Carana Ngagunakeun Ieu Buku
Buku ieu ngabahas hiji ayat unggal poéna. Sanajan bisa dibaca iraha baé, loba jalma meunang mangpaat lamun macana isuk-isuk kénéh. Ku kituna, ayatna bisa dilenyepan sapoé éta. Malah lamun dibahas bareng jeung kulawarga, Sadérék bakal meunang leuwih loba mangpaat. Kulawarga Bétel di sakuliah dunya ogé ngabahasna isuk-isuk.
Bahasanana asalna tina Warta Hadé (w) bulan April 2019 nepi ka Maret 2020. Angka sanggeus tanggal pedalan Warta Hadé nunjukkeun éta bahasan aya di kaca sabaraha, angka saterusna nunjukkeun paragrapna. (Tingali conto di handap.) Katerangan leuwih loba ngeunaan bahasanana bisa ditingali langsung dina artikelna.