PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • es21
  • Nopémber

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Nopémber
  • Ngulik Kitab Suci Unggal Poé—2021
  • Subjudul
  • Senén, 1 Nopémber
  • Salasa, 2 Nopémber
  • Rebo, 3 Nopémber
  • Kemis, 4 Nopémber
  • Jumaah, 5 Nopémber
  • Saptu, 6 Nopémber
  • Minggu, 7 Nopémber
  • Senén, 8 Nopémber
  • Salasa, 9 Nopémber
  • Rebo, 10 Nopémber
  • Kemis, 11 Nopémber
  • Jumaah, 12 Nopémber
  • Saptu, 13 Nopémber
  • Minggu, 14 Nopémber
  • Senén, 15 Nopémber
  • Salasa, 16 Nopémber
  • Rebo, 17 Nopémber
  • Kemis, 18 Nopémber
  • Jumaah, 19 Nopémber
  • Saptu, 20 Nopémber
  • Minggu, 21 Nopémber
  • Senén, 22 Nopémber
  • Salasa, 23 Nopémber
  • Rebo, 24 Nopémber
  • Kemis, 25 Nopémber
  • Jumaah, 26 Nopémber
  • Saptu, 27 Nopémber
  • Minggu, 28 Nopémber
  • Senén, 29 Nopémber
  • Salasa, 30 Nopémber
Ngulik Kitab Suci Unggal Poé—2021
es21

Nopémber

Senén, 1 Nopémber

Batur kudu dianggap leuwih hade ti batan diri sorangan.​—Pil. 2:3.

Kiwari, loba jalma nu dianggap pinter sok ngarendahkeun naséhat Alkitab. Ceuk maranéhna mah lamun urang nganggap batur leuwih unggul, urang bakal ditincak jeung dimangpaatkeun ku batur. Tapi, naon balukar tina sikep mentingkeun diri nu disebarkeun ku dunya Sétan ieu? Naha jalma nu mentingkeun diri téh bagja? Naha kulawarga maranéhna bagja? Naha maranéhna boga sobat sajati? Naha maranéhna nyobat jeung Allah? Tina naon nu ditingali ku Sadérék, mana nu hasilna paling alus, nuturkeun hikmat dunya atawa nuturkeun hikmat Firman Allah? (1 Kor. 3:​19) Jalma-jalma nu nuturkeun naséhat ti nu dianggap pinter ku dunya ieu siga turis nu nanyakeun arah ka turis séjén nu sarua keur kasasab. Yésus ngomong ngeunaan jalma-jalma nu dianggap pinter di jamanna, ”Nu lolong nungtun nu lolong, tangtu duanana tiguling kana solokan.” (Mat. 15:14) Jelas, hikmat dunya ieu téh hal nu bodo di payuneun Allah. w19.05 24-​25 ¶14-​16

Salasa, 2 Nopémber

[Maranehna] bakal . . . ngumpulkeun umat pilihan Anjeunna.​—Mat. 24:31.

Sababaraha taun ieu, jumlah jalma-jalma nu dahar jeung nginum lambang Pangéling-ngéling terus ngalobaan. Naha urang kudu hariwang? Henteu. ”Pangeran uninga ka umat kagungana-Na.” (2 Tim. 2:19) Teu siga Yéhuwa, sadérék-sadérék anu ngitung jumlah jalma nu dahar jeung nginum lambang Pangéling-ngéling teu nyaho saha nu bener-bener diistrénan. Jadi, jumlah éta téh kaasup jalma nu ngarasa diistrénan padahal mah henteu. Misalna, aya nu tadina dahar jeung nginum tuluy ka dieunakeun eureun. Nu séjénna meureun boga gangguan méntal atawa émosi nu nyababkeun manéhna yakin bakal maréntah di sawarga bareng jeung Kristus. Ku kituna, urang teu nyaho percis sabaraha loba jalma nu diistrénan nu masih kénéh aya di bumi. Engké, masih kénéh aya jalma-jalma nu diistrénan di loba nagri waktu Yésus datang pikeun mawa maranéhna ka sawarga. Alkitab mémang nyebutkeun yén salila ahir jaman, masih aya kénéh sababaraha jalma nu diistrénan di bumi. (Wahyu 12:​17, SF) Tapi, Alkitab teu nyebutkeun sabaraha loba jalma nu diistrénan waktu mangsa cilaka dimimitian. w20.01 29-​30 ¶11-​13

Rebo, 3 Nopémber

Kacida mikaasihna Allah ka alam dunya, nepi ka masihkeun Putra tunggal-Na.​—Yoh. 3:16.

Tina misil anak nu leungit, Yésus némbongkeun sakumaha nyaahna Yéhuwa ka barudak-Na. (Luk. 15:​11-32) Bapa dina misil éta teu eureun-eureun ngarepkeun anakna balik. Waktu anakna balik deui, bapana sumanget pisan ngabagéakeun manéhna. Lamun urang ngajauh ti Yéhuwa tapi tobat, urang yakin Bapa urang nu nyaahan siap jeung réla narima urang deui. Bapa urang bakal ngoméan sagala karuksakan nu disababkeun ku Adam. Sanggeus Adam barontak, Yéhuwa ngatur sangkan 144.000 jalma dipilih pikeun jadi raja jeung imam di sawarga bareng jeung Putra-Na. Maranéhna jeung Yésus bakal ngabantu jalma-jalma nu taat jadi sampurna di dunya anyar. Sanggeus maranéhna lulus tina ujian ahir, Yéhuwa bakal ngaberkahan jalma-jalma nu taat ku kahirupan langgeng. Bapa urang bakal bungah ningali bumi dipinuhan ku putra-putra-Na nu sampurna. Éta bakal jadi mangsa nu kacida éndahna! w20.02 6-7 ¶17-​19

Kemis, 4 Nopémber

Ganti kabeh ku hate jeung pikiran anu anyar.​—Epe. 4:​23.

Urang kudu ngalenyepan, ’Naha parobahan abdi salaku urang Kristen téh ngan di luarna wungkul, atawa dina haté jeung pikiran ogé?’ Di Mateus 12:​43-​45, Yésus ngajéntrékeun naon nu kudu dilakukeun. Jadi, palajaran pentingna: Teu cukup ngan saukur miceun pikiran nu salah, urang gé kudu ngeusian pikiran urang ku hal-hal nu nyenangkeun Allah. Naha urang bisa ngarobah nu aya di jero diri urang atawa cara pikir urang? Firman Allah méré jawabanana, ”Kudu jaradi manusa anyar anu diciptakeunana nurut tuladan Allah, hirup kudu bener, lempeng, suci.” (Epe. 4:​24) Urang bisa ngarobah nu aya di jero diri urang, tapi éta teu gampang. Teu cukup ngan saukur ngalawan kahayang nu salah atawa teu ngalakukeun tindakan nu salah. Urang kudu ngarobah ”hate jeung pikiran” urang. Ieu kaasup kahayang, kabiasaan, jeung motif urang. Pikeun ngarobahna dibutuhkeun upaya nu teterusan. w19.06 9-​10 ¶6-7

Jumaah, 5 Nopémber

Ieu nagara sakeudeung deui baris dibasmi ku kami.​—Kaj. 19:13.

Yéhuwa nunjukkeun welas asih-Na ku cara ngutus dua malaikat pikeun nyalametkeun Elut jeung kulawargana. Tapi, Elut ngadon ”kaleked pisan”. Jadi, manéhna jeung kulawargana dikenyang ku malaikat sina indit. (Kaj. 19:​15, 16) Maranéhna dititah kabur ka daérah pagunungan. Lainna taat ka Yéhuwa, Elut kalah ka ménta indit ka kota nu leuwih deukeut. (Kaj. 19:​17-20) Yéhuwa sabar tuluy ngidinan Elut indit ka dinya. Tapi ka dieunakeun, Elut sieuneun jeung pindah ka daérah pagunungan nu saacanna geus dituduhkeun ku Yéhuwa. (Kaj. 19:30) Ieu bukti Yéhuwa téh sabar pisan! Siga Elut, bisa jadi aya anggota kulawarga rohani urang nu nyieun putusan nu salah jeung keuna ku masalah beurat. Lamun kitu, urang kudu kumaha? Bisa waé kahayang urang mah langsung ngomong yén éta téh hasil pepelakanana, jeung bisa jadi mémang bener. (Gal. 6:7) Tapi, leuwih hadé lamun urang nulungan manéhna cara Yéhuwa nulungan Elut. w19.06 20-21 ¶3-5

Saptu, 6 Nopémber

Pangeran Panulung kuring, kuring moal salempang.​—Ibr. 13:6.

Waktu musuh ngalarang kagiatan urang, tujuanana supaya urang sieun ngawula Yéhuwa. Maranéhna ogé bisa jadi nyebarkeun carita bohong, ngirim patugas pikeun ngagaradah imah urang, mawa urang ka pangadilan, malahan ngasupkeun urang ka panjara. Maranéhna hayang urang jadi sieun lantaran aya sababaraha nu dipanjarakeun. Lamun urang jadi sieun, urang bisa ”ngalarang” diri sorangan. Urang embung jadi jalma nu disebutkeun dina Imamat 26:​36, 37. Urang moal ngurangan atawa ngeureunkeun dines urang ka Yéhuwa lantaran sieun. Urang percaya pisan ka Yéhuwa jeung moal geumpeur. (Jab. 56:4) Urang ngadoa ménta bingbingan ti Yéhuwa. Lantaran urang ditangtayungan ku Yéhuwa, urang yakin moal aya pamaréntah manusa nu bisa ngeureunkeun urang ibadah ka Allah. Lainna jadi sieun, tangtangan kalah ka nguatkeun tékad urang pikeun ngawula Yéhuwa. w19.07 9 ¶6-7

Minggu, 7 Nopémber

Embarkeun amanat pangandika Allah!​— 2 Tim. 4:​2, ”SF”.

Sanajan dines Sadérék katingalina euweuh hasil, ulah nyerah dina néangan jalma nu pijadieun murid. Inget, Yésus ngibaratkeun ngajadikeun murid téh kawas ngala lauk. Pikeun ngala lauk, nalayan kudu digawé mangjam-jam, seringna mah peuting-peuting atawa subuh, jeung sakapeung kudu balayar jauh. (Luk. 5:5) Sarupa kitu, urang gé bisa jadi kudu mangjam-jam ”ngala jalma” dina waktu jeung tempat nu béda-béda. Ku naon? Sangkan urang bisa panggih jeung leuwih loba jalma. Seringna mah sadérék-sadérék nu nyieun upaya siga kitu bisa panggih jeung jalma nu boga minat kana warta urang. Naha Sadérék ogé bisa ngawawar dina waktu atawa tempat nu cocog supaya bisa panggih jeung jalma-jalma? Ku naon urang kudu sabar waktu ngajarkeun Alkitab? Salah sahiji alesanana nyaéta urang teu ngan saukur ngabantu manéhna paham jeung mikaresep pangajaran Alkitab, tapi urang gé kudu ngabantu manéhna wanoh jeung mikanyaah Pangarang Alkitab, Yéhuwa. w19.07 18-​19 ¶14-​15

Senén, 8 Nopémber

Nu geus kaliwat teh dipopohokeun.​—Pil. 3:​13, ”SF”.

Bisa jadi, aya nu teterusan rumasa salah lantaran pernah ngalakukeun dosa. Mun kitu, alusna mah waktu palajaran pribadi, Sadérék ngarisét husus ngeunaan korban tebusan Kristus. Lamun diajar, ngalenyepan, jeung ngadoakeun hal éta, urang jadi yakin Yéhuwa geus ngahampura dosa-dosa urang. Urang jadi gedé haté jeung teu pati rumasa salah, malah teu rumasa salah deui. Perhatikeun palajaran séjénna ti Paulus. Di antara urang, bisa waé aya nu ngorbankeun kasempetan pikeun jadi beunghar demi ngutamakeun Karajaan Allah. Mun kitu, naha urang bisa mopohokeun hal-hal éta jeung henteu kaduhung? (Bil. 11:​4-6; Pan. 7:10) Hal-hal ”nu geus kaliwat” ogé kaasup hal-hal nu geus dilakukeun dina ngawula Yéhuwa atawa cocoba nu pernah kaalaman. Mémang, mikirkeun deui berkah Yéhuwa jeung dukungan Mantenna salila ieu bisa ngaraketkeun urang ka Bapa urang. Tapi, urang embung ngarasa puas jeung mikir upaya urang geus cukup.—1 Kor. 15:58. w19.08 3 ¶5-6

Salasa, 9 Nopémber

Kudu neneda saban waktu.​—1 Tes. 5:17.

Ku cara nu sopan, urang bisa ngadoa ka Allah iraha waé, teu sual urang keur aya di mana. Mantenna moal sibuk teuing, tapi salawasna daék ngadangukeun doa urang. Lamun urang yakin yén Yéhuwa ngadangukeun doa urang, urang bakal beuki nyaah ka Mantenna. Nu nulis jabur nyebutkeun, ”Kaula nyaah ka PANGERAN, sabab kersaeun ngadangu ka kaula.” (Jab. 116:1) Bapa urang teu ngan saukur ngadangu, tapi ogé ngajawab doa urang. Rasul Yohanes ngayakinkeun urang yén ”Mantenna kersa ngadangukeun naon bae panuhun urang anu sapuk jeung pangersa-Na”. (1 Yoh. 5:​14, 15) Tangtu, Yéhuwa bisa jadi teu ngajawab doa saperti nu dipiharep ku urang. Mantenna apal naon nu panghadéna keur urang, jadi sakapeung jawabanana téh henteu atawa urang kudu ngadagoan heula. (2 Kor. 12:​7-9) Yéhuwa nyumponan pangabutuh urang. Yéhuwa masihan tugas ka para bapa, tapi Mantenna gé ngalakukeun éta. (1 Tim. 5:8) Mantenna nyumponan pangabutuh hirup barudak-Na. Mantenna embung urang ngahariwangkeun dahareun, pakéan, atawa imah. (Mat. 6:​32, 33; 7:11) Salaku Bapa nu nyaahan, Yéhuwa bakal muaskeun sagala pangabutuh urang dina mangsa kahareup. w20.02 5 ¶10-​12

Rebo, 10 Nopémber

Arek disakandangkeun jeung nu ieu, diurus ku hiji pangangon.​—Yoh. 10:16.

Teu kabéh nu boga harepan hirup di sawarga téh ”gandek satia jeung bijaksana”. (Mat. 24:​45-​47) Saperti dina abad kahiji, Yéhuwa jeung Yésus ngan ngagunakeun sababaraha jalma pikeun méré dahar, atawa ngajar, loba jalma. Ngan sababaraha urang Kristen dina abad kahiji nu digunakeun pikeun nulis Kitab-Kitab Yunani Kristen. Kiwari ogé ngan sababaraha urang Kristen nu diistrénan nu dibéré tanggung jawab pikeun ”ngurus dahar [umat Allah] saban-saban geus waktuna”. Yéhuwa geus mutuskeun pikeun masihan hirup langgeng di bumi keur kalolobaan umat-Na sarta masihan hirup di sawarga keur sababaraha jalma nu bakal maréntah bareng jeung Yésus. Yéhuwa ngaberkahan kabéh hamba-Na, boh ”saurang Yahudi” boh ”sapuluh lalaki”. Mantenna gé miharep maranéhna taat kana hukum nu sarua jeung tetep satia. (Jak. 8:​23, NW) Kabéhanana kudu tetep rendah haté. Kabéhanana kudu ngawula Mantenna babarengan jeung tetep ngahiji. Kabéhanana gé kudu ngajaga katengtreman sidang. Beuki deukeut kana panungtungan, urang kabéh nu ”disakandangkeun” kudu terus ngawula Yéhuwa jeung nuturkeun Kristus. w20.01 31 ¶15-​16

Kemis, 11 Nopémber

Lamun [aya nu] tacan percaya ka Gusti bisa kabawa percaya, ari aranjeun ngesto mah . . . da geus katarik ku kasujudan aranjeun.​—1 Pet. 3:​1, 2.

Urang teu bisa maksa kulawarga narima warta hadé, tapi urang bisa ngabantu maranéhna muka haté jeung pikiranana kana warta Alkitab. (2 Tim. 3:​14, 15) Témbongkeun laku lampah nu hadé. Seringna mah kulawarga téh leuwih merhatikeun laku lampah urang ti batan omongan urang. Terus bantu kulawarga Sadérék. Yéhuwa masihan tuladan. Mantenna teu bosen-bosen ngageuing jalma-jalma pikeun narima warta hadé jeung meunangkeun hirup langgeng. (Yer. 44:4) Rasul Paulus ngajurung Timoteus sangkan terus ngabantu batur lantaran éta bisa nyalametkeun dirina sorangan jeung saha waé nu ngadéngékeun manéhna. (1 Tim. 4:16) Urang nyaah ka kulawarga, jadi urang hayang maranéhna nyaho bebeneran Firman Allah. w19.08 14 ¶2; 16-​17 ¶8-9

Jumaah, 12 Nopémber

Leuwih hade nyawad terus terang, ti batan disangka embung malire-malire acan.​—Sil. 27:5.

Urang kudu inget, lamun aya nu nepi ka méré naséhat ka urang, bisa jadi kasalahan urang leuwih gedé ti batan nu dipikirkeun ku urang. Waktu dibéré naséhat, mimitina mah urang hayang nolak naséhat éta. Bisa jadi urang malah ngiritik jalma nu méré naséhat atawa carana nepikeun naséhat. Tapi lamun urang rendah haté, urang bakal ngupayakeun sangkan boga sikep nu bener. Jalma nu rendah haté ngahargaan naséhat. Ibaratna siga kieu: Bayangkeun Sadérék aya di pasamoan. Sanggeus ngobrol jeung sababaraha dulur saiman, aya saurang sadérék anu narik Sadérék tuluy ngaharéwos yén aya nu nyelap dina huntu. Sadérék tangtu éra, tapi pasti Sadérék gé nganuhunkeun geus dibéjaan. Malah hayangna mah aya nu ngabéjaan ti tadi kénéh. Kitu ogé, urang kudu rendah haté jeung ngahargaan mun aya dulur saiman nu wani méré naséhat waktu urang keur butuh. Manéhna kudu dianggap sabagé babaturan, lainna musuh.​—Sil. 27:​6; Gal. 4:​16. w19.09 5 ¶11-​12

Saptu, 13 Nopémber

Anaking, lampahkeun papatah Bapa, tuturkeun pitutur indung.​—Sil. 6:​20.

Yéhuwa masihan tugas nu penting di kulawarga keur para indung. Manéhna boga wewenang ka barudakna. Malah, naon nu dilakukeun jeung diucapkeun ku indung téh bisa mangaruhan budakna saumur-umur. (Sil. 22:6) Para indung bisa diajar ti Mariam, indungna Yésus. Mariam bener-bener paham kana Kitab Suci. Manéhna ngajénan pisan Yéhuwa jeung boga hubungan nu akrab jeung Mantenna. Manéhna réla tunduk kana pituduh Yéhuwa sanajan kahirupanana bakal barobah. (Luk. 1:​35-38, 46-55) Para indung, Sadérék bisa nyonto Mariam dina sababaraha hal. Kahiji, Sadérék kudu ngajaga sosobatan jeung Yéhuwa ku cara diajar Alkitab jeung ngadoa sacara pribadi. Kadua, Sadérék kudu réla nyieun parobahan dina kahirupan pikeun nyenangkeun Yéhuwa. w19.09 18 ¶17-​19

Minggu, 14 Nopémber

Kaula ningal jelema kacida lobana.—Wahyu 7:9.

Rasul Yohanes meunang téténjoan nu luar biasa ngeunaan mangsa kahareup. Manéhna ningali aya opat malaikat nu dititah nahan angin nu ngaruksak nepi ka kabéh jalma nu ngarabdi ka Allah dicap. (Wahyu 7:​1-3) Angin éta ngalambangkeun mangsa cilaka. Jalma-jalma éta téh bagian ti 144.000 nu bakal maréntah jeung Yésus di sawarga. (Luk. 12:32; Wahyu 7:4) Tuluy, Yohanes nyebutkeun kelompok séjén nu jauh leuwih gedé. Ceuk manéhna, ”Sanggeus kitu kaula ningal jelema kacida lobana nepi ka moal kaitung. Campur ti sagala bangsa, kaom, seler bangsa, katut basa-basana, narangtung di hareupeun tahta jeung Anak Domba.” (Wahyu 7:​9-14) Bayangkeun sakumaha bungahna Yohanes waktu apal yén dina mangsa kahareup bakal aya loba pisan jalma nu nyembah Allah ku cara nu bener! Téténjoan éta tangtu nguatkeun iman Yohanes. Iman urang gé pasti leuwih dikuatkeun lantaran urang hirup dina jaman nubuat éta laksana! Kiwari, geus aya jutaan nu ibadah ka Yéhuwa jeung boga harepan pikeun salamet tina mangsa cilaka sarta hirup langgeng di bumi. w19.09 26 ¶2-3

Senén, 15 Nopémber

Kacilakaan ujug-ujug datang narajang ka maranehna! Datangna bakal ngadadak.​—1 Tes. 5:3.

Bayangkeun, ’kaayaan tenang jeung aman’ kakara diumumkeun ku bangsa-bangsa, éta geus didago-dago ku urang. Maranéhna bisa jadi susumbar yén dunya geus bener-bener aman. Bangsa-bangsa hayang urang percaya yén maranéhna bisa ngaréngsékeun kabéh masalah dunya ieu. Tapi sabenerna, maranéhna teu bisa ngadalikeun naon nu bakal kajadian saterusna! ”Babul raya” bakal diancurkeun! (Wahyu 17:​5, 15-​18) ”Hate maranehna ku Allah disina sakait, diloyogkeun kana ngajalankeun tujuan Mantenna.” Naon tujuan éta téh? Pikeun ngamusnakeun kabéh agama palsu, kaasup agama nu ngakuna Kristen. ’Sapuluh tanduk’ ti ”sato rupa beureum” ku Allah digerakkeun haténa pikeun ngajalankeun tujuan Mantenna. Sapuluh tanduk téh kabéh pamaréntahan nu ngadukung ”sato rupa beureum” nu ngalambangkeun Perserikatan Bangsa-Bangsa. (Wahyu 17:​3, 11-13; 18:8) Waktu pamaréntah-pamaréntah éta nyerang agama palsu, éta tandana mangsa cilaka dimimitian. Ieu bakal jadi kajadian gedé nu matak reuwas jeung pikasieuneun. w19.10 14-15 ¶1, 3

Salasa, 16 Nopémber

Diotrepes, jelema anu hayang jadi pamingpin di eta jamaah embungeun narima omongan sim kuring.​—3 Yoh. 9.

Di abad kahiji, Diotrépés sirik ka jalma-jalma nu mingpin di sidang. Manéhna ”hayang jadi pamingpin” di éta jamaah, jadi manéhna ngagogoréng Rasul Yohanes jeung sadérék-sadérék séjénna nu nyekel tanggung jawab. (3 Yoh. 10) Sanajan urang moal siga Diotrépés, urang gé bisa sirik ka dulur saiman nu dibéré tugas nu dicita-citakeun ku urang, komo lamun urang ngarasa bisa ngalakukeun tugas éta atawa ngarasa bisa leuwih hadé ti manéhna. Rasa sirik téh siga jukut racun. Sakalina binih rasa sirik akaran dina haté urang, bakal hésé dicabutna. Sipat-sipat goréng saperti timburu, adigung, jeung mentingkeun diri, bisa nyababkeun parasaan sirik beuki parah. Rasa sirik bisa nyekék sipat-sipat alus, saperti kanyaah, welas asih, jeung kahadéan. Lamun urang sadar rasa sirik geus mulai akaran dina haté urang, éta kudu gancang dicabut. w20.02 15 ¶6-7

Rebo, 17 Nopémber

Simkuring teh dibere hiji cucuk di jero awak.​—2 Kor. 12:​7, ”SF”.

Rasul Paulus nyebutkeun kitu téh lantaran keur nyanghareupan masalah nu nganyenyeri manéhna. Manéhna nyebutkeun yén masalah ieu téh ”utusan Iblis” nu ”nimbulkeun kalara”. Bisa jadi lain Sétan atawa roh-roh jahat nu sacara langsung nyababkeun masalah Paulus atawa nu nancebkeun cucuk kana awakna. Tapi, maranéhna ngadedetkeun cucuk nu geus aya dina awak Paulus sangkan manéhna beuki nyeri. Naon nu dilakukeun ku Paulus? Asalna mah Paulus hayang ”cucuk” éta leungit. Ceuk manéhna, ”Simkuring geus sasambat ka Gusti, nepi ka tilu kali, neda ucul tina eta kalaraan.” Sanajan Paulus geus ngadoa, cucuk éta tetep aya. Naha ieu hartina doa Paulus teu dijawab ku Yéhuwa? Teu kitu. Yéhuwa ngajawab doana. Yéhuwa mémang teu ngaleungitkeun masalahna, tapi masihan kakuatan sangkan manéhna kuat nyanghareupan masalah. Yéhuwa nyarios, ”Sing tahan, sabab kakuatan teh sampurnana ku ayana kahengkeran.” (2 Kor. 12:​8, 9, SF) Ku bantuan Allah, Paulus bisa tetep suka bungah jeung tengtrem haté!—Pil. 4:​4-7. w19.11 9 ¶4-5

Kemis, 18 Nopémber

Maneh kudu nyembah ka Pangeran, Allah maneh. Ngan Mantenna anu kudu dibakti!​—Mat. 4:10.

Ngan Yéhuwa nu layak disembah ku urang lantaran Mantenna nu nyiptakeun jeung masihan kahirupan ka urang. (Wahyu 4:11) Tapi aya tangtanganana. Sanajan urang nyaah jeung ngajénan ka Yéhuwa, urang bisa kapikat ku hal-hal nu ngalantarankeun urang jadi teu sapinuhna ngabakti ka Mantenna. Dina Alkitab, jalma nu nyaah pisan ka Allah ngabaktina ngan ka Mantenna. Ku kituna, saha waé atawa naon waé moal ngagantikeun Yéhuwa dina haténa (Mat. 4:10) Urang teu asal ngabakti ka Yéhuwa. Maksudna, urang ngabakti téh lantaran geus diajar bebeneran ngeunaan Mantenna. Urang tajub kana sipat-sipat-Na nu luar biasa. Urang apal naon nu dipikaresep jeung dipikaijid ku Mantenna sarta satuju kana pandangana-Na. Urang paham jeung ngadukung tujuana-Na pikeun manusa. Urang gé ngahargaan pisan lantaran Mantenna kersa jadi sobat urang. (Jab. 25:14) Diajar sagala hal ngeunaan Yéhuwa téh ngalantarankeun urang beuki raket jeung Mantenna.—Yak. 4:8. w19.10 26 ¶1-3

Jumaah, 19 Nopémber

Sobat salawasna sok nembongkeun kanyaahna. Ari dulur pikeun naon mun lain keur silih tulungan dina kasusah?​—Sil. 17:17.

Kiwari, dulur-dulur saiman urang nyanghareupan rupa-rupa kasusah. Misalna, loba nu sangsara lantaran musibat alam atawa perang. Lamun éta kajadian, sababaraha dulur saiman bisa ngajak maranéhna cicing di imahna. Nu séjénna bisa méré bantuan matéri. Tapi, urang kabéh bisa ngadoa ka Yéhuwa pikeun nulungan dulur-dulur urang. Lamun aya nu keur leutik haté, meureun urang teu nyaho kudu kumaha atawa kudu ngomong naon. Tapi, urang kabéh bisa nulungan. Misalna, urang bisa nyadiakeun waktu keur sobat urang. Urang gé bisa ngadéngékeun bener-bener caritana. Salian ti éta, urang bisa méré ayat-ayat karesep urang nu ngalilipur manéhna. (Yes. 50:4) Nu pangpentingna mah Sadérék siap ngabantu waktu sobat Sadérék butuh bantuan. Urang kudu boga tékad pikeun ngajalin sarta nguatkeun sosobatan jeung dulur saiman ti ayeuna. Sosobatan urang mah teu ngan saukur nepi ka tungtung jaman ieu tapi bakal abadi! w19.11 7 ¶18-​19

Saptu, 20 Nopémber

Ieu aturan hal nyanggakeun kurban panarima ka PANGERAN.​—Ima. 7:​11.

Saurang jalma réla nyanggakeun kurban éta lantaran nyaah ka Allah Yéhuwa. Jalma nu méré kurban, kulawargana, jeung para imam bakal ngadahar daging sato nu dikurbankeun. Tapi, aya sababaraha bagian awak sato nu husus disanggakeun ka Yéhuwa. Bagian naon éta téh? Gajih sato dianggap bagian nu panghadéna ku Yéhuwa. Mantenna ogé nganggap penting sababaraha bagian awak sato, saperti giginjel. (Ima. 3:​6, 14-16) Jadi Yéhuwa senang waktu aya urang Israil nu ngorbankeun gajih jeung bagian-bagian ieu ka Mantenna. Ku cara kitu, kaciri manéhna téh hayang méré nu panghadéna ka Allah. Kitu ogé, Yésus réla méré nu panghadéna ka Yéhuwa ku cara ngawula sapinuh jiwa lantaran nyaah ka Mantenna. (Yoh. 14:31) Yésus cinta kana hukum Allah. (Jab. 40:9) Yéhuwa tangtu bungah pisan ningali Yésus réla ngawula Mantenna! w19.11 22-​23 ¶9-​10

Minggu, 21 Nopémber

Poe nu katujuh poe reureuh anu hidmat anu kudu dibaktikeun ka [Allah].​—Bud. 31:15.

Firman Allah nyebutkeun yén sanggeus genep ”poe” Allah nyiptakeun, Mantenna eureun tina padamelana-Na di bumi. (Kaj. 2:2) Tapi, lantaran Yéhuwa resep didamel, Mantenna ”teu kendat barangdamel” dina hal-hal séjén. (Yoh. 5:17) Sabat mingguan keur bangsa Israil téh nurutkeun conto poé istirahat Yéhuwa sakumaha nu disebutkeun dina buku Kajadian. Allah nyebutkeun yén Sabat téh tanda antara Mantenna jeung Israil. (Bud. 31:​12-​14) Saha waé teu meunang digawé, kaasup budak leutik, badéga, malahan ingon-ingon. (Bud. 20:10) Ku kituna, jalma-jalma bisa leuwih merhatikeun hal-hal rohani. Loba pamingpin agama dina jaman Yésus kaleuleuwihi jeung kaku teuing ngajalankeun poé Sabat. Malahan maranéhna nganggap yén metik gandum atawa nyageurkeun nu gering dina poé Sabat téh salah. (Mar. 2:​23-27; 3:​2-5) Tapi, lain éta nu dipikahoyong ku Yéhuwa, Yésus gé nandeskeun hal ieu ka jalma-jalma nu ngadéngékeunana. w19.12 3-4 ¶8-9

Senén, 22 Nopémber

Aranjeun geus diangken putra jeung dipikaasih ku Allah, jadi kudu nulad ka Mantenna.​—Epe. 5:1.

Lamun urang leuwih loba diajar sipat-sipat Yéhuwa, urang bakal leuwih gampang nyonto Mantenna. Daud bener-bener wanoh ka Bapana nu di sawarga, jadi manéhna nyonto sikep Yéhuwa waktu urusan jeung batur. Lantaran Daud sakitu raketna jeung Yéhuwa, manéhna jadi raja nu paling dipikanyaah ku bangsa Israil jeung dijadikeun conto ku Yéhuwa pikeun raja-raja Israil séjénna. (1 Rja. 15:11; 2 Rja. 14:​1-3) Naon palajaranana? Urang kudu ”nulad ka Mantenna”. Lamun urang nyonto sipat-sipat Mantenna, urang ngabuktikeun yén urang téh putra-Na. (Epe. 4:​24) Urang moal eureun diajar ngeunaan Yéhuwa. (Pan. 3:​11) Nu penting mah lain sakumaha loba urang diajar, tapi naon nu kudu dilakukeun ku urang. Lamun urang geus diajar tuluy ngalarapkeunana sarta nyonto Bapa nu nyaah ka urang, urang bakal beuki raket ka Mantenna. (Yak. 4:8) Dina Firman-Na, Mantenna ngayakinkeun urang yén jalma-jalma nu nyieun upaya pikeun bener-bener wanoh ka Mantenna moal ditinggalkeun. w19.12 21 ¶20, 21, 23

Salasa, 23 Nopémber

Saha nu ngarti kana hate manusa? Pinuh ku tipu daya.​—Yer. 17:9.

Yakub nyaah ka kabéh budakna, tapi nu paling dipikanyaah téh Yusup, nu umurna 17 taun. Kumaha sikep lanceuk-lanceukna Yusup? Maranéhna sirik nepi ka jadi ngéwa ka Yusup. Ku kituna, maranéhna ngajual Yusup jadi badéga, tuluy ngabohong ka bapana, nyebutkeun putrana nu dipikanyaah téh paéh ku sato galak. Rasa sirik ngaruksak karukunan kulawarga éta jeung nyababkeun bapana sedih pisan. (Kaj. 37:​3, 4, 27-34) Rasa sirik téh kaasup ”napsu badan” nu ngaruksak nu bisa nyababkeun saurang jalma teu bisa ngawaris Karajaan Allah. (Gal. 5:​19-21) Rasa sirik sering jadi akar tina hal-hal goréng séjénna, saperti kangéwa, pacékcokan, jeung amarah. Tina conto lanceuk-lanceukna Yusup, urang diajar yén rasa sirik téh bisa ngaruksak karukunan jeung hubungan di antara kulawarga. Urang mémang moal teungteuingeun siga maranéhna, tapi haté urang licik jeung teu sampurna. Jadi teu héran, lamun sakapeung urang kudu bajoang ngalawan parasaan sirik. w20.02 14 ¶1-3

Rebo, 24 Nopémber

Batur kudu dianggap leuwih hade ti batan diri sorangan.​—Pil. 2:​3.

Dina hiji kajadian, Yéhuwa nyandak sabagian roh suci-Na ti Musa, tuluy éta dibikeun ka para kokolot Israil nu keur ngarumpul di deukeut Kémah Suci. Teu lila, Musa ngadéngé aya dua kokolot nu teu milu ka Kémah Suci tapi meunang roh suci, lalampahanana gé siga nabi. Kumaha réaksi Musa waktu Yosua ménta manéhna ngeureunkeun dua kokolot éta? Musa teu ngarasa kasaingan ningali maranéhna ogé diperhatikeun ku Yéhuwa. Tapi Musa rendah haté, malah milu bungah lantaran maranéhna bisa nyieun nubuat. (Bil. 11:​24-29) Urang bisa diajar naon ti Musa? Lamun Sadérék saurang kokolot, naha Sadérék pernah dipénta ngalatih nu séjén sangkan manéhna bisa nyekel tanggung jawab sidang nu dipiboga jeung dipikaresep ku Sadérék? Lamun rendah haté siga Musa, Sadérék moal ngarasa kasaingan waktu dipénta ngalatih nu séjén nepi ka manéhna bisa ngalaksanakeun tugas éta. Tapi, Sadérék bakal bungah ngabantu dulur saiman Sadérék. w20.02 15 ¶9; 17 ¶10-​11

Kemis, 25 Nopémber

Ku kasusah mah jalma teh leungit kabagjaanana, tapi ku pangbeberah mah kasusahna paler.​—Sil. 12:25.

Panyakit bisa mangaruhan émosi urang. Urang sedih waktu urang gering jaba kudu ngandelkeun pitulung batur. Sanajan batur teu apal panyakit urang, urang tetep kudu bajoang ngalawan parasaan éra lantaran teu bisa ngalakukeun nanaon kawas baheula. Dina kaayaan nu nyusahkeun ieu, Yéhuwa nguatkeun urang. Kumaha carana? Dina Alkitab, Yéhuwa masihan kekecapan nu nguatkeun pikeun ngingetkeun urang yén urang dihargaan pisan ku Mantenna sanajan keur gering. (Jab. 31:20; 41:4) Liwat Firman-Na, Yéhuwa bisa ngabantu urang supaya teu hariwang kana panyakit urang. Sing yakin Yéhuwa apal naon nu keur kaalaman ku Sadérék. Suhunkeun bantuan Mantenna supaya Sadérék boga pandangan nu bener kana kaayaan Sadérék. Tuluy, baca Alkitab supaya Sadérék bisa meunangkeun kekecapan nu nguatkeun nu disadiakeun ku Yéhuwa. Terus, pikirkeun ayat-ayat nu némbongkeun sakumaha nyaahna Yéhuwa ka hamba-hamba-Na. Hasilna, Sadérék bakal ningali yén Yéhuwa bageur ka kabéh nu satia ngawula Mantenna.—Jab. 84:12. w20.01 15-​16 ¶9-​10; 17 ¶12

Jumaah, 26 Nopémber

Anu awon kitu mah sanes turutaneun. Urang mah urang nulad ka nu hade bae.​—3 Yoh. 11.

Ishak téh jelema beunghar, éta sababna urang Pélisti sirik ka manéhna. (Kaj. 26:​12-14) Saking ku sirikna, maranéhna nepi ka ngurug sumur-sumur nu dipiboga ku Ishak nu biasana dipaké keur méré nginum ingon-ingonna. (Kaj. 26:​15, 16, 27) Siga urang Pélisti, ayeuna aya nu sirik ka jalma-jalma nu leuwih beunghar ti batan manéhna. Manéhna teu ngan saukur mikahayang naon nu dipiboga ku batur, tapi ogé ngarepkeun batur kaleungitan milikna. Para pamingpin agama Yahudi sirik ka Yésus lantaran loba nu mikaresep anjeunna. (Mat. 7:​28, 29) Yésus téh wakil Allah, jeung nu diajarkeun ku anjeunna téh bebeneran. Tapi, para pamingpin agama éta kalah ka ngagogoréng jeung mitnah Yésus. (Mar. 15:10; Yoh. 11:​47, 48; 12:​12, 13, 19) Tina kisah ieu, urang diajar naon? Lamun ningali dulur saiman dipikanyaah ku sidang lantaran boga sipat-sipat alus, ulah nepi ka sirik. Justru urang kudu nyonto sipat alus manéhna.—1 Kor. 11:1. w20.02 15 ¶4-5

Saptu, 27 Nopémber

Hukumanana mung sarupi, nya dipaehan.​—Est. 4:11.

Bayangkeun Sadérék hirup di Persia jaman baheula. Aya pasualan nu rék ditepikeun ku Sadérék ka raja nagri éta. Tapi, saacan Sadérék ngomong ka raja, Sadérék kudu meunang idin heula ti manéhna, sabab lamun teu meunang idin, Sadérék bakal dipaéhan! Sukur pisan lantaran Yéhuwa teu siga raja Persia! Urang bébas nyarita ka Mantenna iraha waé. Mantenna hoyong urang teu asa-asa ngadeukeutan Mantenna. Misalna, sanajan Yéhuwa nyandang gelar nu luhur sabagé Nu Nyipta, Nu Mahakawasa, jeung Pangéran nu Maha Agung, Yéhuwa hoyong urang nyebut ”Ama” atawa Bapa ka Mantenna. (Mat. 6:9) Kacida bungahna urang yén Yéhuwa hoyong urang ngarasa deukeut jeung Mantenna! Urang bisa nyebut Bapa ka Yéhuwa lantaran Mantenna téh Sumber kahirupan. (Jab. 36:10) Ku sabab Yéhuwa téh Bapa urang, urang kudu taat ka Mantenna. Lamun urang ngalampahkeun kahoyong Mantenna, urang bakal narima loba berkah. (Ibr. 12:9) Berkahna kaasup hirup langgeng di sawarga atawa di bumi. w20.02 2 ¶1-3

Minggu, 28 Nopémber

Jaradikeun murid.​—Mat. 28:19.

Tujuan urang téh nyaéta ngabantu palajar Alkitab maju rohani. (Epe. 4:13) Waktu saurang jalma daék diajar Alkitab, bisa jadi nu dipikirkeun ku manéhna téh ngan mangpaatna keur diri sorangan. Tapi waktu manéhna beuki nyaah ka Yéhuwa, manéhna bisa jadi mikirkeun carana nulungan batur, kaasup anggota sidang. (Mat. 22:​37-39) Lamun waktuna cocog, ulah asa-asa méré nyaho manéhna yén urang bisa nyumbang pikeun ngadukung kagiatan Karajaan. Éta téh hak istiméwa. Ajar palajar Alkitab carana ngaréngsékeun masalah. Misalna, palajar Alkitab Sadérék, nu geus jadi pawarta can dibaptis, ngomong yén manéhna kasinggung ku saurang sadérék. Ti batan urang méré nyaho saha nu bener saha nu salah, mending ngabahas ayat Alkitab nu bisa ngabantu manéhna. Manéhna bisa ngahampura jeung mopohokeun masalahna, tapi lamun teu bisa, jurung manéhna pikeun ngomong langsung jeung sadérék éta tapi kudu soméah jeung lemah lembut supaya bisa ”ngahiji deui jeung dulur”. (Bandingkeun Mateus 18:15.) Bantu manéhna nyiapkeun naon nu rék diomongkeun. w20.01 5-6 ¶14-​15

Senén, 29 Nopémber

Abdi teh wakca, teu ngilungan deui dosa . . . seug ku Gusti dihapunten.—Jab. 32:5.

Urang ngahargaan pangampura ti Yéhuwa ku cara ngadoa, narima disiplin, jeung satékah polah teu ngalakukeun dosa nu sarua. Lamun éta kabéh dilakukeun, haté urang bakal tengtrem. Urang bakal gedé haté lantaran ”PANGERAN teh raket ka jalma nu remuk hate nyalametkeun ka nu pegat pangharepan”. (Jab. 34:19) Beuki deukeut kana panungtungan ahir jaman, beuki loba hal-hal nu nyababkeun urang strés. Lamun Sadérék strés atawa hariwang, gancang pénta pitulung Yéhuwa. Sing getol diajar Alkitab. Pék diajar tina tuladan Hana, Paulus, jeung Daud. Suhunkeun bantuan ti Bapa di sawarga pikeun mariksa naon nu nyababkeun Sadérék strés atawa hariwang. (Jab. 139:23) Pasrahkeun kasusah ka Yéhuwa, komo lamun masalah Sadérék téh beurat atawa teu bisa diréngsékeun sorangan. Mun éta dilakukeun, Sadérék bakal siga nu nulis jabur nu nyanyi ka Yéhuwa, ”Nalika abdi nuju honcewang seueur kasalempang, ku Gusti dililipur malar janglar.”—Jab. 94:19. w20.02 24 ¶17; 25 ¶20-21

Salasa, 30 Nopémber

Eusi Kitab Suci, sagemblengna wahyu ti Allah.​—2 Tim. 3:​16.

Kecap Yunani nu ditarjamahkeun jadi ”wahyu ti Allah” sacara harfiah hartina téh ”ditiupkeun ku Allah”. Allah ngagunakeun roh suci-Na pikeun ”niupkeun” pikirana-Na ka pikiran nu nulis Alkitab. Waktu urang maca jeung ngalenyepan Alkitab, pituduh ti Allah asup kana pikiran jeung haté urang. Kekecapan nu diwahyukeun éta bisa ngarobah hirup urang sangkan luyu jeung kahoyong Allah. (Ibr. 4:12) Tapi sangkan urang bisa meunang mangpaat sagedé-gedéna ti roh suci, urang kudu nyadiakeun waktu pikeun diajar Alkitab jeung mikirkeun bener-bener naon nu dibaca ku urang. Ku kituna, Firman Allah bisa mangaruhan ucap jeung lampah urang. Urang ogé kudu ibadah bareng ka Allah. (Jab. 22:23) Roh Yéhuwa aya di pasamoan. (Wahyu 2:29) Waktu ibadah bareng jeung dulur saiman, urang ngadoa nyuhunkeun roh suci, ngawihkeun kawih Karajaan nu dumasar kana Firman Allah, sarta urang ngadéngékeun pituduh tina Alkitab nu ditepikeun ku sadérék-sadérék nu dilantik ku roh suci. Tapi, sangkan bisa meunang mangpaat sagedé-gedéna ti roh suci, urang kudu hadir jeung méré koméntar di pasamoan. w19.11 11 ¶13-​14

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun