bungah pisan lantaran ningali dulur-dulur saimanna rukun jeung ngahiji. (Jabur 133:1) Karukunan téh teu ujug-ujug aya, tapi kudu diupayakeun ku unggal anggota sidang.
1. Naon hal nu istiméwa di antara umat Allah?
Mun urang masamoan di luar nagri, urang meureun teu ngarti basa nu dipaké di ditu. Tapi, urang bakal ngarasa jiga keur di sidang sorangan. Ku naon? Di sakuliah dunya, Saksi-Saksi Yéhuwa téh diajar Alkitab maké publikasi nu sarua. Urang gé bener-bener upaya pikeun nunjukkeun kanyaah ka dulur saiman. Teu sual urang cicing di mana, urang kabéh ”nyambat ka ngaran Yéhuwa, pikeun babarengan ibadah ka Anjeunna”.—Sepanya 3:9 (NW), catetan handap.
2. Naon nu bisa anjeun lakukeun pikeun ngajaga karukunan?
”Kudu bener-bener silih pikanyaah ti jero haté.” (1 Pétrus 1:22) Kumaha anjeun bisa ngajalankeun naséhat ieu? Ulah ngan mikirkeun kalemahan atawa sipat-sipat goréng batur, tapi téangan sipat-sipat hadéna. Terus, ulah ngan gaul jeung jalma-jalma nu karesepna sarua jeung anjeun. Cobaan gaul jeung jalma-jalma nu béda ti anjeun, misalna nu umur, sipat, karesep, jeung suku bangsana béda ti anjeun. Urang gé kudu bener-bener upaya ngarah teu goréng sangka ka batur.—Baca 1 Pétrus 2:17.a
3. Anjeun bakal kumaha mun boga masalah jeung dulur saiman?
Urang kabéh téh dulur, tapi urang teu sampurna. Jadi, kadang urang dinyenyeri atawa nganyenyeri batur. Ku kituna, Firman Allah nyebutkeun, ”Aranjeun kudu terus . . . silih hampura . . . Sakumaha Yéhuwa iklas ngahampura aranjeun, aranjeun gé kudu kitu.” (Baca Kolose 3:13.) Urang sering pisan nganyenyeri haté Yéhuwa, tapi Anjeunna réla ngahampura urang. Anjeunna miharep, urang gé réla ngahampura dulur-dulur saiman. Terus mun urang sadar geus nganyenyeri haté batur, urang kudu geuwat ménta maap supaya masalahna gancang bérés.—Baca Matius 5:23, 24.b
HAYU NGULIK
Tingali naon waé nu bisa dilakukeun ku anjeun pikeun ngajaga karukunan jeung kasatunggalan sidang.
Anjeun bakal kumaha ngarah tetep akur?
4. Ulah goréng sangka
Urang hayang nyaah ka kabéh dulur saiman. Tapi, kadang bisa waé urang ngarasa hésé pikeun nyaah ka dulur saiman nu béda ti urang. Mun kitu, urang kudu kumaha? Baca Kisah 10:34, 35, terus bahas:
Yéhuwa daék narima sagala jalma pikeun jadi Saksi-Na. Jadi, kumaha sakuduna sikep urang ka jalma-jalma nu béda ti urang?
Jalma-jalma di daérah anjeun sok boga prasangka goréng naon? Ku naon anjeun teu meunang goréng sangka jiga kitu?
Baca 2 Korintus 6:11-13, terus bahas:
Naon nu bisa dilakukeun ku anjeun supaya leuwih deukeut jeung dulur-dulur saiman nu béda ti anjeun?
5. Sing iklas ngahampura jeung kudu akur
Yéhuwa teu perlu dihampura ku urang, da Anjeunna teu pernah nyieun salah. Najan kitu, Yéhuwa iklas ngahampura urang mun urang nyieun salah. Baca Jabur 86:5, terus bahas:
Tina ayat ieu, urang diajar naon ngeunaan Yéhuwa?
Na anjeun nganuhunkeun kana pangampura ti Yéhuwa? Ku naon?
Ceuk anjeun, naon waé nu bisa nyababkeun urang teu akur jeung dulur saiman?
Kumaha urang bisa nyonto Yéhuwa sarta tetep akur jeung dulur-dulur saiman? Baca Siloka 19:11, terus bahas:
Lamun aya dulur saiman nu nyinggung atawa nganyenyeri haté anjeun, anjeun kudu kumaha supaya tetep akur jeung manéhna?
Kadang, urang gé nganyenyeri haté batur. Mun kitu, naon nu sakuduna urang lakukeun? Setél VIDÉO, terus bahas:
Naon nu dilakukeun ku sadérék istri dina vidéo ngarah bisa tetep akur jeung dulur saiman?
6. Pék perhatikeun sipat-sipat alus dulur saiman
Mun beuki akrab jeung dulur-dulur saiman, urang bakal leuwih nyaho sipat alus jeung sipat goréng maranéhna. Kumaha supaya urang leuwih merhatikeun sipat alusna? Setél VIDÉO, terus bahas:
Naon nu bisa ngabantu anjeun supaya leuwih merhatikeun sipat-sipat alus dulur saiman?
Yéhuwa téh leuwih merhatikeun sipat-sipat alus urang. Baca 2 Babad 16:9a, terus bahas:
Kumaha parasaan anjeun sanggeus apal yén Yéhuwa leuwih merhatikeun sipat-sipat alus anjeun?
Cingcin berlian nu sakitu éndahna gé bisa waé aya lécétna, tapi angger wéh hargana mahal. Sarua jiga kitu, kabéh dulur saiman urang téh teu sampurna, tapi tetep penting keur Yéhuwa
AYA NU NGOMONG: ”Mun ku abdi langsung dihampura, manéhna moal nyahoeun sakumaha nyerina haté abdi.”
Ku naon urang kudu réla ngahampura batur?
INTI BAB
Anjeun bisa ngajaga karukunan sidang lamun anjeun réla ngahampura sarta nyaah ka kabéh dulur saiman.
Nu geus dibahas
Kumaha supaya anjeun teu goréng sangka ka batur?
Anjeun bakal kumaha lamun boga masalah jeung dulur saiman?
Na anjeun hayang nyonto Yéhuwa nu réla ngahampura? Ku naon?
TINGALI OGÉ
Salah sahiji ibarat ti Isa bisa ngabantu urang supaya teu goréng sangka ka batur.
Najan teu rumasa salah, ku naon urang perlu ménta maap?
”Ménta Maap téh Bisa Ngajaga Karukunan” (Warta Hadé 1 Nopémber 2002)
Tingali kumaha sababaraha jalma diajar pikeun teu ngabéda-bédakeun jalma.
Tingali kumaha urang bisa ngaréngsékeun masalah jeung dulur saiman ngarah sidang teu papecah.
a Catetan Ahir 6 bakal ngabahas, lamun urang nyaah ka sasama, urang bakal sabisa-bisa teu népakeun panyakit ka batur.
b Catetan Ahir 7 bakal ngabahas carana ngaréngsékeun masalah jeung dulur saiman dina urusan bisnis sarta hukum.