PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • es21
  • Désémber

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Désémber
  • Ngulik Kitab Suci Unggal Poé—2021
  • Subjudul
  • Désémber
  • Rebo, 1 Désémber
  • Kemis, 2 Désémber
  • Jumaah, 3 Désémber
  • Saptu, 4 Désémber
  • Minggu, 5 Désémber
  • Senén, 6 Désémber
  • Salasa, 7 Désémber
  • Rebo, 8 Désémber
  • Kemis, 9 Désémber
  • Jumaah, 10 Désémber
  • Saptu, 11 Désémber
  • Minggu, 12 Désémber
  • Senén, 13 Désémber
  • Salasa, 14 Désémber
  • Rebo, 15 Désémber
  • Kemis, 16 Désémber
  • Jumaah, 17 Désémber
  • Saptu, 18 Désémber
  • Minggu, 19 Désémber
  • Senén, 20 Désémber
  • Salasa, 21 Désémber
  • Rebo, 22 Désémber
  • Kemis, 23 Désémber
  • Jumaah, 24 Désémber
  • Saptu, 25 Désémber
  • Minggu, 26 Désémber
  • Senén, 27 Désémber
  • Salasa, 28 Désémber
  • Rebo, 29 Désémber
  • Kemis, 30 Désémber
  • Jumaah, 31 Désémber
Ngulik Kitab Suci Unggal Poé—2021
es21

Désémber

Rebo, 1 Désémber

Aya waktuna ngajejempe.—Pan. 3:7.

Lamun teu dikadalikeun, omongan urang bisa nyababkeun loba masalah. Misalna, aya sadérék nu cicing di nagri nu ngalarang kagiatan urang. Naha Sadérék bakal nanyakeun rincian ngeunaan kagiatan Saksi di nagri éta? Mémang Sadérék teu boga maksud nyilakakeun maranéhna. Sadérék nanya téh lantaran nyaah jeung hayang nyaho naon nu kaalaman ku maranéhna. Urang gé hayang rinci waktu ngadoakeun maranéhna. Tapi, ieu téh waktuna pikeun ngadalikeun omongan urang. Lamun urang tatanya ka sadérék nu boga informasi nu rasiah, éta hartina urang teu nyaah ka sadérék éta jeung ka sadérék-sadérék di nagri éta. Naon sababna? Lantaran lamun informasina dicaritakeun, éta bisa ngabahayakeun maranéhna. Tangtu urang embung nambahan kasusah dulur-dulur nu cicing di nagri nu ngalarang kagiatan urang. Sabalikna, lamun urang cicing di nagri kawas kitu, urang gé embung nyaritakeun rincian ngeunaan kagiatan ibadah Saksi-Saksi di ditu. w20.03 21 ¶11-12

Kemis, 2 Désémber

Hamo matak paeh.​—Kaj. 3:4.

Allah teu hoyong manusa maot. Tapi sangkan bisa hirup langgeng, Adam jeung Hawa kudu taat ka Yéhuwa. Jadi, Mantenna masihan paréntah nu saderhana, ”Tangkal anu mere pangarti geusan ngabedakeun nu hade ti nu goreng . . . buahna teu meunang didahar, sabab mun didahar, poe eta keneh maneh paeh.” (Kaj. 2:​16, 17) Tuluy, Sétan nyieun masalah. Manéhna ngomong kekecapan dina ayat poé ieu ka Hawa liwat oray. Hanjakalna, Hawa percaya jeung ngadahar éta buah. Salakina gé kalah ka milu ngadahar. (Kaj. 3:​6) Jadina, sakabéh manusa keuna ku dosa jeung maot. (Rum 5:12) Sakumaha nu geus disebutkeun ku Allah, Adam jeung Hawa maot. Tapi, Sétan teu eureun nyieun kabohongan ngeunaan nu maot. Ka dieunakeun, manéhna nyieun kabohongan séjén. Salah sahijina ngajarkeun lamun awak saurang jalma maot, rohna mah tetep hirup di alam séjén. Ti mimiti aya manusa nepi ka kiwari, rupa-rupa kabohongan siga kitu téh geus teu kaitung lobana.—1 Tim. 4:1. w19.04 14-​15 ¶3-4

Jumaah, 3 Désémber

Waktu budak keneh, sim kuring ngomong teh sakumaha budak, rarasaan sakumaha rarasaan budak, mikir sakumaha budak.​—1 Kor. 13:11.

Budak leutik can bisa mikir siga jalma déwasa nu nyaho kana bahaya jeung nyaho kudu kumaha. Jadi, manéhna gampang dibobodo ku jalma nu rék ngalécéhkeun manéhna. Nu ngalécéhkeun osok ngabohong, misalna ngomong yén budak dilécéhkeun téh lantaran salah sorangan, budak ogé teu meunang bébéja ka sasaha, lamun bébéja gé moal aya nu percaya jeung paduli, atawa ngomong yén tindakan séksual antara jalma déwasa jeung budak leutik téh hal nu biasa pikeun némbongkeun kanyaah. Budak butuh waktu mangtaun-taun pikeun sadar yén éta kabéh teu bener. Nepi ka gedé gé manéhna bakal ngarasa dirina geus ruksak, kotor, jeung teu layak dipikanyaah tur diupahan ku sasaha. Jadi, urang paham ku naon pelécéhan séksual bisa nyangsarakeun korbanna salila mangtaun-taun. Éta ngabuktikeun yén urang aya di ahir jaman nu jalma-jalmana ”taya karunya”, geus kitu ”anu daroraka, anu marunapek, geus jahat teh bakal beuki jahat”.​—2 Tim. 3:​1-5, 13. w19.05 15 ¶7-8

Saptu, 4 Désémber

Nekanan hukum Kristus.​—Gal. 6:2.

Kumaha carana Yésus ngajar? Yésus ngajar liwat ucapanana. Kekecapanana boga kawasa lantaran nepikeun bebeneran ngeunaan Allah, ngajarkeun tujuan hirup nu sajati, jeung nandeskeun yén Karajaan Allah bakal ngaleungitkeun kabéh kasangsaraan umat manusa. (Luk. 24:19) Yésus ogé ngajar liwat tuladan. Tina cara hirupna, Yésus némbongkeun naon nu kudu dilakukeun ku murid-muridna. (Yoh. 13:15) Iraha Yésus ngajar? Yésus ngajar salila palayananana di bumi. (Mat. 4:23) Anjeunna ogé ngajar murid-muridna teu lila sanggeus dihirupkeun deui. Misalna, anjeunna némbongan ka sakelompok murid, nu bisa jadi jumlahna leuwih ti 500 jalma, tuluy maréntahkeun maranéhna pikeun ’ngajadikeun murid’. (Mat. 28:​19, 20; 1 Kor. 15:6) Sanggeus balik ka sawarga, Yésus salaku kapala sidang terus méré pituduh ka murid-muridna. Misalna, kira-kira taun 96 M, Yésus nitah Rasul Yohanes pikeun nguatkeun jeung méré naséhat ka urang Kristen nu diistrénan.—Kol. 1:18; Wahyu 1:1. w19.05 3 ¶4-5

Minggu, 5 Désémber

Terang ka anu panghadena.​—Pil. 1:​10.

Kiwari, jalma-jalma kudu banting tulang digawé supaya boga cukup duit. Loba dulur saiman urang kudu digawé sapoé jeput pikeun nyumponan pangabutuh kulawargana. Loba ogé nu perjalanan ti imah ka tempat gawéna téh lilana mangjam-jam lantaran jauh. Nu séjénna kudu digawé beurat pikeun néangan napkah. Peutingna sanggeus digawé bébéakan, dulur-dulur urang téh lalungsé! Jadi, maranéhna ngarasa teu sanggup deui diajar. Tapi sabenerna, urang kudu nyadiakeun waktu pikeun bener-bener diajar Firman Allah jeung publikasi. Hubungan urang jeung Yéhuwa sarta hirup langgeng urang gumantung kana hal éta! (1 Tim. 4:​15, 16) Aya nu hudang isuk-isuk pisan pikeun diajar waktu kaayaan jempling jeung pikiranana seger kénéh lantaran geus istirahat sapeupeuting. Nu séjénna nyadiakeun sababaraha menit peuting-peuting pikeun diajar jeung ngalenyepan Alkitab tur publikasi. w19.05 26 ¶1-2

Senén, 6 Désémber

Ulah miluan adat kabiasaan ieu dunya . . . pikiran aranjeun barobah anyar sama sakali.​—Rum 12:2.

Bisa barobah téh teu ujug-ujug jeung teu gampang. Urang ”kudu ihtiar enya-enya” mangtaun-taun. (2 Pet. 1:5) Urang kudu satékah polah ngarobah naon nu aya di jero diri urang. Hal penting nu mimiti kudu dilakukeun téh ngadoa. Urang kudu ngadoa saperti nu nulis jabur, ”Ciptakeun di diri abdi hate anu beresih, nun Allah, eusian abdi ku sumanget anyar, jiwa satia.” (Jab. 51:12) Urang kudu sadar naon nu kudu dirobah dina haté jeung pikiran urang, tuluy pénta bantuan Yéhuwa. Hal kadua nu kudu dilakukeun nyaéta ngalenyepan. Bari maca Firman Allah kalawan taliti unggal poé, urang kudu nyadiakeun waktu pikeun ngalenyepan, atawa mikirkeun bener-bener, pikiran jeung parasaan naon nu kudu dirobah. (Jab. 119:59; Ibr. 4:12; Yak. 1:25) Urang kudu mariksa naha urang condong resep kana palsapah manusa atawa henteu. Urang gé kudu jujur kana kalemahan urang jeung satékah polah nyingkirkeunana. w19.06 8 ¶1; 10 ¶10; 12 ¶11-​12

Salasa, 7 Désémber

Saban aya kasempetan gunakeun sing hade-hade.​—Epe. 5:​16.

Waktu nyieun putusan, Sadérék kudu nangtukeun iraha éta putusan rék dijalankeun, tong diengké-engké. Ulah ngadagoan waktu nu pangcocogna lantaran éta mah moal bakal aya. (Pan. 11:4) Hal-hal nu kurang penting ulah nepi ka méakkeun waktu jeung tanaga nu kuduna dipaké keur hal-hal nu leuwih penting. (Pil. 1:10) Lamun bisa, pilih waktu nu bébas gangguan. Béré nyaho batur yén Sadérék teu bisa diganggu. Sadérék gé bisa mareuman handphone. Tong waka mariksa email atawa ningalian média sosial saacan bérés. Hasil putusan Sadérék bisa diupamakeun siga tempat nu rék dijugjug. Lamun bener-bener hayang nepi ka ditu, Sadérék bakal terus ngajugjug ka éta tempat sanajan jalanna ditutup jeung kudu néangan jalan séjén. Kitu ogé, lamun urang terus mikirkeun hasil tina putusan urang, urang moal gancang nyerah waktu aya halangan atawa kudu néangan cara séjén.—Gal. 6:9. w19.11 30 ¶17-​18

Rebo, 8 Désémber

Pangandika Allah teh . . . bisa maca pikiran jeung angen-angen manusa.—Ibr. 4:12.

Naon nu sakuduna ngajurung Sadérék dibaptis? Lantaran geus bener-bener diajar Alkitab, Sadérék jadi leuwih wanoh ka Yéhuwa, sipat-sipat-Na, jeung tindakana-Na. Naon nu diajarkeun ka Sadérék téh keuna kana haté jeung ngajurung Sadérék malik nyaah ka Mantenna. Hal utama nu sakuduna ngajurung Sadérék dibaptis téh lantaran nyaah ka Yéhuwa. Sadérék gé kajurung dibaptis lantaran geus yakin kana bebeneran Alkitab. Perhatikeun naon nu disebutkeun ku Yésus waktu méré tugas ngajadikeun murid. (Mat. 28:​19, 20) Ceuk Yésus, jalma-jalma kudu dibaptis ”kalawan pajenengan Rama, Putra, jeung Roh Suci”. Naon hartina? Sadérék kudu percaya sapinuhna kana bebeneran Alkitab ngeunaan Yéhuwa, Putra-Na, nyaéta Yésus, jeung roh suci. Bebeneran ieu téh bisa mangaruhan jeung ngageuing haté Sadérék. w20.03 9-10 ¶8-9

Kemis, 9 Désémber

Nu kedul papatahan, nu borangan hatean, nu lembek belaan, sing silih sabaran.​—1 Tes. 5:​14.

Yéhuwa ngutus malaikat lain ngan saukur pikeun ngélingan Elut tapi ogé pikeun nulungan manéhna nyalametkeun diri tina ancurna Sadumu. (Kaj. 19:​12-​14, 17) Kitu ogé, bisa jadi urang kudu ngélingan dulur saiman waktu ningali manéhna bakal meunang masalah. Sanajan manéhna teu langsung ngalarapkeun naséhat Alkitab, urang kudu sabar. Urang bisa nyonto dua malaikat éta. Ti batan langsung nyerah jeung ngajauhan dulur urang, urang kudu prak nulungan. (1 Yoh. 3:18) Urang saolah-olah ngenyang manéhna ku cara ngabantu manéhna ngalarapkeun naséhat tina Alkitab. Yéhuwa bisa waé ngan merhatikeun kakurangan Elut. Tapi ka dieunakeun, Rasul Pétrus diilhamkeun pikeun nyebut Elut sabagé jalma nu hadé. (Jab. 130:3) Kumaha urang bisa nyonto sikep Yéhuwa ka Elut? Lamun urang merhatikeun sipat-sipat alus dulur saiman, urang bakal leuwih sabar ka maranéhna. Maranéhna gé bakal leuwih gampang narima bantuan urang. w19.06 21 ¶6-7

Jumaah, 10 Désémber

Masing-masing kudu tanggung jawab kana kalakuanana sorangan.​—Gal. 6:5.

Lamun pamaréntah ngalarang ibadah urang, meureun kapikir ku Sadérék pikeun pindah ka nagri nu teu ngalarang kagiatan urang. Éta kudu diputuskeun ku sorangan. Aya nu saacanna geus nalungtik naon nu dilakukeun ku urang Kristen dina abad kahiji waktu maranéhna dikaniaya. Murid-murid di Yérusalém nyalingkir ka Yudéa jeung Samaria, malah aya nu nepi ka Pénésia, Siprus, jeung Antioki. (Mat. 10:23; Ras. 8:1; 11:19) Tapi, sanggeus urang Kristen abad kahiji dikaniaya deui, Rasul Paulus mutuskeun teu pindah. (Ras. 14:​19-23) Naon palajaranana? Unggal kapala kulawarga kudu mutuskeun naha kulawargana rék pindah atawa henteu. Saacanna, manéhna kudu ngadoa jeung bener-bener mikirkeun kaayaan kulawargana sarta nimbang-nimbang alus goréngna lamun pindah. Urang teu meunang ngahakiman putusan maranéhna. w19.07 10 ¶8-9

Saptu, 11 Désémber

Dupi hirup langgeng teh nya eta: Terang ka Ama, Allah sajati anu mung hiji, sareng ka utusan Ama, Yesus Kristus.​—Yoh. 17:3.

Yésus nitah urang, ”Datangan jalma-jalma saalam dunya jaradikeun murid Kami.” (Mat. 28:19) Salian ti méré nyaho saratna jadi murid Yésus, urang gé kudu ngabantu palajar ngalarapkeun paréntah Yésus. Urang kudu sabar waktu ngabantu manéhna bajoang ngalarapkeun prinsip Alkitab. Aya nu butuh sababaraha bulan pikeun ngarobah pikiran jeung kalakuanana, tapi aya ogé nu butuh waktu leuwih lila. Saurang misionaris di Peru boga pangalaman nu némbongkeun pentingna kasabaran. Manéhna nyarita, ”Abdi geus ngajarkeun dua buku ka palajar Alkitab abdi nu ngaranna Raúl. Tapi, manéhna masih kénéh boga loba masalah. Perkawinanana awét rajét, ngomongna kasar, barudakna gé teu hormat ka manéhna. Lantaran manéhna rutin masamoan, abdi terus ngabantu manéhna jeung kulawargana. Sanggeus tilu taun leuwih ti saprak abdi panggih jeung manéhna, manéhna bisa dibaptis.” w19.07 15 ¶3; 19 ¶15-​17

Minggu, 12 Désémber

Maraneh kudu sateka-teka.​—Luk. 13:24.

Perhatikeun perjuangan Paulus waktu nulis surat keur jamaah Pilipi. Manéhna keur jadi tahanan imah di Rum, ku kituna teu bébas ngawawar. Tapi, manéhna tetep sibuk méré kasaksian ka nu datang jeung nulis surat ka sidang-sidang. Paulus nyaho manéhna kudu bajoang nepi ka tungtung saperti Kristus. Kahirupan Kristen téh disaruakeun jeung balap lumpat. (1 Kor. 9:​24-​27) Jalma nu keur balap lumpat terus mikirkeun garis tungtung jeung teu daék disimpangkeun. Misalna, balap lumpat nu diayakeun di kota biasana ngaliwatan toko-toko jeung tempat séjén nu bisa nyimpangkeun perhatian urang. Ceuk Sadérék, naha jalma nu keur balap bakal eureun heula ningalian barang nu dipajang di toko? Mun hayang meunang mah nya moal atuh! Dina pangbalapan rohani gé, urang ulah daék disimpangkeun. Lamun urang terus mikirkeun tujuan urang jeung terus bajoang siga Paulus, urang bakal meunang hadiahna! w19.08 3 ¶4; 4 ¶7

Senén, 13 Désémber

Jaga diri ati-ati, awaskeun pangajaran. . . . Eta kabeh sangkan jamuga, boh hidep pribadi, boh anu ngadengekeun piwuruk-piwuruk hidep.​—1 Tim. 4:​16.

Waktu urang ngarobah kapercayaan sarta kahirupan urang luyu jeung papakon Allah, éta bisa jadi hésé ditarima ku kulawarga urang. Hal mimiti nu biasana diperhatikeun ku maranéhna téh nyaéta urang teu miluan deui dina perayaan agama jeung kagiatan pulitik. Awalna mah bisa jadi aya nu ambek ka urang. (Mat. 10:​35, 36) Tapi, ulah nyerah. Lamun urang eureun ngabantu maranéhna ngarti kana kapercayaan urang, éta sarua jeung ngahakiman yén maranéhna téh teu layak narima hirup langgeng. Tugas ngahakiman teu dipasihkeun ka urang, Yéhuwa masihkeunana ka Yésus. (Yoh. 5:22) Lamun urang sabar, bisa jadi ahirna maranéhna daék ngadéngékeun warta urang. Sanajan kudu nyanghareupan tangtangan, urang kudu tetep pengkuh tapi bijaksana. (1 Kor. 4:​12b) Butuh waktu nepi ka kulawarga urang ngarti sakumaha penting ngawula Yéhuwa keur urang. w19.08 17 ¶10; 18 ¶13, 14

Salasa, 14 Désémber

Dina kaayaan nu kumaha baé ogé sim kuring sanggup nyanghareupanana lantaran kawasa ti Allah.​—Pil. 4:​13, ”NW”.

”Waktu mikirkeun masalah nu geus kaliwat, sigana mun disanghareupan ku sorangan mah moal sanggup.” Sadérék pernah teu ngarasa siga kitu? Lolobana mah pernah. Meureun Sadérék bisa ngomong kitu téh lantaran geus sanggup nandangan masalah saperti panyakit nu parah atawa ditinggal maot ku nu dipikanyaah. Mun diinget-inget deui, Sadérék bisa tabah ti poé ka poé lantaran Yéhuwa nyadiakeun roh suci nyaéta ”kawasa nu maha agung”. (2 Kor. 4:​7-9) Urang gé ngandelkeun roh suci supaya bisa nolak pangaruh jahat ti dunya ieu. (1 Yoh. 5:19) Salian ti éta, urang butuh kakuatan pikeun ngalawan pangaruh ”roh-roh jahat”. (Epe. 6:12) Roh suci Yéhuwa méré kakuatan sangkan urang sanggup ngalaksanakeun tanggung jawab bari nyanghareupan masalah. Rasul Paulus ngandelkeun ”kakawasaan Gusti” Yésus, ku kituna manéhna bisa tetep ngawula Yéhuwa sarta ngaréngsékeun palayananana bari nyanghareupan masalah.​—2 Kor. 12:9. w19.11 8 ¶1-3

Rebo, 15 Désémber

Anu geus nenjo Kami tangtu nenjo ka Rama.—Yoh. 14:9.

Alkitab téh hiji-hijina buku nu sacara akurat ngajelaskeun naon nu geus dilakukeun Yésus keur Sadérék. Pék pikanyaah Yésus. Ku kituna, Sadérék bakal beuki nyaah ka Yéhuwa. Naha bet kitu? Lantaran Yésus kalawan sampurna nyonto sipat-sipat Bapana. Jadi lamun diajar beuki jero ngeunaan Yésus, Sadérék bakal beuki paham kana cara pikir jeung tindakan Yéhuwa. Sadérék bakal ngarasa beuki raket jeung Yéhuwa. Pikirkeun welas asih Yésus ka jalma-jalma nu disapirakeun, nyaéta nu miskin, nu gering, jeung nu lemah. Pikirkeun ogé naséhat anjeunna jeung mangpaatna lamun éta dilarapkeun. (Mat. 5:​1-11; 7:​24-27) Sadérék bakal beuki nyaah ka Yésus lamun mikirkeun pangorbananana sangkan dosa-dosa urang bisa dihampura. (Mat. 20:28) Lamun Sadérék paham yén Yésus réla maot demi Sadérék, Sadérék bakal kajurung pikeun tobat jeung ménta hampura ka Yéhuwa. (Ras. 3:​19, 20; 1 Yoh. 1:9) Lamun Sadérék nyaah ka Yésus jeung Yéhuwa, Sadérék bakal kajurung pikeun nyobat jeung jalma-jalma nu mikanyaah Aranjeunna ogé. w20.03 5-6 ¶10-12

Kemis, 16 Désémber

Sanajan Yéhuwa téh mulya, Mantenna merhatikeun jalma nu rendah haté.​—Jab. 138:​6, ”NW”.

Saurang sadérék bisa waé ngarasa manéhna nu paling cocog narima hiji tugas. Atawa, saurang sadérék istri bisa jadi mikir, ’Mending salaki abdi atuh ti batan sadérék éta mah!’ Tapi lamun urang bener-bener rendah haté, urang moal boga pikiran nu sombong siga kitu. Urang bisa diajar ti Musa waktu aya sababaraha priya Israil nu narima hak istiméwa. Musa ngahargaan pisan tugasna sabagé pamingpin bangsa Israil. Tapi, kumaha réaksi Musa waktu Yéhuwa ngidinan nu séjén mantuan manéhna? Manéhna teu sirik. (Bil. 11:​24-29) Musa rendah haté jeung daék dibantu ku batur pikeun ngahakiman bangsa Israil. (Bud. 18:​13-24) Ku kituna, pasualan nu aya di antara urang Israil bisa leuwih gancang diurusna. Jadi, Musa leuwih mikirkeun kapentingan bangsa Israil ti batan hak istiméwana. Conto nu alus pisan keur urang! Inget, lamun urang hayang bener-bener digunakeun ku Yéhuwa, karendahan haté leuwih penting ti batan kasanggupan urang. w19.09 6 ¶13-​14

Jumaah, 17 Désémber

PANGERAN ngaraksa ka nu satuhu.​—Jab. 31:24.

Urang teu nyaho bangsa-bangsa rék méré alesan naon waktu nyerang Babul Raya. Bisa jadi maranéhna nyebutkeun organisasi agama téh jadi hahalang pikeun katengtreman dunya jeung sok pipilueun waé kana urusan pulitik. Atawa bisa jadi maranéhna nyebutkeun yén organisasi agama téh geus beunghar teuing ku harta bandana. (Wahyu 18:​3, 7) Asup akal, waktu bangsa-bangsa nyerang, nu dimusnakeun téh lain kabéh anggota agama, tapi organisasi-organisasi agama. Sanggeus organisasi éta dimusnakeun, mantan anggotana sadar yén para pamingpin agama téh jalir jangji, tuluy maranéhna bakal ngajauhan agama-agama éta. Babul Raya bakal dimusnakeun dina waktu nu ngan sakeudeung. (Wahyu 18:​10, 21) Yéhuwa jangji bakal ”nyinggetkeun eta mangsa” supaya ”umat pilihana-Na” bisa salamet jeung agama nu sajati tetep aya.​—Mar. 13:​19, 20. w19.10 15 ¶4-5

Saptu, 18 Désémber

Ka papada awewe anu ngarora kudu daek papatah yen kudu nyaah ka salaki jeung anak.​—Tit. 2:​4.

Para indung, bisa jadi Sadérék digedékeun di kulawarga nu gancang ambek jeung ngomong kasar ka barudakna. Jadi, bisa waé Sadérék ngarasa ngomong ku cara kitu ka budak téh wajar. Sanajan Sadérék geus diajar papakon Yéhuwa gé, bisa jadi Sadérék ngarasa hésé pikeun tetep tenang jeung sabar ka budak, komo deui lamun budak téh bangor jeung Sadérékna keur capé. (Epe. 4:31) Dina kaayaan kitu, Sadérék kudu leuwih ngandelkeun Yéhuwa dina doa. (Jab. 37:5) Sababaraha indung hésé ngungkabkeun kanyaah ka budakna. Meureun, baheulana maranéhna digedékeun ku kolot nu teu pati deukeut jeung budak. Lamun Sadérék digedékeun ku cara kitu, ulah nyieun kasalahan nu sarua. Indung nu tunduk ka Yéhuwa bakal diajar pikeun ngungkabkeun kanyaah ka budakna. Mémang, pikeun barobah téh teu gampang, tapi éta bisa dilakukeun jeung mawa mangpaat boh keur Sadérék boh keur kulawarga. w19.09 18-​19 ¶19-​20

Minggu, 19 Désémber

Moal aya anu bisa ngawula ka dua dunungan.​—Mat. 6:24.

Jalma nu nyembah ka Yéhuwa bari jeung méakkeun loba teuing waktu tur tanaga sangkan jadi beunghar, sabenerna keur ngawula dua dunungan. Manéhna teu sapinuhna ngawula ka Yéhuwa. Dina panungtungan abad kahiji, jamaah di sidang Laodikéa ngagulkeun diri, ”Aing beunghar, senang sagala boga.” Tapi, di payuneun Yéhuwa jeung Yésus mah maranéhna téh ”masakat, pikawatireun! Muluntu, taranjang, lolong!” Yésus méré naséhat téh lain lantaran beungharna, tapi lantaran maranéhna cinta kana kabeungharan nepi ka hubunganana jeung Yéhuwa jadi ruksak. (Wahyu 3:​14-17) Lamun urang ngarasa aya hasrat pikeun ngudag kabeungharan dina haté urang, gancang robah pikiran urang. (1 Tim. 6:​7, 8) Lamun henteu, haté urang bakal kabagi, ku kituna Yéhuwa moal narima ibadah urang. Urang kudu ”nyaah ka Pangeran . . . kalawan sabuleudna hate.”​—Mat. 22:​37, SF. w19.10 27 ¶5-6

Senén, 20 Désémber

Nabi mah darma ngucapkeunana sarta ngucapkeunana ge salawasna kalawan pajenengan Allah; sabab kedalna teh, ku pangjurungna Ruh Allah.​—2 Pet. 1:​21, ”SF”.

Lukas, nu nulis buku Rasul, ngagunakeun kecap Yunani nu méh sarua pikeun ngagambarkeun kapal nu ”nurutkeun angin”. (Ras. 27:15) Numutkeun saurang ahli Alkitab, waktu Rasul Pétrus nyebutkeun yén nu nulis Alkitab téh ’dijurung’ ku roh suci, Pétrus ngagunakeun istilah palayaran. Pétrus saolah-olah ngomong yén sarua jeung kapal nu dijurung ku angin pikeun nepi ka tujuanana, para nabi jeung nu nulis Alkitab gé dijurung ku roh suci pikeun ngalaksanakeun tugasna. Ahli Alkitab éta gé nyebutkeun, ”Para nabi saolah-olah ngabébérkeun layar.” Yéhuwa nyadiakeun ”anginna”, atawa roh suci-Na, jadi nu kudu dilakukeun ku nu nulis Alkitab téh nuturkeun pituduh roh éta. Kiwari, siga angin nu bisa ngadorong kapal narajang ombak nu gedé, roh suci gé bisa mantuan urang nyanghareupan loba cocoba, nepi ka urang asup ka dunya anyar nu dijangjikeun ku Allah. w19.11 9 ¶7-9

Salasa, 21 Désémber

Lamun maneh babari leutik hate ku kasusahan, tetela hengkerna atuh.​—Sil. 24:10.

Urang bisa waé leutik haté lantaran nyanghareupan masalah. Tapi, ulah nepi ka masalah éta wungkul nu dipikiran ku urang, sualna urang bisa mopohokeun harepan nu éndah nu dijangjikeun ku Yéhuwa. (Wahyu 21:​3, 4) Saking leutik haténa urang jadi béak tanaga jeung hayang eureun ngawula Yéhuwa. Saurang sadérék istri di Amerika Serikat bisa ngajaga imanna waktu ngarawat salakina nu gering parna. Manéhna nulis, ”Sakapeung abdi duaan strés jeung leutik haté pisan, tapi urang boga harepan. Urang nganuhunkeun pisan kana sagala nu dipasihan ku Yéhuwa pikeun nguatkeun iman jeung ngalilipur. Urang butuh pisan naséhat jeung panglilipur ieu. Urang jadi bisa tetep tabah jeung satia.” Tina pangalaman sadérék istri ieu, urang nyaho urang bisa ngéléhkeun parasaan leutik haté! Kumaha carana? Lamun aya masalah, anggap éta téh ujian ti Sétan. Sing yakin Yéhuwa téh Sumber panglilipur urang. Sarta, hargaan kadaharan rohani nu disadiakeun ku Mantenna. w19.11 16 ¶9-​10

Rebo, 22 Désémber

Nu satia layak dipercaya.—Sil. 11:13.

Kokolot hususna kudu ngalarapkeun prinsip Alkitab ieu. Saurang kokolot kudu paham yén manéhna teu meunang nyaritakeun ”rasiah” ti jalma-jalma di sidang. Mun éta dicaritakeun, manéhna moal dipercaya deui. Ngaranna sorangan gé bisa ruksak. Kokolot sidang téh ’kudu jujur’, atawa bisa dipercaya omonganana. (1 Tim. 3:​8, SF) Maranéhna gé teu resep ngagosip. Lamun nyaah ka pamajikanana, kokolot moal ngabeungbeurat manéhna ku informasi nu teu sakuduna dicaritakeun. Pamajikan bisa ngabantu salakina tetep dipercaya ku cara henteu tatanya ngeunaan hal-hal nu kudu dirasiahkeun. Ku kituna, manéhna teu ngan saukur ngadukung salakina, tapi ogé ngajénan dulur-dulur saiman nu geus nyaritakeun rasiah ka salakina. Nu pangpentingna, manéhna nyenangkeun Yéhuwa lantaran milu ngajaga sidang tetep rukun jeung ngahiji.—Rum 14:19. w20.03 22 ¶13-14

Kemis, 23 Désémber

PANGERAN bade nembongan ka urang Israil.​—Ima. 9:4.

Dina taun 1512 SM, waktu kémah tepangan diadegkeun di suku Gunung Sinai, Musa mingpin upacara pikeun ngalantik Harun jeung putra-putrana jadi imam. (Bud. 40:17; Ima. 9:​1-5) Naon buktina para imam nu kakara dilantik éta kamanah ku Yéhuwa? Barang Harun jeung Musa ngucapkeun berkah keur bangsa Israil, gur aya seuneu ti Yéhuwa nu nyamber jeung ngaduruk kurban dina altar. (Ima. 9: ​23, 24) Naon nu ditunjukkeun ku kajadian nu luar biasa ieu? Yéhuwa nunjukkeun yén Mantenna ngadukung pisan dilantikna Harun jeung putra-putrana jadi imam. Waktu ningali bukti nu jelas yén Yéhuwa ngadukung para imam, bangsa Israil gé kajurung pikeun ngadukung maranéhna. Kumaha jeung urang ayeuna? Para imam di Israil téh ngalambangkeun para imam nu jauh leuwih luhur, nyaéta 144.000 jalma nu jadi imam jeung raja bareng jeung Kristus di sawarga. (Ibr. 4:14; 8:​3-5; 10:1) Tangtu urang teu cangcaya, Yéhuwa ngabingbing jeung ngaberkahan organisasi-Na kiwari. w19.11 23 ¶13; 24 ¶14, 16

Jumaah, 24 Désémber

Beurang peuting digawe banting tulang, embung nyusahkeun ka aranjeun anu mana bae oge.​—2 Tes. 3:8.

Basa keur di Korinta, manéhna cicing jeung Akwila sarta Priskila nu sarua ”pagaweanana kana nyieun tenda”. Paulus digawé ”beurang peuting” téh lain maksudna manéhna durduran digawé. Manéhna henteu teterusan nyieun ténda. Misalna pas keur poé Sabat, manéhna ngawawar ka urang Yahudi, nu sarua ogé keur reureuh digawé. (Ras. 13:​14-16, 42-44; 16:13; 18:​1-4) Paulus téh kudu néangan napkah, tapi ogé rutin ”ngawawarkeun Injil ti Allah”. (Rum 15:​16, SF; 2 Kor. 11:23) Manéhna gé ngajurung batur pikeun ngawawar. Matakna, Paulus nganggap Akwila jeung Priskila sabagé ”batur . . . ngawula ka Kristus Yesus”. (Rum 12:11; 16:3) Paulus ngajurung jamaah Korinta pikeun ”garetol, rajin ngalakonan kawajiban pikeun Gusti”. (1 Kor. 15:58; 2 Kor. 9:8) Malah Paulus diilhamkeun ku Yéhuwa pikeun nulis, ”Mun teu ngoprek moal nyapek.”​—2 Tes. 3:​10, SF. w19.12 5 ¶12-​13

Saptu, 25 Désémber

Anak teh kurnia ti PANGERAN.​—Jab. 127:3.

Ka pasangan nu mimiti, Yéhuwa masihan hasrat pikeun boga budak. Tapi, saha nu sakuduna mutuskeun naha salaki pamajikan rék boga budak jeung iraha boga budakna? Dina sababaraha kabudayaan, jalma-jalma ngarasa yén pasangan nu anyaran kawin kudu gancang boga budak. Pasangan éta bisa ngarasa kadesek ku kulawarga jeung batur pikeun nuturkeun kabiasaan éta. Jethro ti Asia ngomong, ”Di sidang, aya nu ngadesek pasangan-pasangan nu can boga budak pikeun gancang boga budak.” Jeffrey, sadérék séjénna ti Asia, nyebutkeun, ”Aya nu ngomong, lamun teu boga budak, saha nu rék ngurus mun engké geus kolot?” Tapi, unggal pasangan kudu mutuskeun rék boga budak atawa henteu. Maranéhna nu kudu mutuskeun, lantaran éta téh tanggung jawab maranéhna. (Gal. 6:5) Tangtu, sobat jeung kulawarga hayang pasangan anyar téh bagja. Tapi, kabéh kudu inget yén masalah boga budak mah kudu diputuskeun ku pasangan éta.​—1 Tes. 4:​11. w19.12 22 ¶1-3

Minggu, 26 Désémber

Jadi kieu bae unjukan teh: ”Nun Ama.”​—Mat. 6:9.

Naha Sadérék ngarasa hésé nganggap Allah salaku Bapa? Aya nu ngarasa teu layak lantaran Yéhuwa téh kacida mulyana. Maranéhna cangcaya, naha Allah nu Mahakawasa daék merhatikeun maranéhna sacara pribadi. Tapi, Bapa Yéhuwa teu hoyong urang ngarasa kitu. Mantenna masihan kahirupan sarta hoyong nyobat jeung urang. Sanggeus nyebutkeun bebeneran ngeunaan hal éta, Rasul Paulus méré nyaho urang Aténa yén Yéhuwa ”henteu jauh ti diri urang masing-masing”. (Ras. 17:​24-29) Allah hoyong urang masing-masing nyarita ka Mantenna siga budak leutik nu resep nyarita ka kolotna nu nyaahan jeung perhatian. Aya ogé nu hésé nganggap Allah salaku Bapa lantaran bapana sorangan henteu atawa teu pati nyaah ka manéhna. Contona, saurang sadérék istri nyebutkeun kieu, ”Bapa abdi mah ngomongna kasar, jadi basa mimiti diajar Alkitab, hésé ngaraket ka Bapa nu di sawarga téh.” Naha Sadérék gé ngarasa kitu? Mun enya, ulah leutik haté, engké gé Sadérék pasti bakal ngarasakeun sorangan yén Yéhuwa téh Bapa nu pangbageurna. w20.02 3 ¶4-5

Senén, 27 Désémber

Abdi . . . ulah ditilar dumeh parantos taya tanaga.​—Jab. 71:9.

Beuki kolot, urang ngarasa upaya urang ngan saeutik atawa kasanggupan urang aya watesna, tapi Yésus ngajarkeun yén Yéhuwa ngahargaan sagala nu dilakukeun ku urang dina palayanan. (Jab. 92:​13-16; Luk. 21:​2-4) Jadi, terus pikirkeun naon nu bisa dilakukeun ku Sadérék. Misalna, Sadérék bisa nyaritakeun ngeunaan Yéhuwa, ngadoakeun dulur saiman, jeung nguatkeun batur sangkan tetep satia. Yéhuwa nganggap Sadérék batur gawé-Na lain lantaran kasanggupan Sadérék, tapi lantaran Sadérék réla taat ka Mantenna. (1 Kor. 3:​5-9) Sukur pisan urang bisa nyembah Yéhuwa, Allah nu ngahargaan jalma-jalma nu ngawula Mantenna! Mantenna nyiptakeun urang pikeun ngalakukeun kahoyong-Na, éta téh ibadah sajati nu ngabagjakeun hirup urang. (Wahyu 4:11) Sanajan urang teu dihargaan ku dunya ieu, Yéhuwa mah moal siga kitu ka urang. (Ibr. 11:​16, 38) Waktu urang keur leutik haté lantaran gering, boga masalah ékonomi, atawa ngolotan, urang kudu terus inget yén moal aya nu bisa megatkeun kanyaah Bapa nu di sawarga ka urang.​—Rum 8:​38, 39. w20.01 18 ¶16; 19 ¶18-​19

Salasa, 28 Désémber

Ciptakeun di diri abdi hate anu beresih, nun Allah, eusian abdi ku sumanget anyar, jiwa satia.​—Jab. 51:12.

Urang bisa ngalawan rasa sirik ku cara ngamekarkeun karendahan haté jeung rasa cukup. Lamun urang boga sipat-sipat éta, urang moal sirikan. Lamun rendah haté, urang moal nganggap diri leuwih luhur jeung leuwih layak ti batan batur. (Gal. 6:​3, 4) Jalma nu boga rasa cukup ngarasa puas kana naon nu dipiboga ku manéhna sarta moal ngabanding-bandingkeun dirina jeung batur. (1 Tim. 6:​7, 8) Lamun saurang jalma rendah haté jeung boga rasa cukup, manéhna bakal milu bungah waktu ningali batur narima hal-hal nu hadé. Urang butuh bantuan roh suci sangkan teu sirikan sarta bisa ngamekarkeun karendahan haté jeung rasa cukup. (Gal. 5:16; Pil. 2:​3, 4) Roh suci Yéhuwa bisa ngabantu urang mariksa pikiran jeung niat haté nu pangjerona. Ku bantuan Allah, urang bisa ngaganti pikiran jeung parasaan nu goréng ku nu alus.​—Jab. 26:2. w20.02 15 ¶8-9

Rebo, 29 Désémber

Jaga diri ati-ati, awaskeun pangajaran.—1 Tim. 4:16.

Pangbaktian téh mangrupa ikrar, jeung Yéhuwa hoyong urang nedunan éta ikrar. Jadi, Sadérék kudu tetep deukeut jeung sidang. Dulur-dulur di sidang téh kulawarga rohani Sadérék. Hubungan Sadérék jeung maranéhna bakal beuki akrab lamun Sadérék rutin masamoan. Baca jeung lenyepan Alkitab unggal poé. (Jab. 1:​1, 2) Sadiakeun waktu pikeun mikirkeunana bener-bener. Ku kituna, éta bakal ngageuing haté Sadérék. Kudu terus ”neneda”. (Mat. 26:41) Ku cara ngadoa sapinuh haté, Sadérék bakal leuwih deukeut jeung Yéhuwa. ”Pentingkeun heula . . . Karajaan Allah.” (Mat. 6:​33, SF) Éta bisa dilakukeun ku cara ngutamakeun pangwawaran. Lamun rutin dines, iman Sadérék bakal tetep kuat. Sagala kasangsaraan nu disanghareupan di dunya ayeuna téh ”henteu pira tur ngan pikeun saheulaanan”. (2 Kor. 4:17) Tapi, ku cara ngabaktikeun diri jeung dibaptis, Sadérék bisa meunangkeun kahirupan nu leuwih sugema ayeuna jeung ”hirup sajati” dina mangsa kahareup. Éta sabanding? Geus pasti!​—1 Tim. 6:19. w20.03 13 ¶19-21

Kemis, 30 Désémber

Ieu jaman teh geus cueut.​—1 Kor. 7:​29.

Lamun palajar Alkitab teu nyieun kamajuan, sakapeung sok kapikir, ’Naha palajar Alkitab abdi kudu dieureunkeun diajarna?’ Saacan nyieun putusan, pék pikirkeun, ’Mun ningali kaayaan manéhna, naha kamajuanana téh asup akal?’ ’Naha manéhna geus ”ngalakonan” hal-hal nu geus diajarkeun?’ (Mat. 28:20) Hanjakalna, aya palajar Alkitab nu siga bangsa Israil dina jaman Yéhéskél. Perhatikeun, Yéhuwa nyarios naon ka Yéhéskél ngeunaan maranéhna, ”Diaranggapna maneh teh teu kurang teu leuwih ti tukang ngamen, ngawihkeun lagu asmara atawa nabeuh kacapi. Ucap-ucap maneh saukur ditaranggap, ditarurut mah sakecap ge moal.” (Yeh. 33:32) Meureun Sadérék ngarasa beurat rék ngeureunkeun palajaran. Tapi, waktuna kari saeutik deui. Ti batan méakkeun waktu pikeun ngajar jalma nu teu maju-maju, mending urang néangan jalma nu boga ”sikep nu bener pikeun meunangkeun hirup langgeng”.​—Ras. 13:​48, NW. w20.01 6 ¶17; 7 ¶20

Jumaah, 31 Désémber

Karajaan Ama mugi rawuh. Pangersa Ama mugi laksana di dunya, sapertos di sawarga.​—Mat. 6:​10.

Garéja-garéja umumna teu ngajarkeun bebeneran Alkitab ngeunaan hirup langgeng di bumi keur jalma-jalma nu satia. (2 Kor. 4:​3, 4) Kiwari, kalolobaan garéja ngajarkeun yén sanggeus maot, kabéh jalma bageur bakal ka sawarga. Tapi, éta béda jeung pamahaman ti kelompok leutik Siswa-Siswa Alkitab nu medalkeun majalah Warta Hadé ti saprak taun 1879. Maranéhna paham Allah bakal mulihkeun Pirdaus di bumi jeung jutaan jalma nu satia bakal hirup di ieu bumi, lain di sawarga. Tapi, maranéhna teu langsung ngarti saha jalma-jalma nu satia ieu. Tangtu, Siswa-Siswa Alkitab ogé paham tina Alkitab yén sababaraha nu ”ditebus ti dunya” bakal maréntah jeung Yésus di sawarga. (Wahyu 14:3) Aya 144.000 jalma dina kelompok ieu. Maranéhna urang Kristen nu ngabakti jeung sumanget ngawula ka Allah kalawan satia waktu keur di bumi. w19.09 27 ¶4-5

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun